Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooker”
Warga memproduksi langseng. (Ayobandung.com/Irfan Al-Faritsi)
CILEUNYI, AYOBANDUNG.COM — Kampung Cikalang Kaler, Desa Cileunyi Kulon Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung, ti baheula sohor ampir kabéh wargana sok nyieunan parabot rumah tangga, ti mimiti sééng, kompor, loyang paragi nyieun kuéh, langseng (panci) atawa naon wé sarupaning barang nu dijieun tina séng atawa stainles.
Lain saukur kiwari, utamana RW 7, Kampung Cikalang sohor sok nyieunan parabot rumah tangga, tapi kagiatan ieu geus puluhan taun. Kaahlian ieu diwariskeun turun-tumurun ti generasi ka generasi. Salah sahijina ka Kardi (50) nu ngaku geus 20 taun nyieunan panci.
Kardi ngahuleung basa ditanya manéhna generasi ka sabaraha. “Ka sabaraha nya? Teu apal. Nu pasti mah usaha ieu turun-tumurun. Apal kénéh aki nyieun panci. Bapa ogé nyieun panci. Tuluy diturunkeun ka para putra bapa, ka asup abdi,” ceuk Kardi basa dipanggihan ku Ayobandung.com di béngkélna, Rebo (24/2/2021).
Kardi nétélakeun langseng atawa panci nu ayeuna diproduksi mangrupakeun hasil tina puluhan taun “pasang surut bisnis” ngaproduksi parabot dapur. Baheula jaman aki jeung bapa Kardi araya kénéh, warga Kampung Cikalang Kaler nyieunan parabot dapur tina bahan tambaga.
"Pangheula na mah nyieunan sééng," ceuk Kardi.
Nyieun sééng mah kudu boga kaahlian nakol (nempa). Sabab, ngabentuk tambaga téh ku ditakolan. Kadieunakeun hésé néangan bahan baku tambaga. "Teu aya nu ngadamel sééng ayeuna mah. Parabotna gé tos teu araya," ceuk Kardi.
Tuluy warga Cikalang Kaler nyobaan nyarieun kompor. Sééng nu biasa pasanganna jeung hawu maké suluh ditinggalkeun alatan masarakat geus tara deui ngagunakeun suluh, tapi pindah ka kompor minyak tanah.
ayo baca
Puluhan taun warga Cikalang Wetan nyarieun kompor minyak tanah. Taun 2000-an, pamaréntah nyieun kabijakan konvérsi tina kompor minyak tanah ka gas élpiji. Pamaréntah SBY ngagratiskeun tabung élpiji ukuran 3 kilogram jeung komporna ka masarakat.
Kabijakan konvérsi éta ngabalukarkeun bisnis kompor minyak warga Cikalang Kaler kaimbas. Kompor minyak tanahna jadi teu payu.
"Ti saprak aya pembagian kompor gas élpiji, ahirna warga nyarieunan langseng (panci)," ceuk Kardi.
Nyieun langseng ge lain euweuh hambatan. Masarakat ayeuna lolobana geus masak maké rice cooker lamun nyangu. Tapi, langseng atawa panci masih kénéh payu. Sabab, ceuk Kardi, teu kabéh masakan bisa dimasak dina rice cooker atawa magic jar.
Nepi ka iraha Kardi jeung baturna di Kampung Cikalang Kaler istikomah nyieunna panci di jaman rice cooker?
Kosakecap “masak” jaman baheula—napi, ngisikan, ngagigihan, ngakeul, hawu, jsb—geus laleungit. Maenya parabot masakna—sééng, aseupan, jsb—ogé bakal leungit?