web analytics
  

Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI

Sabtu, 15 Mei 2021 09:05 WIB Ai Wawang
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI, cerpen Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Ai Wawang,Carita pondok,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,carpon

Ilustrasi carpon Peti Panyinglar Pati (Heindry Kurniawan)

SORA sapatu tingkedepruk di buruan. Tinggareblig, meupeuskeun tengah poé anu simpé. Taya geusan pakumaha. Di imah ukur tiluan; manéhna, budakna nu cikal, katut orokna nu karék sababaraha poé gumelar nyeuseup éndahna alam pawenangan. 

Manéhna mingkin ngarasa honcéwang, basa anu di buruan mingkin haliwu. Lalaunan ngalésotkeun anu ngagantél dina dadana. Orokna can pati tibra. Katara biwirna masih kumat-kémot hayang kénéh nyusu. Sukuna roroésan, leungeunna ngopépang néang haneutna tangkeupan anu jadi panyalindunganana. Sakedapan bujur orok dikepluk-kepluk kebek kaasih. Teu lila  orok ngageubra.

“Ambu, di luar seueur prajurit ngepung bumi urang....” Anak awéwéna ngaharéwos. Manéhna mingkin tagiwur. Palangsiang pangagung geus ngangseu yén di imahna aya orok lalaki nu karék gebrol. Pasti para prajurit di luar rék ngarogahala anakna, boa-boa orokna poé ieu pinanggih jeung pati.

“Hidep masing tibra, di luar aya prajurit dolim, hampura ku ambu disumputkeun heula. Anaking jimat awaking, masing anteng ulah rék geruh, Deudeuh....” Pipina anu camihmil semu beureum diusapan. Kawas anu ngarti kana haréwos indung, orokna ngarenyu imut.

Lalaunan peti ti kolong ranjang dikaluarkeun. Ati-ati pisan manéhna nunda orok nu dibedong dina peti. Rup simbut kandel nyimbutan awakna. Laju petina ditutupkeun. Tina liang hawa, samar katempo beungeut budak kasép pikalucueun. Haténa ngarakacak, melang ku kaayaan, bet dikersakeun gumelar di nagri angar. Tapi geuwat manéhna sisinglar. Manéhna kudu teger nyikepan balai  nu kiwari nampeu hareupeunana.

Ngahaja nunda peti leutik di kolong ranjang téh, pikeun sasayagian kasalametan orokna. Manéhna geus loba mireng béja, sakur-sakur aya anu lahir orok lalaki, pasti langsung dikaniaya raja nu keur kumawasa.

Nu matak manéhna geus sasayagian keur nyumputkeun orokna. Lamun aya anu nyurigakeun datang ka imah, orokna rék  disimpen dina peti, tuluy ditalian petina, laju diturunkeun ka walungan handapeun jandéla. Sanggeus kaayaan aman kari narik talina metot peti nu ngapung na beungeut cai handapeun imahna.

Di luar nu ngagedoran panto mingkin maceuh, gorowokna handaruan matak sebér. Tingbeledug sora anu najongan panto. Dina adeg-adeg hiji indung anu tanggoh, manéhna ngagerenteskeun dunga malah mandar  Nu Maha Welas Asih nangtayungan beubeulahan nyawa puputon atina.

“Bismillah, mung ka Anjeun, Gusti, abdi nyuhunkeun pitulung, paparin abdi sareng pun anak kasalametan....”

Manéhna teu galideur. Sot, peti diturunkeun ka walungan handapeun jandéla. Sanggeus pangrasana merenah, tali peti dikaitkeun kana palang dada. Jandélana ditutupkeun. Manéhna ruménghap, miceun kamelang nu pohara. Dadana asa ditindihan beungbeurat anu kacida. Cimata ampir bedah dina kongkolak panonna. Manéhna rumahuh miceun bangbaluh.

Gék diuk dina pasaréan. Paroman neger-neger karep sangkan teu katara geumpeur ku nu mariksa.

“Gancang buka pantona, mun teu dibuka ku aing didobrak!” Panto ampir rujad. Budak awéwéna lumpat muru panto. Bray, para prajurit dolim samagréng maresat pedang. Paromanna pikagimireun.

