web analytics
  

Patukangan dina Basa Sunda

Senin, 8 Maret 2021 15:07 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Patukangan dina Basa Sunda, istilah patukangan bahasa sunda,profesi bahasa sunda,patukangan dalam bahasa sunda,patukangan,Bahasa Sunda

Kamus. (Unsplash.com/Sharon McCutcheon)

LENGKONG, AYOBANDUNG.COM – Basa Sunda mah beunghar ku kecap. Propési satiap jalma boga ngaran séwang-séwangan.

Tah, dina basa Sunda mah propési éta téh disebut “patukangan”, nyaéta ngaran-ngaran tukang dina basa Sunda atawa ngaran-ngaran jelema anu miboga kaahlian khusus.  

Geura, Ieu aya sababaraha patukangan jeung conto dina kalimahna.

amil, lebé = Tukang uras urus nu aya patalina jeung agama di désa. Kulawarga pangantén reugreug, amilna geus datang.

anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh tuluy dibeuleum. Hasil pagawéanna disebut gararabah. Paléréd mah puseurna garabah. Loba anjun nu pinter nyieun garabah.

badaya = istri tukang ngibing di karaton atawa di kabupatén. Baheula mah méh di unggal kabupatén di Pasundan aya badaya.

baramaén = tukang jajaluk, tukang punta pénta atawa musapir. Tukang ngider baramaén biasana tanpadaksa.

bas = tukang nyieun imah. Dibas-an ku saha nyieun imah téh?

béngkong = tukang nyunatan. Alus atuh arti béngkongna Mantri Jajang mah?

bujangga = tukang ngarang atawa pinter tulas-tulis. Biasa ogé disebut sastrawan.
Karanganna lir ibarat meunang bujangga. Mani alus pisan.

candoli = awéwé tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun dina kariaan. Lamun ayeuna mah disebut patugas hajat. Keur mah gareulis, para candoli rarikat. Sangu béak geuwat dieusian deui.

dalang = Tukang ngalakonkeun carita wayang. Dalang Asép ti Jelekong kasohor ti baheula.

gending = tukang nyieun tatabeuhan saperti gamelan tina kuningan. Biasana para gending nyieun gamelan téh bahanna tina kuningan.

hareupcatra = ahli masak. Céf. Saha hareupcatra hajatatan di Haji Oyo téh?

indung beurang: paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok. Geura susul indung beurang. Ma Edoh geus karasa, rék ngajuru.

Kabayan = tukang ngajaga  paséban (baheula). Tukang ngaladénan dina hajatan (ayeuna). Ngabayan jadi tukang ngaladénan. Mun awéwé mah candoli. Réa nu nyangka yén baheula aya jelema nu lampahna matak seuri. Ngaranna si Kabayan. Ayeuna réa kacida dongéng-dongéng Si Kabayan. Jelema nu nyieun pikaseurieun (api-api bodo) sok disebut si Kabayan.
Keur mah gareulis, para candoli jeung kabayan rarikat. Sangu atawa dahareun béak geuwat dieusian deui.

Kajineman = tukang ngajaga sakitan atawa tahanan. Dina basa Indonésa mah katelahna sipir. Tong wani-wani ti pangbérokan éta, kajinemanna garalak.

kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas. Bawa emas téh ka kamasan. Ngagenclang deui geura.

kuncén = tukang ngurus kuburan. Dina basa Indonésa mah katelahna sipir. Saméméh asup ka pakuburan éta hadéna ménta ijin heula ka kuncén.

kusir = tukang narik délman. Kusir Tatang geus ngalewat encan?

legig = tukang ngasruk di pamoroan. Sok, para legig tiheula geura ngasruk ka leuweung.

lopor = nu nangtung dina titincakan karéta (di tukangna), sarta sok lumpat kana kuda karéta, lamun karéta rék dieureunkeun. “Legig, buru ka hareup. Kuda rék dieureunkeun!” ceuk kusir.

malim = tukang nalukkeun sasatoan. Basa Indonésa: Pawang.
Si Panji mah da malim oray. Oray sakumaha galakna ge takluk.

maranggi = tukang nyieun sarangka keris. Koteks sejen: ngaran dahareun tina daging. Keris téh geus jadi. Ngan sarangkana keur dijieun kénéh ku maranggi.

masinis = supir karéta api.
Masinis geus ngaharungkeun mesin karéta na. Moal lila deui karéta ka Bandung mangkat.

merbot = tukang ngurus (kabersihan) masjid, nakol bedug, sarta matuh di masjid. Basa Indonésa: Marbot. Masjid ieu mah barareusih, laleuning, da merbotna rajin.

minatu = tukang ngalicin atawa nyeuseuh pakéan. Ari teu sanggup mah dipigawé sorangan, bikeun atuh ka minatu.

nayaga = tukang nabeuh gamelan. Nayaga geus mimiti nabeuh gamelan.

nyarawédi = tukang ngagosok permata. Alat gosokna disebut sarawédi.
Loba nu teu apal tukang ngagosok permata téh disebut nyarawédi.

