web analytics
  

Misteri Sripanggung

Sabtu, 27 Februari 2021 06:35 WIB Aan Merdeka Permana
Bandung Baheula - Bandungan, Misteri Sripanggung, Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Bandungan,seni dan budaya sunda,Aan Merdeka Permana

Ilustrasi carpon Misteri Sripanggung. (Arsacadipura)

Aan Merdéka Permana kaasup sastrawan Sunda senior nu ngahususkeun nulis dina téma sajarah. Kang Aan lahir 16 November 1950. Nulis dina basa Sunda jeung Indonésa.

Mimiti ngarang ti umur SMP. Carpon "Sum" kapilih ku Yayasan Lontar Jakarta pikeun ditarjamahkeun kana 4 bahasa internasional. Taun 2005 novélna Senja Jatuh di Pajajaran kungsi jadi carita nyambung di Pikiran Rakyat.

Taun 2009, novél sajarahna Sasakala Bojong Emas meunang Hadiah Samsudi ti Yayasan Rancagé. Taun 2009 novélna Perang Bubat: Tragedi di Balik Kisah Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka dipedalkeun ku Penerbit Qanita (Mizan) Bandung.

 

SASTRA SUNDA:
Misteri Sripanggung

Ciwidey, 1923

Juragan Soebagdja inditna ti Hoofbiro Bandoeng muru Ciwidey téh kana karéta api. Karéta api téh jenis kandaraan anyar anu nepungkeun Kota Bandung jeung wewengkon pasisian Bandung tebéh kidul.

Karéta api Bandung-Ciwidey kakara dibuka taun 1921 sabab pamarétahan kolonial butuh jenis angkutan murah keur ngakutan walirang, entéh, jeung daun tarum ti wewengkon Ciwidey. Lamun diakut kana roda padati, hargana kawilang mahal. Itungan 15 sén tiap beuratna saton, dina jaman harita kaasup mahal.

Hiji-hijina cara sangkan ongkos ngakut karasa murah, saupama ka Ciwidey ogé dibuka jaringan karéta api. Ku jenis angkutan massal mah, ongkos bisa diteken sangkan karasa murah.

Dina émprona, karéta api ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngakut panumpang jalma, sanajan can tangtu keur ngakut masarakat kuricakan. Gerbong panumpang ukur bisa dipaké ku kalangan ménak, boh ménak bangsa Belanda boh ménak bangsa pribumi.

Lamun mah aya rayat kuricakan anu bisa unggah kana karéta, lain diuk di gerbong panumpang, tapi anjeucleu dina tumpukan batu walirang dina gerbong barang. Kitu gé nu diutamakeun mah buruh akut barang, sabab dina naék jeung nurunkeun barang, nya ku para kuli.

Juragan Soebagdja mah geus asup kalangan ménak. Manéhna urang Dayeuh Bandung, digawéna jadi penyelidk di Kepolisian Kolonial. Kangaranan ménak, nya dina karéta gé diukna di gerbong panumpang. Ongkoh da masing mahal gé pan biaya nagara sabab nyabana ka Ciwidey téh dibiayaan ku nagara, maksudna ku pamaréntahan kolonial Belanda.

Juragan Soebagdja ti Bandung ditugaskeun ka Ciwidey pikeun nalungtik hiji perkara. Bisa mangrupa perkara anu biasa, bisa ogé disebut teu biasa.

Disebut perkara biasa, da geus teu anéh lamun patugas kapulisian nalungtik jalma leungit mah. Komo lamun leungitna aya dugaan dibinasa ku jalma jahat.

Tapi bisa ogé disebut perkara teu biasa, sabab kronologi kajadianana jiga kabireungeuh ruwet.

Kieu. Nyi Suminar, umur 23 taun, leungit teu pupuguh. Leungitna pédah naon, acan kabuka sacara jelas.

Upas Ciwidey, nya upas téh mun ceuk ayeuna mah pulisi, ngalaporkeun ka Pusat yén hiji wanoja geulis anu profesina salaku pamaén sandiwara Sunda, geus ngiles. Ngilesna acan kanyahoan sacara jelas. Disebut dipergasa ku jalma jahat, layonna kudu kapanggih.

“Kami mah ngajudi, Nyi Suminar diculik,” ceuk Upas Sapé’i nu tugasna di Dayeuh Ciwidey. Ngahaja laporan ka Bandung.

“Kira-kira diculik ku saha, Pé’I, euy?” ceuk Juragan Soebagdja.

