web analytics
  

Bandung Lautan Api, Sajarah nu Diceungceurikan

Senin, 22 Maret 2021 14:04 WIB Redaksi AyoBandung.Com
Bandung Baheula - Bandungan, Bandung Lautan Api, Sajarah nu Diceungceurikan, Bandung Lautan Api,sejarah Bandung Lautan Api,Sejarawan Nina Lubis,Lily Sumantri,Mohammad Toha,Mohammad Ramdan

Operasi bumihangus dalam peristiwa Bandung Lautan Api. (dok. Humas Setda Kota Bandung)

LENGKONG, AYOBANDUNG.COM Peristiwa Bandung Lautan Api kawentar pisan kusabab éta peristiwa téh ngalibatkeun jelema loba alias sifatna kolosal. Harita, tanggal 24 Maret 1946, tengah peuting, ratusan imah di Bandung ngahaja diduruk ku nu bogana sorangan. Seuneu ngabebela. Bumi hangus. Teu lila, éta ratusan imah téh rata jeung taneuh. Rayat Bandung jeung tantara ihlas geus ngayakeun “operasi sukaréla”. 

Sakabéh jalma ngorbankeun hartana. Kusabab ieu peristiwa éta kawentar pisan. Peristiwa nu teu angeus-angeus didongéngkeun. Turun-tumurun--nepi ka ayeuna.

Dina buku Sejarah Bandung (2016), sajarawan Universitas Padjadjaran Prof. Nina Lubis nulis “pembumihangusan” mangrupakeun hiji stratégi méh Bandung gagal jadi markas militér pasukan Sekutu jeung Belanda nu hayang ngajajah deui Indonésa sanggeus merdéka.

Naha Kota Bandung maké kudu dibumihanguskeun? Paréntah éta mangrupakeun paréntah langsung ti Perdana Menteri Sutan Sjahrir. Cenah, paréntah éta bagéan tina tarékah diplomasi jeung Sekutu--méh rayat salamet.

"Katingalina mah kajadian Bandung Lautan Api téh saolah-olah rayat Bandung nyerahkeun diri ka Sekutu (Inggris) jeung Belanda. Tapi sabenerna mah ieu hiji taktik sangkan pamaréntah pusat nu dipingpin ku PM Sjahrir ngayakeun diplomasi ka NICA jeung Sekutu,” ceuk Nina, nu dicutat tina laman resmi Humas Bandung.

Perjoangan mertahankeun Bandung ogé dibarengan ku pertempuran tantara Indonesia ngalawalan Sekutu. Pertempuran ieu teu cukup ku sapoé. Tilu bulan satengah sanggeus Peristiwa Bandung Lautan Api, aya kajadian aheng lainna, nyaéta peledakan gudang mésiu Sekutu ku Mohammad Toha.

Jasa Mohammad Toha dina mertahankan Bandung teu saeutik. Tanggal 11 Juli 1946, Toha ngaduruk gudang Sekutu nu eusina 1.100 ton mésiu jeung sanjata. Atuh gudang éta terus ngajelegur. Sorana dahsat. Saking dahsatna éta sora, cenah, nepi ka kadéngé ka Cianjur.

“Serangan Toha ieu boga dampak nu nganasional lantaran gudang mésiu ieu mangrupakeun gudang perbekalan NICA sa-Priangan. Jadi, ancurna gudang éta ngalantarankeun NICA jadi teu boga amunisi. Éta nu matak boga dampak nganasional. Heueuh, ti pihak Belanda euweuh nu maot, ngan aya korban luka, tapi dampakna perjoangan Toha ieu nganasional,” ceuk Nina.

Dina buku éta, Nina ogé nulis ngeunaan Panglima Besar Soedirman nu geus nginstruksikeun Panglima Divisi Siliwangi, Kolonel A.H. Nasution, pikeun nyieun “Serangan Umum” di bulan Juli 1946. Éta paréntah dikaluarken alatan Soedirman nganggap yén pertahanan militer Jawa Barat lain saukur pertahanan lokal, tapi justru geus jadi pertahanan nasional.

Katerangan Sudirman éta beuki nguatkeun yén peristiwa Bandung lautan Api téh boga dampak nu nganasional. Kukituna, ceuk Nina, peristiwa Bandung Lautan Api pantes dijadikeun sajarah nu berskala nasional.

