web analytics
  

Sastra Sunda: Sora Takbir nu Mawa Ketir

Sabtu, 29 Mei 2021 10:06 WIB Eryandi Dahlan
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: Sora Takbir nu Mawa Ketir, Carita pondok Sunda,Carita pondok,cerpen Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,carpon Eriyandi Dahlan,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda

Ilustrasi Carpon Sora Takbir nu Mawa Ketir (Heindry Kurniawan)

Pengantar Redaksi
Merespons keinginan dan usulan banyak pembaca, rubrik "Bandungan" Ayobandung.com yang selalu menghadirkan carita pondok (carpon) pilihan setiap Sabtunya, mulai bulan Juni 2021 akan menghadirkan juga cerita pendek (cerpen--bahasa Indonesia). Jadi, setiap Sabtu, akan bergiliran menghadirkan cerpen dan carpon.
Para penulis cerita pendek bisa mengirimkan karyanya ke redaksi@ayomedia.com. Terima kasih
--Redaksi

 

SORA takbir ngalanglaeu, matak niruk jajantung, matak seuseuitan jeroeun ati. Rasa lewang, sedih, hanjelu pagaliwota dina haté Lis. Komo ayeuna manéhna keur sorangan. Barudak tiluanana keur di masjid milu takbiran. Keur buka puasa poé pamungkas tadi, Rahmat, nu panggedéna ngajak adi-adina ka masjid bada Isa. Rahman, adi kembarna, haget pisan diajak téh. Duanana sawelas taun. Ahmad nu karék dalapan taun, embung ditinggalkeun.

Lis cuang-cieung. Awakna nyareri balas tadi beurang pakpikpek sorangan nyieun naon waé nu manéhna bisa keur lebaran isukan. Tapi panonna teu bisa dipeureumkeun. Manéhna nyileuk, ngarasa nyorangan di ieu dunya nu ramé. Perbawa haté nu sepi, nu ngarakacak, hayangna mah ceurik gagauran. Tapi teu bisa, geus saat cipanonna. Ti kajauhan hawar-hawar kadéngé sora bedug.  Matak nalangsa kana haténa. Rus-ras ka jaman harita, jaman masih aya kénéh Kang Rusli, salakina. Ieu téh malem takbiran ka lima Kang Rusli ninggalkeun.

Ngadahupna Lis ka Rusli éstu lain dumasar tina cinta. Lis keur hahadéan jeung Harun harita téh. Batur kuliahna, béda fakultas, béda angkatan ogé, Harun mah geus rék lulus kuliahna. Harun téh budakna bageur teu épés méér. Najan teu kasép pisan gé. Wawanohana mah kitu wéh, teu dramatis.

Panggih di kantin. Lis poho teu mawa lokét nu aya dina tas nu disimpen di ruang Himpunan Mahasiswa. Keur kitu Harun ngadeukeutan rék mayar ogé. Harun karunyaeun, nya sakalian dipangmayarkeun najan Lis kéképéhan gé. Ti dinya wawuh wéh. Kadieunakeun jadi deukeut.

Harun téh ngabogaan pangabisa. Manéhna diajar silat. Cék manéhna lian ti keur ngamumulé tradisi Sunda, ogé keur béla diri. Manéhna kungsi nulungan Lis nu rék dirogahala ku pamuda-pamuda nu sok ngarariung. Atuh boga gunung pananggeuhan Lis téh.

Aya hiji kasalahan Lis. Manéhna teu wani ngajak Harun ka imahna. Lis sieun indung bapana kuciwa, kuliah kalah bobogohan, kitu pamikir Lis harita. Padahal Harun mah geus sababaraha kali hayang nganjang.

Dina hiji poé basa semestér tujuh, Lis balik ti kampus beurang kénéh. Dosén kuliah panungtung poé éta teu bisa datang. Harun nganteurkeun nepi ka gerbang komplékna. Angger dicarék rék nyimpang téh.

Aya meureun satengah jam ti barang asupna Lis ka imah, panto hareup aya nu ngetrokan. Karék bérés lohor Lis téh, indung bapa jeung adi-adina teuing ka mana, Lis ngoloyong ka hareup, maké mukena kénéh. Barang dibuka, aya jajaka jangkung, kasép keur campego. Manéhna uluk salam, ditémbalan ku Lis.

 “Dupi Pa Andun sareng Ibu Maé, aya?” cék manéhna nyebut ngaran indung bapa Lis.

