web analytics

Sastra Sunda: KARÉTA MUDIK

clockSabtu, 22 Mei 2021 06:27 WIB userHadi AKS
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: KARÉTA MUDIK, Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Sunda,Carpon Hadi AKS,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Bandungan,cerpen Sunda,Carita pondok Sunda,Bahasa dan Budaya Sunda

Ilustrasi Kareta Mudik (Arsacadipura)

DI SETATSION Gambir, para panumpang nu rék mudik pohara lobana, pasesedek paheula-heula hayang bisa kabawa ku karéta. Saréréa geus teu paduli kana aturan protokol kaséhatan. Atuh barang jol karéta api ogé sasatna lalumpat paboro-boro. Silih séréd silih siku. Mang Dadang gé milu pasesedek bari manggul koper.

“Ajaaww!” Mas Jenar ngagorowok indung sukuna katincak sapatu lars tentara.

“Anjiiiir siah, susu aing méh ngacleng!” Ceu Empon ngajerit dadana kadupak siku.

Panto ditutup. Geleser karéta indit. Panumpang pada bungah. Tapi Mang Dadang nu mamawa koper badag kalah ceurik ngahinghing basa karéta api geus indit téh. Curukna tutunjuk ka setatsion.  

“Ari Emang ku naon, batur-batur atoh bisa naék, ari ieu kalah ceurik?” Patugas karéta nanya héraneun.

“Lain kitu, Pa! Emang mah da moal mudik, ngan rék nganteurkeun dunungan kana karéta! Tah ieu koperna!” témbal Mang Dadang bari nginghak.   

“Ari dununganana mana?” 

“Itu tinggaleun di setatsion!”  

***

Karéta api kelas ékonomi nu pinuh ku para panumpang mudik terus nyemprung ka wétankeun. Lumpat ngadius lir karéta siluman padahal sakitu pinuhna. Kuduna mah oléng perbawa momot muatan. Tapi teteg baé tuluy nyemprung. Nyéakna lain ukur ku mesin atuda, tapi lir kasurung ku kakuatan batin saréréa. Kahayang nu kenceng tanding kilat, hayang tepung jeung kolot atawa anak pamajikan. Nu reuteum dariuk dina luhur gerbong jigrah hahariringan euweuh karingrang. Asal kabawa miang. Asal bisa mudik jonghok jeung kulawarga.

“Awas torowongaaan…!” ceuk saurang. Réok darepa sakaligus. Nu balangah tinggaroak sirahna kabentur témbok torowongan.

”Éta sirah Akang ka mana?” Aya nu nanya ka nu diuk gigireunana nu rumpung euweuh sirahan.

“Ngacleng tadi euy! Ieu mawa cadangan da!” Pokna tiis bari ngodok sirah tina kantong. Prak dipasangkeun. Ngong deui milu hahariringan.

“Juriiiig milu mudiiiiiik…!” ceuk nu tadi séah tibuburanjat ngajauhan.

“Emang jurig teu meunang mudik?”         

***

Kawas jadi kila-kila aya nu kawénéhan nempo jurig di luhur gerbong téh. Mahluk nu mawa sial jeung mamala dina éta lalampahan. Da jeung enyana rupa-rupa kasusah jul-jol ngarungkup panumpang.  

Nu di jero gerbong geus ruy-rey ku cikésang da puguh sakitu pagegelekna, cacakan kaca jandéla maruka. Nu bisa diuk pagégéyé. Nu narangtung tinggulantung nyarekel papalang atawa tali gantungan.

Dina kaayaan kitu aya ogé lalaki mah nu ujug-ujug manggih kani’matan. Kawas Kang Uzi, kabeneran nangtungna téh adek, rapet malah, tukangeun Nai Wawang. Atuh gujlag-gejligna karéta téh keur manéhna mah anugrah, lain musibah. Éta baé da sakapeung mah maké semu peureum beunta sagala katénjona. Nu dihareupeunana sarua deuih peupeureuman, api-api teu karasa.    

