web analytics
  

Sastra Sunda: CIKOPI RACIK TÉTÉH CANTIK

Sabtu, 13 Februari 2021 06:25 WIB Yus R. Ismail
Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: CIKOPI RACIK TÉTÉH CANTIK, Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Sastra Sunda,Bandungan,seni dan sastra sunda

Ilustrasi Carpon Cikopi Racik Teteh Cantik. (Heindry Kurniawan)

YUS R. ISMAIL, ngarang carpon, sajak, novél, dina basa Sunda jeung Indonésia. Carponna pangpangna mindeng dipublikasikeun dina majalah Manglé, Tribun Jabar, Sunda Midang, Galura, jeung Pikiran Rakyat. Carpon na geus ngaratus. Sanggeus ngobrol jeung C.W. Watson, Yus asa kahatéan pikeun narjamahkeun carpon-carponna kana basa Indonésia.

Lima carponna ditarjamahkeun kana basa Inggris ku C.W. Watson, terus dimuat dina majalah The Malays and Indonesians Worlds jeung buku Miss Maya and other Sundanese Strories (Kiblat, Desember 2014, Lontar 2019). Puluhan bukuna terbit dina basa Indonesia. Tapi dina basa Sunda mah acan hiji-hiji acan, cenah hésé nimukeun penerbitna.

Yus ayeuna nganjrek di Rancakalong (Sumedang).

 

Sastra Sunda:
CIKOPI RACIK TÉTÉH CANTIK

 

KUNAON sih Boss manéh tara daék deui diajak ulin?” ceuk S.

Duka nanya anu kasabaraha kalina. Duka enya-enya nanya atawa sakadar ngangluh. Jajaka perlenté téh nyedot rokona anu tungtungna geus rajét digégélan. Tuluy kuntung roko téh dialungkeun enya ogé masih panjang. Lantaran kuring saukur seuri maur, manéhna ngaleguk cikopi pait anu tinggal satengah sénti deui.

“Silaing gé saruana, saukur cengar-cengir. Lila-lila mah jéngkél aing!”

“Abdi mah nyaan henteu terang, A. Abdi mah apan pelayan, tugasna mung nyanggakeun kopi, melayani pelanggan bilih aya anu hoyong itu-ieu, ngaberesihan méja,” témbal téh.

S meureun kakara sadar, saha ari kuring di warung kopi ieu. Tuluy manéhna ngagejlig ninggalkeun warung kopi anu keur ramé. Kuring mah gancang ngabérésan gelas kotor jeung piring pisin anu masih aya rotian.

Tétéh Cantik masih riweuh ngaracik kopi keur pelanggan anu ngantri. Boss Warung Kopi Bondon téh enya cantik alias geulis. Umurna kakara 25 taun. Wasta saenyana mah sanés Cantik. Tapi ti mimiti mindeng aya rombongan mahasiswa anu begadang nyarebutna Tétéh Cantik, jadi wé terkenalna sesebutan éta.

Ngaran Warung Kopi Bondon ogé mimitina mah lantaran warung di émpéran toko ieu téh memang nyadiakeun kopi jeung lalawuh saayana keur bondon. Ari bondon nyaéta sesebutan keur awéwé anu ngajual diri. Dibuka di émpéran toko henteu di tempat merenah, ngaranna henteu kafe tapi warung waé,  apan maksudna ogé keur bondon kelas jérkut alias nojér kana jukut.

Mimiti muka kira-kira pukul 22 nepi ka pukul 3 atawa 4 subuh. Harga kopi, emih rebus atawa sangu konéng, murah-meriah. Tétéh Cantik henteu enya-enya usaha ti warung kopi ieu mah. Saukur nyalurkeun karesep ngaracik kopi bari ngabantuan bondon anu pangasilanna henteu sabaraha.

Saha anu ngabadé warung kopi leutik téh jadi kawentar. Henteu saukur dipikawanoh di kota kabupatén leutik, tapi Warung Kopi Bondong jeung Tétéh Cantik kawentar sanusantara. Malah TKI ti kota ieu anu cekel gawé di mancanagara, basa mudik ngayakeun reunian di Warung Kopi Bondon.

Mimitina mah mindeng aya langganan anu henteu disangka ti saméméhna. Rombongan mahasiswa anu keur rudet maca atawa reureuh tina maén games, karyawan swasta milénial malam mingguan, atawa PNS milénial anu bingungeun méakeun duit sértivikasi atawa tunjangan séjénna. Maranéhna tangtu waé lain saukur hayang kopi, roti atawa sangu konéng + ceplok endog anu jadi ménu utama Warung Kopi Bondon.

Maranéhna ngobrol ngalér-ngidul jeung Tétéh Cantik bari popotrétan, selfi, ngadongéng heureuy, tuluy sareuri sabébasna. Naha sakabéh langganan raresep siga kitu? Singhoréng henteu. Aya jajaka rambutna jabrig, diukna matuh di juru nu rada poék, nyanghareup ka walungan anu meulah kota, tara kungsi tatanya atawa pirajeunan ngajak ngobrol ka saha ogé. Manéhna saukur neuteup sapanjang walungan anu beuki jauh beuki mongkléng, atawa nyérangkeun Tétéh Cantik mangjam-jam lilana, nyuruput cikopi pait, nyedot roko, ngotrét duka naon dina buku leutik anu sok dibabawana. Kasubuhnakeun jajaka jabrig téh bakal mesen roti bakar atawa sangu konéng, lamun masih aya kitu ogé, geus kitu kakara manéhna ninggalkeun warung.

