Deuh, Persib Ulang Tahun! Albert Ngajangjikeun Kado Persib Juara Liga

Pelatih Persib Bandung Robert Rene Alberts. (Ayobandung.com/Kavin Faza)
LENGKONG, AYOBANDUNG.COM – Poé Minggu, tanggal 14 Maret 2021 kamari, Persib, kasawelasan nu jadi kareueus Kota Bandung, ngarayakeun ulang tahun nu ka-88. Geus kolot geuning nya.
Dina parayaan éta, palatih Persib Bandung asal Walanda, Robert Rene Alberts, ngedalkeun jangji. Mun liga Indonésa “bergulir” deui, insya Allah tim palatih jeung pamaén rék méré kado spésial, nyaéta nganterkeun Persib juara.
Komisaris PT Persib Bandung Bermartabat, Umuh Muchtar, ngaaminkeun kana jangji Robert Rene Albert saparakanca. Kukituna, Umuh Muchtar ngadukung pisan kana tim Persib ayeuna.
"Nya, mudah-mudahan wé. Sim kuring ngadukung pisan kana naon nu dijangjikeun ku palatih (Persib)," ceuk Umuh di Aula Asosiai PSSI Jawa Barat, Jalan Lodaya No. 20, Kota Bandung, Minggu (14/3/2021).
Umuh ngarasa reueus kacida dina ulang taun nu ka-88 ieu. Persib bisa ngondang para inohong Bandung jeung Jawa Barat, saperti Wakil Wali Kota Bandung Yana Mulyana nu sakaligus Ketua Asosiasi PSSI Kota Bandung, para légénda Persib, Ketua Asosiasi PSSI Jawa Barat, Tommy Apriantono, jeung para pamain sénior Persib.
"Sugan teh moal kikeuan. Alhamdulilah ulang taun Persib dirayakeun," ceuk Umuh.
ayo baca
Robert Alberts nyebutkeun jangji Persib juara basa basa Albert dibéré kasempetan pidato dina parayaan ulang taun Persib nu ke-88 di Graha Persib, Jalan Sulanjana Kota Bandung, Minggu (14/3/2021).
"Mudah-mudahan sepak bola Indonésa bisa normal deui. Lamun Liga ‘bergulir’ deui, kado pang éndahna nu bisa dihadidahkeun nyaéta ngajadikeun Persib jadi juara liga," ceuk Rene Albert harita.
persib.jpg" />
Tong Mopohokeun 36 PS
Samentara Wakil Wali Kota Bandung Yana Mulyana boga paménta Persib tong mopohokeun 36 Persatuan Sepak Bola (36 PS).
"Basa sim kuring narima amanah sabagai Ketua PSSI Kota Bandung dina rekoméndasi muscabna nyaéta miwarang pangnaroskeun deui ‘benang merah’ Persib jeung 36 PS," ceuk Yana.
"Basa aya transisi ti Pengcab PSSI ka PT PBB, saingeut sim kuring nyaeta hombase Persib teu meunang pindah, ngaran Persib teu meunang robah, jeung Persib kudu ngutamakeun pamain binaan ti PSSI Kota Bandung nu teu disebutkeun sabaraha-sabaraha," ceuk yana.
Kukituna, 36 PS teu weléh ngabina jeung ngahasilkeun pamaén-pamaén nu kualitasna hadé pikeun Persib.
ayo baca
artikel terkait

Bjb Gelar DigiCash KickFest

Imbauan Pencegahan Penyebaran Virus Covid-19 bagi Persib

Persib Ditahan Imbang Madura United

Kemeriahan Siswa SD Ajitunggal Sambut Pemain Persib

Zalnando Siap Bersaing Rebut Skuat Utama Persib

Esteban Vizcarra Yakin Cepat Adaptasi Dengan Persib

Ujian Persib Sebagai Puncak Klasemen Liga 1

Arema vs Persib Berakhir Ricuh