web analytics
  

Sastra Sunda: BANDUNG HIJI WANCI

Sabtu, 13 Maret 2021 12:35 WIB Yus R. Ismail
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: BANDUNG HIJI WANCI, Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Sunda,Yus R. Ismail,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Cerita pendek Sunda,Bandungan

Ilustrasi Bandung Hiji Wanci (Heindry Kurniawan)

YUS R. ISMAIL, ngarang carpon, sajak, novél, dina basa Sunda jeung Indonésia. Carponna pangpangna mindeng dipublikasikeun dina majalah Manglé, Tribun Jabar, Sunda Midang, Galura, jeung Pikiran Rakyat. Carpon na geus ngaratus. Sabada ngobrol jeung C.W. Watson, Yus asa kahatéan pikeun narjamahkeun carpon-carponna kana basa Indonesia.

Lima carponna ditarjamahkeun kana basa Inggris ku C.W. Watson, terus dimuat dina majalah The Malays and Indonesians Worlds jeung buku Miss Maya and other Sundanese Strories (Kiblat, Desember 2014, Lontar 2019). Puluhan bukuna terbit dina basa Indonesia. Tapi dina basa Sunda mah acan hiji-hiji acan, cenah hésé nimukeun penerbitna.

Yus ayeuna nganjrek di Rancakalong (Sumedang).

 

Sastra Sunda:
BANDUNG
HIJI WANCI

HUJAN sapoé sapeuting. Ngecrek. Mimitina mah malah dibarengan angin. Sorana séah kana kenténg jeung tatangkalan. Poé ieu panonpoé sama sakali teu némbongan. Pamajikan ngangluh, popok orok teu nyésa da anu diseuseuh teu gararing. Tapi kuring mah saukur mésem.

Seuri dina haté mah da aya WA ti bos. “Citarum limpas deui. Liput keur berita isuk,” cenah. Biasana mah sok kukulutus. Naha teu nyaho kitu rédaktur téh, apan kuring kakara reureuh di imah téh sajam, hujan siga moal manggih raat, kudu indit deui.

Tapi ayeuna mah boro-boro kukulutus, kalah sura-seuri nu aya. Lantaran aya WA susulan. “Abdi tos di Bandung, nuju ngaliput banjir Citarum.” WA ti Sumbi. Tugas di Jakarta saenyana Sumbi mah. Tapi mindeng ngusulkeun pikeun ngaliput Bandung. Komo lamun Citarum limpas deui, banjir deui.

Meureun kuring jeung Sumbi kaasup wartawan anu lampar ngaliput banjir Citarum. Kungsi mapay Citarum nepi ka sungapanana, nepi ka situ Cisanti. Terus ngobrol, uplek naker, tapi lain ngeunaan banjir.

“Naha urang mani dugi ka dieu, situ Cisanti anu liuh tur wening, mapay-mapay banjir téh?” cenah basa dariuk di sisi situ. Angin ngahiliwir. Cai situ anu wening ririakan.

“Ah, da Akang mah henteu nuju mapay-mapay banjir.”

“Mapay naon atuh mani dugi ka dieu?”

“Mapay haté Sumbi, susuganan aya tempat anu liuh, anu wening, pikeun Akang bumetah.”     

Sumbi imut. “Akang téh bogoh ka abdi?” pokna bari neuteup.

“Nyaah.”

“Muhun, nyaah ka abdi?”

“Pasti. 101%.”

Sumbi seuri. Pokna deui bari ningali ka legana situ, “Percanten. Akang téh tos gaduh istri anu satia, uanggal dinten nyeuseuhan, masak, nyiapkeun sagala kaperyogian carogé. Akang ogé tos gaduh budak, dua urang, nya? Barudak anu keur meujeuhna lucu. Upami kabagjaan rumah tangga siga kitu rido disalingkuh, naon atuh kasebatna salain cinta?”

Kuring neuteup anu keur nyérangkeun duka naon di legana situ. Imat-imutna, panonna lamun keur neuteup, rambutna anu sataktak, ogona, duka kumaha bet hésé nyieuhkeunana. Basa manéhna ngarérét terus imut, kuring beuki anteb neuteup.

