Banjir mah Geus Biasa. Nu Hésé mah Mun Aya nu Maot rék Dikubur di Mana?

Banjir di wilayah Dayeuhkolot Kabupaten Bandung (Instagram)
BALEENDAH, AYOBANDUNG.COM – Geus rek ampir saminggu, warga Andir, Kecamatan Baleendah, Kabupaten Bandung, kukuciprekkan dina cai banjir. Siga Cieunteung baheula, Andir mangrupakeun daérah langganan banjir. Ti baheula, sabaraha kali ganti pajabat--euweuh pangaruh--angger wé banjir.
Imah jeung jalan kabanjiran—dina usum hujan mah—geus jadi “kadaharan” sapopoé. Teu anéh deui. "Biasa, Jang. Geus puluhan taun banjir siga kieu téh," ceuk Usron salah saurang warga Kelurahan Andir, ka Ayobandung.com, Kemis 1 April 2021.
Keur usum banjir kieu mah warga geus otomatis nyalametkeun barang-barang berharga na. Kaasup motor. Motor diparkir di sisi jalan méh babari warga néangan pakasaban. Ngajagaan motor giliran sakali éwang, ti beurang nepi ka peuting.
Kawinan kukucipreukkan dina banjir gé geus biasa. "Nu hésé mah lamun warga aya nu maot," ceuk Usron.
Usron nétélakeun, lamun banjir datang, lain ngan ukur imah jeung jalan nu kabanjiran, tapi ogé tanah wakaf tempat nguburkeun nu maot. Rék kumaha ngagalina dina kaayaan banjir? "Tadi ogé aya nu maot teu bisa dikuburkeun di tanah wakaf,” pokna.
ayo baca
Lamun keur kondisi banjir siga kieu, biasana mah nu maot téh dikuburkeunna di tempat nu jauh. “Nya rék kumaha deui. Pan mayit téh kudu dikubur. Kajeun mayar mahal, néangan di tempat jauh. Lamun dikubur di dieu mah, gratis," ceu Usron.
Biaya nguburkeun di tempat jauh mah paling saeutik kudu ngaluarkeun duit antara Rp1,5 juta-Rp2 juta.
"Kahayang mah pamaréntah téh aya perhatian. Tanah wakaf diluhuran méh lamun aya warga nu maot keur banjir tetep bisa dikubur di dieu," pokna.
Warga Andir lainna, Ridwan, nyebutkeun éféktivitas kolam réténsi Cieunteung jeung torowongan Nanjung can katingali maksimal “mengatasi” banjir. "Disebut bisa ngatasi, euncan. Da buktina banjir masih aya kénéh. Lamun disebut ngurangan, mah heueuh," ceuk Ridwan.
Ceuk Ridwan, infrastruktur pengendali banjir éta can kauji bener-bener. Sabab, hujan ayeuna teu badag siga taun-taun kamari.
ayo baca