Dua Mohammad
Wali Kota Bandung, Oded M. Danial, kungsi nyarita yén peristiwa Bandung Lautan Api boga harti nu luar biasa pikeun sajarah jeung kawanina dua jalma nu ngaranna Mohamad. 

"Nu kahji, Mohamad Toha. Nu kadua, Mohamad Ramdan. Dua Mohamad éta geus ngainspirasi para pemuda séjénna pikeun nyieun peristiwa heroik. Kurang leuwih 1.100 ton mésiu ku maranéhna diduruk, dibumihanguskeun," ceuk Oded.

Dua Mohamad éta ogé boga jiwa patriotisme lantaran harita panjajah katingalina hayang nguasai deui Bandung. Toha jeung Ramdan teu sudi Kota Bandung dikuasai deui ku panjajah. Kukutina, sababaraha bulan ti peristwa Bandung Lautan Api, kajadian peristiwa heroik nu luar biasa éta.

Sajarah nu Diceungceurikan
Kolonel Purnawirawan Lily Sumantri umurna masih 20 taun basa manéhna ditunjuk jadi Komandan Pleton Siliwangi. Sanajan ayeuna geus teu ngora deui, Lily masih inget kumaha harita warga Bandung careurik kudu ngarélakeun harta bendana diduruk. Ceuk Lily, peristiwa Bandung Lautan Api mangrupakeun carita nu hésé leungitna.

“Loba nu nyebut yen Bandung Lautan Api mangrupakeun peristiwa heroik nu kudu dipikareueus. Padahal, urang-urang mah (warga Bandung) ngarasa peristiwa éta téh peristiwa nu matak peurih kana haté,” ceuk Lily basa dipanggihan di imahna di Jalan Progo, Bandung, Jawa Barat.

“Imah jeung sakabéh harta korédas. Imah kuring sorangan gé rata jeung taneuh,” ceuk Lily nu ayeuna umurna geus 93 taun.

Lily nétélakeun, harita mah kaayaan imah warga Bandung téh teu garedong siga ayeuna. Rata-rata dijieunna ku kai jeung awi nu memang gampang diduruk.

Bebekelan saayana, para pajoang nu dipingpin ku Letnan Kolonel Omen Abdurahman lalempang ngajugjug ka pasisian Bandung. Sabaraha bulan sanggeus kajadian éta, Lily jeung sabalad-balad balik deui ka Bandung. Hiks, lembur tempat bumetah geus rata jeung taneuh. Pilemburan nu dipikacinta geus dipiheulaan ditempatan ku urang Tiongkok nu harita miheulaan balik ti pangungsian.

Peristiwa Bandung Lautan Api kajadian tanggal 24 Maret 1946. Nurutkeun arsip Daftar Cuplikan Sejarah Penting dalam Periode Perjuangan Merebut dan Membela Kemerdekaan Indonesia nu ditulis langsung ku Lily, peristiwa Bandung Lautan Api dimimitian ku Sekutu nu dendam lantaran geus sabaraha kali éléh dina pertempuran di Bandung jeung Sukabumi.

Pertempuran nu kahiji, 9 Desember 1945. Dina waktu harita konvoi truk tantara Sekutu nu mawa peralatan logistik ti Jakarta ka Sukabumi béak diserang ku Tentara Keamanan Rakyat (TKR).

Resimen TKR Sukabumi nu harita dipingpin ku Kolonel Eddie Sukardi ngerahkan opat batalion nu dipingpin ku Mayor Yahya Baheam, Mayor Harry Sukardi, Mayor Yunus, jeung Mayor Abdurahman. Maranéhna ditugaskeun ngajaga jalan raya sapanjang 81 kilometer di Kota Sukabumi.

Batalion éta gé nyieun perangkap jeung ranjau darat di daerah Bojongkokosan nu kasebutna wilayah killing ground.  Stratégi éta aya hasilna, tank Shermon boga Inggris asup kana perangkap. Atuh, konvoi sekutu téh dibalédogan ku rébuan bom molotov jeung granat TKR. Dina kaayaan babak belur, Sekutu mundur ka Cimahi. Kacatet, 3 tantara Inggris jeung 24 pasukan Gurkha tilar dunya. Jeung leuwih ti 80 tentara Sekutu luka.

