web analytics
  

Sastra Sunda: RT IDUN

Sabtu, 10 April 2021 06:11 WIB Eryandi Dahlan
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RT IDUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Sunda,Carpon Eryandi Dahlan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Bandungan

Ilustrasi RT Idun (Ayi Sacadipura)

KANG IDUN ngalempréh teu walakaya. Beurat awakna tuluy nyirorot. Awakna nu baheula seseg, ayeuna kari tulang jeung kulit. Beungeut haropak, awak begang geus euweuh dagingan.

Béda pisan jeung Kang Idun lima taun ka tukang, nu resep sahaok kadua gaplok ka saha waé. Da ngajago pisan atuh. Euweuh nu teu bireuk ka manéhna mah. Idun Codét, pédah aya codét dina pipi katuhuna, cenah mah baheula kungsi disabet péso seukeut basa manéhna galungan jeung jéger Ujungberung. Ngajagona téh teu euih-euih.        

Komo basa manéhna kapilih jadi Ketua RT mah, asa jadi raja wéh ceuk nu bohong mah. Manéhna bisa kapilih jadi pupuhu di RT éta ku jalan licik. Isuk-isuk saméméh poé pamilihan, ulon-ulonna nu aya genep urangna ngetrokkan panto unggal imah warga, méré amplop maké sarat kudu milih Kang Idun.

Mingpin RT-na kitu wéh Kang Idun mah bari tutunjuk téa, euweuh picontoeun. Mun aya kerja bakti, manéhna mah ngadon ngopi bari ngawaskeun warga nu keur meujeuhna pakepuk ku pagawéan.  Mun aya nu lénglé gawéna, gampleng dampal leungeunna ngagampleng pipi éta warga, bari sungutna teu eureun nyarékan.

Kana duit tipoporoséh. Mun aya warga ménta surat pengantar pikeun naon waé, manéhna mah haget naker. Dina méja di imahna disadiakeun koropak duit, nu ditulisan “Masukan seikhlasnya. Minimal Rp10.000”. Teu bisa majar kumaha warga téh da ku butuh téa.

Meuweuhna pisan mah basa loba bantuan ti mana-mana. Manéhna wani macok éta bantuan. Tina bantuan lima ratus réwu manéhna wani nyokot satengahna. Pokna lamun teu ku aing diurusna, moal meunang bantuan tah kabéh gé.

Nu pangnyeri haténa pisan mah Ma Éméh. Geus kolot Si Ema téh. Hirup nyorangan. Sapopoéna ngala tutut di sawah batur, éta gé mun keur usum. Beubeunanganana dijual ka tatanggana, mun teu payu diasakan keur sorangan.

Mun teu kitu, manéhna aya di kebon batur ngadon ngala pangpung atawa kai nu marurag, keur suluh di imahna. Mun loba meunangna sok dijual ka Haji Undang, tukang gulé nu sok dagang di sisi jalan. Masak guléna make suluh kénéh manéhna mah. Sok mokaha Pa Haji mah mayar suluh téh, tayohna karunyaeun ka Si Ema.

Tah, harita Si Ema meunang bantuan. Genep ratus réwu. Manéhna apaleun jumlahna, da basa nganteurkeun suluh ka Haji Undang, di jongkona panggih jeung Pa Tono pagawé kantor désa. Pa Tono bébéja éta bantuan dicokotna di Ketua RT sewang-sewangan, méh teu riweuh teuing di kantor désana, ongkoh karunya wéh cenah kanu tos sarepuh sina ka kantor désa mah. 

Bener geuning, isukna Si Ema diangkir ku anakna RT Idun. Atuh bring Si Ema diiringkeun anak RT. Anjog ka imah RT, sup Si Ema asup.  RT diuk dina korsina.

“Kieu Ema, numawi ku abdi diangkir téh. Ema kenging bantosan tilu ratus réwu. Ku abdi dipotong saratus. Janten ieu dua ratus kanggo Ema,” ceuk RT bari ngasongkeun duit bulao opat lambar.

“Ké RT. Mun teu salah mah bantuan téh genep ratus,” ceuk Si Ema tatag.