“Sumbi ogé cinta ka Akang?” pok téh.

Sumbi imut beuki leleb. Imut anu hésé nuliskeunana, leuwih liuh batan situ Cisanti, leuwih gumuruh batan banjir Citarum.

“Nyaah.”

“Muhun, nyaah ka Akang?”

Sumbi neuteup aya ku leleb.

“Pasti. 102%.”

Kuring seuri. Seuri aya ku ngeunah. “Percanten. Sumbi téh tos gaduh carogé, budak anu keur lulucuna. Gaduh kabogoh ogé saurang pejabat anu tiasa mahugi dollar sabaraha ogé anu ku Sumbi disungkeun. Upami kabagjaan rumah tangga jeung ékonomi saperti kitu rido disalingkuh, naon kasebutna salain cinta?”

Sumbi nyiwit. Kuring gancang nyepengan jarijina, ngarames lalaunan, tuluy dibetot bari ditangkeup.

Tilu bulan katukang. Kajadian éta téh tilu bulan katukang. Untungna usum ngijih masih acan lekasan. Banjir masih terus kajadian. Kasempetan paduduaan jeung Sumbi masih babari diusahakeun.

***

KASEDIH jeung kapeurih jadi biasa. Ningali pakampungan kakeueum di Cieunteung, jalan lumpuh sapanjang Dayeuhkolot, anu ngungsi kalantar di tenda-tenda jeung balé desa; jadi biasa unggal ngijih datang. Komo deui apan ayeuna mah di mana-mana di sabudeureun kota Bandung, banjir bisa waé kajadian. Ciwastra, Gedébagé, Cicadas, Kopo, Pasteur, Palasari, lamun hujan téh bisa jadi banjir.

Kuring saukur ningali, nyatetkeun, motrét, bari henteu ngarasakeun kasedih jeung kapeurihna. Ku biasa téa. Ongkoh deui pikiran jeung rasa téh mindeng kapéngkolkeun ku Sumbi. Tapi Sumbi henteu aya di posko-posko. Hp-na henteu aktip. Di luareun anu katepi ku sinyal.

Isukna kuring nongkrong di Timbel Umi. Warung sederhana di sisi Citarum anu henteu kakeueum banjir. Warung biasa tempat kuring jeung Sumbi jangjian. Cai walungan ngaguruh. Tarik bari ampir nepi kana jembatan gantung. Anéh. Aya parahu apung-apungan luhureun cai. Talina nganteng ka jembatan. Tali leutik moal leuwih ti kabel buleud. Naha henteu sieuneun pegat? Saurang lalaki nangtung dina parahu, nyairan runtah anu apung-apungan jeung anu ngahalangan laju cai.

“Henteu aya anu terangeun saha manéhna téh. Tos sababaraha dinten ngaitan runtah badag anu ngahalangan cai. Ituh apan di sisi walungan, aya dahan kai, ranjang ruksak, lomari urut, kasur butut. Dibetotan ku manéhna mah. Henteu aya anu apaleun, da teu acan aya anu sanggem ngajak nyarios,” ceuk anu di warung.

Hp disada. “Tambahan laporan banjir téh ku profil anu aya di sabudeureun banjir. Meunang saha waé ogé. Korban, sukarélawan, anu dagang, atawa saha waé.”

Ti redpel.

Anéh kuring bet atoh. Henteu kutuk-gendeng saperti biasa. Ti tadi aya jorojoy hayang nulis profil lalaki tengah tuwuh anu ngabetotan runtah Citarum.

Kuring gogorowokan ti sisi Citarum. Tapi anu di tengah walungan téh haré-haré. Da ceuk sasaha ogé henteu bisa diajak nyarita, kuring nungguan di warung. Soré beuki ngolotan. Wanci sandékala kuring milu ka jamban da henteu kuat ditahan ti tadi. Enya waé, basa kuring kaluar ti jamban, lalaki anu di tengah walungan Citarum téh geus euweuh.

“Enjing mah duka ka dieu duka moal. Tapi da sok aya anu mendakan di tempat anu kabanjiran,” ceuk si ibu anu jaga warung.

