Samboja Jepang, si Béké Lucu, Éndah Kembangna

Samboja/Kamboja Jepang (Istimewa)
LENGKONG, AYOBANDUNG.COM – Tangkal samboja jepang kiwari keur ngetrénd, ibu-ibu loba nu naréangan, hayang mikaboga. Rék teu ditéangan kumaha da bentukna béké, unik, imut, jeung lucu—sapintas siga tangkal bonsai.
Hanjakal, ceunah tangkal samboja jepang ieu rada ngedul kembangan. Tapi, sakalina kembangan, tangkal nu kaasup famili Apocynaceae ieu, kembangna éndah pisan. Warna kembangna maléncrang. Kembang samboja asli na mah léwat.
Ngaranna samboja jepang sotéh da asalna mah lain ti Jepang. Habitatna aslina di dataran kering di Asia Barat jeung Afrika. Di ditu na mah disebutna Ros Padang Pasir (Inggris: desert rose).
Eh, sanajan ngaranna samboja, euweuh gantar kakaitan jeung tangkal samboja nu sok loba di kuburan.
Samboja jepang sok disebut ogé Adenium sabab sajarahna tangkal ieu loba hirup di Aden (Ibu kota Yaman).
Kunaon ceunah tangkal samboja jepang alias Adenum sok disebut kedul kembangan, komo mun keur usum hujan? Ah, éta mah sabenerna nu ngarawatna kedul. Loba ogé jinis samboja jepang nu remen karembangan sanajan keur usum hujan.
Loba paktor nu ngalantarankeun ngedul atawa remenna samboja jepang kembangan. Umpamana alatan pot atawa media tanamna. Ogé kudu diperhatikan dina cara milih jinis samboja jepang atawa Adenium nu bener-bener pas.
Loba jinis samboja jepang nu teu ngedul kembangan, nyaéta: Adenium triple blue; Adenium pioneer; Adenium rainbow;Adenium pepito; Adenium sup som boom; Adenium good luck; Adenium sun hallo; Adenium sale da.