Mang Dadang nu tadi basa miang ceurik gogoakan geus rada rerep. Ngan jebléh kénéh biwirna mah. Angger rambisak inget ka dununganana nu tinggaleun di setatsion. Baluas jeung asa dosa kabina-bina. Mangkaning teu apal rék mudik ka pamajikanana nu mana dunungnanana téh, da puguh lain hiji. Nu puguh manéhna baluweng liwat saking. Kudu mawa deui balik éta koper. Nu matak tadi gé tuluy sasadu ka patugas karéta, majar rék turun di setatsion nu pangdeukeutna. Tapi ras teu mawa duit jang ongkos, leng deui ngahuleng. Ceurik deui inghak-inghakan. Rada leler téh sanggeus dilelemu ku Ceu Empon.

“Donat, donat! Donat hipu donat gurih! Oléh-oléh mudik anu raos. Kanggo candakeun ka nu sepuh ka nu anom, mantan atawa mertua! Dimirahkeun, sapalastik sapuluh rébu!” Ceu Sarbu nawarkeun donat bari sésélékét nyuay-nyuaykeun panumpang.

“Donat, méser!” Ceu Empon semu ngagorowok. ”Mang, puasa?” pokna deui, nanya ka Mang Dadang. Nu ditanya gideug. Song dibéré donat, ngupahan. Jep wé teu léwéh deui. Cacamuilan ngadahar donat. Semu rebéh, atoh dipahugi ku nu geulis.   

Ang Zév Ochév nu diuk teu jauh gigireunana ngalieuk semu timburu. Ti tatadi manéhna rét deui rét deui, maling rérét ka Ceu Empon nu susuna bareuh sabeulah sanggeus tadi aya nu ngadupak. Nu dirérétan mah haré-haré teu paduli, baeud wé bari nungkupan dada. Ang Ochév muril-muril kumis. Prak maké kacamata hideung, asa ginding. Dibuka deui, dipaké deui, salting.

Keur kitu bru aya awéwé ujug-ujug nyuuh kana lahunanana. Ceu Néndén éta awéwé téh, nu geus lung-leng ti tatadi, ranyay titingalian bubuhan teu biasa indit-inditan jauh. Ang Ochév reuwas bari bungah asa kagunturan madu. Awéwé pantes ujug-ujug nyuuh kana lahunanana. Maké ngalieuk deui ka Ceu Empon, géér, hayang katingalieun aya awéwé nu nyuuh ka manéhna. Nu dilieuk mah angger baeud, ngabalieus.

“Eu…eu…aya naon, Téh?” Ang Ochév nanya ka nu nyuuh bari imut. Nu ditanya teu némbal. Ngan orolo wé utah kana lahunanana. Utah ngabayabah dina calanana. Ang Ochév méh-méhan ngajéngkat bakat ku reuwas. Ceu Empon taktakna oyag, mengkek piseurieun. Hayang mah nyakakak, hayang mupuas.     

“Aliagrem, aliagrem! Wajit, wajit raos Cikalong Wétan!” Geus jol deui baé nu dagang sésélékét. Nai Santi semu gégéwérékan nawarkeun dagangan. “Aliagrem pangraosna! Wajit amis si mana lagih! Pa, badé?” pokna deui nawaran panumpang lalaki nu dikacamata bari nyekel kaméra. Ang Déni ngaranna.

“Mésér, Téh! Sapuluh bungkus!” ceuk Ang Déni. Créng dibayar. Song ka awéwé nu diuk gigireunana, Ceu Ésmé, nu ti tatadi baeud waé. Gendok ti barang clak kana karéta. Hayangna mah ulah waka ka setatsion. Hayang balanja heula ka mall da can meuli baju lebaran. Atuh dog-dag tuluy paséa dina karéta téh. Rék turun sagala malah. Ngoréjat, nékad rék luncat basa karéta nyorang sasak beusi. Atuh Ang Déni jeung nénjo soak. Ceu Ésmé pada nyarekelan. Rada leler téh sanggeus dicombo ku aliagrem, kabeukina.

Mas Jenar nu tadi indung sukuna katincak ku tentara sungar-sengir kénéh. Manéhna mah nangtung teu kabagéan korsi. Sial pisan karasana lalampahan téh. Nincak di cilaka katincak suku tuluy-tuluyan. Da jeung enyana. Nu tadi gé nyeri kénéh katincak sapatu lars tentara, ieu geus gek deui baé sukuna nu sabeulah aya nu nincak deui. Mas Jenar rék ngagoak. Ambek. Ngan barang dirérét, nu nincak téh awakna seseg buukna semu cepak, maké kaos héjo loréng. Kang Is ngaranna. Kalem wé manéhna mah, teu nyahoeun sukuna keur ngajejek suku batur. Moal salah aparat, cek Mas Jenar. Atuh nyeri-nyeri ogé diantepkeun wé sukuna nu katincak téh. Pok nanya leuleuy.

