Asmarandana Heubeul Isuk

Jambatan kareta api Rancagoong, Soreang. (Istimewa)
NGUMBARA kuring téh kungsi. Di kacamatan Soreang. Di jalan raya Ciwidey. Imah téh dina mumunggang handapeun tangkal kiara. Ngaran lembur Heubeul Isuk. Katelah beurang sok elat. Tiris kénéh enjing-enjing. Sareng langit henteu bengras. Teu katingal sarangéngé. Reueuk sanés badé hujan. Awun-awun. Ngahalangan. Jarum jam tos angka tujuh. Tapi geuningan can caang.
Kataji ku Asmarandana Heubeul Isuk nu dimuat di hiji blog, kuring ngajugjug—mawa kaméra—ka Soreang. Maké motor. Peuting-peuting.
Hoyong nyobaan isuk-isuk di Heubeul Isuk sakalian rék niat nyieun reportasena. Mondok di imah Pak RT nu kacida bageur.
Subuh-subuh hudang. Bari diharudum sarung. Cingogo di tepas imah panggung. Bari ngelepus ngaroko.
Lamping dibungkus halimun. Di handapna jambatan karéta api Bandung-Ciwidey jaman baheula.
Neng Elis, putra Pak RT anu randa, ngasongkeun cikopi panas jeung goréng pisang. Terus anjeunna maturan ngobrol ngalér ngidul.
Nyaan di Heubeul Isuk poho ka beurang. Poho ka pamajikan.