Siga anu aya sinyal, isukna bet hayang ka Ciwastra. Hujan ti subuh kénéh. Enya waé, lalaki tengah tuwuh téh keur ngabetotan runtah paranjang anu nyocokan got. Mobil ngajajar. Macét. Motor malah henteu bisa laju lantaran cai tarik jeung jangkung.

Bandung geus dikepung banjir. Henteu sakadar Bojongsoang, Balééndah, Soréang, anu langganan banjir. Tapi ka tengah kota, malah nu tadina henteu kabayang banjir ogé saperti Pasteur, Cipaganti, Setiabudi, bet aya anu kakeueum cai. Naha manéhna bakal ngadatangan sakabéh tempat anu kabanjiran?

Beurangna kuring ningali lalaki tukang runtah téh keur ngakutan batu, nambalan logak di jalan Kiaracondong. Di jalan kota gé logak-logak mah aya waé. Kamari cenah aya anu cilaka basa banjir aya kana 20 céntina. Keur mah caina tarik, logak téh henteu katingali. Anu tumpak motor tijuralit.   

Kuring saukur nyérangkeun ti kaanggangan. Sabada nambal logak réngsé, lalaki tengah tuwuh téh ngaléos duka rék ka mana. Kuring nuturkeun, sakapeung motrétan. Di jalan Laswi anu pinuh ku patalimarga, lalaki tukang runtah téh nyampeurkeun anu keur ngagolér di halteu kosong. Lain korban kacilakaan sigana nu ngagolér téh. Lain ogé anu jajaluk. Andar-andar dadakan sigana mah. Si tukang runtah muka tasna, ngaluarkeun botol cai, terus diinumkeun.

Bet muringkak nyérangkeun kalakuanna. Enya, duka ti iraha mimitina di Bandung bet réa andar-andar. Leumpang ka ditu ngajajah ka dieu. Henteu puguh tujuan. Sakapeung kurah-koréh kana tempat runtah, atawa ngajanteng nyérangkeun anu keur cacamuilan di rumah makan, lamun maranéhna ngarasa lapar. Lamun tunduh, capé, atawa boa teu kuat deui nahan lapar, ngagalolér di mana waé.

Lila-lila jadi biasa ningali anu kitu téh. Enya meureun nagara téh keur krisis. Duka lantaran sasalad, duka lantaran léntah anu nyedot kakayaan nagara, korupsi téa, balatak di mana-mana, teu aya usumna. Enya, apan ningali andar-andar kalotor-darekil asruk-asrukan henteu puguh padumukan henteu puguh baranghakan, henteu matak kaganggu. Maksud téh, kaganggu haté. Apan karéréanna mah miceun runtah ogé padu lung waé, henteu paduli banjir saméter-dua méter, runtah numpuk nandingan Tangkuban Parahu ogé; asal di imah sorangan lalening, alasri, sareungit.

Lamun maranéhna, andar-andar téa, tungtungna maot di jalan, kumaha? Ceuk sobat anu apal, tinggal dibawa ka rumah sakit. Keur urang, mayit maranéhna leuwih aya hargaan batan keur hirupna. Mayit mah bisa jadi bahan panalungtikan, bahan diajar calon dokter, henteu haratis éta téh. Tapi kunaon pangna maranéhna maot? Katirisan, ku panyakit atawa boa kalaparan? Saha anu di jero haténa masih sanggup nanya siga kitu?

Anu muriding téh henteu daék ilang. Puguh atuh, anu pikakeueungeun téh lain ngadupak kana punduk, tapi kana haté. Rarasaan téh aya anu salah. Aya anu salah dina hirup kumbuh sapopoé. Pipikiran jeung rarasaan kuring meureun anu salah. Atawa kota, nagara, henteu engeuh kitu ku rasa salah. Bandung dikepung macét. Usum ngijih langganan banjir. Halodo waktuna hésé cai beresih. Ayeuna, bet aya andar-andar anu duka ti mana datangna. Pastina tina sesela kasalahan anu henteu karasa.

