web analytics
  

Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS

Sabtu, 20 Februari 2021 08:26 WIB Cecep Burdansyah
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS, Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carpon Sunda,Carpon Cecep Burdansyah,carpon,cerpen Sunda,seni dan budaya sunda

Ilustrasi Carpon Reportaseu Iblis (Heindry Kurniawan)

Cecep Burdansyah, lahir di Ciwidéy, Kabupatén Bandung. Ngamimitian nulis ti SMP kénéh, dina basa Sunda jeung Indonésa. Terus mayeng nulis carpon di Manglé, Galura, Koran Sunda, Suara Daérah, jeung cerpén di Pikiran Rakyat.

Salian ti nulis carpon, ogé nulis sajak jeung éséy. Tulisan ěsěyna ngawengku sastra, politik, sosial, jeung hukum.

Ayeuna ngasuh “10 Menit Murak Hukum” dina channel Youtube, husus ngabedah isu-isu hukum anu aktual jeung jadi pangabutuh masarakat.

Cekel gawě ti mimiti jadi wartawan di lapangan nepi ka jadi pamingpin rédaksi di Tribun Jabar jeung Tribun Jateng, sarta ayeuna jadi staf khusus News Director Tribun Network. Kiwari sapopoé matuh di Jakarta.

 

Sastra Sunda:
RÈPORTASEU IBLIS

LAIN Jakarta anu bengis. Urangna waé anu gampang lumengis. Ongkoh silaing jumud ka Si Réné Déscartés: “aing mikir aing aya”, geuning buktina jiwa urang téh pengemis. Ongkoh sakti nyanghareupan naon waé, kaasup alam. Geuning sakalina nyanghareupan caah, ngocéak maratan jagat. Ati lumengis nurih langit hayang dipikawatir, matak ketir sasatoan anu ngabandungan.  Seuri kétang, lain ketir. Nyeungseurikeun polah urang.

Jakarta mah sarua waé jeung Semarang, jeung Bandung, Yogyakarta, Surabaya, Medan. Jalan tol ngembat panjang. Jalan layang tingarileu siga oray sanca ngaréngkol dina catang. Gedong ngajungkiring paluhur-luhur hayang katangar. Nya lumbrah wé, ngaranna gé kota gedé. Apan kahayang urang éta téh. Kumaha wé Newyork, Hongkong, Paris.

Naha urang kudu ngarasa geueuman sagala, naha bet ngarasa ditingker? Halaah… teu béda ti sajak céngéng. Salawasna rumahuh. Gampang ngangluh. AC pareum, gegeber awak. Majarkeun téh panas. Dibéré hujan dordar gelap, hawa tiis, riweuh néangan mantel, ngabunian awak. Majar sieun asup angin. Der caah, matak pugag léngkah. Dibéré halodo, duh loba kekebul, matak teu séhat kana rénghap.

Sia téh manusa, tapi ngedul mikir. Geura sok burakeun tah eusi hulu. Sakumaha hujan gedéna gé, da moal caah mun urangna rumawat alam mah. Moal loba kekebul mun urang tara nuaran tatangkalan. Apan fungsina  dangdaunan téh sangkan kekebul henteu eunteup kitu waé, kana jandéla, kana panto, kana liang irung jeung matasia. Ari eunteupna dina dangdaunan mah, apan engké daunna layu, tuluy katebak angin, jadi kalakay. Pluk murag. Disanggap ku taneuh. Paheut tuluy puket.

Terus mun seug tatangkalan rajeg saban jalan, apan meureun akarna jadi panumpian cai hujan. Moal nepi ka ngoléab ka jalan tuluy ngeueum kota. Daunna anu gomplok bisa dipaké ngiuhan keur jalma masakat. Ěta kabéh aya dina uteuk sia. Apan sia téh manusa. Apan sia diciptakeun leuwih sampurna batan sato jeung jin. Mun sia teu bisa mikir nepi ka lebah dinya, hartina sia leuwih laip batan sato jeung jin. Anéhna, sia mah sakalina dibéré senang, héhéotan. Suka bungah tingbakaratak. Poho ka purwadaksi. Sajak kulawu nu pinuh kasedih robah jadi sajak nu migandrung alam. Euyeub kareueus jeung puja-puji.