“Eu…dupi bapa tentara?”

“Sanés!”

“Aya wargi nu janten tentara?”

“Teu aya!”

“Manawi tatanggi kitu, bilih aya nu janten tentara?”

“Teu gaduh. Kumaha kitu, Kang?

“Suku aing katincak ku sia, anjing!”

***

Dina gerbong nu séjén aya lalaki kasép, jangkung, Encik Acil. Buukna semu gondrong, ditopi hideung. Rék mudik ka Tasik ti Pekanbaru, urang Sunda nu geus jadi urang Malayu. Éta sababna ku dulurna jeung tatanggana tuluy sok disebut Encik, sebutan ka lalaki di Pekanbaru. Mindeng manéhna mah naék kana karéta téh. Geus apaleun deui yén dina karéta ékonomi sok réa copét. Jeung sok awéwé deuih copétna téh. Geus sababaraha kali manéhna gé kacopétan. Nu matak harita mah sayaga. Lain tarapti nyimpen duit maksud ‘sayaga’ téh. Tapi ambek, hayang néwak atawa hayang males lamun kapanggih mah. Cara hayang malésna téh unik deuih. Poé harita mah manéhna ngahaja teu maké kolor. Saku calanana nu hareup duanana digunting, sina bolong.

Kabeneran pisan mamangsan nu didodoho rék ditéwak téh geus aya gigireunana. Encik Acil geus teg curiga. Moal salah ceuk pikirna. Tapi api-api wé. Teu lila … garayam karasa aya leungeun asup kana saku calanana nu hareup. Na ari gep téh, manukna kacekel. Copét ngagurubug. Ceg leungeun copét téh dicekel.

“Sok siah, mending aing ngagorowok ngalaporkeun ka patugas, atawa ku sia terus dicekelan bobogaan aing tepi ka Tasik?” pokna bari molotot. Jep éta copét awéwé téh teu némbal, beungeutna sepa. Leungeunna kapaksa nyekelan nu malagrang sajajalan.  

Karéta terus nyemprung. Encik Achiel peureum beunta bari ngahariring lagu “Halo-halo Bandung”.

“Dicaian! Dicaian ngarah baseuh!” Geus jol deui nu dagang, Ceu Sarnyi tukang aqua nu keur bureuyeung tujuh bulan nawarkeun dagangan. Encik Acil kéom sorangan, asa kasindiran. ”Tiasa godin nuju lalampahan mah, Bapa, Ibu! Mangga saha deui! Aqua, aqua!” pokna deui bari sésélékét nyingraykeun panumpang.

***

Di rohang kendali, masinis duaan nu keur ngajalankeun karéta anteng baé ngawangkong. Teu ieuh ngarasa hariwang sanajan panumpang sakitu pinuhna, jaba di luhur aya nu reuteum dariuk. Sanajan kitu waspada mah tetep aya. Masinis kudu tanggung jawab kana kasalametan sakabéh panumpang. Éta sababna bari anteng ngawangkong ogé titingalianana mah sareukeut ka hareup. Nyidikkeun rambu-rambu nu aya di sapanjang sisi rél nu diliwatan. Salian ti tanda palang pintu penyebrangan, rambu-rambu lalu lintas karéta api téh nyaéta sinyar. Plang tanda beureum buleud nu aya puluhan méter saméméh setatsion. Keur masinis mah ieu sinyar téh penting pisan, minangka tanda kudu mimitian ngerém karéta. Tegesna panon masinis mah kana tanda beureum téh geus paham pisan.

Di hiji tempat, di pintu lintasan jalan karéta – jalan raya, di wewengkon Cianjur, biasa sok mangkal tukang batagor. Mas Féri ngaranna. Manéhna lanceukna Mas Jenar nu jadi panumpang karéta. Lamun Mas Jenar dagangna di Sukabumi, manéhna mah di dinya matuhna di sisi pintu lintasan. Harita Mas Féri kakara réngsé ngaladangan. Manéhna uluy ngumbah piring sarta tuluy dielapan. Elapna kaén beureum, keur dikebut-kebutkeun, ngarah garing.   