Teu nolih pribumi anu ngayekyek kabur pangacian, prajurit  ngangseg arasup ka imah. “Béjana di dieu aya orok lalaki, di mana disumputkeunana ku sia?” Prajurit nu pangperengesna ngahaok ka manéhna nu tumungkul meper ratug dina jeroeun dadana. Anak awéwéna ngeleper di juru kamar, binarung mapatkeun pangdunga, mugia adina aya dina panangtayungan Nu Maha Kawasa.

Prajurit mariksaan unggal rohang taya anu kaliwat. Parabotan dijungkat-jungkatkeun, barang-barang anu dicuriga dipaké nyumputkeun orok, dibalang-balangkeun. Tapi di  mamana teu manggih orok anu ditaréanganana.

“Euweuh, hayu neruskeun hanca patroli!” Pokna saurang prajurit ka babaturanana. Katempo beubeungeutan ngaremu kakuciwa  alatan teu hasil maksudna.

Para prajurit arindit neruskeun hanca pagawéanana. Nguriling ka saban lembur, néangan orok lalaki anu satuluyna mah dipergasa. Paréntah raja dolim anu keyeng ngalanggengkeun kakawasaan ku jalan maténi orok-orok lalaki anu jaganing jaga dipikahariwang ngaruntagkeun kakawasanana.

Sajungna para prajurit, manéhna ngemplong liwat saking. Kadua anak awéwéna silih rangkul, bagja leupas tina balai. Gebru, duaan sumujud dina simpé nganuhunkeun ka Nu Maha Héman leupas tina angkara prajurit-prajurit anu dolim.

Gagancangan, manéhna muru ka tukang. Rék néang kadeudeuh nu disamunikeun. Deudeuh teuing, Anaking. Sakuduna hidep téh keur meujeuhna cipruk ku kanyaah ti papada baraya. Lain kudu numpi rerencepan nyeuseup alam anu éndah tina lawang jandéla, alatan kasombongan manusa anu keur dibéré kawasa ku Pangéran Nu Maha Kawasa.

Manéhna rék nuluykeun deui nyusuan anu tadi kapegat para durjana. Kulutrak muka jandéla. Bréh, peti geus palid ngaléngléong kabawa cai walungan. Tali peti anu ceuk pangrasana geus pageuh ditalikeun kana palang dada, singhoréng talina pegat kabawa tanaga cai nu nyéot ka hilirkeun.

Kudupruk manéhna ngarumpuyuk. Rarasaan ngalayang teu puguh titincakan. Mun kongang mah hayang manéhna ngocéak maratan jagat. Tapi manéhna inget, najan ceurik bijil cimata getih, moal bisa mulangkeun deui jimat kadeudeuhna.

“Innalillahi, Gusti. Mungguh sanéskanten anu tumiba ka jisim abdi, éta téh takdir nu teu tiasa dipungkir. Titip pun anak, Gusti. Anjeun Anu Maha Uninga, jalan kasaéan pikeun pun anak mungguh Anjeun. Mugia pun anak ditepungkeun jeung jalma anu pinuh ku welas asih. Anaking, hampura ambu....” Jumerit batinna dina jempling. Paungku-ungku jeung anak awéwéna saukur bisa pasrah sumerah. Cimatana teu kaampeuh murubut maseuhan baju, awor jeung cipruk cisusu maseuhan dadana.

***

Ray poé, ray poé, manéhna ngarasa leungiteun liwat saking. Gawéna saukur andiprek dina amparan sajadah. Remen cisusuna cipruk, dadana karasa nyeri seuseuitan. Mun geus kitu manéhna sok tipepereket peureum. Nyawang orokna aya di mana. Naha aya anu manggihan atawa boa pinanggih tunggara? Leuheung lamun seug aya anu manggihan, kumaha lamun pareng ninggang cilaka?

Manéhna ampir lali kana purwadaksi. Mun teu kuat-kuat nya muntang ka Nu Nu Maha Gagah, manéhna ampir kasoran. Saré teu tibra, dahar teu mirasa. Nu kabayang ngan anu lucu  keur bebelenyéhan seuri. Nu kaimpleng ngan nu kasép nu anteng dina rangkulan. Anak awéwéna geus béak déngkak ngupah-ngapéh indungna anu kaleleban.