Geura rék teu hayang seuri kumaha. Mun caah di Jakarta jalma-jalma pahibut nyalametkeun manéh. Nu di luhur paséa silih dedetkeun. Ceuk urang Jakarta, caah  kiriman ti Bogor. Urang Jakarta anu katempuhannana.  Ceuk urang Bogor, har, ari anu ngaruksak Bogor urang mana? Pan urang Jakarta anu nyarieunan vila di Puncak?  Sok atuh vilana ku aing dibongkar, urang jadikeun leuweung sangkan cai bisa nyangsang ngagéndang dina akar-akar tatangkalan. Urang Bogor ngaradat. Tunjukna bebentik. Urang Jakarta angger hohoak.

Hahah…sok hayang seuri, nya. Urang mah ukur rayat. Naha nya apan maranéhna téh manusa, dibekelan uteuk ku pangéran. Bisa henteu nya mun teu kudu paséa? Bingung? Heueuh aing gé bingung. Sok palikiran geura. Remen pisan kabandungan para bupati, wali kota, gubernur, wakil rayat, studi banding ka mancanagara, hayang nyeueung kota-kota anu aréndah, raresik, jalan leucir, tatangkalan jeung kekembangan lir sawarga loka nu remen didongéngkeun ku ustad jaman ngaji di masigit, sareungit jeung warna-wani lir tempat widadari. Angkutan umum nya genah nya tumaninah, bari nyampak di saban tempat. Rék diajar kumaha cara ngokolakeun kota nepi ka lalening jeung halégar.

Wani taruhan. Lain, lain studi banding. Pelesiran. Ulin maké duit nagara. Duit rayat téa. Rék nuduh aing pitenah? Mun naruduh kitu, uing salaku rayat rék malik nagih. Mana hasil studi banding? Aya teu hasilna dilarapkeun? Geuning angger wé kota mah pabusirat. Èta geuning mesin parkir di Kota Bandung kalah jadi bangkarak? Patalimarga angger pabaliut. Usum hujan, gulidag caah. Rayat deui anu katalangsara. Usum halodo, datang tigerat. Sarua rayat kénéh nu walurat cai.

Mun politikus jeung pajabat rék merkarakeun déwék, sok, moal teu diladénan. Déwék nu kuduna tutunjuk ka maranéhna. Sabaraha ratus juta salila ieu duit dimonyah-monyah pelesiran atas nama studi banding? Terus mana hasilna? Uing mah lain owél ku duitna, tapi ku carana. Cara ngabobodo rayat. Mun kajeueung mah hasilna moal nyisikudi. Moal asa ditipu. Heug waé. Apan ieu nagara téh ladang hésé capé para pejuang. Beunang ngarebut ti penjajah.  Apan nu matak hayang merdéka téh supaya urang saréréa bisa ngurusna, keur karaharjaan urang saréréa, keur kaadilan saréréa. Kari-kari ayeuna para pajabat jeung politikus kalakuannana sarua waé jeung kolonial. Nindes jeung ngabobodo rayat. Maén sandiwara. Iblis, siah!

Enya, bisa jadi teu kabéh politikus jeung pajabat jaradi iblis haus darah. Tapi da nincak di anu hayang bener gé, ari aya di lingkungan iblis mah, nya angger wé kahébos sipat iblis. Kaeurad ku lingkunan. Teu manggapulia. Nu matak ceuk aing, ulah sok agul ku hempak masarakat. Budaya samiuk sauyunan dipiagul. Gotong royong basilat?

Nu kudu diwewegan mah diri pribadi. Individu. Sina gableg kaludeung nyanghareupan sistim masarakat nu ngagegewék jeung nyasaak mamaras manusa.

Silaing maca teu carpon Tjaraka? Heueuh nu judulna “Gotong Royong”? Nu siga kitu gotong royong téh? Déwék boga dongéngnga. Saenyana, déwék milu kana rombongan maranéhna, sahanteuna sarua jeung milu kana rombongan iblis. Nya diaku wé. Dina kurungan déwék ngajirim iblis. Kangaranan diongkosan, dihotélan, dibéré nyatu jeung uang saku, jeung sagala pasilitas téh apan sasatna duit nagara kénéh. Hartina déwék jadi iblis, milu curak-curak nguyup getih rayat. Hmmmm…mémang ngeunah! Hanyirna mah enya, tapi da rangu.

