web analytics
  

Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN

Sabtu, 17 April 2021 09:49 WIB Nina Rahayu Nadéa
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN, Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,cerita pendek nina rahayu nadea,Carpon Sunda,Bandungan

Ilustrasi Kembang Harepan (Heindry Kurniawan)

WANCI rumangsang, kuring ngadaweung di paléstér imah sanggeus rinéh tina pagawéan sapopoé. Imah beresih, istrikaeun réngsé kitu deui masak geus bérés.

Diuk tumaninah dina korsi nyanghareup kekembangan nu keur meujeuhna pikalucueun. Kuping gajah semu hérang ngabuludru balas ditatap diusap,  aglonema warna-warni teu éléh sieup, cahayana mubyar katojo panonpoé.

Rét kana kembang ros nu keur meujeuhna ligar. Beut aya nu nyelek kana tikoro. Inget harita pan kuring nu ngeukeuhan pikeun meuli éta kembang. Padahal mah asa teu butuh. Barina gé pan kuring teu resep kekembangan, ngan ningali nu dagangan aki-aki pikarunyaeun, beut éléh déét.

“Lirén heula, Kang.” Kuring noél cangkéng Kang Nandi nu keur nyemprung dina motor.

“Aya naon?” témbalna.

“Mésér kembang heula. Itu karunya si Aki.” Nuduhkeun lalaki kolot nu ngécagkeun tanggungan, laju ngiuhan.

“Ah, nanaonan lebar. Ké nu ngurus saha? Siga nu resep waé.”

“Lastri, ké ngurusna!”

“Mah ... nyeli ...,” sora budak  ngagebahkeun lamunan.

“Pan saur mamah gé teu kénging nyaketan kembang ros, kasép.” Cekeng, bari jeung ngalamotan curuk budak.

“Embangna ae ....”

“Muhun saé. Ké ku mamah diala. Antosan sakedap nya, urang bétadinan heula.” Kuring gentak asup ka jero imah, mawa bétadin, kapas jeung pléster.

Budak anteng sanggeus kahayangna ditedunan. Hayang kembang ros dua rupa. Katingali mawa momobilan treuk, laju éta kembang diteundeun di luhurna.

Kuring neuteup kembang ros. Nyawang kajadian bieu. Sarua jeung lima taun ka tukang.

“Matakna, Las, tong lalawora atuh, pan apal kembang ros mah seukeut.” Kang Nandi ngalamot leungeun kuring.

“Ih, geuleuh dilamot,”

“Keun, méh apét.” Ti miroséa kuring. “Ké urang betadinan heula.” Kang Nandi ka jero imah, teu lila geus mawa betadin sapuratina. “Ceuk, Akang gé harita pan tong meuli kembang ros. Cucukan.” Cenah bari anteng ngoléskeun betadin kana leungeun.

“Tapi resep kembangna atuh, Kang, Seungit. Sangkan nyeungitan rumah tangga urang. Nu utamana mah jadi ciri.”

“Ciri?’

“Muhun, ciri urang anyar ngadahup. Bumi énggal dieusian, pan supados hégar katawisna. Nambah asri. Ké mun tos aya turunan mugia jadi pangéling, ieu kembang téh kembang pangharepan urang duaan. Dipelak ku urang. Intina mah janten ciri, Lastri resep kana kembang. Héhé.”

Mimitina teu niat meuli kembang ros. Ngan karunya ningali waruga  nu dagangna. Nya kolot jaba ditanggung. Leumpang geus luménghoy. Kembang ros harita kénéh langsung dibeuli, teu adu tawar.

“Sabarahaan, Mang?”

“Dua puluh lima rébuan.” Manéhna ngageberan awak ku topi butut.

Kuring cingogo, milihan kembang ros. Aya nu katingali geus néngtét kembangan, aya ogé nu acan.

“Teu aya deui nu kembangan, nya?”

“Sakedap deui gé kembangan, Néng.”

“Dipésér sadayana ku abi.” Ceuk kuring sanggeus ngitung polybag. Ngaluarkeun duit tina lokét.

“Ieu, angsulna.”

“Teu kedah, Mang, Wios.”

“Alhamdulillah nuhun, Néng,“ cenah bari nyuhun duit.    

“Kembangna saé, laligar ageung, bakal pikaresepen,” ceuk si Emang bari jeung neundeun kardus kana lahunan kuring nu geus nyéngclé luhureun motor.

Harita kénéh kembang langsung dipelakeun di buruan nu masih lowong.  Maklum karék sabulan dicicingan. Masih alami can aya pepelakan. Ieu kembang munggaran anu dipelak di buruan.

***

Kembang jadi kameumeut kuring, kameumeut Kang Nandi. Teu wungkul kembang ros, kadieunakeun pepelakan nambahan, aya kembang malati, kembang bugenvil, aster jeung réa-réa deui. Pakarangan sieup. Pikaresepeun. Matak betah ngalangeu hareupeun imah.

