Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda

Ilustrasi rumah adat Sunda (Pixabay/Panji Arista)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM – Tilu inohong Sunda, anggota DPR RI Popong Otje Djundjunan; Wakil Gubernur Jawa Barat, Uu Ruzhanul Ulum; jeung politisi PDI P Aang Hamid Suganda, dina waktu jeung acara nu béda kungsi cumarita ngenaan "kalemahan” jeung “kakuatan” urang Sunda.
Ceuk Ceu Popong, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh apal naon baé nu kudu diomékeun.
Redaksi Ayobandung.com ngarangkum téma ieu tina sababaraha tulisan nu kungsi dimuat di Ayobandung.com:
Ceuk Ceu Popong Otje Djundjunan
Urang Sunda mah ka sasaha sok bageur teuing. Lantaran bageur teuing, jadi kaleuleuwihi nu antukna jadi goréng.
"Kalemahan urang Sunda mah bageur teuing. Atuh, lamun bageur teuing mah, jadi matak goréng. Pinter teuing, matak teu kaudag ku batur. Geulis teuing, matak lieur batur. Jadi, tong maké ‘teuing’," ceuk Ceu Popong.
Ceu Popong nétélakeun, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh jadi apal naon nu kudu diomékeun.
"Sabenerna simpel pisan. Satiap suku boga karakter sorangan-sorangan. Jadi, ku Allah Swt. geus diatur satiap suku boga kakurangan jeung kaleuwihan. Teu aya sukubangsa nu sampurna," ceuk Ceu Popong.
Kukituna, Ceu Popong ngaku sok maké kabaya waé di satiap kasempetan nepi ka kiwari. Alesanna sabagai ihtiar ngalestarikeun budaya Sunda.
Sabab, ceuk Ceu Popong, jang ngajaga kalestarian budaya Sunda nu pangbabarina nyaéta ku ngalestarikeun budayana, basana, busanana, kadahareunna, jeung adat istiadatna.
"Atuh, abdi mah urang Sunda. Lain pamajikan Donald Trump. Getih Sunda ngalir tina tuntung buuk nepi ka tungtung suku," ceuk Ceu Popong.
Ceuk Uu Ruzhanul Ulum
Wakil Gubernur Jawa Barat Ruzhanul Ulum, nalingakeun hiji survéy nu nyebutkeun aya tilu karakter urang Sunda
ayo baca
Nu kahiji, ceuk Uu, sasaha gé pada apal, urang Sunda mah kasohor ku karamahan jeung kasoméahanna. Hadé basa, alus budi. Laku lampahna kataji.
Nu kadua, urang Sunda mah narima saha waé nu datang ka tanah Sunda. Teu ningali agama, suku, atawa warna kulit. “Lamun rék ningali miniatur Indonésa, tingali wé Jawa Barat. Sabab, di Jawa Barat sakabéh suku ampir aya.”
Katilu, urang Sunda sohor ku sifat gotong royongna. Sifat ta’awunna kakoncara. Sok silih tulungan. Silih asih, silih asah, jeung silih asuh.
Ceuk Uu, pasipatan éta bisa dibuktikeun sacara politik. Loba politikus nu nyalon jadi anggota DPRD, DPRD provinsi, atawadi DPR pusat. Sanajan maranéhna lain urang Sunda, loba wé nu kapilih.
Tapi, teu saeutik ogé urang Sunda nu nyalon, tapi teu kapilih. Kukituna urang Sunda mah teu panatik ku suku.
“Ieu bukti urang Sunda boga karakter nu hébat. Boga jiwa negarawan. Boga jiwa nasionalisme, patriotisme, jeung kabangsaan nu teu pandang bulu. Saha waé nu hayang ‘berkiprah’--asal boga kamampuh jeung cakap—jang urang Sunda teu jadi masalah,” ceuk Uu.
Ngan, ceuk Uu, urang Sunda, kurang wani dina “bersikap” jeung kurang wani dina ngaléngkah.
Buktina penduduk Jawa Barat lobana 50 juta, tapi daerah otonomna ngan boga 27. Samentara provinsi lain pendudukna kurang ti 50 juta, tapi daérah otonomna leuwih loba.
Ceuk Aang Hamid Suganda
Ceuk Politisi PDI Perjuangan Aang Hamid Suganda, urang Sunda kudu sumanget milu aub dina perpolitikan di tanah air.
Masarakat Jabar, utamana urang Sunda, kudu sadar pisan aya konsékuénsi politik dina pangwangunan di Jawa Barat.
Kukituna, urang Sunda kudu aktif dina perjuangan politik sarta seléktif dina milih calon pamingpin politik.
“Ki Sunda tong hayang jadi panongton dina perhelatan politik, tetapi kudu miluan aktif dina kompétisi politik. Kuring hayang negeskeun yén politik téh stratégis. Pangwangunan nu dirasakeun ku masarakat ieu téh hasil kabijakan politik,” ceuk Aang Hamid.
ayo baca