web analytics
  

Sastra Sunda: LÈNGKAH RIZKIA

Sabtu, 27 Maret 2021 12:07 WIB Nyi Roro
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: LÈNGKAH RIZKIA, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,carpon,Bandungan

Ilustrasi Carpon "Rizkia" (Heindry Kurniawan)

RORO SITI ROHMAH. Ngaran sandiasmana Nyi Roro. Lahir di Sumedang, dimimitian tina hobi, resep ngarang ti keur jaman SD kénéh di Jakarta. Taun 2007 karanganna mimiti medal di rubrik Pangalaman Para Mitra di majalah Manglé.

Taun 2008 milu saémbara ngarang dina internét nu judulna "Lain Saukur Keur Kurin"g, dilélér pangajen pinunjul harepan, medal di majalah Budaya. Sanajan bisana ngarang téh ku cara otodidak, tapi tulisan Roro geus midang di sababaraha media, di antarana Sunda Urang Bogor, Manglé, Tribun Jabar, Sunda Midang, Galamedia, Cupumanik jeung majalah Para Ajar.

 

Sastra Sunda:
LÈNGKAH RIZKIA

RIZKIA ngarasa kuciwa deui baé. Asa teuing ku mindeng manéhna tinggaleun salat babarengan jeung babaturanana. Sakapeung manéhna sok nyalahkeun dirina sorangan pédah remen tara buru-buru turun ka musola sapuluh menit méméh ngong adan. Kapaksa Rizkia nangtung, nungguan di luar nepi ka éta rombongan nu pangheulana réngsé salat. 

"Kia, badé netepan sareng?" Sora hiji lalaki nanya ka Rizkia nu keur maké mukena. Manéhna apal pisan kana éta sora nu halimpu matak dédéngeun kana ceulina. Gancang Kia memener mukenana. Panonna ngulincer néang jemaah lian,  tapi euweuh sasaha iwal ti maranéhna duaan. Puguh wé Kia teu puguh rasa.

"Oh-éh mangga, Pa." Kia ngajawab bari sorana rada ngadégdég. Ya Allah, naha mani kudu manéhna nu jadi imam kuring? Kia ngutruk jero haté.

Salat babarengan dimimitian. Sanajan pikiran Kia cus-cos ka ditu ka dieu, tapi unggal rakaat satékah polah dilakonan bari husyu nurutan nu dipilampah ku imam. Saréngséna wiridan jeung salat sunah, dina  kaayaan masih kénéh maké mukena, Kia ngalamun.

Sakapeung panon Kia neuteup tonggong Deris, lalaki nu tadi jadi imamna. Manéhna keur husyu ngawirid. Ya Allah, bagja temen ieu haté lamun seug meunangkeun salaki siga anjeunna, unggal dinten pasti abdi bakal diimaman ku anjeunna. Unggal bérés netepan, pananganna ku abdi disun.

Hey Kia! Geura hudang, ngalamun téh kamalinaan teuing! Haté Kia galécok. Kia istigfar tuluy ngusap beungeutna. Manéhna ujug-ujug inget ka Lula, sobatna nu biasa panggih di musola, tapi poé ayeuna mah teu katénjo irung-irungna acan, boa keur kasemahan tamu bulanan.

Lula téh sobat Kia, batur sagulung-sagalang. Siga wadah runtah, ampir euweuh rusiah Kia nu Lula teu apal. Bagja, senang, seuri, peurih, nyeri, gering jeung cimata Kia ditamplokkeun ka éta sobatna. Nya kitu deui basa Kia boga haté ka dua leutik ka Deris. Lula gé apaleun, manéhna teu beurateun dipihapéan omongan jeung jangji rék neundeun rusiah Kia sing buni.

Rasa bogoh ka Deris satékah polah ku Kia disumputkeun. Sanajan haténa mah teu bisa dibohongan basa ketug jantungna beuki tarik, awakna pating sariak asa panas tiris teu puguh rasa lamun deudeukeutan atawa pasarandog jeung Deris. Manéhna ngan bisa tungkul nyamunikeun rasa bungah nu kacida dina dadana.

