Surya sang Pendékar

Ilustrasi silat (Republika.co.id)
SABABARAHA léngkah deui, Surya bakal nepi ka Puncakjaya, tempat nu nepi saret ka ayeuna ku manéhna dirasiahkeun.
Di palebah dinya aya tempat nu nyingkur, lening, Iuh ku dadaunan. Can kasaba ku jelema, kajaba ku Surya sorangan.
Baju Surya dibuka. Dadana sembada. Keur mah jangkung badag, beuki keker wé da ampir unggal poé ngalatih diri.
Srét, iket hideungna dipasang. Buukna nu panjang teu reumbay teuing.
Surya ngaluarkeun pusakana nu dipusti-pusti. Dicoo. Torojol guruna kaluar.
"Sok, ayeuna teruskeun hanca kamari. Jurus Tapak Suci. Dua geprakan deui tamat," ceuk guruna.
"Siap, Guru."
Surya masang kuda-kuda. Dua sukuna nancep kana taneuh. Pageuh. Dua ramona meureup di lebah cangkéng. Terus dibuka, didorong lalaunan. Suku katuhu ngagésér ka hareup.
“Jiaat!”
Sakabéh tanagana dibudalkeun. Angin ngaguruh. Tatangkalan ting aroyag. Dadaunan ting aracleng katebak angin. Taneuh nu katincak ngebul. Surya mencrong ka guruna.
Keur kitu, jol jep jempé. Surya ngahuleung. Muru pusakana. "Bedul téh, kuota béak."
Guru youtobena leungit. Angin jempling deui.