Éta kaén beureum nu keur dikebut-kebutkeun téh katénjoeun ku masinis ti kajauhan. Duanana ngoréjat, reuwas silih pelong. Hah, aya naon? Boa-boa ….

“Bahaya! Aya tanda bahaya! Karéta kudu dirém!” ceuk masinis.

“Uhun, Pa, bilih jambatan nu di payun runtuh!” témbal asisténna milu geumpeur.

Atuh karéta nu tadi nyemprung téh dirém sakaligus. Sanajan teu bisa eureun ngadadak, robahna kecepatan karéta téh puguh baé mawa mamala. Sorolok nu reuteum di luhur gerbong, nyéréd ka hareup. Burulu. Geblug, geblug, marurag, tingkoécak. Réok para panumpang di jero tingjarerit, kawas didorong dibeubeutkeun sakaligus kana panto gerbong. Enya gé nu narangtung bari nyarekelan tali gantungan, ku eureun ngadadak mah taya nu walakaya.

Ang Ochév ngajurahroh tina korsi, gebut pagugulung jeung Ceu Néndén, atuh duanana beuki lamokot ku utah. Ceu Empon nu kabeneran keur nangtung neundeun barang kana bagasi di luhur ngagaléong. Koloyong …g ep! Aya nu nyanggap. Awakna ngahénén dina dada tentara. Kang Uzi mah biheung kumaha da katénjo geus nangkod wé nangkeup Nai Wawang dina lanté. Ceu Sarbu ngocéak. Lain ukur ngajungkel, tapi donatna mancawura acak-acakan tina jingjingan.

Nu matak watir Ceu Sarnyi. Ngajerit tulung-tulungan da awakna ngagebut ngabebengkang, geblug beuteungna nu bureuyeung téh katinggang koper badag nu ngacleng tina bagasi. Kang Is gé ngagebut nangkarak bengkang. Kabeneran Mas Jenar nu di gigireunana mah teu tuluy ngudupung. Jekuk sukuna nincak kana bobogaan nu nangkarak. Atuh Kang Is ngagoak, taeunna kajejek sakaligus. “Wajaaaaaw!” pokna ngagoak kawas nu ngacleng sikina duanana. Tapi Mas Jenar seuri bangun atoh, bisa males kanyeri.         

Barang karéta ngarandeg. Masinis nolol tina jandéla. Nanya hariweusweus kebek ku kahariwang.

“Aya naon, Kang?” pokna semu ngagorowok.

“Kaleresan tos séép, Pa! Kantun bonténgna wungkul!” témbal Mas Féri tiis bari angger ngebut-ngebutkeun elap beureum. Disangkana masinis rék meuli batagor.

Masinis nepak sirah. Lenggerek duanana kapiuhan. ***

 

HADI AKS lahir 16 Méi 1965 di Citapis, Pandéglang Banten. Nulis ti taun 1986 utamana dina basa Sunda. Karya-karyana winangun carpon, sajak, jeung éséy dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Tribun Jabar, Pikiran Rakyat, jsb. Sababaraha kali karyana dilélér Hadiah Sastra LBSS jeung DK Ardiwinata. Buku-bukuna anu geus medal; Oknum, kumpulan carpon (1998), Ombak Halimun, kumpulan sajak (2000), Jawara Sebelas Wajah kumpulan cerita rakyat Banten (2003), Kalapati kumpulan carpon, (2011) Saéni, novel (2013), Hompimpah kumpulan fiksimini (2016), Tembang Matapoé kumpulan sajak (2018), jeung kumpulan carpon Surat ti Palmira (anu rék medal).