Paroman Kia ngadadak beureum lamun kudu ngagawékeun pagawéan nu aya patula-patalina jeung Deris. Kia mani sok hayang buru-buru incah bakat ku éra, tapi hayang geura-geura tepung deui bari maling teuteup ka manéhna. Kia ngan wasa melong pupujan haténa ti kajauhan.

“Kia, cigana geus waktuna lalakon ucing sumput téh dieureunan,” Lula méré saran.

“Naha kitu?”

“Enya, éta Kia rék deukeut jeung Deris kumaha ari hayoh waé nyumput mah? Komo nyaho nyahoeun eusi haté di dinya mah?”

“Embung ah.”

“Yeh, buru ieuh. Rék nungguan naon deui atuh? Bisi kaburu dicokot ku batur mantén kéh!”

“Teu ah, teu wani uing mah. Barina gé saur Mamah, istri mah kudratna ogé ngantosan.”

“Ngadagoan rék nepi ka iraha? Nepi ka Kia geus jadi nini-nini?” Lula ngabarakatak. Kia molotot tuluy baeud.

“La, saur Mamah pami hiji wanoja ngamimitian hiji léngkah maju, balukarna lalaki bakal mundur dua léngkah,” ceuk Kia. Lula ngaheneng. Tapi manéhna teu pegat harepan, kalah beuki maceuh, maksa ka Kia kudu buru-buru ngadeukeutan Deris. Atuh puguh, Kia beuki murungkut. Nepi ka hiji poé, aya iber yén Deris rék pindah ka Amerika nuluykeun sakolana.

Saminggu ti dinya Deris amitan ka sakabéh staf di kantor. Tangtu baé Kia sedih, leungiteun pisan. Tapi manéhna angger boga pamadegan nepi ka iraha baé ogé moal betus yén manéhna neundeun haté ka Deris. Kia boga harepan sugan jeung sugan hiji waktu bisa papanggih deui jeung Deris. Cek pikirna lamun geus takdir, jodo mah tangtu moal ka mana.

***

WAKTUNA balik ngantor, Lula nyimpang heula ka rohangan Kia. Manéhna nyampeurkeun Kia nu keur meresan méjana. Lula sura-seuri, paroman mani marahmay.

“Kia, aya béja pikabungaheuna yeuh, Deris geus balik ka Indonesia!” Saharita kénéh Kia langsung calangap tuluy seuri mani ngabarakatak. Paromanna robah semu beureum.

“Ayeuna manéhna gawé di mana?”

“Di dieu!”

“Emh, geus kawin can?”

“Lamun geus kawin, keur naon méré nyaho? Awas wé lamun kalakuan Kia masih kénéh can robah ciga lima taun ka tukang. Ti semet ayeuna kudu wani!” ceuk Lula bari molotot hayang ngumaha mah ka sobatna. Kia ngan ukur seuri. Manéhna ngarasa bagja, harepanna sirungan deui. Mugia ayeuna mah bisa laksana, Kia ngadunga jero haté.

Kia ngalalanyahan, lalaunan ngadeukeutan Deris. Unggal poé manéhna ulin ka méja Lula nu sarohangan jeung Deris. Kia mani sok bungah lamun aya pagawéan nu aya patula-patalina jeung Lula. Manéhna mani sok sumanget ngagawékeun éta pagawéan. Lamun keur euweuh tugas, Kia teu leungiteun akal, manéhna datang ngan ukur méré capék rahém atawa ngobrol sakeudeung jeung Lula.

Tapi teuing kunaon, Kia ngarasa asa-asa ngadeukeutan Deris téh. Aya hal nu teu kaharti ku manéhna, asa aya lalangsé nu ngahalangan antara manéhna jeung Deris. Kia ngarasa aya nu béda dina diri éta jajaka. Béda pisan Deris nu ayeuna jeung Deris nu baheula.

Deris geus salin rupa, siga pisan urang asing. Ditilik tina dangdanan Deris nu beuki trendy. Ngomongna ogé rada luhur jeung ngajaga wibawa. Keur Kia mah aya nu leuwih penting, nyaéta jabatan Deris geus lain staf biasa nu sajajar jeung Kia. Dihenteu-henteu gé Deris téh pan ayeuna mah dunungan Lula. Ceuk pikiran Kia, awéwé nu pantes nyandingkeun Deris tangtu baé nu sajajar jeung manéhna. Awéwé nu boga jabatan luhur, geulis, pinter jeung jalma aya. Teu karasa, Kia mundur saléngkah.

