Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bulan senja. (Pixabay)
BULAN kolot. Tilu poé deui ka gajihan. Béas geus korédas. Duit tilu puluh rébu deui.
Rék reup magrib, horéam gé Elis indit ka warung sabab teu jongjon ari can boga sangu mah—bisi Kang Marwan kaburu datang.
Jalan bécék urut hujan tadi soré. Mun teu ati-ati mah bisa ngagedebut labuh.
Di warung si Tante aya si Kokom, budak Ceu Isah—tukang buburuh nyeuseuh—keur nganjuk béas. Budak kelas lima ésdé téh baeud wé pédah digerendeng ku si Tante.
“Bilangin ke Emak kamu, ga bisa ngambil sekilo mah. Hutang Emak kamu masih banyak. Ku saya dikasih satengah kilo, ya?” ceuk si Tante.
Budak nu teu boga dosa téh ukur unggeuk bari siga nahan ceurik. Geus narima kérésék hideung mah si Kokom tuluy balik.
Elis meuli béas sakilo, endog saparapat, minyak kalapa saparapat, jeung tahu sabungkus. Tina tilu puluh rébu téh ngan ukur pulangan sarébu.
Balik deui wé da sieun kaburu Magrib.
Lebah péngkolan, kasampak ku Elis si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék. Tayohna manéhna labuh. Bajuna kotor.
Deudeuh teuing, Gusti.
Elis ngupahan Kokom. ”Geus wéh tong dipulungan. Tong bébéja ka si Ema, yeuh digantian ku Bi Elis.”
Béas sakilo téh diduakeun. Kokom atoh. Ceurikna jempé.
Terus balik.
Elis ngabayangkeun kacida dicarékanna Kokom ku Nyi Isah mun mawa béas kotor. “Gusti, geuning aya nu leuwih ripuh batan kuring,” gerentes Elis.
Saméméh Isa, Kang Marwan datang. Terus rasa, di motorna aya béas satengah karung. Di kérésék hideung aya goréng lauk nila meni garing tur garedé naker.
“Tadi nyimpang ka Bapa heula. Geus panén cenah. Dibahanan béas, kakara ngagiling,” ceuk Kang Marwan.
Saméméh dahar babarengan, Elis misahkeun béas tina karung ka kérésék hideung. Di luhurna ditumpangan dua siki goréng lauk nila dibungkus keretas koran.
“Jalu, wayahna anteurkeun heula ieu ka Nyi Isah. Ti Ema kituh. Mun teu dianteurkeun, Ema bisi dosa,” ceuk Elis.
Si Jalu unggeuk.