Déwék keur ngaliput kénéh di Balékota. Dibawa ku rombongan wakil rayat jeung pausahaan daérah. Sababaraha pajabat éksékutif milu. Tujuanana studi banding ka Médan, nyeueung cara ngokolakeun pausahaan air minum. Béjana di Kota Médan alus.

Miang ti Bandung ka Médan liwat Jakarta, maké beus AC. Ti Bandung saenyana aya pesawat. Tapi hayang naék Garuda kelas éksékutif, jadi wayahna kudu ka Cengkaréng. Ngeunah. Empuk. Sejuk. Méméh hiber, di Jakarta ngadon nyatu heula di réstoran, di bandara. Ngeunah deui waé.

Tuluy unggah kana kapal. Ber hiber. Teu karasa capé da puguh kelas éksékutif. Nyaho-nyaho geus eunteup di Bandara Polonia. Dipapagkeun ku biro travél. Nyao dibawa ka mana. Sempet jalan-jalan ka masjid. Nénjo masjid bersejarah sakalian solat. Terus nyatu deui di réstoran méwah. Resep. Ti mimiti gepuk, saté, soto, sop kambing, waaahh hésé nataanana gé, teu apal kabéh.

Jus-jusan. Geus puguh amis-amis mah. Saréréa nyatu suka bungah. Cacaleuhakan bari babarakatakan ngadongéng nu ceuk maranéhna mah lucu, ceuk aing mah garing. Tapi aing gé milu seuri. Milu cacaleuhakan. Ngeunah sop kambingna. Tuluy ngejus. Ngudud. Ngopi. Nimat euy. Duit merekis da dibekelan. Barangdahar dipangmayarkeun.

Poé isukna, isuk-isuk geus ditarima di kantor Pémkot. Ngobrol basa basi. Lah, tong nanya ngobrol naon. Euweuh nu penting. Ukur 15 menit. Terus ka kantor pausahaan air minum. Siga nu heueuh ngilikan instalasi cai, tunya tanya. Ukur 15 menit. Geus kitu mah nyatu deui di réstoran nu ngeunah. Geus nyatu biur ka dano Toba. Beu, jauhna ti Médan. Tapi da maké beus éksékutif. Teu karasa capé. Ngahenang ngahening wé. Malah suku bisa nyanghunjar.

Wakil rayat ngabuih ngadongéng salila di perjalanan. Barakatak seuri. Meunang kabungah. Heueuh, saha nu teu bungah. Bisa jalan-jalan haratis. Déwék mah rus-ras ka ditu ka dieu salila di jalan téh, bari teu lésot ti nénjo éndahna pamandangan di jalan. Sumpah, mun wasa mah hayang nénggor tah kanu babarakatakan téh.

Tapi da aing téh henteu weweg ari kudu ngalawan maranéhna anu kompak gotong royong. Ti leuleutik apan diajarkeun ku karuhun, urang téh kudu bisa nyaluyukeun manéh. Di mana bumi dipijak, di situ langit dijunjung.  Urang mah budaya timur. Kudu sauyunan. Ulah sok niru-niru budaya barat nu aing-aingan. Hartina aing kudu jadi iblis. Pan anéh mun dina kumpulan iblis aya manusa. Para iblis moal ridoeun.  Jadah! Aing kaeurad ku dikotomi kampungan.

Datang ka Dano Toba geus pasosoré. Sup ka hotél. Hotél bintang lima anu pangméwahna. Pasilitas pakét kumplit. Kadaharan ngareunah. Sakamar saurang. Lalugina. Kasur empuk. Internét supercepet. Televisi rubak. Kolam renang. Fitnes céntre superlengkep. Ti mimiti spor jantung, hayang beuteung sixpack, dada sembada, nepi ka hayang bujur nyemplu bari éstétis tur matak birahi nu nénjo, nyampak alatna.

Prak-prakanana bisa nuturkeun pituduh instruktur. Ceuk béwara ti panitia. Prak gunakeun. Sakabéh pasilitas tinggal maké. Ulah mikiran mayar. Kabéh geus ditanggung. Lakadalaaaaah. Iblis-iblis nu beuteungna budayut jeung melar mani giak. Dina sirahna langsung bruh-bréh awakna jadi atlétis. Ngadadak jadi garagah. Nu awéwé ngadadak jadi séksi. Ceuk uteukna. Ceuk implenganna. Da ceuk aing mah sanajan geus ngoprot késang gé angger wé budayut jeung melar.

