Miéling Poé Basa Indung Internasional: Naha Enya Basa Sunda Bakal Tumpur?

Buku Sunda di Pameran Buku. (Republika)
LENGKONG, AYOBANDUNG.COM -- Unggal tanggal 21 Fébruari masarakat sadunya miéling poé Basa Indung Internasional.
Naon nu disebut poé Basa Indung Internasional téh? Iraha mimitina? Kumaha sajarahna?
Surat warga Bangladesh ka Sékjén PBB
Rafiqul Islam, warga Bangladesh nu dumuk di Vancouver, Kanada, hiji waktu ngirim surat ka Kofi Annan nu harita masih jadi Sékjén PBB. Dina suratna, Rafiqul ngusulkeun ka PBB sangkan nyalametkeun basa-basa indung sadunya nu jumlahna beuki dieu beuki nyaeutikan.
Tanggal 21 Fébruari dipilih ku Rafiqul Islam. Tanggal éta téh miéling rayat Bangladesh dina merjoangkeun basa indungna jadi basa nasional Pakistan di taun 1952.
Usulan Rafiq ahirna ditarima jeung ditetepkeun ku PBB taun 1999 sarta ti harita mimitina diayakeun miéling poé Basa Indung Internasional, 21 Februari 2000.
Protés rahayat nu ngabalukarkeun aksi kekerasan pamaréntah
Naon sababna warga Bangladesh ngusulkeun tanggal 21 Fébruari? Sabab, dina sajarah dunya, perjoangan rahayat Bangladesh harita kaasup kajadian langka. Konflik rahayat Bangladesh jeung pamaréntah Pakistan kajadian di taun 1952 kusabab ayana kaputusan dipilihna basa Urdu jadi basa nasional Pakistan.
Padahal, rahayat Pakistan harita asalna mayoritas ti palebah kidul, nu ayeuna jadi nagara Bangladesh. Ceuk warga, lain basa Urdu, justeru basa Bangla nu kudu jadi basa nasional.
Konflik ieu nu ngabalukarkeun aksi protés di mana-mana, nepi ka silih paéhan sagala nu korbanna teu saeutik.
Naon nu disebut basa indung téh?
Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia, nu disebut basa indung téh nyaéta basa nu pangmimitina dipikabisa ku hiji manusa, ti mimiti gubrag ka alam dunya nepi ka dipaké interaksi jeung masarakat séjénna. Pangabisa kana basa éta teu bisa lepas ti pangaruh kulawarga jeung jalma di sakitar lingkungan tempat tinggalna.
Basa indung nyaéta basa di hiji wewengkon—basa nu diajarkeun ku kolot ka anakna.
Lamun hiji jalma lahir jeung gedé di lingkungan Suku Sunda, nya basa Sunda nu diajarkeun pangmimiti na ka manéhna. Sanggeus bisa basa Sunda, tuluy diajar basa Indonésa jeung basa asing lainna jang interaksi, boh jeung lingkunganna dina séktor informal atawa dina séktor formal, siga sakola.
Jumlah basa indung sadunya loba pisan, tapi loba ogé nu kaancam tumpur
Ceuk data nu dikaluarkeun ku UNESCO, saeutikna aya 90 nagara nu miboga kelompok suku atawa etnis nu maké basa indung. Jumlah basa indung sadunya kurang leuwih aya 7.000.
Fakta nu pikawatireun, nyaeta aya 2.680 basa nu kaancam tumpur tina peradaban manusa. Sanajan aya kurang leuwih 370 juta urang nu masih maké basa indung, tapi jumlah éta beuki dieu beuki nyaeutikan.
Euweuh panuturna alatan basa indung tumpur
Loba basa indung nu tumpur kusabab faktor régenerasi. Minnie Degawan, salah sahiji penduduk suku Igorot di Filipina, nyebutkeun yén nu nyababkeun tumpurna basa indung téh, utamana lantaran euweuh panuturna.
