web analytics

Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN

clockSabtu, 12 Juni 2021 09:56 WIB userAan Merdeka Permana
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,cerita pendek aan merdeka permana,Carpon Sunda,carpon aan merdeka  permana,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Budaya Sunda

ilustrasi carpon Peuting Peteng Ki Juru Pantun. (Arsacadipura)

Panganteur
Pantun téh salah sahiji pintonan kasenian dina jaman Pajajaran. Anu remen dilalakonkeunanana kalolobaan mah carita ngeunaan kagagahan sinatria Pajajaran, kaasup para rajana. Tapi Pajajaran mimiti kadéséh ku musuh.

Loba wilayah anu tadina kaéréh ka Pajajaran pindah jadi kakawasaan Cirebon atawa Banten. Ku pihak musuh, seni pantun teu dicarék pikeun dipintonkeun. Ngan baé  aya sawatara carita pantun anu teu meunang dipintonkeun.

 

Tanjungsiang, 1580-an
AKI-aki lolong keur asruk-asrukan di tengah leuweung jati wewengkon Kandagalanté Tanjungsiang bari ngajingjing kacapi. Manéhna ditungtun ku budak lalaki umur 12 taun-an. Duanana maraké pakéan sing sarwa hideung. Ka luhurna baju salontréng, ka handapna calana sontog. Duanana maraké totopong hideung. Tepikeun ka waktu kukurubutan di tengah leuweung jati téh sasat teu katingali pisan da sasat kaayaan mungguh mongkléng.

Sanajan kitu, duanana leumpangna mani gura-giru pisan, utamana si budak lalaki anu jiga hayang geuwat-geuwat jauh. Sababaraha kali suku si aki-aki lolong téh tikudawet ngait kana areuy.

“Hayu geuwat, Aki, sing gancang lumpatna, bisi balad ti Cirebon kaburu nyusul!” ceuk si budak sorana bangun hariwang.

“Geus tepi mana ieu, Sujang?” ceuk Si Aki.

“Nya jigana mah geus téréh anjog ka Kandagalanté Tanjungsiang, Ki …,” ceuk si budak.

Dibéjaan yén geus ampir tepi ka wewengkon Tanjungsiang, si aki ménta eureun heula.

“Naha?” si budak héraneun.

“Ari sia jiga anu weureu. Apanan Tanjungsiang mah geus kaéréh ka Cirebon deuleu. Heueuh ari baheula mah, Tanjungsiang bogana Pajajaran. Ké rada ngalér saeutik, Kandagalanté Sagarahérang ogé masih kaéréh ka Pajajaran. Tapi sabada Pajajaran burak éléh ku Cirebon, éléh ku Banten, pan geus loba wewengkon anu beunang ku musuh, nya kaasup Tanjungsiang, deuleu!” ceuk si aki bari haruhah-haréhoh sabab ti tatadi haben digugusur diajak kabur ti alun-alun puseur dayeuh Karatuan Sumedanglarang.

Dina bulan ieu téh, di Sumedanglarang keur aya kariaan Kuwerabakti. Sabenerna mah ieu téh tradisi budaya urang Pajajaran. Ngan baé pangawasa ti Cirebon teu ngalarang urang Sumedang ngayakeun ieu tradisi. Sok asal nyubadanan sagala rupa pasaratan.

Ari Kuwerabakti téh acara sérén taun anu geus jadi tradisi ti jauhna mula. Lamun di wewengkon Pakuan Pajajaran, acara téh diayakeun di Dayeuh Pakuan. Sakumna patani ngirim séba hasil bumi ka raja. Ieu tradisi ogé disalagarakeun di tiap karajaan anu harita kaéréh ka Pajajaran.

Ayeuna, Karatuan Sumedanglarang geus kaéréh ka Cirebon tapi nu keur kumawasa di Cirebon teu nyarék ieu tradisi dijalankeun. Nya sok asal nyubadanan pasaratan, teu méncog tina aturan anu dijieun ku pihak Cirebon.

