Nyeri Haté sok Dibanding-banding waé, ART Mergasa Dunungannana

Ratna (22), seorang ART yang membunuh majikan di Komplek Buana Cigi, Kelurahan Sekejati, Kecamatan Buahbatu. (Ayobandung.com/Fichri Hakiim)
SUMUR BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Ratna (22) téh sapopoé gawé jadi pembantu alias asistén rumah tangga (ART) di imah Dewi Romlah di di Komplek Buana Cigi, Kelurahan Sekejati, Kecamatan Buahbatu, Kota Bandung. Dewi Romlah geus sepuh, umurna 80 taunan.
Hiji waktu, poé Kemis (18/2/2021) Ratna pararéa omong jeung dununganna. Ratna kesel alatan Dewi sok ngabanding-bandingkeun manéhna jeung pembantu saméméhna. Ratna teu narima. Atuh harita paséa rongkah.
“Abdi kesel jeung teu narima. Dunungan abdi sok ngababanding abdi jeung pembantu saméméh abdi,” ceuk Ratna di Polrestabes Bandung, Jumaah (26/2/2021)
Ceuk Ratna, mimitina Dewi nenggel ka manéhna ku tongkat tilu kali. Ratna cicing. Tuluy didorong deui ku tongkat. Ratna cicing kenéh. Ratna nyingkahan, tapi Dewi kadon beuki ambeuk. Tuluy Ratna ditakol ku tongkat ti tukangeun. Ratna gé cicing keneh.
"Abdi kesel. Tadina, teu boga niat mergasa. Sakitu abdi geus sabar, angeur Bu Dewi nenggel. Tungtungna huluna ku abdi ditakol ku tongkat tilu kali,” ceuk Ratna.
Dewi nu geus kolot teu bisa ngalawan. Harita keneh langsung ngajurahroh. Huluna baloboran geutih.
Ratna bingung. Sanggeus dununganna maot, jang nutupan kalakuanna, nyieun siasat. Ratna nusuk beuteung sorangan méh katingalina aya korban parampokan.
Kapolrestabes Bandung Kombes Pol Ulung Sampurna Jaya nétélakeun, sanggeus kitu Ratna kaluar imah méré nyaho ka tatangga yén ka imahna geus aya rampok. Sababaraha tatanggana datang ka imah Dewi. Dewi geus taya dikieuna bari baloboran geutih.
ayo baca
"Mimitina tersangka Ratna ngetok panto ka tatanggana rék ménta tulung. Manéhna gé geutihan di palebah beuteung na," ceuk Ulung di Polrestabes Bandung, Kota Bandung, Jumah (26/2/2021).
Sangeus narima laporan ti warga, polisi langsung datang ke lokasi pikeun ngalakukeun olah TKP. Hasilna polisi teu manggihan tanda-tanda geus aya parampokan.
Ceuk polisi, éta ngan saukur jijieunnan Ratna. Ratna ngarékayasa kajadian éta saolah-olah geus aya rampok ka imah dununganna.
Kapolrestabes Bandung Kombes Pol Ulung Sampurna Jaya negeskeun, jijieunan Ratna nutupan kalakuanna kabongkar sanggeus polisi ngalakukeun penyelidikan.
Sanajan geus netepkeun Ratna jadi tersangka, ceuk Ulung, polisi hayang kénéh mastikeun aya atawa henteuna unsur “pembunuhan berencana”.
"Samentara mah motifna nyeri haté sok dicarékan ku dununganna. Tapi, polisi tetep rék ngayakeun panalungtikan," ceuk Ulung.
ayo baca
Lantaran kalakuanna, Ratna dijerat ku Pasal 351 ayat 3 KUHP Jo 338 KUHP. Ancamanna hukuman 15 taun penjara.