Di Indonésa, ceuk rilis Kemdikbud.go.id, kacatet aya 652 basa indung. Jumlah ieu leuwih saeutik tibatan nu kacatet ku Summer Institute of Linguistics, nyaéta 719 basa, 707 di antarana masih aktif dipaké.
ayo baca
Basa Sunda kaancam tumpur
Ceuk Wikipedia, basa Sunda dituturkeun (dipaké) ku saeutikna 42 juta urang—jumlah sakitu téh mangrupakeun jumlah panutur panglobana kadua sanggeus basa Jawa.
Basa Sunda dipaké di ampir sakabéh daerah di Jawa Barat jeung Banten, ogé di kuloneun Jawa Tengah, ti mimiti Kali Brebes (Sungai Cipamali) di wilayah Kabupaten Brebes jeung Kali Serayu (Sungai Cisarayu) di Kabupaten Cilacap, di sabagian di wewengkon Jakarta, sarta di sajumlah provinsi di Indonésa jeung luar nageri nu jadi daerah urbanisasi Suku Sunda.
Isu tumpurna basa indung di dunia nimpah ogé ka basa Sunda. Aya fenoména masarakat di puser-puser kota di Jawa Barat, utamana di Bandung, masarakatna--utamana generasi muda--embung maké basa Sunda dina pergaulan sapopoéna.
Tumpurna basa
Basa sarua wé siga mahluk nu hirup: ngagedéan tuluy lila-lila bisa paéh.
Aya dua jinis nunyababkeun tumpurna basa, nyaéta: (1) Basa maéhan sorangan (bunuh diri); jeung (2) Ngahaja maéhan basa.
Basa maéhan sorangan nyaéta hiji basa nu loba nyokotan kosakecap ti basa asing. Antukna éta basa robah wujudna.
Sedengkeun ngahaja maéhan basa lantaran basa éta kadesek ku basa lain nu leuwih dominan, boh sacara sosial-budaya, politik, atawa ékonomi. Salain éta, bisa ogé lantaran panuturna alatan paéh atawa dipaéhan.
Tahap-tahap tumpurna basa:
(1) Boga poténsi kaancam tumpur, nyaéta basa-basa nu sacara sosial jeung ékonomi kagolong minoritas sarta kadesek ku basa mayoritas. Generasi mudana (barudakna) geus pindah maké basa mayoritas jeung jarang ngagunakeun basa indung;
(2) Kaancam tumpur, nyaéta basa-basa nu geus teu boga deui panutur generasi mudana. Panutur nu pasih (bisa) ngan kelompok generasi menengah (dewasa);
(3) Kaancam tumpur pisan, nyaéta basa-basa nu panuturna generasi tua--50 taun ka luhur;
(4) Sakarat, nyaéta basa indung nu panuturna karolot--70 taun ka luhur;
(5) Tumpur, nyaéta basa indung nu panuturna ngan ukur saurang nu antukna manéhna teu bisa komunkasi jeung sasaha. Tahap ieu nu paling kritis.
Sok ukur, basa Sunda ayeuna asup ka nu mana?
Ihtiar nu kudu dilakukeun
ayo baca
- Nguatkeun katahanan budaya bangsa ku cara ngamumulé basa Sunda.
- Ngawangun sikep positif sangkan aya kasadaran pentingna fungsi basa indung.
- Ngagunakeun basa Sunda sabagai alat komunikasi di lingkungan kulawarga.
- Ngasupkeun kurikulum basa jeung sastra Sunda dina palajaran sakola.
- Ngagalakkeun penerbitan--di dieu pentingna pérs jeung penerbit-penerbit buku.
- Kagiatan panalungtikan nu diarahkeun kana basa Sunda jeung panuturna. Hasil panalungtikan éta kahareupna bisa dijadikeun titik tolak kebijakan jang pamaréntah daérah.
artikel terkait