Kaasup dina mintonkeun seni pantun. Sanajan ieu téh mangrupa pintonan has Pajajaran, tur loba cacarita ngeunaan Pajajaran, nu keur kuawasa di Cirebon henteu nyarék, sok asal nya jiga tadi téa, ulah ngarempak aturan.

Jadi, lamun ayeuna Si Aki kakaburan lunta ti Alun-Alun Karatuan Sumedanglarang ngajauhan urang Cirebon, geus pasti gara-garana mah alatan ngarempak aturan. 

Pésta Kuwerabakti téh diayakeun 40 poé campleng. Saban peuting teu weléh aya pintonan karesménan. Rupa-rupa kasenian dipintonkeun, ti mimiti sasandiwaraan, bobojégan, seni ogél, seni jibrut, celempungan, dedegungan, wawayangan, malah ciri mandiri Pajajaran nyaéta seni pantun, sarua dipintonkeun.

Ngan baé Ki Juru Pantun, anu katelahna Ki Nurpana, dina peuting éta mintonkeun carita Mundinglaya Dikusumah. Ari Mundingkaya Dikusumah téh sandi asma ti Prabu Surawisésa, raja kadua Pajajaran, anu kacida nyatruna ka urang Cirebon. Naon sababna nyatru, sabab dina jaman Prabu Surawisésa nyakrawati ngabahudenda, nya keur meumeujeuhna mumusuhan jeung Cirebon. Salila 14 taun Surawisésa jadi raja Pajajaran (1521-1535) aya 15 kali peperangan ngalawan Cirebon.

Urang Cirebon teu suka lamun kapahlawanan Prabu Surawisésa haben digederkeun. Pék baé ari deuk cacarita ngeunaan Kangjeng Prabu Siliwangi mah, da cenah éta karuhun saréréa. Ngan ulah sotéh ngagegedékeun Prabu Surawisésa anu puguh musuh gerotna Cirebon.

Kawas anu geus diterangkeun di bagian luhur, urang Cirebon teu cedihan lamun di Sumedanglarang, tradisi budaya Pajajaran tetep dijalankeun, ngan ulah sotéh nyabit-nyabit urusan pulitik.

Sumedanglarang henteu dikontrol saban waktu ku Cirebon. Ngan sahenteuna ari telik sandi mah aya nalingakeun sabab teu sakumna warga Sumedanglarang biluk ka Cirebon. Aya kénéh anu satia ka Pajajaran. Nu matak basa Ki Nurpani mintonkeun lalakon Mundinglaya Dikusumah, sabubuhan telik sandi geus rabul rék nyangkalak Ki Nurpani.

bul kukus nurun ka manggung
ka manggung ka sang rumuhun
ka batara ka batari
ka batara neda suka
ka batari neda suci
ka nu agung neda maap

kuring rék diajar ngidung
nya ngidung carita pantun
ngahudang dongéng baheula
lulurung tujuh ngabandung
kadalapan keur disorang

bok bilik nerus nurutus
bok bilik narajang alas
palias nerus nurutus
palias narajang alas

neda agung cukup lumur
neja jembar pangampura
ka sakur para lelembut
ka sakur para dedemit
ka sadaya neda pangampura

nyanggakeun pangabakti

bul kukus nurun ka manggung
ka manggung ka sang rumuhun
ka batara ka batari
ka batara neda suka
ka batari neda suci
ka nu agung neda maap

kuring rék diajar ngidung
nya ngidung carita pantun
ngahudang dongéng baheula
lulurung tujuh ngabandung
kadalapan keur disorang

bok bilik nerus nurutus
bok bilik narajang alas
palias nerus nurutus
palias narajang alas

neda agung cukup lumur
neja jembar pangampura
ka sakur para lelembut
ka sakur para dedemit
ka sadaya neda pangampura

nyanggakeun pangabakti
kocapkeun di hiji tempat
radén Mundinglaya Dikusumah
nuju calik bari jeung suka bungah
anjeunna téh hiji satriya nu utama
satia ka nagara jeung ibu rama

léngsér teu lami anjog ka dinya
bari engap-engapan bakating ku capé
sampurasun agan ieu Uwa nun,
éh bagéa Uwa. mangga calik,
haturan agan haturan,
bagéa uwa. aya naon siga nu rusuh,
éh leres agan
uwa datang mawa béja. uwa diutus ku tuang ibu,
aya nu penting uwa? coba kuring béjaan,
nu langkung ti penting agan. tuang ibu parantos ngimpén ningali jimat
anu nelah Lalayang Salaka Domas di langit ….