Soré beuki reupreupan. Reuwas basa ngawaskeun deui ka halteu kosong. Horéng lalaki tengah tuwuh tukang runtah téh geus euweuh. Andar-andar téh nyorangan, nyarandé kana tihang halteu. Seuri sorangan. Ngomong sorangan. Gigireunana aya roti jeung botol cai. Ka mana si tukang runtah?

“Kaula mah di dieu, gigireun manéh. Kunaon bet nunutur kaula?”

Ngarénjag anu puguh mah. Tapi gancang nenangkeun diri. “Saenyana mah kuring hayang wawancara. Kuring téh wartawan. Naha anjeun ngalakukeun kitu?”

“Kalakuan anu mana?” Kalah malik nanya.

“Ngadudutan runtah, nulungan andar-andar, nambal lombang....”

“Kaula téh nyaah ka Bandung.”

“Naha?”

“Pikeun nebus dosa. Baheula mangsa keur rumaja, kaula téh kagégéloan ku asmara. Kapetik ati kapentang asmara anu rohaka. Henteu aya nanaon deui di dunya ieu téh salain cinta kaula. Terusna kaula rido ancur-lebur batan nandangan kanyeri dihianat. Tapi terusna kaula mujasmedi, sidakep sinuku tunggal. Aya ilapat, cinta kaula anu salah. Keur nebus cinta anu salah éta....”

Beuki aya anu muriding dina awak. Cinta anu salah?

“Cinta mah leuwih kuat batan sajuta buta. Cinta ka wanita. Cinta ka harta. Cinta ka tahta. Cinta ka kulawarga ogé. Lamun karasa ngaguruh saperti banjir Citarum, mundur pikeun tapakur, saha anu nyaho cinta téh salah....”

Aya WA disada kana hp. Ti Sumbi. “Abdi moal cios ka Bandung, Kang. Masih di perjalanan jurnalistik. Ngabaturan si Bapa Pejabat study banding ka Pataya hehe. Entong timburu nya. Uihna pasti aya oléh-oléh.”

Jéngkél maca WA téh. Tapi lain jéngkél timburu. Ieu mah jéngkél ka diri sorangan. Cinta téh meureun salah.

“Tapi Pa, nyaah ka Bandung apan...,” ceuk kuring nuluykeun wawancara. Dilieuk téh si tukang runtah geus suwung. Manéhna geus di peuntas jalan. Kuring ngagorowok.

“Pa, saha nama Bapa téh?”

Manéhna malik. Tuluy gugupay. “Sangkuriang...!” Sorana handaruan, nyaingan gumuruh hujan jeung kandaraan anu rusuh.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Di Purwakarta Belesong, di Tasik Lodong

Bandungan Senin, 17 Mei 2021 | 16:00 WIB

Ngabuburit jeung Mapag Lebaran di Purwakarta jeung Tasik.

Bandung Baheula - Bandungan, Di Purwakarta Belesong, di Tasik Lodong, tradisi bermain lodong,Lodong,belesong,belesong purwakarta,lodong tasik,ngabuburit di Purwakarta,ngabuburit di tasik

Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI

Bandungan Sabtu, 15 Mei 2021 | 09:05 WIB

Tali peti anu ceuk pangrasana geus pageuh ditalikeun kana palang dada, singhoréng talina pegat kabawa tanaga cai nu nyéo...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI, cerpen Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Ai Wawang,Carita pondok,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,carpon

IDULFITRI

Bandungan Rabu, 12 Mei 2021 | 17:27 WIB

Poho kana protokol kaséhatan. Sabab, kébeh hayang ngarayakeun Idulfitri.

Bandung Baheula - Bandungan, IDULFITRI, fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini bahasa sunda,cerita  pendek sunda,Carpon Sunda,fiksimini dudung ridwan

Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib

Bandungan Senin, 10 Mei 2021 | 13:47 WIB

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen.

Bandung Baheula - Bandungan, Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,fiksimini dudung ridwan

Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN

Bandungan Sabtu, 8 Mei 2021 | 06:11 WIB

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé ca...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,cerita pendek Yus R. Ismail,carpon,Carpon Sunda,carpon yus r. ismail,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu
dewanpers