“Aya tadi mah, sakedap dipilari heula. Mangga atuh ka lebet,” cék Lis.

Sup semah asup. Gék diuk, sanggeus dimanggakeun ku Lis. Lis  tuluy ngoloyong ka jero,  néang indung atawa bapana. Teu kungsi lila Pa Andun ngurunyung ka rohang hareup.

Lis mah sup deui wéh ka enggonna. Rék muka mukena jeung ngedeng sakeudeung mah, ngalempengkeun cangkéng.

Karék gé sapuluh menit meureun Lis gogoléran di luhur kasurna, panto enggon aya nu ngetrokan. Lis cengkat. Kulutrak muka panto. Indungna geuning.

“Néng gentos acukna. Itu aya Kang Rusli,” cék indungna.

“Naha? Da tamu ka Mamah sareng Apa, sanés?” walon Lis.

“Enya. Ngan hayang panggih jeung Néng ogé, cenah,” cék indungna deui.

“Tadi atos pendak da,” cék Lis.

“Sok kadinya geura disalin,” cék indungna semu maksa, bari ninggalkeun Lis.

Atuh Lis gesat-gesut salin ku nu rada pantes. Koloyong ka rohang hareup.

“Tah ieu Néngna, Cép,” saur Pa Andun basa ningali Lis nyampeurkeun.

“Naon ari Apa?” cék Lis semu baeud ka Bapana.

“Lain, Lis. Ieu Cép Rusli ngantosan ti tadi,” cék bapana deui.

“Cep Rusli téh putrana Pa Bandi. Apal meureun Lis gé ka Pa Bandi? Nu sok ka dieu kana motor bébék bulao,” cék Bapana.

Lis unggeuk. Pa Bandi téh batur sakantor bapana. Ari istrina, Ibu Éni, babaturan ngaji indungna di masjid raya di puseur kota. Aranjeunna sok ka dieu, atawa indung bapana nu nganjang ka bumina.

Teu lila Rusli di imahna téh da ngan mikeun bungkusan hungkul ka bapana.

Peutingna, sanggeus adi-adina sararé, indung bapana ngajak ngobrol daria.

“Bapa jeung Pa Bandi téh geus ngajodokeun hidep duaan, ti baheula éta téh. Basa hidep duaan keur laleutik kénéh,” cék bapana.

Atuh Lis asa ngadéngé sora gelap tengah poé.

“Sabenerna Bapa jeung Pa Bandi téh geus duduluran ti sakola kénéh, Lis. Bapa ngaku adi ka manéhna téh lain ngan aku-akuanan. Témbrés kana haté. Mun Apa aya pangabutuh ka manéhna lumpatna, ogé sabalikna. Basa hidep rék diborojolkeun, apa karoroncodan da lahirna kudu operasi sésar, lantaran posisi hidep malang di jero beuteng Mamah. Aya Apa gé duit keur tatan-tatan lahiran hidep mah, ngan kurang pisan da aya gé keur lahiran normal, lain keur operasi. Pa Bandi nu nulungan Apa harita. Mun euweuh manéhna lapur, Lis,” cék Pa Andun ngalimba.

Lis milu rambisak. Karék apal kitu dongéngna.

“Apa jeung Mamah mah moal nyaram mun Lis teu daék dijodokeun ka Rusli. Tapi, sok ku Lis emutan heula. Jaba ku Mamah kacirina Lis can kungsi mawa lalaki ka imah,” saur Bu Maé.

“Sok wéh ayeuna Lis solat istiharoh heula, neda ka Pangéran, kumaha saéna,” cék Pa Andun mungkas sawalana.

Isukna di kampus Lis néangan Harun, rék bébéja ngeunaan éta. Kabeneran keur aya di kampus Harun téh, keur aras-urus wisuda.

“Teu tiasa kitu baé, Lis! Urang téh pan tos silih asih silih pikanyaah, naha bet ujug-ujug kedah pegat duriat?” cék Harun mani nyureng, beungeutna beureum euceuy bakat ku ambek.

“Teu ujug-ujug, Kang. Da sepuh Lis tos gaduh jangji badé ngarérémokeun Lis ti nuju alit kénéh mung nembé diwartosan kamari,” Lis némbalan bari carinakdak.