Sabenerna mah kakara sakitu haleuang Ki Nurpani dina ngalanglaungkeun lagu nu dipirig jentréng kacapi téh. Kakara bubuka. Ngan baé budak lalaki anu nelahna Si Sujang  gura-giru muru pakalangan pantun, di bélaan nyuay-nyuaykeun sabubuhan jalma anu keur arémok sarila ngariung ngurilingan Ki Nurpani anu diuk di tengah pakalangan.

“Aki, hayu kabur! Halengén urang kabur ti dieu!” ceuk Si Sujang, ngabedol leungeun Ki Nurpani.

Kacapi dijéwang, dua jalma gagancangan ninggalkeun pakalangan pintonan pantun bari teu kahaja néjéh oncor tepi ka murag, tepika pareum.

Nu keur lalajo gé ngadadak tingburiak lalumpatan bari teu apal aya perkara naon.

Ki Nurpani digugusur dibawa ngajauhan wewengkon Alun-Alun Karatuan Sumedanglarang, nya pamustunganana anjog ka sisi leuweung jati anu kaérék ka wilayah Kandagalanté Tanjungsiang.

Ngan pédah geus aya di tengah leuweung luwang-liwung wé duanana tingjaloprak. Bisa jadi alatan telik sandi urang Cirebon geus teu bisa nyusud tapak, atawa bisa jadi bawaning ku capé wé.

“Saterusna urang téh eudeuk ka mendi, Aki?” ceuk Si Sujang.

“Nyao. Sabab lamun laju muru Tanjungsiang, pan éta geus kaéréh kana kakawasaan Cirebon,” ceuk Ki Nurpani. “Tapi Lamun urang bisa sasalimpetan, ti Tanjungsiang urang bisa laju ngalér ka wewengkon Kandagalanté Sagarahérang. Ké urang laju ngulon, muru Kandagalanté Wanayasa. Kari blus wé ka Cileungsi.”

Kadéngé sora sato peuting tingsarada. Aya cihcir, aya jangkrik, aya gaang. Malah koréak jeung bebencé gé milu ngagandéngan leuweung.

“Béjana, leuweung jati Tanjungsiang mah panonoban bégal gerot, Ki?” ceuk Si Sujang.

“Enya bener. Pan Bapa sia gé baréto, kojorna téh ku bégal Tanjungsiang!” ceuk Ki Nurpani. “Coba mun sia teu tepung jeung aing, hirup bakal kadungsang-dungsang, deuleu …,” omong Ki Nurpani deui, tepikeun ka Si Sujang nyeleukeuteuk seuri.

“Naon siah maké seuri?”

“Heueuh, apanan urang ayeuna ogé hirup téh geus kadungsang-dungsang,” témbal Si Sujang.

“Tapi heueuh, nya. Ngan keun baé ari kadungsang-dungsang babarengan mah. Sakurang-kurang urang duaan bisa silih andelkeun,” ceuk Ki Nurpani.

“Aki bisa ditungtun-tungtun ku kula, nya.”

“Jeung sia bisa nyatu tina hasil buburuh mantun,” ceuk Ki Nurpani.

Jempling sajongjongan.

“Lain, Ki, kula mah weléh teu ngarti ….”

“Soal naon?”

“Heueuh, soal ayana urut ponggawa Pajajaran anu karah jaradi bégal …,” ceuk Si Sujang.

“Henteu ngabégal sambarangan. Nu dibégalna ukur sodagar urang Cirebon atawa Demak. Mun maranéhna ngakut uyah, ngakut petis ngakut lauk asin, nya dibégal jang dibagikeun ka rayat Pajajaran,” ceuk Ki Nurpani.

“Tapi naha atuh bapa kula dibinasa, pan sasama urang Pajajaran, Ki?”

