web analytics
  

Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung

Minggu, 21 Februari 2021 20:00 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung, hari bahasa ibu internasional,Presiden Joko Widodo,Poe Basa Indung Internasional,Lembaga Basa jeung Sastra Sunda,Bahasa Sunda

Mieling Poe Basa Indung Internasional (istimewa)

LENGKONG, AYOBANDUNG.COM – Dina miéling Poé Basa Indung Internasional,  21 Februari 2021, Présiden Joko Widodo dina akun fésbukna ngawilujengkeun ka kabéh rayat Indonésa miéling Hari Bahasa Ibu Internasional, Minggu, 21/02/2021.

Saya ingin menyapa Anda semua di seluruh Tanah Air dengan bahasa ibu saya pripun kabare?
Indonesia sungguh kaya akan keragaman, dihuni lebih seribu suku bangsa yang berbicara dalam lebih 700 bahasa daerah. Semuanya dipersatukan oleh bahasa Indonesia yang kita pahami bersama.

Masihkah Anda berbahasa ibu sehari-hari?

Samentara, Darpan, Pupuhu Lembaga Bahasa Sastra Sunda (LBSS), dina vidéona nyebutkeun miéling poé basa indung ieu luyu jeung émbaran Unesco taun 1999.

“Lantaran urang mah boga basa Sunda, hayu urang piara basa Sunda sangkan hirup bari hurip. Carana ku ngagunakeun basa Sunda iraha jeung di mana baé. Paké dina biantara, dina khutbah, dina obrolan, dina status médsos, dina rékaman youtube, jeung sajabana. Muga muga basa Aunda hirup bari nanjung sarta jembar digunakeun dina rupa-rupa kahirupan.”

Sabab, ceuk Darpan, lamun leungit basana bakal leungit bangsana.

Basa Sunda kaancam tumpur?
Ceuk Wikipedia, basa Sunda dituturkeun (dipaké) ku saeutikna 42 juta urang—jumlah sakitu téh mangrupakeun jumlah panutur panglobana kadua sanggeus basa Jawa.

Basa Sunda dipaké di ampir sakabéh daerah di Jawa Barat jeung Banten, ogé di kuloneun Jawa Tengah, ti mimiti  Kali Brebes (Sungai Cipamali) di wilayah Kabupaten Brebes jeung Kali Serayu (Sungai Cisarayu) di Kabupaten Cilacap, di sabagian di wewengkon Jakarta, sarta di sajumlah provinsi di Indonésa jeung luar nageri nu jadi daerah urbanisasi Suku Sunda.

Isu tumpurna basa indung di dunia nimpah ogé ka basa Sunda. Aya fenoména masarakat di puser-puser kota di Jawa Barat, utamana di Bandung, masarakatna--utamana generasi muda--embung maké basa Sunda dina pergaulan sapopoéna.

Tumpurna basa
Basa sarua wé siga mahluk nu hirup: ngagedéan tuluy lila-lila bisa paéh.

Aya dua jinis nunyababkeun tumpurna basa, nyaéta: (1) Basa maéhan sorangan (bunuh diri); jeung (2) Ngahaja maéhan basa.

Basa maéhan sorangan nyaéta hiji basa nu loba nyokotan kosakecap ti basa asing. Antukna éta basa robah wujudna.

Sedengkeun ngahaja maéhan basa lantaran basa éta kadesek ku basa lain nu leuwih dominan, boh sacara sosial-budaya, politik, atawa ékonomi. Salain éta, bisa ogé lantaran panuturna alatan paéh atawa dipaéhan.

Tahap-tahap tumpurna basa:
(1) Boga poténsi kaancam tumpur, nyaéta basa-basa nu sacara sosial jeung ékonomi kagolong minoritas sarta kadesek ku basa mayoritas. Generasi mudana (barudakna) geus pindah maké basa mayoritas jeung jarang ngagunakeun basa indung;

(2) Kaancam tumpur, nyaéta basa-basa nu geus teu boga deui panutur generasi mudana. Panutur nu pasih (bisa) ngan kelompok generasi menengah (dewasa);

(3) Kaancam tumpur pisan, nyaéta basa-basa nu panuturna generasi tua--50 taun ka luhur;

(4) Sakarat, nyaéta basa indung nu panuturna karolot--70 taun ka luhur;

(5) Tumpur, nyaéta basa indung nu panuturna ngan ukur saurang nu antukna manéhna teu bisa komunkasi jeung sasaha. Tahap ieu nu paling kritis.

Sok ukur, basa Sunda ayeuna asup ka nu mana?

Ihtiar nu kudu dilakukeun

  • Nguatkeun katahanan budaya bangsa ku cara ngamumulé basa Sunda.
  • Ngawangun sikep positif sangkan aya kasadaran pentingna fungsi basa indung.
  • Ngagunakeun basa Sunda sabagai alat komunikasi di lingkungan kulawarga.
  • Ngasupkeun kurikulum basa jeung sastra Sunda dina palajaran sakola.
  • Ngagalakkeun penerbitan--di dieu pentingna pérs jeung penerbit-penerbit buku.
  • Kagiatan panalungtikan nu diarahkeun kana basa Sunda jeung panuturna. Hasil panalungtikan éta kahareupna bisa dijadikeun titik tolak kebijakan jang pamaréntah daérah.

 

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

IDULFITRI

Bandungan Rabu, 12 Mei 2021 | 17:27 WIB

Poho kana protokol kaséhatan. Sabab, kébeh hayang ngarayakeun Idulfitri.

Bandung Baheula - Bandungan, IDULFITRI, fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini bahasa sunda,cerita  pendek sunda,Carpon Sunda,fiksimini dudung ridwan

Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib

Bandungan Senin, 10 Mei 2021 | 13:47 WIB

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen.

Bandung Baheula - Bandungan, Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,fiksimini dudung ridwan

Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN

Bandungan Sabtu, 8 Mei 2021 | 06:11 WIB

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé ca...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,cerita pendek Yus R. Ismail,carpon,Carpon Sunda,carpon yus r. ismail,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung

Dongéng Nasruddin Hoja: Jadi Khotib Jumaah

Bandungan Senin, 3 Mei 2021 | 15:32 WIB

Can lila manéhna khutbah, katingali para jamaahna geus narundutan. Ngalegeday. Malahan sabagian jamaahna saré bari kérék...

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja:  Jadi Khotib Jumaah, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja jadi khatib jumat,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

artikel terkait

dewanpers