“Matak gé Lis, Akang ti baheula hoyong ka bumi Lis téh naon atuh? Hoyong nepangan sepuh Lis, hoyong apal kulawarga Lis. Hoyong némbrakkeun yén Akang téh leres-leres gaduh maksad mileuleuheungkeun Lis. Tapi naha bet dihalangan baé?!” Harun ngambek teu kawawa.

“Muhun, hapunten. Hapunten pisan, Kang. Lis gé teu hoyong papisah sareng Akang. Tapi dalah dikumaha Lis kedah tumut ka sepuh, étang-étang mulang tarima Lis tos ditulungan gumelar ka alam dunya.” Sora Lis laon ampir teu kadéngé.

Harun ngabigeu. Lis ngahuleng. Sanggeus dipikir ku Harun, najan beurat, antukna manéhna daék narima kana kaputusan Lis.

Ti harita Lis kudu mopoheukeun Harun. Tapi geuning teu bisa. Ngalangkang waé, imutna, panonna, sagalana, nunutur waé Lis. Haté Lis geus montél pisan ka Harun téh. Tapi da kumaha atuh. Manéhna nu megatkeun, nu méré kacindekan, nya manéhna kudu narima nasib.

Lamunan Lis kagebah ku tingtorojolna barudak. Geus ampir tengah peuting geuning.

“Ahmad bangor tah, Mah! Kopi Pa haji dibahékeun geura!” cék Rahmat basa asup imah.

“Henteu, ih. Éta mah Si Dédé nu mahékeun kopi Pa Haji. Sanés Ahmad!” cék Ahmad bari rék ceurik.

“Enya. Rahman gé ningal da, sanés Ahmad. Si Dédé éta mah! Ahmad mah teu nanaon!” Rahman ngabéla adina.

“Tos ah wios. Tos wengi. Sok barobo. Bilih énjing kasiangan netepan Idna. sok wasuh panangan sareng sampéanna heula,” Lis ngagebés barudakna. Bari imut. Ngarasa lucu ku anak-anakna. Keur meujeuhna lucu barudak téh, bapana kaburu ninggalkeun.

Lis kudu tihothat ngabayuan, untung Kang Rusli boga pangsiunan najan leuleutikan ogé. Kang Rusli téh pagawé negri, ngantor di balai kota. Keur nambah-nambah resiko Lis muka warung. Alhamdulillah warungna mayeng najan teu gedé ogé.

Lis teu bisa saré. Inget deui ka Kang Rusli. Kana kanyaahna, kana kasatiaanna. Tapi ku Lis dimomorékeun. Da teu cinta téa atuh ka manéhna téh. Inget deui kana lalakon hirup manéhna.

Di luar sora takbiran masih kénéh kadéngé, najan geus teu pati ramé.

Sabulan ti saprak Rusli datang ka imah, manéhna datang deui, dijejeran ku Pa Bandi jeung istrina. Rada daria harita mah da rék ngalamar Lis. Lis teu bisa kukumaha. Narima wéh. Ngan ménta waktu heula pikeun jatukramina da hayang diwisuda heula.

“Kagok meureun Si Néng téh, Yi, sababaraha bulan deui da wisudana,” Pa Andun nu ngécéskeun ka Pa Bandi jeung istrina.

“Enya saé kitu gé Kang. Tah kitu Rus. Lisna hayang lulus heula kuliah. Wayahna sing sabar. Moal lila ieuh,” saur Pa Bandi, rét ka Pa Andun, rét ka Rusli.

“Sumuhun, Pa. Teu sawios,” cék Rusli.

Ti harita Lis jeung Rusli remen panggih. Bageur ogé geuning pisalakieunna téh. Teu pati béda jeung Harun, nu teu bisa dipopohokeun. Da tetep haté Lis geus kagémbang ku Harun. Teu bisa dipapalérkeun, najan Harunna ayeuna pindah ka Surabaya. Ngomongna mah rék milu ka uwana bari diajar gawé, sanggeus diwisuda téh. Tapi Lis apal alesan utamana Harun; nyingkahan manéhna.

Waktu pikeun jatukramina Lis ka Rusli teu burung cunduk. Hajatna teu pati rongkah. Ngan ngondang dulur-dulur jeung babaturan pangantén jeung indung bapana. Pangantén kaciri suka bungah. Ngan pangantén awéwé nu nyumputkeun semu. Lis inget waé ka Harun. Dalah dikumaha gé moal bisa dipopohokeun.

