Nini Antéh jeung Sangu Sésa

Bulan (Pixabay)
UNGGAL poé, tara loba nyangu téh. Tapi, anggeur sok nyésa. Aya wé budak nu sok tara dahar di imah, komo nu dua mah da geus garedé.
Unggal poé sésa sangu sakérésék leutik. Asa nyaah. Dibikeun ka tatangga da barogaeun. Jeung bisi disebut ngahinakeun deuih.
Atuh si kérésék téh digantungkeun dina dahan tangkal jambu hareupeun imah. Susuganan wé aya nu butuheun. Jang hayam atawa éntog.
Digantungkeun isuk-isuk, beurang aya kénéh. Magrib ngagantung kénéh. Tapi, isukna geus teu aya. Hartina dicokotna peuting.
Panasaran, saha nu sok nyokotna?
ayo baca
Hiji peuting teu saré, kuring noong tina jandéla. Tepi ka tabuh 12 mah can aya. Tabuh hiji kakara aya. Rentang-rentang ngadeukeutan tangkal jambu. Meni rewas, ih geuning nini-nini. Siga Mak Lampir, mawa iteuk. Kérésék dicokot terus leumpang ka kulonkeun.
Ngawani-wani manéh kaluar imah, hayang nyaho ka mana jigna.
Bulan buleud. Caang baranang.
Ditingali, éta nini-nini téh terus leumpang nuturkeun bulan. Naék ka bulan. Muka kérésék di bulan.
artikel terkait