Ngan saprak kuring nyiram. Jadi teu kaurus. Boroning ngurus kembang. Ngurusanan diri sorangan gé, horéam. Hayangna ngagolér di kamar. Nyaah kana kekembangan téh, ngan horéam ngarawatna.

Matakna kuring nitahan Kang Nandi sangkan mawa Nina, anak Uwa. Kabeneran ngaligeuh can gawé. Ngalamar mah unggal usik, ngan kitu téa tacan aya milikna. Indungna atoheun basa budak dibawa ka kota téh.

Kekembangan kaurus deui. Imah kitu deui bersih resik deui. Ayeuna mah teu salempang da aya Nina. Sagalana ditangkes ku Nina. Salaki karunyaeun ningali kuring anu mabok, tara ieuh gurah geureuh sumawona nitah mah.

Budak brol. Beuki riweuh ku orok. Beuki horéam ka mamana. Ngotok ngowo wé di imah ngurusanan budak. Sakalieun diajak salaki jalan-jalan gé sok nolak.

“Jeung Nina wé.”

“Kali-kali atuh jalan-jalan.” Kang Nandi katangen hanjelu.

Ngan ari geus diterangkeun ku kuring, yen karunya ku budak bisi kaanginan mah manéhna unggeuk.

Kadieunakeun mah Kang Nandi biasa wé, mun kuring nyebut horéam atawa riweuh téh. Ayeuna sok jeung Nina wé sagala gé. Atuh, kuring reugreug da bisa samemena ngurus budak teu kaganggu ku urusan nu lain.

“Las. Isuk Akang tugas ka luar kota. Teu nanaon?” tanyana hiji waktu.

“Nya teu nananon atuh, Kang. Maenya Lastri ngalarang. Éta mah tos janten kawajiban Akang. Jeungna deui tara ti sasari nyungkeun widi.” Kuring imut.

“Bisi wé Lastri teu ngidinan. Riweuh ku orok.”

“Pan aya Nina.”

Tapi isukna kuring kudu dadahut sorangan. Da geuning Nina aya telepon ti lemburna, indungna gering. Teu meunang diulahkeun.

“Enya sok atuh bisi kumaonam. Salam ka Uwa, nya.  Ké Tétéh ngalongok lamun Akangna geus datang.”

***

Di imah duaan asa simpé. Rét ka budak anu ngageubra. Rét kana kekembangan, ning  gararing teu kaurus. Sigana Nina capéeun, ngurusanan sagala rupa. Harita kénéh kuring singkil ngurus kekembangan. Nu garing dipiceunan. Nu geus anakan dirintahkeun.

Bérés ti dinya langsung méréskeun imah. Kitu deui méréskeun kamar tukang nu salila ieu dieusian ku Nina. Rét kana sepré ngalumbuk, can kaburu ditilepan. Sepré didudutan kitu deui sarung bantal. Aya nu murag tina jero bantal waktu sarungna didudut.  

Rada ngahuleng ningali poto nu dicekel. Nina jeung Kang Nandi, katingali geugeutna. Poto duaan di studio.

Ngumpulkeun pangacian sabaraha lila. Nginget-nginget kajadian nu eunggeus-eunggeus. Kuring nu remen nolak diajak ka luar. Kuring nu sok nitah Nina jeung Kang Nandi mun ka pasar. Beuki nyérédét waktu inget ayeuna Kang Nandi teu aya. Beut bareng jeung Nina nu cenah ménta idin balik ka lembur.

Jam dalapan peuting nelepon ka Uwa. Hayang mastikeun.

“Alhamdulillah Uwa mah sehat, Las. Puguh Uwa inget waé ka Lastri ogé Nina. Kumaha calageur?” Jawaban Uwa beut nambah hareneg.

“Alhamdulillah,” cekéng, rék pok pisan ngomong  nanyakeun Nina kaburu kapiheulaan. “Ninana mana, Las? Hayang ngobrol heula. Di telepon teu diangkat waé.”

“Nuju ka luar heula, Wa. Ké ditelepon lamun tos dugi.” Ukur kitu. Piceurikeun nyelek.

Tilu poé nu ditunggu datang. Kang Nandi rébo ku babawaan. Malah mawa baju budak sagala.

“Saraé kieu. Ning, Akang tiasaan milih?”        

“Dipangmilihkeun ku Nina.”

“Nina?” kacuriga mimiti datang.

“Enya, Nina padamel enggal, ditugaskeun sareng. Kumaha si Dédé teu rungsing?” Kang Nandi nyalénggorkeun.

“Tibra.”

Kang Nandi gentak asup.

Rét kuring kana hapé nu ngagolér luhur méja. Aya kapasaran anu rosa. Ningali ka jero kamar, Kang Nandi  anteng ocon jeung budak nu kabeneran nyaring.