“Ceuk saha, Ema?!”  ceuk RT rada nyeuneu.

“Kamari Ema pendak jeung Pa Tono, pejabat désa. Ngabéjaan yén Ema meunang genep ratus réwu ti pamaréntah. Daék medu Ema mah. Saksina gé Pa Haji Undang, para pagawéna jeung nu dalahar didinya!” ceuk Si Ema teu éléh nyeuneu.

 “Mun Ema alim nampi, nya atos wéh atuh!” ceuk RT deui bari teu euleum-euleum nyakuan deui duit dua ratus réwu. Ma Éméh olohok.

“Nya mangga, ari RT peryogi mah. Geuning aya kénéh nu leuwih sangsara tibatan Ema?” ceuk Ma Éméh sorana rada ngadégdég bakat ku ambek jeung sedih. 

“Ema mah leutik-leutik gé usaha eukeur. Rejeki mah pan datangna ti nu teu disangka-sangka. Mangga badé dirawatan mah éta duit. Ema mah moal nagih. Ngan awal ahir aya mamalana ka RT curaling!” Si Ema nangtung bari indit. Beungeut RT mani euceuy ngembang wéra. Rék ditémbalan ku RT, Si Ema geus kaburu kaluar ti imah.

Teuing kekecapan Si Ema nu matih, teuing dunga warga séjén nu ngarasa diteungteuinganan ku Si RT, saminggu ti harita Si RT téh kabéjakeun gering. Mimitina mah seueul. Disangkana mah maag. Anakna dititah meuli ubar. Nya diinum ubar téh. Rerep rerepna mah, tapi ngan ukur satengah jam. Geus kitu adug songkol deui RT téh. Sapeupeuting saiimah teu sararé da kudu ngawulaan Kang Idun.

Isukna, najan diembung-embung gé Kang Idun dipaksa dibawa ka Puskesmas. Teu sirikna digusur ku kulawargana. Dokter Pépén gogodeg sanggeus bérés mariksa. 

“Kedah dirawat, Bu,” pokna.

“Parna panyawatna, Dok?” ceuk  Ceu Jua. Dokter ukur unggeuk bari ngasongkeun surat rujukan.

 Harita kénéh Kang Idun dibawa ka rumah sakit gedé di kota. Dokter di éta rumah sakit mariksa Kang Idun. Tuluy méré kacindekan yén Kang Idun téh katarajang kangker usus, aya tumor dina peujitna, geus stadium opat.

“Rupina tos lami Bapa téh keunana, Bu. Pami diparios ti anggalna mah moal parna kieu.” Dokter Rangga ngabéjaan.

Ceu Jua olohok, teu nyangka salakina ngarandapan panyakit nu parna kitu. Panonna juuh ku cimata.

“Bapa nyesepna sabaraha bungkus sadinten, Bu?”  Dokter nalék.

“Aya  panginten tilu bungkus mah, Dok,” walon Ceu Jua bari nginghak.

“Tah, balukar kalebetan ku haseup roko tumor dina patuangan Bapa janten ngaageungan. Jabi tos lami panginten nyesepna nya?” ceuk Dokter deui. Ceu Jua  unggeuk.

“Bapa tara olahraga? Langki tuang buah atanapi sayur?” ceuk dokter deui.

“Atuh kedah kumaha, Dok?” Ceu Jua kalah malik nanya.

“Kedah dioperasi, Bu. Tumor nu ngabalukarkeun kanker dina peujit Bapa kedah dipiceun. Pami henteu, tiasa ngaageungan deui teras mapay ka mana-mana,”  ceuk Dokter.

“Mangga. Nyanggakeun, Dok,”  ceuk  Ceu Jua.

“Saé pami Ibu satuju mah. Mung badé diobservasi heula, ditarékahan heula ku landong. Pami teu saé waé, wayahna operasi. Bapa kedah dirawat heula di dieu,” Dokter mungkas péréléanna.

Meunang dua minggu Kang Idun di rumah sakit. Tim dokterna geus ngajadwalkeun operasi, da kunaon-naon teu bisa ditarékahan.