Poé isukna lalayaran di Dano toba. Pabeubeurang dahar di réstoran anu aya di tengah dano. Bérés nyatu, jalan-jalan bari balanja cindera mata. Seubeuh kukurilingan, pasosoré biur deui ka Médan. Datang wanci isa. Sempet balanja heula di sapanjang jalan, ti mimiti lebokeun sabangsaning bibika nepi ka baju adat Batak. Para iblis rébo ku babawaan.

Datang ka hotél nu geus lungsé langsung nyegrék. Nu cénghar kénéh ngulayaban ka panti pijet plus plus.

Isukna hiber ka Jakarta numpak Garuda. Ti Cengkaréng naék beus éksékutif.

Di Bandung kasorénakeun keur meujeuhna halodo bari langit cangra. Balik ka imah wareg. Muka dompét: merekis. Uang saku weuteuh. Matak betah di alam dunya. Isukna déwék nulis dina koran: Kota Bandung moal tigerat ku cai. Sabab wakil rayat, pausahaan daérah, jeung pajabat Kota Bandung geus diajar ka Médan. Wali kota méré Jempol.

Opat bulan ti harita, uing dibawa ku wali kota nguriling Èropa. Amesterdam. Paris. Roma. Jérman. Ah, moal didongéngkeun. Geus kasawang, pan? Ka Médan waé sakitu merekis jeung méwahna, komo ieu kukurilingan di kota-kota nu jadi puseurna Ěropa. Ti harita déwék ngasaan bulé. Hayang nyelang ka toko buku néangan buku-buku Hénry Bérgson. Kagémbang ku bab intuisina. Hésé. Teu bisa ngejat.

Jadi rék nyebut kénéh alam dunya bengis? Jakarta matak miris? Silaing ulah waka muringis pédah nénjo barisan kapitalis jeung militer harmonis. Da kitu adatna. Moal aya kapital mun euweuh katartiban jeung kaamanan. Moal aya tartib jeung aman mun teu ku bedil. Silaing hayang dibedil?

***

MEUNANG opat bulan Jakarta simpé. Sasalad corona nérékab saalam dunya. Meunang opat bulan jalma leuwih milih numpi, da hirup dikuntit pati. Pasar jeung jalan anu biasana pabaliut ku jalma jeung kendaraan, dumadakan sepi.

Tapi manéhna mah angger saban poé kaluar ti imah. Hayang nyaho siga kumaha Jakarta dina usum sasalad. Saban poé manéhna ngaliwat ka Pasar Palmérah. Kabeneran kantor deukeut ka dinya. Sanajan kantor tutup luyu jeung édaran ti pamaréntah, manéhna mah angger liar ngadon nyatet-nyatetkeun naon anu katénjo.

Mobil ambulans pulang anting ngaliwat ka lebah dinya bari sorana ngaung-ngaung matak ketir. Mobil tentara ngalalar ngabéwarakeun jalma anu kapaksa kaluar ti imah kudu maké masker. Anu sama sakali euweuh kapentingan, dipaksa kudu cicing di imah. Méh saban poé manéhna nénjo tukang mulungan rongsokan ngadon ngiuhan handapeun tangkal bintaro dina trotoar, teu jauh ti kantorna jeung ti pasar Palmérah. Katenjona téh matuh pas pabeubeurang, pas panonpoé keur meujeuhna entak-entakan.

Si pemulung nu teu weléh maké baju hideung kasampak keur maca koran rangsak jeung kuleuheu naker. Tara lésot ti masker. Bangun anu husu macana téh. Ku manéhna sok disidik-sidik, bisi waé éta andar-andar téh saenyana keur nundutan. Rada dideukeutan. Sidik panonna kana koran. Malah biwirna sina nu kunyam kunyem. Manéhna ngabayangkeun, boa si pemulung enya keur maca husu pisan, boa keur ngalarapkeun naon anu ku jalma palinter disebut close reading. Kulantaran dina salila opat bulan saban poé kasaksian keur maca waé, manéhna boga kayakinan si tukang mulung téh memang resep maca.

Opat bulan geus kaliwat. Jalan anu tadina simpé, ayeuna biasa deui. Disebutna newnormal. Pasar pabaliut deui. Kantor geus lar sup deui ku nu digarawé. Malah loba jalma nu teu maraké masker sanajan sasalad beuki meuweuh. Loba jalma, kaasup pajabat, dokter, perawat anu keuna ku sasalad malah nepi ka hanteuna. Manéhna boga sangkaan, jalma anu teu berséka paling gampang keuna ku sasalad.