“Nya kasalahan bapa sia mah sabab teu satuju aya urang Pajajaran jaradi bégal. Meureun lamun teu satuju, dianggapna bakal jadi cucuk-rungga,” ceuk Ki Nurpani.

Si Sujang ngahuleng.

“Anu aing ringrang mah, kumaha ieu nasib seni pantun saterusna?” ceuk Ki Nurpani.

Si Sujang ngalieuk neuteup Ki Nurpani.

“Heueuh deuleu. Pantun téh seni pituin Pajajaran. Nu dicaritakeunana ogé lalakon kagagahan sinatria Pajajaran. Ayeuna ku robahna jaman, aing risi, seni pantun bakal sirna kakulub robahna jaman …,” ceuk Ki Nurpani.

Duanana tingharuleng.

“Kumaha sia daék kawaris seni pantun ti aing?” ceuk Ki Nurpani. Tapi Si Sujang kalah ka ngabetem.

“Naha sia maké ngajedog?”

“Ari saratna jadi juru pantun kudu lolong heula, Aki?” ceuk Si Sujang.

“Ah, teu kudu. Ngan biasana jalma lolong mah babari apal cangkem kana naon anu kadéngé. Kitu sababna, saban juru pantun sohor di Pajajaran, rata-rata lolong teu bisa neuleu. Ari anu beunta mah padu bisa, ngangabisana ngawates, deuleu …,”  ceuk Ki Nurpani.

Bep deui jempling.

“Kumaha daék?”

Sanggeus lila teu némbalan ahirna Si Sujang nyarita yén mun kaidinan mah manéhna hayang gabung ka bégal Pajajaran.

“Baruk? Naha jalan pipikiran téh jiga anu eusleum. Geus puguh bapa sia ogé modarna ku bégal Pajajaran, deuleu!” Ki Nurpani ambek.

“Ku robahna pajamanan, tanwandé kasenian ogé bakal robah. Meureun urang Cirebon bakal ngasongkeun seni budaya Cirebon, pon kitu deui urang Demak jeung urang Banten. Kula mah hayang bajoang jeung bégal wé ….”

“Weureu sia mah, Sujang!” ceuk Ki Nurpani. “Piraku bégal disebut pajoang?”

“Ongkoh ceuk Aki bégal Pajajaran mah ukur ngajabelan harta bogana urang Cirebon. Geus kitu hasilna dibagikeun ka urang Pajajaran anu keur kalaparan? Jadi, ceuk kula, éta mah keur bajoang. Bajoangna dina jalan salah tapi jang kahirupan balaréa, sakurang-kurangna urang Pajajaran anu tideuha ku urusan perang, hirupna kabantu,” ceuk Si Sujang.

Ki Nurpani ngabepbep balem. Meureun ayeuna manéhna ngarasa yén antara manéhna jeung Si Sujang geus boga pamadegan anu béda ngeunaan tata cara merjoangkeun hirup.

“Naha Sujang wijaksana henteu, merjoangkeun hirup ku lampah anu salah?” ceuk Ki Nurpani. Tapi Si Sujang henteu némbalan. ***

 

Karangpamulang, Méi katompernakeun 2021

 

Aan Merdéka Permana kaasup sastrawan Sunda senior nu ngahususkeun nulis dina téma sajarah. Kang Aan lahir 16 November 1950. Nulis dina basa Sunda jeung Indonésa.

Mimiti ngarang ti umur SMP. Carpon "Sum" kapilih ku Yayasan Lontar Jakarta pikeun ditarjamahkeun kana 4 bahasa internasional. Taun 2005 novélna Senja Jatuh di Pajajaran kungsi jadi carita nyambung di Pikiran Rakyat.

Taun 2009, novél sajarahna Sasakala Bojong Emas meunang Hadiah Samsudi ti Yayasan Rancagé. Taun 2009 novélna Perang Bubat: Tragedi di Balik Kisah Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka dipedalkeun ku Penerbit Qanita (Mizan) Bandung.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN

Bandungan Sabtu, 24 Juli 2021 | 13:59 WIB

Kuring diuk sisi jandéla, beus ngageuleuyeung lalaunan. Anit ngadadahan ka bapana. Beuki jauh, leungeun Fahmi diantelkeu...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN, Carpon Sunda,carpon Aam Amarullah,carpon,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda

Disaté, Digulé, Digepuk … Daging Kurban Dikumaha Deui Nya? Geus Nyobaa...