Cimata bedah, macaan WA salaki jeung Nina. Kasalempang ning teu nyalaahan.

***

“Tos teu kedah mungkir, pan tos aya buktosna.” Kuring mikeun hapé.

Ngahuleng dikitukeun téh.

“Enya, Las. Hampura Akang.”

“Tos ti wangkid ayeuna mah tong aya Nina di dieu, Kang. Urang nataan deui kahirupan anyar.”

“Eu ... Las. Tapi....”

“Tapi kumaha, Kang?”

“Nina ngandeg 3 bulan.”

“Akang!” kuring ngajerit. “Tega Akang ngancurkeun Nina. Tega Akang?” Kuring neunggeulan dada Kang Nandi.

“Hampura Akang.” Kang Nandi ngarangkul pageuh.

Sababaraha lila kuring ceurik dina korsi. Diri ngarasa salah. Enya matak kitu gé kuring nu salah. Bongan diri teu nampa nyaahna, megatkeun geugeut rangkulan nu keur awor ku tresna, teu nampi asih nu keur meulit dirina,  ngadorong paksa nu keur dirungrum galuraning rasa mohaka.

“Hapunten, Lastri, Kang. Lastri nu lepat. Tos Akang kedah tanggel waler.” Kuring nyusut cimata. Neuteub anteb manéhna.       

“Enya, Las. Sabenerna Akang jeung Nina mémang geus nikah agama.”

“Hiji paménta Lastri. Urang pisah ayeuna kénéh.”

“Moal. Las. Akang teu rido. Lastri sagalana keur Akang.”

“Sanés urusan ridho heunteuna, Kang. Tapi éta pilihan hirup. Akang lalaki kedah tanggel waler sagala rupina. Keun kembang harepan urang. Puputon ati urang pasti diasih dijaga nepi ka iraha waé. Ridokeun, Kang. Siga abdi ngaridokeun Akang sareng Nina. Meungpeung budak alit kénéh. Meugpeung gudawang ayeuna karasana. Sugan jaga kapeurih saeutik-saeutik lita. Ningali Akang bagja, insyaaloh abdi bagja.”

***

Sanajan pisah, tapi kanyaahna teu robah, kitu deui ka nu jadi anak teu cocéng. Saban bulan datang méré kipayah. Saeutik-saeutik kanyeri lita, geus jangji dina ati moal nyabit mangsa baheula anggur rék metik kembang harepan nu éndah narawangan.

Kadieunakeun Kang Nandi remen datang jeung Nina. Budak kuring gé apet ka Nina, nyebutna Mamah Nina.  Baraya dulur, remen ngéngklokan ngaheureuyan, sangkan daék ngahiji deui. Ukur dijawab ku seuri. Anteng ngurusanan kembang harepan nu keur lulucuna. Sarua  jeung kembang ros nu ligar karembangan matak betah ditempona.

Kadieunakeun diajar bisnis kana kembang. Enya kekembangan téh beut jadi ladang bisnis nu alus. Dibantuan ku Nina bisnis téh ngalegaan. Nepi ka boga kios sorangan sagala di Lembang.

Pagiling gisik deui jeung Kang Nandi neuteup kembang harepan nu pikabetaheun. Kembang-kembang haté nu garing ayeuna tingparentul deui ku pangharepan. Kang Nandi teu leungit sabar nganti kuring ngadago ucap enya tina biwir nu waléh kemba.***

 

Nina Rahayu Nadea, lahir di Garut, 28 Agustus 1975, nulis dina basa Indonésa jeung Sunda. Karyana sumebar di Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, jrrd.

Carpon “Jangji Pilkada” nu medal  di Tribun Jabar dipilih ku C.W. Watson ditarjamahkeun ka basa Inggris dimuat dina buku Miss Maya, dicitak ulang ku Penerbit Lontar nu judulna In the Small Hours of the Night.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib

Bandungan Senin, 10 Mei 2021 | 13:47 WIB

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen.

Bandung Baheula - Bandungan, Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,fiksimini dudung ridwan

Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN

Bandungan Sabtu, 8 Mei 2021 | 06:11 WIB

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé ca...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,cerita pendek Yus R. Ismail,carpon,Carpon Sunda,carpon yus r. ismail,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung

Dongéng Nasruddin Hoja: Jadi Khotib Jumaah

Bandungan Senin, 3 Mei 2021 | 15:32 WIB

Can lila manéhna khutbah, katingali para jamaahna geus narundutan. Ngalegeday. Malahan sabagian jamaahna saré bari kérék...

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja:  Jadi Khotib Jumaah, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja jadi khatib jumat,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT

Bandungan Sabtu, 1 Mei 2021 | 07:48 WIB

Hirup jadi ayem tingtrim ku jalan musawarah, lain pabetem-betem tur hayang papada meunang sorangan.

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT, cerpen Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Carpon Sunda,Carpon Ratih Ratnasari
dewanpers