pakacar = juru ladén di nu kariaan. Patugas nu ngaldénan dina hajatan.
Piring nu kalotor geuwat dibawaan ku pakacar sangkan gancang dikumbah.

palatuk = jalma purah méré iber heulaeun rombongan pangagung. Patugas nu mere warta panheulana yen rombongan tamu geus datang. Biasana dina hajatan.
Soksok geura siap-siap! Bieu palatuk geus mere iber tamu moal lila deui datang.

palédang = tukang nyieun barang tina tambaga. Salah sahijina seeng.
Urang  Cikalang mah ampir sakampung jadi palédang, tukang nyieunnan seeng tina tambaga.

palika = tukang teuleum. Teuleum di walungan bari ngala lauk.
Palika mah teu siga nu eungapeun. Manglila-lila teuleum bari ngala lauk.

pamatang = tukang moro nu ngagunakeun tumbak. Asalna tina kecap batang. Baheula mah moro sato teh ngagunakeun tumbak. Kang Kardi mah pamatang kasohor. Morona sok bebenangan wae.

panday = tukang nyieun parabot tina beusi. Beusi dipanaskeun dina seuneu. Terus ditakolan dijeun péso, bedog, kampak jsb. Ku panday mah beusi sakitu teuas ge siga nu hipu.

pandérésan = tukang nyadap kawung. Hasilna dijieun lahang atawa gula kawung.

paninggaran = tukang moro maké bedil. Béda jeung pamatang nu moro maké tumbak. Ningali paninggaran mah moro sato téh asa gampang.

paraji = tukang ngabantu anu ngajuru. Susul paraji. Ma Onah geus karasa. Rek ngajuru.

Sarati = tukang nalukkeun gajah. Pawang gajah. Gajah sakitu badagna ari ku sarati mah diutah étah gé nurut wé.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Ngabuburit ka Pasar Manuk Sukahaji, Asa Pelesir ka Kebon Binatang

Bandungan Senin, 19 April 2021 | 12:15 WIB

Kakara gé jrut turun, geus disamperkeun ku nu nawaran manuk.

Bandung Baheula - Bandungan, Ngabuburit ka Pasar Manuk Sukahaji, Asa Pelesir ka Kebon Binatang, Pasar Burung,Pasar Burung Sukahaji,ngabuburit ka pasar burung sukahaji,jual beli burung di pasar sukahaji

Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN

Bandungan Sabtu, 17 April 2021 | 09:49 WIB

“Tos ti wangkid ayeuna mah tong aya Nina di dieu, Kang. Urang nataan deui kahirupan anyar.”

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN, Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,cerita pendek nina rahayu nadea,Carpon Sunda,Bandungan

Dongéng Nasruddin Hoja: Jumaahan Poé Kemis

Bandungan Jumat, 16 April 2021 | 09:59 WIB

“Naha Juma’ahan? Pan ayeuna kakara gé poé Kemis? Isuk Juma'ahan mah.” Baturanna ngarasa heran.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Jumaahan Poé Kemis, dongeng nasruddin hoja,Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja salat jumat hari kamis

5 Macem Korma. Cocok Kanggé Ta’jil

Bandungan Kamis, 15 April 2021 | 14:59 WIB

Korma di Indonésa lolobana didatangkeun ti Timur Tengah.

Bandung Baheula - Bandungan, 5 Macem Korma. Cocok Kanggé Ta’jil, Jenis kurma,Macam kurma,khasiat kurma,kurma,kurma Ajwa

Méngbal Huhujanan

Bandungan Rabu, 14 April 2021 | 15:20 WIB

Isukna, kuring ningali Ema keur ngaberesihan baju kotor jeung sapatu urut kuring méngbal.

Bandung Baheula - Bandungan, Méngbal Huhujanan, Fikmin Sunda,Fiksimini Sunda,ceritap pendek sunda,Carpon Sunda

BULAN DI JERO SUMUR

Bandungan Selasa, 13 April 2021 | 05:52 WIB

Ngagebeg, naha bet aya bulan di jero sumur? Deudeuh teuing, bulan geus tikusruk ka sumur.

Bandung Baheula - Bandungan, BULAN DI JERO SUMUR, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja dan bulan di dalam sumur,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda

Kolek Cau, Bala-Bala, jeung Asinan Ménu Wajib Buka Puasa

Bandungan Senin, 12 April 2021 | 15:34 WIB

Bulan puasa teu bisa dipisahkeun ti nu ngaranna ta’jil. Biasana mah kadahareun nu amis-amis, ti mimiti korma, céndol, si...

Bandung Baheula - Bandungan, Kolek Cau, Bala-Bala, jeung Asinan Ménu Wajib Buka Puasa, Kolak Pisang,Gorengan,bala-bala,asinan sayuran,makanan khas ramadan,Tiga makanan khas Ramadan

Sastra Sunda: RT IDUN

Bandungan Sabtu, 10 April 2021 | 06:11 WIB

KANG IDUN ngalempréh teu walakaya. Beurat awakna tuluy nyirorot. Awakna nu baheula seseg.

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RT IDUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Sunda,Carpon Eryandi Dahlan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Bandungan

artikel terkait

dewanpers