Daradad Upas Sapé’i nerangkeun. Yén Nyi Suminar téh sri panggung sandiwara anu kacida geulisna.

“Seueur nu bogoheun, Juragan. Si Durahman gé dugika ngéwaeun ka abdi …”

“Durahman upas ti Gandasoli?”

“Muhun, Juragan …,” témbal Upas Sapé’i.

“Ku naon Si Durahman ngéwa ka manéh?”

“Timburuan, Juragan …”

“Maranéh parebut sri panggung sandiwara? Ka saha bogohna tah?”

Ditanya kitu, Upas Sapé’i kalah cungar cengir.

“Ah, ka abdi teu bogoheun ka Si Durahman komo.”

“Jadi, marebutkeun naon atuh?”

“Parebut jajap. Juragan. Pan ari Nyi Suminar mah linggihna sanés di bédéng sandiwara namung ngahaja nyéwa bumi panggung di caket alun-alun. Dipangnyéwakeun ku Juragan Lurah.”

“Baruk?”

Obrolan diheupkeun tepi ka dinya sabab kudu balik deui kana masalah anu leuwih penting.

Ceuk Upas Sapé’i bisa jadi cenah Nyi Suminar geus taya di kieuna.

“Ti mana apalna geus maot?” ceuk Hoofd Agent Soebagdja.

“Jurigna sering ngaririwaan. Ampir para pamaén sandiwara diganggu,”  ceuk Upas Sapéi. “Aya nu nyarios, bisa jadi Nyi Suminar ditelasan ku sasama pamaén sandiwara ku sabab dipikasirik,” ceuk Upas Sapé’i.

Cenah loba sasama pamaén awéwé sirik ka Nyi Suminar sanggeus Nyi Suminar jadi sri panggung. Lamun nu lalajo ngalungan duit nu dibungkus ku carécét (saputangan), ayeuna mah ngalungan ka Nyi Suminar. Ari pamaén lalaki mah, papada saingan hayang meunangkeun Nyi Suminar tepi ka silih musuhan.

“Jadi teu mustahil Nyi Suminar dipergasa ku anu deukeut. Pasti cenah geus maot sabab sok ngaririwaan,” ceuk Upas Sapé’i.

“Nya ari keur pulisi mah, ulah duméh aya jurig langsung mastikeun jalmana geus perlaya,” ceuk Hoofd Agent Soebagdja ngiritik bawahanana.

Basa datang ka gedong sandiwara, sakumna anak-wayang (maksudna para pamaén sandiwara) rata-rata nerangkeun yén bener arwahna Nyi Suminar marakayangan. Kungsi cenah di panggung aya lima penari, nu saurang sisirntilan ka ditu ka dieu beut mirip Nyi Suminar.

“Ongkoh da sutradara mah ukur nugaskeun penari opatan di panggung téh, lain limaan,” ceuk Mang Kadir sasama pamaén sandiwara.

Hoofd Agent Soebagdja tetep can bisa mastikeun yén bener-bener Nyi Suminar geus maot ku pédah aya “jurig Suminar”. Kitu sababna, manéhna mah terus ngayakeun panalungtikan. Utamana leuwih mokuskeun panalungtikan séjén.

Nyi Suminar ti sandiwara Miss Tjitjih pindah ka Ciwidey. Tapi pihak militér di Batawi curiga yén Nyi Suminar kabur ku sabab rusiahna kabokér. Naha enya Nyi Suminar inditna ti Batawi ka Ciwidey téh alatan dicuriga milu kana gerakan pajuang perintis kamerdikaan anu Miss Tjitjih ogé kabaud?

Atasan manéhna di Bandung nyebutkeun yén ti Batawi aya dua mata-mata ti markas militér anu keur nyusud-nyusud Nyi Suminar. Jeung  lamun enya kitu, bisa jadi Nyi Suminar ti sandiwara lain leungit teu pupuguh. Bisa jadi geus kacangkalak ku mata-mata, atawa kabur ngajauhan Ciwidey.

Anu keur dipikiran ku Hoofd Agent Soebagdja mah, lamun enya Nyi Suminar teu maot tur malah kacangkalak atawa kabur ti Ciwidey, ari jurig anu kekeleyengan di panggung, éta saha?

Ieu gé tetep kudu ditalungtik. Naha éta “jurig” téh bener-bener jurigna Nyi Suminar atawa hiji rékayasa pikeun males kanyeri? Pan cenah Nyi Suminar téh ogé di lingkungan sandiwara Ciwidey loba anu mikangéwa jeung mikasirik.

