Ngadagoan Karéta Léwat di Viaduk Bandung

sejarah jalan viaduct bandung (Youtube)
BANDUNG, AYOBANDUNG. COM -- Lamun nyaba ka Bandung, tuluy kabeneran naék motor ngaléwat ka Jalan Viaduk, kuring mah sok hayang cicing heula palebah dinya téh. Sok ngareup-ngareup, jol karéta api léwat.
Jeung atuh di Viaduk mah loba téténjoeun—pamandangan nu aréndah. Kahiji, jambatan karéta api di luhur jalan—komo lamun pas aya karéta api ngaléwat mah, malum deukeut ka stasiun, panon téh asa mumul ngiceup satungtung karéta api can ngiles na tuntung panon mah. Sorana khas, ngaguruh.
Di handapna Jalan Viaduk nyambungkeun Jalan Suniaraja ka jalan Braga. Ka béh luhur ngulon ka Jalan Kebon Jukut nu tuluy ka Stasiun Bandung atawa Gedung Pakuan. Ka béh luhur ngétan ka Jalan Péta nu bras ka Balé Kota.
Mun poé Minggu isuk-isuk, Masjid Persis palebah dinya sok ngayakeun pangajian subuh. Bakat ku loba, jamaahna teu katampung di jero masjid. Atuh ngaluber ka jalan. Motor palarkir sisi jalan. Eh, duka teu ka tampung, duka memang hayang ngadangukeun caramah di luar bari ningali pamandangan.
Ka béh luhur ngulon, aya Patung Laswi jeung Tentara Pelajar, aya Monumén Lokomotif, aya Kantor PT KAI nu arsitékturna kelasik, jeung aya Gedung Indonesia Menggugat nu boga sajarah panjang. Di handap aya walungan Cikapundung nu meulah Kota Bandung. Caina ngalir ka kidul najan teu beureusih.
Kusabab pamandanganna alus, Viaduk ieu dijadikeun salah sahiji tempat syuting sinétron “Preman Pensiun”. Tapi, hanjakal dina sinetron ieu, Viaduk jadi markas tempat ngariungna tukang copet Bandung, “Saéf Saparakanca”. Bisa jadi heueuh, saméméh dialus-alus ku pamaréntah kota mah, Viaduk ieu baheulana tempat markasna copét.
Viaduk atawa viaduct mangrupa tihang (kolom) jambatan nu jarakna padeukeut. Kecap viaduct asalna tina basa Latin nu hartina ‘ngaléwatan jalan pikeun ka hiji arah”. Viaduk mangrupakeun tempat di Bandung nu di luhurna jambatan karéta api, di handapna jalan, di handapna deui walungan Cikapundung.
Di Bandung, Viaduk aya dua. Nu kahiji kuloneun Stasiun Bandung di Jalan Pasirkaliki. Nu kadua, di wétaneun Stasiun, nyaéta Jalan Viaduk nu dicaritakeun tadi.
Viaduk nu kahiji di Pasirkaliki diwangun taun 1890-an. Nu kadua, di Kebon Jukut diwangun taun 1939. Viaduk di Kebon jukut nu kasohor mah. Malah geus jadi landmark Kota Bandung.