Salian ti ngarang jeung ngajar minangka pakasaban pokona, Hadi gé sok ilubiung dina rupa-rupa kagiatan basa, sastra, jeung pangajaran basa Sunda. Pikeun ngipuk karesep para rumaja kana basa jeung sastra Sunda, inyana ngokolakeun Saung Sastra Lémbang. Ti taun 2021 Hadi ngasuh nu dialajar ngarang carpon di grup medsos “Pakarangan” Facebook.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN

Bandungan Sabtu, 24 Juli 2021 | 13:59 WIB

Kuring diuk sisi jandéla, beus ngageuleuyeung lalaunan. Anit ngadadahan ka bapana. Beuki jauh, leungeun Fahmi diantelkeu...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN, Carpon Sunda,carpon Aam Amarullah,carpon,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda

Disaté, Digulé, Digepuk … Daging Kurban Dikumaha Deui Nya? Geus Nyobaa...

Bandungan Jumat, 23 Juli 2021 | 11:32 WIB

Saté koyor dijieunna tina gajih sapi, teu maké daging pisan. Di Yogyakarta, saté koyor sohor pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Disaté, Digulé, Digepuk … Daging Kurban Dikumaha Deui Nya? Geus Nyobaan Saté Koyor?, Sate Koyor,masak daging kurban,Iduladha,sate,gule,gepuk,Daging Kurban

Anthony Ginting Siap Makalangan di Olimpiade Tokyo 2020

Bandungan Rabu, 21 Juli 2021 | 14:49 WIB

Dina anceran mah, Ginting nu jadi unggulan kalima di Olimpiade ieu, bakal sanggup ngeléhkeun lawan-lawanna.

Bandung Baheula - Bandungan, Anthony Ginting Siap Makalangan di Olimpiade Tokyo 2020, Anthony Ginting,Pebulutangkis Anthony Sinisuka Ginting,Olimpiade 2020 Tokyo,tunggal putra anthony sinisuka ginting,Bulu Tangkis

Cerpen: TRUK MENUJU KOTA

Bandungan Sabtu, 17 Juli 2021 | 07:49 WIB

Seharusnya aku takut kepada Brenda. Dia cukup jangkung dan suaranya terdengar berat. Brenda adalah perempuan yang terjeb...

Bandung Baheula - Bandungan, Cerpen: TRUK MENUJU KOTA, Cerita Pendek,cerpen,Cerita pendek Ken Hanggara,Sastra,Bahasa dan Sastra Indonesia

Vidéo Doni Salmanan nu keur Ngabagi-bagi Duit Viral. Saha Doni Salmana...

Bandungan Jumat, 16 Juli 2021 | 13:12 WIB

Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan, nga-repost vidéo Doni Salmanan. Atuh, meunang mangpirang koméntar.

Bandung Baheula - Bandungan, Vidéo Doni Salmanan nu keur Ngabagi-bagi Duit Viral. Saha Doni Salmanan téh?, Doni Salmanan,doni salmanan bagi-bagi duit,Youtuber Doni Salmanan,Sahrul Gunawan,Dadang Supriatna-Sahrul Gunawan (Bedas)

Korona dina Carpon Sunda: Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Pakar...

Bandungan Selasa, 13 Juli 2021 | 20:16 WIB

Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Korona di Komunitas Pakarangan

Bandung Baheula - Bandungan, Korona dina Carpon Sunda: Catetan tina Pasanggiri Ngarang Carpon Pakarangan, Carpon Sunda,pasanggiri ngarang carpon,pakarangan,pasanggiri ngarang carpon Pakarangan,Hadi AKS,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan sastra sunda,Sastra Sunda

Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI

Bandungan Sabtu, 10 Juli 2021 | 10:47 WIB

Saban kuring rék miang sakola di TK Bustanul Athfal, buuk kuring nu panjang, diuntun dua. Dipitaan. Dibajuan. Disoléndan...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI, Carpon Sunda,Carpon Komala Sutha,Carita pondok Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,Sastra Sunda

Beurat Mayar Denda Rp5 Juta, Tukang Bubur nu Ngalanggar PPKM Ditulunga...

Bandungan Jumat, 9 Juli 2021 | 13:46 WIB

Sawa cumarita, yén bubur Biasa Malam mimiti buka tabuh 5 soré nepi ka tabuh 6 isuk-isuk.

Bandung Baheula - Bandungan, Beurat Mayar Denda Rp5 Juta, Tukang Bubur nu Ngalanggar PPKM Ditulungan Hamba Allah, Pelanggar PPKM Darurat,tukang bubur didenda 5 juta,tukang bubur langgar ppkm darurat,ppkm darurat di tasikmalaya
dewanpers
arrow-up