Der wéh dioperasi. Lancar operasina. Manéhna dirawat deui. Rada teu nyeri teuing ayeuna beutengna téh, tapi kana dahar jadi suda. Jeung hayang balik waé.  Atuh saminggu sanggeus operasi manéhna diréréyang ku barudakna, mulang ka imahna.

Nu datang ngalayad ka imahna ngan ukur Ketua RW. Éta gé lantaran ménta tékenan RT pikeun méré mandat ka Kang Jojo sina jadi Ketua RT saheulanan. Warga nu lian mah euweuh nu daéken ka imahna, komo ka rumah sakit mah. Malah lolobana mah mupuas.

Anu léah haténa mah ngan Ma Éméh. Manéhna mah ngadéngé RT Idun geus aya deui di imah, gura-giru indit ka imah RT bari babawaan.

“Punten, Nyai, basa RT di rumah sakit Ema teu ngalayad. Da teu apal. Euweuh nu bisa diajak besuk bareng,” ceuk Si Ema ka Ceu Jua nu ngarasa sedih jeung éra dianjangan ku Ma Éméh téh. Manéhna nyaksian basa Si Ema rék nyokot duit bantuan.

 “Nuhun, Ema. Sawios teu kedah ngarérépot. Piduana wéh,” pokna bari nyusut cipanonna nu murubut, kagagas ku kasoléhan Ma Éméh.

“Ih Nyai, teu dipénta gé Ema mah ngadoakeun kanggo sadayana. Komo deui ieu ka pamingpin,” walon Si Ema. Dikitukeun Ceu Jua kalah nyegruk ceurik.

Ma Éméh pindah diukna ngadeukeutan RT nu keur saré ngajepat. Ambekanna ngahanju. Sakapeung muringis nahan kanyeri. Manéhna ngajak sasalaman ka Ma Émeh, nyekelan leungeunna mani pageuh. Cipanon RT ngembeng. Bahamna rék engab, tapi siga nu beurateun pisan.  

“Nyuhunkeun dihapunten Akang nya, Ma,” pok Ceu Jua surti.

“Insya Allah, Nyai. Ema mah teu geuneuk teu maleukmeuk,“ témbal Si Ema bari carinakdak.   

Karék gé Ma Éméh nepi ka lawang panto imahna, geus aya nu nyusulan yén RT Idun parantos mulih ka jati mulang ka asal.***

                                                                                                                 

Tanjung, P13

Maret 2021 katompérnakeun

 

Éryandi Dahlan mimiti diajar ngarang nu nyaan September 2017, saprak aub ka Panglawungan 13, nu diaping ku Bu Hj. Aam Amilia, pangarang Sunda kahot.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Di Purwakarta Belesong, di Tasik Lodong

Bandungan Senin, 17 Mei 2021 | 16:00 WIB

Ngabuburit jeung Mapag Lebaran di Purwakarta jeung Tasik.

Bandung Baheula - Bandungan, Di Purwakarta Belesong, di Tasik Lodong, tradisi bermain lodong,Lodong,belesong,belesong purwakarta,lodong tasik,ngabuburit di Purwakarta,ngabuburit di tasik

Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI

Bandungan Sabtu, 15 Mei 2021 | 09:05 WIB

Tali peti anu ceuk pangrasana geus pageuh ditalikeun kana palang dada, singhoréng talina pegat kabawa tanaga cai nu nyéo...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI, cerpen Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Ai Wawang,Carita pondok,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,carpon

IDULFITRI

Bandungan Rabu, 12 Mei 2021 | 17:27 WIB

Poho kana protokol kaséhatan. Sabab, kébeh hayang ngarayakeun Idulfitri.

Bandung Baheula - Bandungan, IDULFITRI, fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini bahasa sunda,cerita  pendek sunda,Carpon Sunda,fiksimini dudung ridwan

Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib

Bandungan Senin, 10 Mei 2021 | 13:47 WIB

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen.

Bandung Baheula - Bandungan, Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,fiksimini dudung ridwan

Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN

Bandungan Sabtu, 8 Mei 2021 | 06:11 WIB

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé ca...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,cerita pendek Yus R. Ismail,carpon,Carpon Sunda,carpon yus r. ismail,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu
dewanpers