Laki-rabina runtut raut. Rusli enya-enya namplokkeun kacinta jeung kanyaahna téh. Sanajan haté Lis teu pati nyanghareup ka Rusli, tapi manéhna bisa nyumputkeunana. Dua taun ti dinya borojol Si Kembar. Rusli bagja pisan, komo aki ninina mah, meunang incu munggaran sadua-dua sakaligus. Kabagjaan Rusli beuki nambahan basa nu bungsu lahir tilu taun tidinya.

Sanggeus nu bungsu nincak tilu taun, Rusli luh-lah waé. Balik ti kantor biasana marahmay ieu mah sagala karasa, nyeri ieu, nyeri itu. Beungeutna gé kaciri sepa. Ari diajak ka dokter embung, aya waé alesanna.

Tapi dina hiji peuting mah Rusli daék dipariksa, harita téh geus Isa, Rusli adug songkol. Nyenyekel sirahna. Lis hariwang, tuluy baé mesen taksi. Teu lila, taksi geus datang. Barudakna dipihapékeun ka Bu Maé, nu harita kénéh ditelepon.

“Abot geuning panyawat tuang raka téh, Bu,” cek dokter basa bérés pamariksaan. Ngomongna satukangeun méja pahareup-hareup jeung Lis.

“Naon kitu, Dok?” Lis hareugeueun.

“Analisa awal Bapa mah kanker di otakna, Bu. Mung ieu ku abdi didamel rujukan ka rumah sakit ageung supados langkung mérélé pamariosana.” Cipanon Lis nu karék eureun, murubut deui. 

Bener geuning cék dokter di rumah sakit gedé gé sarua diagnosana. Rusli ngarandapan kanker otak stadium tilu. Rusli dititah dirawat, ngan embungeun. Hayang dirawat di imah waé. Dokter gé teu bisa maksa.

Meunang  tilu bulan Rusli nyangsaya dina kasur. Tilu poé sakali dokter datang, mariksa. Kantorna geus dibéjaan yén Rusli moal bisa asup saheulaanan mah. Geus sagala dina kasur. Solat gé bari ngagolér baé.

Nincak bulan kaopat, bulan puasa harita téh. Rusli maksa hayang puasa. Dokter ngidinan tapi bari méré peupeujeuh mun teu kuat mah batal baé, da keur gering. Rusli unggeuk dikitukeun téh.

Berekah ampir sabulan campleng, nu gering téh puasa. Buka jeung saur téh ngariung di kamar. Barudak gé resepeun pisan.

Dua poé deui ka lebaran, kaciri adug songkol deui Rusli téh, geuwat Lis nelepon dokter, da anjeunna pupulih mun aya nanaon rék beurang rék peuting béjaan manéhna. Teu lila ngurunyung. Untung di rumah sakitna teu pati loba pasén cenah.

Sadatangna ka imah, dokter geuwat mariksa, imeut naker. Lis nu mencrong kaayaan Rusli, ampir-ampiran teu kuat nénjona da kaciri nahan kanyeri dina sirahna.

Geus dipariksa jeung diubaran mah, rada jagjag Rusli téh, éta gé dipaksa buka puasana da kudu diubar.

Isukna, bada Isa, takbiran geus mimiti kadéngé. Pa Andun, Bu Maé, Pa Bandi jeung Bu Éni keur ngariung opatan, kalima Lis jeung nu gering di kamar.

Rusli angger muringis, leungeuna teu lesot nyekel leungeun Lis. Nyah manéhna beunta, tuluy rut-rét kanu keur ngariung. Gelenyu imut. Lis maksakeun imut, bari nahan piceurikeun.

“Nuju ngempel geuning,” sora Rusli haroshos.

“Sumuhun, Kang, ieu sepuh-sepuh araya, ngadungakeun supados Akang énggal damang,” walon Lis.

“Enya, Rus. Sok sing gedé haté. Pasti cageur,” Bu Éni nu nyoanten.

“Lis… titip barudak nya,” cék Rusli.

“Sumuhun. Mangga,” walon Lis.

“Ibu, Apa, Pa Andun, Mamah Maé, hatur nuhun. Abdi tos teu kiat,” cék Rusli, sirahna tuluy ngulahék. Lis nu ti tatadi nahan piceurikeun bedah harita mah. Manéhna ngajerit!

Pa Andun geuwat mariksa beuheung jeung irung Rusli.

“Innalillahi wa inna ilaihi rojiun,” saurna.

