Payung Geulis jeung Kelom Geulis Ikon Tasik, Nasibna teu "Geulis" Deui

Payung Geulis (Heru Rukanda)
TASIKMALAYA, AYOBANDUNG.COM - - Payung Geulis jeung Kelom Geulis saolah geus ditakdirkeun meunang nyetélkeun. Ditungtungan ku ngaran Geulis, duanana jadi ikon Kota Tasikmalaya.
Payung simbol méh teu kahujanan jeung teu kapanasan. Sedengkeun kelom simbol méh sampéan nu nganggona teu kacugak atawa teu kakotoran. Boh payung atawa kelom boga filosofi mapanteus mojang nu makéna méh katingali beuki geulis.
Ceunah di Kota Tasikmalaya, Payung Geulis mimiti diproduksi ku Haji Muhi, saurang inohong ti Kampung Panyingkiran, Kecamatan Indihiang, taun 1930-an. Haji Muhi téh jelema aya. Lamun ka kebon, anjeunna sok kahujanan atawa kapanasan. Tuluy boga ide, anjeunna nyieun payung tina keretas sangkan teu kahujanan jeung kapanasan.
Payung nu dijieun ku H. Muhi alus. Tatanggana loga nu raresepeun. Tuluy, H. Muhi boga pamikiran kumaha sangkan payung ieu bisa dijadikeun ladang usaha. Ti dinya mimitina produksi Payung Geulis di Tasik.
Rangka Payung Geulis dijieun tina awi. Sanggeus dirangkéi, ditapelan kaén jeung keretas. Tungtung payung dirarapinh ku aci. Méh katingali alus, jero rangka dibéré benang rupa-rupa warna.
Nyieun Payung Geulis butuh cahaya panon poé nu hadé. Sabab, sangeus diacian, payung kudu dipoékeun sina garing. Saterusna payung dibéré warna, tuluy dilukis. Lolobana mah corakna kembang.
Kampung Panyingkiran, Kelurahan Panyingkiran, Kecamatan Indihiang, Kota Tasikmalaya, mangrupakeun pusatna karajinan Payung Geulis. Méméh asup kampung, aya gapura nu dina dua tihangna dipasangan Payung Geulis. Pas asup gé, dina témbok lebah katuhu aya mural lukisan Payung Geulis.
Ti taun 1925 warga Kampung Panyingkiran geus nyieunan payung tina keretas. Harita mah masih disebutna Payung Sieum. Sanggeus dibéré lukisan, Payung Sieum robah ngaran jadi Payung Geulis. Payung Geulis kungsi ngalaman masa kajayaan di taun 1955 nepi 1968.
Ngaproduksi Payung Geulis ayeuna mah, utamana, krisis pelukis. Di Kampung Panyingkiran ayeuna pelukis Payung Geulis ngan aya 5-an deui. Eta gé geus karolot. Tina 5-an téh, ngan 2 an deui nu aktif kénéh ngalukis.
ayo baca

Kelom nyaéta sendal nu dijieun tina kai. Bisa dipaké ku lalaki jeung awéwé. Ceunah, ngaran kelom asalna tina basa Belanda, klompen, nu hartina ‘sendal kai’. Mémang bahan asalna utamana tina kai. Jangkung hakna béda-béda ti mimiti, 3 centimeter nepi ka 15 centimeter, tali sabukna maké kulit.
Di Kota Tasikmalaya, wilayah Gobras, Kecamatan Tamansari jadi pusatna karajinan Kelom Geulis. Di daérah éta loba perajin jeung galéri Kelom Geulis.
Salah sahiji galéri Kelom Geulis nyaéta Galéri Sheny nu alamatna di Jalan Tamansari Gobras nomor 33, Kota Tasikmalaya. Galéri Sheny nanjeur ti taun 1986. Rupa-rupa Kelom Geulis aya di dieu. Ti mimiti kelom jang budak, rumaja, nepi ka dewasa.
Nu boga Galéri Sheny, Sandi Permana (28) nétélakeun, usaha Kelom Geulis ayeuna keur ripuh. Omzétna tarurun. Biasana mah di weekend téh bisa ngajual 15 - 20 pasang. Malah keur alus mah nepi ka 35 pasang. Tapi, dina kondisi pandémi siga kieu mah paling loba ngan kajual 10 pasang.
Kagésér Sendal Impor
Usaha Kelom Geulis beuki dieu beuki turun. Ceuk Sandi, saméméhna manéhna boga dua galéri Kelom Geulis di Pasar Cikurubuk, tapi alatan sepi jeung kurangna peminat, galéri éta ayeuna dipaké jualan sendal impor.
Sandi negeskeun, méméh pandémi mah sok loba kénéh rombongan wisatawan nu datang ka galérina meuli Kelom Geulis. Tapi, ayeuna mah euweuh. “Masih bisa bertahan ogé masih untung,” ceuk Sandi.
ayo baca
"Malah biasana mah salain wisatawan biasa, loba ogé kalangan artis nu sok balanja Kelom Geulis, siga komédian Komeng, Irfan Hakim, jeung artis séjénna," ceuk Sandi.
artikel terkait