Dalang Wayang Golék Saméméh “Dinasti" Dalang Sunarya

Pagelaran wayang golek. (Ayobandung.com/Rhamdani)
LENGKONG, AYOBANDUNG.COM – Dina jagat padalangan wayang golék, saha nu teu apal ka “dinasti" dalang Sunarya ti Jelekong, Kabupaten Bandung? “Dinasti" dalang Sunarya bisa disebut heubeul sabab geus ngahasilkeun lima generasi dalang.
Lamun diukur ku taun, kajayaan Dinasti Sunarya geus lumangsung kira-kira 3/4 abad. Eta lamun diukur ti mimiti kawentarna Ki Dalang Abah Sunarya. Ceuk antropolog ti Prancis, Sarah Anais Andrieu, Abah Sunarya nu kawentar taun 1940-an guguru ngadalang ka bapana, Abah Juhari, ti Manggahang.
Sanggeus Abah Sunarya, Dinasti Sunarya diteruskeun ku para putrana, incu, jeung buyutna. Tina salapan putra Abah Sunarya, ceuk Sarah dina buku Raga Kayu, Jiwa Manusia, lima di antarana jadi dalang, nyaéta: Ade Kosasih Sunarya, Nanih Kurniasih Sunarya, Asep Sunandar Sunarya, Iden Subasrana Sunarya, jeung Suganjar Sunarya.
Boh ti Abah Juhari langsung atawa ti para putra Abah Sunarya, lahir generasi dalang anyar nu beuki nguatkeun Dinasti Sunarya. Ade Kosasih umpamana, boga anak dalang nyaéta Deden Ade K. Sunarya jeung Adi Konthea K. Sunarya. Samentara Asep Sunandar Sunarya ogé boga anak ny jadi dalang ogé nyaéta Dadan Sunandar Sunarya jeung Yogaswara Sunandar Sunarya.
Masih ti katurunan Abah Sunarya, aya deui dalang Iwan Rudiana Sunarya, Dede Candra S. Sunarya, Kiki Mardani S. Sunarya, Kanha, Raden, Zacky, Rahmat Sunano Sunarya, Muhammad Wisnu, Rudy, Tresna, jeung Raka Albari Sunarya.
Sajarah Wayang Golék di Jawa Barat
Ceuk Sarah anu nyutat ti Atik Soepandi sarta ti buku Asal-usul Dalang dan Perkembangan Wayang di Jawa Barat, wayang golék mimitina muncul ti ide Bupati Bandung Dalem Karang Anyar Wiranatakusumah III.
Ceunah di taun 1845, Wiranatakusumah III maréntahkeun ka tilu dalang ti Tegal jeung Pekalongan sangkan nyiptakeun sajinis wayang anyar jang pagelaran purwa.
Tilu dalang éta boga tugas séwang-séwangan. Ki Dalang Darman boga tugas nyieun wayang tina kai, Ki Dalang Surasungging boga tugas nyiapkeun gamelan jeung sagala rupana. Nu terahir, Ki Dalang Dipa Guna nu ditugaskeu jadi dalangna. Ceunah, pagelaran éta bakal dintongton ku para bupati.
Pagelaran munggaran laksana tap, can sampurna. Bupati Bandung Wiranatakusumah IV nyoba nyampurnakeun. Harita, Bupati Bandung manggil Ki Anting sina ngadalang ku basa Sunda méh nu lalajo ngalartieun. Samentara dalang Brajanata, murid Ki Anting, ngahaluskan gerak-gerak jeung ekspresi-ekspresi wayang golék.