Nu séjén ngilu ceurik.

Sora takbiran beuki ramé. Nu daratang ka imah Lis oge beuki loba. Lis teu eureun ceurik, ngan teu nepi kapaéhan mah. Manéhna sadrah pati mah Alloh nu kagungan.

Kadéngé sora adan kahiji. Geus liwat janari geuning. Lis teu saré sakerejep-kerejep acan. Manéhna inget waé ka Kang Rusli. Inget kana teu suhudna manéhna ka salaki sagemblengna.***

Tanjung P13
Awal Syawal 1442 H

 

Éryandi Dahlan mimiti diajar ngarang nu nyaan September 2017, saprak aub ka Panglawungan 13, nu diaping ku Bu Hj. Aam Amilia, pangarang Sunda kahot.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Keremes, Katuangan Jadul nu Mimiti Langka

Bandungan Rabu, 23 Juni 2021 | 15:43 WIB

Tapi, aya wé nu keukeuh ngeureyeuh ngaproduksi katuangan nu dijieunna tina hui ieu.

Bandung Baheula - Bandungan, Keremes, Katuangan Jadul nu Mimiti Langka, keremes,Kremes,keremes makanan jadul,keremes makana khas sunda,kremes mulai langka

Nu Dijilbab Kayas

Bandungan Selasa, 22 Juni 2021 | 14:59 WIB

Ti harita, pleng, tepi ka ayeuna teu panggih. Boh jeung Elis. Boh jeung Wawan. Carita éta geus di-énd-keun. Disimpeun di...

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Dijilbab Kayas, Fiksimini Sunda,Cerita Fiksi,fiksimini,fiksimini dudung ridwan,Sastra Sunda

Cerpen: SEGALA HAL PENTING DALAM INGATAN

Bandungan Sabtu, 19 Juni 2021 | 09:31 WIB

Maafkan aku, Dorma. Sepertinya, aku takkan pernah sempat menceritakan segala hal penting dalam ingatanku ini kepadamu ka...

Bandung Baheula - Bandungan, Cerpen: SEGALA HAL PENTING DALAM INGATAN, Cerita Pendek,Bahasa dan Sastra Indonesia,cerpen,cerpen fitri manalu,cerita pendek fitri manalu,sastra indonesia,Sastra

Kukurilingan Néangan RS Kosong, Pasién Covid 19 Ahirna Maot di Jalan

Bandungan Jumat, 18 Juni 2021 | 14:15 WIB

Pasién Covid asal Lohbener maot di jalan sanggeus teu manggihan RS nu kosong.

Bandung Baheula - Bandungan, Kukurilingan Néangan RS Kosong, Pasién Covid 19 Ahirna Maot di Jalan, COVID-19,pasien covid 19 meninggal di jalan,rs  penuh,Pasien Covid-19

Sanggeus Ngalongok nu Gering, 35 Warga Cikalongwetan Positif Covid-19

Bandungan Kamis, 17 Juni 2021 | 15:01 WIB

Sanggeus Ngalongok nu Gering, 35 Warga Cikalongwetan Positif Covid-19

Bandung Baheula - Bandungan, Sanggeus Ngalongok nu Gering, 35 Warga Cikalongwetan Positif Covid-19, COVID-19,menjenguk orang sakit,menengok orang sakit,ngalongok nu gering

Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belan...

Bandungan Rabu, 16 Juni 2021 | 13:51 WIB

Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belanda di Bandung

Bandung Baheula - Bandungan, Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belanda di Bandung, Sumber Hidangan,Toko Roti Sumber Hidangan,Toko Roti Legendaris,Het Snoephuis

Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN

Bandungan Sabtu, 12 Juni 2021 | 09:56 WIB

Pantun téh salah sahiji pintonan kasenian dina jaman Pajajaran. Anu remen dilalakonkeunanana kalolobaan mah carita ngeun...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,cerita pendek aan merdeka permana,Carpon Sunda,carpon aan merdeka  permana,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Budaya Sunda

Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay

Bandungan Kamis, 10 Juni 2021 | 14:44 WIB

Kurupuk RO bisa disebut kadaharan jadul nu ngalegénda. Tapi, tong salah nu raresep kana camilan khas Jawa Barat ieu masi...

Bandung Baheula - Bandungan, Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay, Kerupuk RO,Pengrajin Kerupuk RO,Raden omay,sejarah kerupuk ro,sajarah kurupuk ro
dewanpers