Bandungan Jumat, 23 Juli 2021 | 11:32 WIB

Saté koyor dijieunna tina gajih sapi, teu maké daging pisan. Di Yogyakarta, saté koyor sohor pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Disaté, Digulé, Digepuk … Daging Kurban Dikumaha Deui Nya? Geus Nyobaan Saté Koyor?, Sate Koyor,masak daging kurban,Iduladha,sate,gule,gepuk,Daging Kurban

Anthony Ginting Siap Makalangan di Olimpiade Tokyo 2020

Bandungan Rabu, 21 Juli 2021 | 14:49 WIB

Dina anceran mah, Ginting nu jadi unggulan kalima di Olimpiade ieu, bakal sanggup ngeléhkeun lawan-lawanna.

Bandung Baheula - Bandungan, Anthony Ginting Siap Makalangan di Olimpiade Tokyo 2020, Anthony Ginting,Pebulutangkis Anthony Sinisuka Ginting,Olimpiade 2020 Tokyo,tunggal putra anthony sinisuka ginting,Bulu Tangkis

Cerpen: TRUK MENUJU KOTA

Bandungan Sabtu, 17 Juli 2021 | 07:49 WIB

Seharusnya aku takut kepada Brenda. Dia cukup jangkung dan suaranya terdengar berat. Brenda adalah perempuan yang terjeb...

Bandung Baheula - Bandungan, Cerpen: TRUK MENUJU KOTA, Cerita Pendek,cerpen,Cerita pendek Ken Hanggara,Sastra,Bahasa dan Sastra Indonesia

Vidéo Doni Salmanan nu keur Ngabagi-bagi Duit Viral. Saha Doni Salmana...

Bandungan Jumat, 16 Juli 2021 | 13:12 WIB

Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan, nga-repost vidéo Doni Salmanan. Atuh, meunang mangpirang koméntar.

Bandung Baheula - Bandungan, Vidéo Doni Salmanan nu keur Ngabagi-bagi Duit Viral. Saha Doni Salmanan téh?, Doni Salmanan,doni salmanan bagi-bagi duit,Youtuber Doni Salmanan,Sahrul Gunawan,Dadang Supriatna-Sahrul Gunawan (Bedas)

Korona dina Carpon Sunda: Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Pakar...

Bandungan Selasa, 13 Juli 2021 | 20:16 WIB

Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Korona di Komunitas Pakarangan

Bandung Baheula - Bandungan, Korona dina Carpon Sunda: Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Pakarangan, Carpon Sunda,pasanggiri ngarang carpon,pakarangan,pasanggiri ngarang carpon Pakarangan,Hadi AKS,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan sastra sunda,Sastra Sunda

Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI

Bandungan Sabtu, 10 Juli 2021 | 10:47 WIB

Saban kuring rék miang sakola di TK Bustanul Athfal, buuk kuring nu panjang, diuntun dua. Dipitaan. Dibajuan. Disoléndan...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI, Carpon Sunda,Carpon Komala Sutha,Carita pondok Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,Sastra Sunda

Beurat Mayar Denda Rp5 Juta, Tukang Bubur nu Ngalanggar PPKM Ditulunga...

Bandungan Jumat, 9 Juli 2021 | 13:46 WIB

Sawa cumarita, yén bubur Biasa Malam mimiti buka tabuh 5 soré nepi ka tabuh 6 isuk-isuk.

Bandung Baheula - Bandungan, Beurat Mayar Denda Rp5 Juta, Tukang Bubur nu Ngalanggar PPKM Ditulungan Hamba Allah, Pelanggar PPKM Darurat,tukang bubur didenda 5 juta,tukang bubur langgar ppkm darurat,ppkm darurat di tasikmalaya
dewanpers
arrow-up