Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang

Ilustrasi pasar orang Tionghoa. (Pixabay/Philippsaal)
LENGKONG, AYOBANDUNG.COM — Kapinteran dagang urang China (baca: Tionghoa) memang sohor ti baheula. Kapinteran éta lain saukur dongéng, komo deui boga sifat magis mah. Faktana memang urang Tionghoa boga trik nu “mumpuni”, nu nyababkeun Pribumi di Nusantara (baca: Indonésa) ngarasa kataji.
Di jaman kolonial geus lain jadi rusiah urang pribumi leuwih deukeut ka urang Tionghoa dibandingkeun ka urang Eropah.
Urang Tionghoa boga cara dagang nu teu dipiboga ku urang Eropah. Ieu nungabédakeun jeung nungalantarkeun dagang urang Tionghoa maju, utamana di Bandung, Jawa Barat.
"Urang Tionghoa mah apal pisan naon nu dipibutuh ku urang Pribumi," ceuk Tanti Restiasih Skober, sejarawan Universitas Padjadjaran, nu tesisna ngabahas Sejarah orang Tionghoa di Bandung (1930-1960), basa dikonfirmasi ku Ayobandung.com tiheula.
"Dina iklan, umpamana, lamun deukeut ka Lebaran, naon hal nu dipikabutuh ku Pribumi bakal dicumponan ku urang Tionghoa."
Palebah dieu katingali hubungan inténsif padagang Tionghoa jeung konsumén urang Pribumi. Urang Tionghoa apal pisan kana kabutuhan jeung kahayang “golongan rendah”. Béda jeung padagang Eropah, nu ceuk Tanti mah, "éksklusif pisan"—khusus jang “kelas atas” jeung moal kahontal ku rayat biasa mah.
"Di Bandung loba ogé toko-toko urang Eropah. Tapi, lamun aya urang Pribumi nu meuli, nya pastina urang pribumi ‘kelas atas’," ceuk Tanti.
"Sok wé katingali urang Eropa di Jalan Braga leuwih ngutamakeun (konsumén) urang Eropa sorangan. Béda jeung urang Tionghoa nu deukeut jeung nyaho kana kabutuh urang Pribumi."
ayo baca
Kukituna, jarak sosial-ékonomi nu jauh éta—malah saeutik pisan—hubungan urang Pribumi-Eropa antukna teu harmonis. Malah hubungan Tionghoa jeung Eropa gé antukna sarua teu harmonis.
Dina salah sahiji tulisan di Sin Bin, umpamana, nu medal di Bandung tanggal 15 Juli 1925, kurang harmonisna hubungan éta katingali pisan. Artikel nu judulna “Jangan Mengukur di Badan Laen Orang” nyaritakeun kumaha “persaingan” antara saudagar Tionghoa jeung Eropah: Tapi apalah ia kira, lantaran adanya itu beberapa saudagar Eropa yang kurang ajar, tidak tahu malu, tidak mengenal kesopanan dan kemanusiaan. Tulisna dina hji kalimah.
Katingali nyerang--sakalian negeskeun ngamusuhan ka urang Tionghoa--panguasa Eropah di masa Kolonial Walanda nyieun sababaraha kabijakan jang ngabatasan aktivitas ékonomi urang Tionghoa.
Panguasa Eropa nyieun kabijakan anti-rentenir, umpamana, pikeun neken saudagar Tionghoa nu lain saukur dagang, tapi ogé nyokot kauntungan tina nginjeumkeun duit .
"Nu jadi korban (rentenir) lain ngan ukur urang Pribumi, tapi aya ogé urang Eropah," ceuk Tanti, nyaritakeun kakeuheul pamaréntah kolonial ka urang Tionghoa.
Urang Pribumi tara boga duit unggal poé. Jadi, lamun aya nu dagang bari bisa nganjukeun, atoh pisan. Leuwih hadé mun bisa sakalian nginjeumkeun duit. Hiji, deui--faktor nu leuwih penting--urang Tionghoa daék “blusukan” ngurilingan kampung.
ayo baca
"Di Bandung, baheula aya padagang Cina nu disebut padagang kolontong. Manéhna dagang bari nakolan barang nu disada “tong tong tong tong”. Tuluy nawarkeun barang-barang kabutuhan Pribumi. Tapi lila-lila ahirna lain dagang barang, tapi nginjeumkeun duit," ceuk Tanti.