Duaan calinutrung, bingung ku pilampaheun. Di luar kapireng nu ngagentraan. Indung jeung anak caruringhak. Dua pasang nétra anu paadu teuteup lir keur silihtanya, saha anu natamu ka imahna? Manéhna unggeuk méré isarat sangkan anakna néang saha anu datang.

Budak awéwéna ngeteyep muru lawang panto. Lalaunan ngintip tina liang leutik paragi noong ka luar. Geus yakin kana tetempoanana, budak buru-buru muru ka indungna. “Di luar aya dua wanoja, nilik tina dangdosanana mah sapertos utusan ti kaputrén, Ambu....”

Manéhna ngaharémpoy muru lawang. Reket panto dibuka. “Aya pikersaeun naon, rurumpaheun ka rorompok?” Manéhna gancang tumanya.

“Kaula utusan ti kaputrén, Endén Putri ngutus kaula néangan indung anu bisa nyusuan putra angkatna. Béjana andika anyar orokan tapi orokna tuluy maot,”  utusan ti kaputrén neuteup seukeut ka manéhna.

“Naha andika sadia lamun jadi indung anu nyusuan putra angkatna Endén Putri? Lamun andika sayaga, hayu milu ayeuna, améh bisa langsung nyobaan nyusuan, naha kersaeun henteuna orok nyusu ka andika. Sabab ka anu enggeus-enggeus mah orokna alimeun nyeuseup....”

Sakedapan, manéhna ngahuleng ngaraga meneng. Ras inget ka orokna. Dadana mingkin juuh jeung beuki karasa nyeri. Lamun téa mah tawaran dua utusan ti kaputrén ditarima, meureun rada longsong kanyerina, ongkoh haté nu sumoréang ngait waé ka anak anu ilang, tangtu bakal kabangbrangkeun.

“Antosan sakedap, jisim abdi seja nyuhunkeun pituduh ka Gusti Nu Maha Suci....” Manéhna ngaléos ka kamar. Anak awéwéna maturan sémah.

Teu kungsi lila, manéhna kaluar geus saged. “Sumangga, jisim abdi sadia.” Manéhna kaluar nuturkeun dua utusan muru ka kaputrén. Anak awéwéna nutupkeun deui panto laju ditulakan ti jero.

Sapanjang jalan manéhna neneda ka Mantenna sangkan ngaping ngajaring léngkahna. Barang anjog ka kaputrén manéhna langsung dijajap ka kamar nu singsarwa éndah. Di tengah-tengah rohang aya ranjang hurung-hérang ditarétés inten berlian. Kasur empuk dikeput ku sepré sutra. Bréh, anu ngaroés luhur ranjang imut barang nempo manéhna asup. Leungeunna gupuy-gapay siga anu ngabagéakeun ka nu jadi sungapan rasana.

Demi manéhna, ampir poho di temah wadi, barang sidik anu ngaroés  di luhur kasur. Ampir digabrug digaléntoran. Kasusahna anu kamari, ilang sirna sapada harita. Orok dirawu, laju dicium embun-embunanana bari ngaharéwos, “Anaking jimat awaking, mungguh kaasih anu Maha Asih, urang bisa gumulung  bagja dina katingtriman....” Orok ngalekik nyusu, panonna mencrong seuseukeut sorot asih mata indung, réwuan ungkara kasono kawakilan dina  réngkak duaan namplokeun deudeuh dina tangkeupan kahéman.***

Pakarangan, Patrem Geulis 17 Romadon 1442 H

 

Ai Wawang, sapopoé ngurus rumah tangga jeung mancén damel jadi Kapala Madrasah RA AL JAUHAR Wado Sumedang. Karya sineratna midang di Manglé, Tribun, Galura, AyoBandung.com.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belan...