Tapi si tukang mulung teu weléh aya di lebah dinya pabeubeurang.  Angger tara lésot ti masker. Masker anu katénjona sarua lageduna jeung pakéanana katut koran anu dicekelna. Jadi inget kana tulisan George Orwell nu nyaritakeun sakitan keur digiring ka tempat éksékusi. Keur ngaléngkah, sukuna nyingkahan jalan anu legok tur bécék nu ceuk pikirna matak tisolédat. Sanajan nyawa ukur sajeungkal deui, kawajiban manusa mah usaha mertahankeun hirup. Béda jeung iblis.  

***

Keur jaman budak, Ema sok ngadongéng, jaga widadari bakal turun ti kahiangan milu mémérés alam dunya. Siga kaom wanoja dina perang Mahabarata.

Ah, Ema mah horéng ukur mépéndé sangkan uing geura tibra. Buktina nu turun iblis wungkul. Siga tentara ngaburudul terjun tina kapal nyarorén bedil.

Dor! Manusa dibedilan.

 

 

 

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooke...

Bandungan Kamis, 25 Februari 2021 | 12:53 WIB

Lain saukur kiwari wungkul, utamana RW 7 Kampung Cikalang, sohor sok nyieunan parabot rumah tangga, tapi kagiatan ieu ge...

Bandung Baheula - Bandungan, Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooker”, perajin panci kampung cikalang kaler,Panci Tradisional,Panci,alat dapur tradisional Sunda,perajin panci

Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bandungan Rabu, 24 Februari 2021 | 14:34 WIB

Lebah péngkolan, kasampak si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék.

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Ceurik Lebah Péngkolan, fiksimini,Fiksimini Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan budaya sunda

Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar

Bandungan Selasa, 23 Februari 2021 | 16:38 WIB

Sajumlah warga meunang kompénsasi rata-rata Rp8 miliar. Atuh nu baroga duit langsung mareuli mobil.

Bandung Baheula - Bandungan, Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar, Warga Tuban mendadak kaya,Bendungan Kuningan,Kilang minyak tuban,Warga Kuningan mendadak kaya,Proyek kilang minyak Tuban

Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda

Bandungan Senin, 22 Februari 2021 | 14:28 WIB

Ceuk Ceu Popong, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh apal naon baé nu kudu diomékeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda, watak asli orang Sunda,kelemahan orang Sunda,Gotong Royong,Ramah,karakter orang Sunda,Bageur teuing,Popong Otje Djundjunan,Uu Ruzhanul Ulum,Aang Hamid Suganda

Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung

Bandungan Minggu, 21 Februari 2021 | 20:00 WIB

Sabab, ceuk Darpan, lamun leungit basana bakal leungit bangsana.

Bandung Baheula - Bandungan, Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung, hari bahasa ibu internasional,Presiden Joko Widodo,Poe Basa Indung Internasional,Lembaga Basa jeung Sastra Sunda,Bahasa Sunda

Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS

Bandungan Sabtu, 20 Februari 2021 | 08:26 WIB

Kota Bandung moal tigerat ku cai. Sabab wakil rayat, pausahaan daérah, jeung pajabat Kota Bandung geus diajar ka Médan....

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS, Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carpon Sunda,Carpon Cecep Burdansyah,carpon,cerpen Sunda,seni dan budaya sunda

Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang

Bandungan Jumat, 19 Februari 2021 | 16:09 WIB

Di jaman kolonial geus lain jadi rusiah urang pribumi leuwih deukeut ka urang Tionghoa dibandingkeun ka urang Eropah.

Bandung Baheula - Bandungan, Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang, Tionghoa Bandung,sejarah tionghoa di Bandung,Trik dagang tionghoa,sejarah,sejarah tionghoa zaman kolonial

“Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno

Bandungan Rabu, 17 Februari 2021 | 15:26 WIB

Dina basa Sunda, “saloka” hartina “umpama” atawa “ibarat”, sedengkeun “tamara” hartina “gamelan”.

Bandung Baheula - Bandungan, “Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno, Nama Bayi dalam Bahasa Sunda,Nama Bayi,Nama Bayi Eksotis,Arya Saloka,saloka,Tamara Bleszynski,tamara geraldine
dewanpers