Kajadian kadua, tanggal10 Maret 1946. Teu kapok ka kajadian nu kahiji, Sekutu nyieun deui konvoi gedé-gedéan. Sekutu ngarencanakeun mawa alat-alat logistik ti Jakarta ka Bandung, lewat Bogor jeung Sukabumi. Kajadian siga nu kahiji kajadian deui. Konvoi Sekutu dibalédogan deui ku granat jeung molotov basa nepi di Sukabumi. Kacatet 8 maot jeung 25 urang luka. Pertempuran dahsyat ieu ti mimiti peuting nepi ka subuh.

Tanggal 11 Maret 1946, pihak Sekutu boga rencana mindahkeun basis militérna ti  Jakarta ka Bandung. Konvoi pang panjangna ti gabungan pangbadagna tentara Sekutu dihadang di jalan. Pertempuran lilana lima poé. 15 Maret 1946, Sekutu datang ka Bandung dina kaayaan babak belur. Kacatet, 115 tantara Sekutu luka parah, 20 di antarana maot.

Dumasar tina karugian perang éta, Inggris méré ultimatum tina pesawat perang sangkan rayat Kota Bandung kudu ngosongkan kotana paling lila nepi tengah peuting tanggal 24 Maret 1946. Tujuanna taya lain Sekutu hayang ngajadikeun Bandung jadi basis militer anyar.

Ngaréspons ultimatum éta, Perdana Menteri Sutan Syahrir ngawakilan  pamaréntah pusat maréntahkeun TKR supaya nurut  ka paréntah Sekutu, alesanna militer Sekutu leuwih kuat batan TKR.

Tapi, para pajuang Bandung nu geus ngayakeun rapat di imah Wali Kota Bandung harita, Syamsurizal, nolak kana paréntah éta. Kepala Polisi TKR Mayor Rukana méré usul geus wé Bandung duruk ku sorangan.

Letnan Kolonel Sutoko ngusulkeun sakabéh tantara jeung rayat kudu ninggalkeun Bandung. Usul éta sarua jeung paréntah ti Yogyakarta méh mertahankeun satiap jengkal tanah Priangan.

Lily nu mangrupakeun saksi nu aya kénéh nempo langsung pertemuan bersejarah nu nyatujuan kaputusan éta. Harita Lily ngarasa ambeuk pisan basa ngadéngé ultimatum Inggris datang. Tapi, Lily teu kaduhung geus nyieun kaputusan siga kitu.

"Jang warga Bandung peristiwa éta loba karugianna. Tapi kuring yakin tantara Inggris leuwih loba rugina,” ceuk Lily.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung

Dongéng Nasruddin Hoja: Jadi Khotib Jumaah

Bandungan Senin, 3 Mei 2021 | 15:32 WIB

Can lila manéhna khutbah, katingali para jamaahna geus narundutan. Ngalegeday. Malahan sabagian jamaahna saré bari kérék...

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja:  Jadi Khotib Jumaah, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja jadi khatib jumat,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT

Bandungan Sabtu, 1 Mei 2021 | 07:48 WIB

Hirup jadi ayem tingtrim ku jalan musawarah, lain pabetem-betem tur hayang papada meunang sorangan.

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT, cerpen Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Carpon Sunda,Carpon Ratih Ratnasari

Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma

Bandungan Jumat, 30 April 2021 | 13:13 WIB

Nanang nyebutkeun, dagang bedug béda jeung dagang barang séjén. Dagang kulit bedug jeung bedug mah musiman. Ayana di bul...

Bandung Baheula - Bandungan, Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma, pedagang beduk,tukang bedug,Pedagang Kulit Bedug Tasikmalaya,kulit bedug,Bedug Tasikmalaya

Paséa

Bandungan Kamis, 29 April 2021 | 15:37 WIB

“Didengé-déngé, titadi, éta Sungut meni ngocoblak waé.

Bandung Baheula - Bandungan, Paséa, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda

És Cendol Katapang: Nyuruput Céndolna wungkul gé Geus Ngeunah

Bandungan Rabu, 28 April 2021 | 11:44 WIB

Di bulan puasa és Céndol Katapang maréma kacida.

Bandung Baheula - Bandungan, És Cendol Katapang: Nyuruput Céndolna wungkul gé Geus Ngeunah, Es Cendol Katapang,Es Cendol Elizabet,harga es cendol katapang,tempat es cendol katapang

artikel terkait

dewanpers