“Kia, aya piomongeun ngeunaan Deris.” Lula datang ka méja Kia mani hah héh hoh bakat ku rusuh ngaléngkah dina tétécéan, hayang geura nepi.

“Tapi, Kia jangji nya?” Lula neuteup ka Kia siga nu melangeun.

“Jangji naon atuh?”

“Jangji yén Kia rék sabar, rido, ihlas tur narimakeun kana takdir.”

“Aya naon La? Mani asa kukurilingan atuh? Sok-sok baé rék nyarita mah.” Kia mimiti keuheul.

“Nyaho teu, bakat ku keuheul ka Kia, uing nekad ngadeukeutan Deris, méré nyaho yén di dinya boga haté ka dua leutik ka manéhna.” Ngadéngé omongan Lula, Kia ampir rék ngajerit bakat ku reuwas, panonna molotot tuluy jeletot nyiwit sobatna satarikna.

“Ih, nyeri atuh! Déngékeun heula, sihoréng Deris téh naksir ka di dinya!” Kia curinghak tapi ayeuna mah tuluy seuri bungah. Dadana ngaguruh bakat ku atoh. Kia nangkeup Lula ti tukang, tuluy ngakeup tonggongna.

“Tapi, hanjakal Kia mah éraan pisan. Deris mani héséeun rék ngadeukeutan téh, da di dinya sok ngajauhan waé jaba siga nu teu bogoheun ka manéhna,” ceuk Lula siga nu sediheun.

“Tuluy uing kudu kumaha atuh?”

“Nya teu kukumaha Ki, da Derisna ogé geus rék kawin.”

“Iraha. La?” Aya nu nyelek dina tikoro Kia.

 “Minggu hareup.”

Deg! Jantung Kia mani asa coplok. Panonna peureum, haténa asa dijéjéwét. Awakna leuleus satulang sandi. Kia teu kuat, ampir-ampiran ngudupruk. Untung baé ku Lula buru-buru ditéwak.

“Saha pipamajikaneunana? Urang mana, La?” Kia nanya panasaran, panonna carinakdak.

“Tyas, budak marketing.”

“Tyas, budak anyar téa?” Lula unggeuk.

Dina pikiran Kia kaimpleng hiji awéwé basajan, manéhna staf biasa siga Kia. Aya rasa nyeri nu karasa dina dada Kia, sumarambah kana haténa nu pang jerona. Manéhna ngan saukur bisa ngahuleng ngaraga meneng. Rarasaan Kia asa napak asa henteu. Mun seug manéhna ngagugu omongan sobatna ti baheula. Mun seug manéhna boga wawanén ngaléngkah maju ngahontal cintana tangtu ayeuna geus nyandingkeun pupujan haténa.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung

Dongéng Nasruddin Hoja: Jadi Khotib Jumaah

Bandungan Senin, 3 Mei 2021 | 15:32 WIB

Can lila manéhna khutbah, katingali para jamaahna geus narundutan. Ngalegeday. Malahan sabagian jamaahna saré bari kérék...

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja:  Jadi Khotib Jumaah, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja jadi khatib jumat,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT

Bandungan Sabtu, 1 Mei 2021 | 07:48 WIB

Hirup jadi ayem tingtrim ku jalan musawarah, lain pabetem-betem tur hayang papada meunang sorangan.

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT, cerpen Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Carpon Sunda,Carpon Ratih Ratnasari

Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma

Bandungan Jumat, 30 April 2021 | 13:13 WIB

Nanang nyebutkeun, dagang bedug béda jeung dagang barang séjén. Dagang kulit bedug jeung bedug mah musiman. Ayana di bul...

Bandung Baheula - Bandungan, Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma, pedagang beduk,tukang bedug,Pedagang Kulit Bedug Tasikmalaya,kulit bedug,Bedug Tasikmalaya

Paséa

Bandungan Kamis, 29 April 2021 | 15:37 WIB

“Didengé-déngé, titadi, éta Sungut meni ngocoblak waé.

Bandung Baheula - Bandungan, Paséa, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda
dewanpers