Warung Asihan

Ilustrasi warung (istimewa)
WARUNG TANTE, hareupeun imah kuring, lain hiji-hijina warung nu aya di komplék kuring. Sabenerna mah aya kana opat warungna. Tapi, nya meureun geus milikna ampir kabéh ibu-ibu sakomplék tamplok balanja ka warung éta.
Sanggeus subuh, ibu-ibu geus ngagimbung. Eukeur mah memang di warung Tante mah sagala aya. Ti mimiti barang saperti odol, sabun mandi, nepi ka daging, sarupaning sayur, jang pasakeun.
Warung Bang Togar nu tiheula maréma jadi tiiseun. Padahal Warung Bang Togar nu mimiti ngadegkeun warung. Jeung méméh aya warung Tante, ibu-bu téh balanja ka warung Bang Togar.
“Biasalah asihannya kuat. Gunung Padang. Sok wé lihat kalau pagi-pagi ngéprét-ngéprét air,” ceuk Bang Togar ka pamajikan kuring basa pamajikan meuli obat nyamuk. Sanajan Warung Tante hareupeun imah gé, pamajikan kapaksa milih ka warung nu jauh. Horéam ngantri, ceunah.
“Ah, Bang, éta mah nguprat-ngeprét cai téh méh teu ngebul wé,” ceuk pamajikan.
“Eh, si Ibu ga percaya. Ini mah airnya paké beras.”
Pamajikan teu katutuluyan barang tanya sanggeus meunang obat nyamuk mah.
Kabéhdieunakeun, dirasa-rasa asa bener ogé omongan Bang Togar. Subuh-subuh mun kuring ka masjid Si Tante atawa anakna sok katingali ngéprétan jalan sakuriling warungna. Caina cai khusus tina émbér, lain cai ledeng. Teu goréng sangka ah, meureun méh teu kebul.
Tapi, ditingali kéképrétna téh unggal poé, méméh warung buka. Teu ningali usum halodo atawa usum hujan. Lamun enya méh teu kebul mah, keur usum hujan mah teu kudu kéképrét, pan jalanna geus baseuh?
Kacurigaan nu kadua, bener wé disidik-sidik mah caina aya béasan. Hayam kuring nu harita teu kaampihkeun katinggali keur macokan béas di jalan.
Geus teu ribut ka Bang Togar, ti harita kuring tara ngampihkeun hayam ka kandang. Jeung teu kudu deui maraban hayam unggal isuk.
Atuh hayam kuring beuki marontok.