Bandungan Rabu, 16 Juni 2021 | 13:51 WIB

Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belanda di Bandung

Bandung Baheula - Bandungan, Toko Roti Sumber Hidangan (Het Snoephuis) Tempat Ngumpulna Urang Belanda di Bandung, Sumber Hidangan,Toko Roti Sumber Hidangan,Toko Roti Legendaris,Het Snoephuis

Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN

Bandungan Sabtu, 12 Juni 2021 | 09:56 WIB

Pantun téh salah sahiji pintonan kasenian dina jaman Pajajaran. Anu remen dilalakonkeunanana kalolobaan mah carita ngeun...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,cerita pendek aan merdeka permana,Carpon Sunda,carpon aan merdeka  permana,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Budaya Sunda

Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay

Bandungan Kamis, 10 Juni 2021 | 14:44 WIB

Kurupuk RO bisa disebut kadaharan jadul nu ngalegénda. Tapi, tong salah nu raresep kana camilan khas Jawa Barat ieu masi...

Bandung Baheula - Bandungan, Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay, Kerupuk RO,Pengrajin Kerupuk RO,Raden omay,sejarah kerupuk ro,sajarah kurupuk ro

Bajigur Beuki Dieu Beuki Langka Kaséréd ku Inuman Milénial

Bandungan Rabu, 9 Juni 2021 | 13:26 WIB

Bisa jadi inuman khas Jawa Jawa Barat bajigur geus kaséréd ku inuman sachet nu praktis jeung murah hargana.

Bandung Baheula - Bandungan, Bajigur Beuki Dieu Beuki Langka Kaséréd ku Inuman Milénial, Bajigur,bajigur tasik,minuman bajigur,bajigur khas jawa barat,bajigur langka

Kurban, “Kurupuk Banjur”, Kuliner Khas Kabupaten Bandung

Bandungan Selasa, 8 Juni 2021 | 13:24 WIB

Can disebut “kurban” lamun ngan meuli kurupukna wungkul. Kakara disebut kurban lamun geus nyieun bungbu kuahna.

Bandung Baheula - Bandungan, Kurban, “Kurupuk Banjur”, Kuliner Khas Kabupaten Bandung, kurupuk banjur,kurupuk anclom,kurban (kurupuk banjur),kurupuk khas kabupaten bandung,kerupuk banjur

CERITA PENDEK: Aku Mencintai Tokoh Ceritaku dan Cemburu kepada Kekasih...

Bandungan Sabtu, 5 Juni 2021 | 07:53 WIB

AKU tergila-gila kepada Nay, tokoh ceritaku sendiri, dan aku cemburu setengah mati kepada Yus, kekasih Nay. Tak ada jala...

Bandung Baheula - Bandungan, CERITA PENDEK: Aku Mencintai Tokoh Ceritaku dan Cemburu kepada Kekasihnya, cerpen,Cerita Pendek,cerita pendek Hermawan Aksan,Bahasa dan Sastra Indonesia,Sastra,Seni dan Budaya

Y jeung Angkotna Rék Diduruk Sanggeus Ngajalankeun Ugal-ugalan Nabrak...

Bandungan Jumat, 4 Juni 2021 | 15:31 WIB

Supir angkot Y ngajalankeun angkot ugal-ugalan. Aksina, welasan kilometer, ti Paséh nepi ka Balééndah.

Bandung Baheula - Bandungan, Y jeung Angkotna Rék Diduruk Sanggeus Ngajalankeun Ugal-ugalan Nabrak Sababaraha Kandaraan, Sopir Angkot,sopir angkot ugal-ugalan,sopir angkot tabrak orang di Baleendah,Sopir Angkot Tabrak Lari

Supir Angkot Ieu Ngaharatiskeun Ongkos Naék Angkotna Unggal Poé Jumaah

Bandungan Rabu, 2 Juni 2021 | 12:14 WIB

Dina angkot éta, aya hiji tulisan ngajeblag: “Jumat Berkah. Gratiissss."

Bandung Baheula - Bandungan, Supir Angkot Ieu Ngaharatiskeun Ongkos Naék Angkotna Unggal Poé Jumaah, Jumat Berkah,Sopir Angkot,sopir angkot yang gratiskan ongkos penumpangnya,video viral sopir angkot
dewanpers