Can tangtu Nyi Suminar bener-bener paéh aya anu mergasa.

Hoof Agen Subagja teu pegat harepan. Beuki misterius hiji perkara, beuki panasaran pikeun terus ditalungtik.

Tepikeun ka dina hiji waktu manéhna nampa inpormasi ti penduduk heubeul nu imahna teu jauh ti gedong sandiwara. Yén baréto, aya sripanggung sohor maot keuna ku teluh. Diduga diteluhna ku sasama pamaén anu sirik.

Ti dieu kakara nyaynyayan. Yén bisa jadi nu sok ngajungjujurigan mah sripanggung nu heubeul. Nyi Suminar mah leungitna can tangtu maot.

Tur lamun enya kitu, hartina Hoof Agen Subagja ayeuna jadi boga dua uruseun. Lian ti kudu nalungtik ka mana luntana Nyi Suminar téh ogé kudu nalungtik saha anu boga dosa neluh sri panggung heubeul.

Bisa jadi nu milampahna mah jalmana sarua jeung anu ngalantarankeun Nyi Suminar leungit.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Pa Haji nu Beunghar Berkah

Bandungan Selasa, 20 April 2021 | 15:43 WIB

Jelema datang ti suklana ti siklukna. Kabéh diondang. Nu wawuh atawa nu henteu.

Bandung Baheula - Bandungan, Pa Haji nu Beunghar Berkah, fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita Fiksi,Carpon Sunda

Ngabuburit ka Pasar Manuk Sukahaji, Asa Pelesir ka Kebon Binatang

Bandungan Senin, 19 April 2021 | 12:15 WIB

Kakara gé jrut turun, geus disamperkeun ku nu nawaran manuk.

Bandung Baheula - Bandungan, Ngabuburit ka Pasar Manuk Sukahaji, Asa Pelesir ka Kebon Binatang, Pasar Burung,Pasar Burung Sukahaji,ngabuburit ka pasar burung sukahaji,jual beli burung di pasar sukahaji

Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN

Bandungan Sabtu, 17 April 2021 | 09:49 WIB

“Tos ti wangkid ayeuna mah tong aya Nina di dieu, Kang. Urang nataan deui kahirupan anyar.”

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: KEMBANG HAREPAN, Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,cerita pendek nina rahayu nadea,Carpon Sunda,Bandungan

Dongéng Nasruddin Hoja: Jumaahan Poé Kemis

Bandungan Jumat, 16 April 2021 | 09:59 WIB

“Naha Juma’ahan? Pan ayeuna kakara gé poé Kemis? Isuk Juma'ahan mah.” Baturanna ngarasa heran.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Jumaahan Poé Kemis, dongeng nasruddin hoja,Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja salat jumat hari kamis

5 Macem Korma. Cocok Kanggé Ta’jil

Bandungan Kamis, 15 April 2021 | 14:59 WIB

Korma di Indonésa lolobana didatangkeun ti Timur Tengah.

Bandung Baheula - Bandungan, 5 Macem Korma. Cocok Kanggé Ta’jil, Jenis kurma,Macam kurma,khasiat kurma,kurma,kurma Ajwa

Méngbal Huhujanan

Bandungan Rabu, 14 April 2021 | 15:20 WIB

Isukna, kuring ningali Ema keur ngaberesihan baju kotor jeung sapatu urut kuring méngbal.

Bandung Baheula - Bandungan, Méngbal Huhujanan, Fikmin Sunda,Fiksimini Sunda,ceritap pendek sunda,Carpon Sunda

BULAN DI JERO SUMUR

Bandungan Selasa, 13 April 2021 | 05:52 WIB

Ngagebeg, naha bet aya bulan di jero sumur? Deudeuh teuing, bulan geus tikusruk ka sumur.

Bandung Baheula - Bandungan, BULAN DI JERO SUMUR, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja dan bulan di dalam sumur,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda

Kolek Cau, Bala-Bala, jeung Asinan Ménu Wajib Buka Puasa

Bandungan Senin, 12 April 2021 | 15:34 WIB

Bulan puasa teu bisa dipisahkeun ti nu ngaranna ta’jil. Biasana mah kadahareun nu amis-amis, ti mimiti korma, céndol, si...

Bandung Baheula - Bandungan, Kolek Cau, Bala-Bala, jeung Asinan Ménu Wajib Buka Puasa, Kolak Pisang,Gorengan,bala-bala,asinan sayuran,makanan khas ramadan,Tiga makanan khas Ramadan
dewanpers