Dalang Wayang Golék Saméméh “Dinasti Sunarya”
Saméméh Dinasti Sunarya maneuh, di Bandung Raya kacatet aya 22 dalang nu geus kawentar. Tina 22 éta téh can kacatet dalang nu sepuh atawa dalang nu can sohor mah. Katerangan eta ceuk R. Moech. A. Affandie, pangang buku Bandung Baheula, nu tulisanna dimuat di koran Sipatahoenan taun 1930-an. Para dalang éta mun dipaluruh ngarah ka dalang Persoet jeung Sawat.
ayo baca
Persoet jeung Sawat hirup di jaman nu sarua. Bédana, Persoet mah mahir tari topéng, biasa ngadalang di hareupeun para Kanjeng Dalem di lingkungan kabupatén. Persoet bisa disebut dalang “kukutan” Kanjeng Dalem. Nya kitu matakna disebut Dalang Dalem gé.
Persoet boga anak tilu nu tiluannana jadi dalang kawentar. Nu kahiji, Kontja alias Bapa Edje, jadi dalang di Wanayasa. Nu kadua, Pidjer alias Bapa Mendo, jadi dalang di Purwakarta. Nu pamungkas, Rintjig alias Bapa Rasmiah, jadi dalang di Purwakarta.
Samentara Bapa Sawat mah biasa ngadalang di luar lingkungan pendopo. Sawat boga murid nu ngaranna Bapa Anting. Bapa Anting ieu boga murid Soewandaatmadja. Sanggeus naek haji, dalang Soewandaatmadja kasohor pisan disebut H. Makboel.
Tah, ieu 22 dalang nu kakoncara di Bandung Raya téh: Soekatma, Soehaja, Partasoewanda, Goenawan, Atmadja ti Cigebar nu ngadalangna sok ngabodor waé, jeung Emon ti Sukajadi nu kasoshor alatan téma nu disampaikeunna hadé. Tuluy, Oewar (Sukajadi), Tarjat, Apek, Oendjoeh, Elan (Soekar Moeda), Oesro, jeung Takrim (Cibiru). Takrim téh amal dalang Arsip sakaligus guru ti dalang Oening di Rancaékék. Takrim kasohor parigel ngamaékeun wayangna.
Dalang lianna, Oening (Rancaékék), Soeradi (Padalarang), Rasta (Leuwigajah), R. Imbo (Cisondari), jeung Soemirta (Banjaran). Soemirta téh murid dalang Rentang. Samentara Rentang anakna Soera, murid Bapa Sawat. Dalang Artadja (Ciparay), Empong (Kiaracondong), Ading (Leuwigajah), jeung dalang Anda.
Katurunan Dalang Bapa Sawat
Katurunan Dalang ti Bapa Sawat, ngalahirkeun loba dalang sanajan euweuh “hubungan darah”. Dalang Soewandaatmadja misalna, jelas-jelas lain katurunan Sawat. Pédah éta wé Sawat nyobat jeung bapana Soewandaatmadja nu ngaranna Abdoelgapoer. Ti Soewandaatmadja muncul kurang leuwih 11 dalang.
Ka-11 dalang éta, nyaéta Emad nu jadi dalang di Pamanukan, Subang. Salian dalang, Emad mahir tari topéng; Tuluy, Soera Soengging. Soera téh anakna dalang Soeradi ti Padalarang; Sastra Oesa (ngadalang ngan sakedeung da kaburu maot); R. Djaja Ateng ti Cisondari (bapana dalang R. Imbo); jeung Moertamad (guguru tapi teu nepi ka réngsé). Moertamad boga murid nu jadi dalang ngaranna Atmadja (Cigebar); Oesro, jeung Omo (Tarjat).
Dalang lainna, dalang ti Cililin nu ngaranna Aksan (bapana dalang Emon ti Cipaganti); dalang Cimahi Arsidjan; Adimaoen; Noerhadi (Cibantar); Isra (Sukabumi). Isra boga murid jadi dalang nu ngaranna Oedjang (Bogor); Soekatma (Cipatat); jeung Entah. Pamungkas, dalang Soekatma di Bandung. Soekatma boga murid nu jadi dalang ogé ngaranna Soehaja; Oemar alias Partasoewanda; jeung Herman (Goenawan).
Baca oge: Bandoeng Baheula: Dalang Wayang Golek Sebelum Dinasti Sunarya
ayo baca