Saha anu nyangka datangna langganan anyar téh bakal nyababkeun Tétéh Cantik jeung Warung Kopi Bondon kawentar. Potrét jeung carita Tétéh Cantik katut Warung Kopi Bondon viral dina média sosial. Henteu saukur potrét Tétéh Cantik keur ngaracik kopi, ngobrol jeung langganan, atawa heureuyna anu dirékam, anu nyababkeun viral. Tapi ogé Tétéh Cantik anu ngabagikeun sangu konéng ka petugas kabersihan kota, nyuguhan kopi ka bondon, ngadongéng bari suka-seuri jeung barudak andar-andar.

Jajaka jabrig anu mindeng nyorangan téh horéng panyak anu sajak-sajakna ngeunaan Warung Kopi Bondon jeung Tétéh Cantik meunang piunggul Hari Puisi Nasional cenah. Atuh henteu saukur éta panyajak anu kawentar, tapi ogé Warung Kopi Bondon jeung Tétéh Cantik milu tenar.

Urusan rejeki saenyana henteu pati diitung di warung kopi ieu. Komo sabada potrét jeung carita Warung Kopi Bondon viral. Harga kopi jeung lalawuhna undak sababaraha kali lipet. Langganan enya robah jadi kaum milénial. Pikeun maranéhna, harga mah henteu masalah. Malah lamun murah teuing jadi nurunkeun géngsi. Enya ogé kitu, warung kopi anu ngalegaan téh angger waé ngaranna Warung Kopi Bondon.

Ari langganan heubeul? Da puguh geus warawuh, apan angger meunang jatah bari haratis. Kopi atawa sangu konéngna sok dibawa ka tempat nyingkur, tara milu ngariung dina korsi anu disadiakeun. Perkara ieu mah can aya langganan anu apaleun. Ari kuring bet apal, apan kuring mah kapercayaan Tétéh Cantik. Kitu sahenteuna panyangka anu mindeng begadang di Warung Kopi Bondon ieu. Apan ngan kuring anu mindeng ngobrol akrab jeung Tétéh Cantik, indit duaan beurangna lamun aya kaperluan. Henteu bohong ogé lamun aya langganan anu timburu.

“Manéh téh bobogohan jeung Tétéh Cantik?” ceuk anu timburu téh. Pananya anu terusna jadi ngancam, “Lamun enya manéh aya hubungan jeung Tétéh Cantik, pasti aya akibatna keur manéh!”

Anu timburu téh S. Manéhna téh pengusaha urang Jakarta. Lain langganan biasa manéhna mah. Manéhna bogoheun ka Tétéh Cantik. Tangtu waé henteu anéh jeung lain saurang aya anu bogoheun ka Tétéh Cantik. Tapi lamun anu séjén saukur nepikeun rasa bogohna bari heureuy bari ngobrol, ngirim whatsup, atawa nélépon; S mah leuwih ti kitu. Manéhna méré hadiah anu arahéng, ngajak ulin maké mobil méwah anu cenah hargana nepi ka miliaran rupiah, nepi ka nalungtik naon kagiatan Tétéh Cantik lamun henteu di warung kopi. Matakna manéhna apaleun pisan akrabna kuring jeung Tétéh Cantik.

Tapi Tétéh Cantik beuki ngajauhan S. Tong boro narima hadiahna atawa daék diajak ulin, saukur ngobrol di warung kopi ogé tara ngalayanan. Basa ningali S markirkeun Lamborgini Huracan anu cenah hargana 10 miliar rupiah, Tétéh Cantik ngajebéngan.

“Tétéh téh keur lieur, hirup hayang bener. Muka warung kopi ogé hayang nengtremkeun haté, bari sugan wé ngabantuan maranéhna anu kadungsang-dungsang dina poékna peuting, éh kuruncul téh mangkluk siga si S. Pamér kakayaan. Mémangna éta téh meunang ti mana? Murel nempona ogé. Hayangna mah tutup warung kopi téh, da geus méngpar tina tujuan mimiti,” ceuk Tétéh Cantik sabada nutup warung kopi.

“Tapi naha Tétéh nolak waé S anu kabungbulengan. Meureun manéhna sakadar hayang ngobrol atawa...,” ceuk kuring henteu neruskeun omongan lantaran Tétéh Cantik molotot.

Saenyana, lamun seug rusiah-rusiahna henteu dibuka, sigana carita ieu téh hésé dipikahartina. Rusiah kahiji ngeunaan deukeut atawa akrabna kuring jeung Tétéh Cantik. Kuring téh tempat ngangluhna, curhatna, kapercayaanana, jeung harepanna keur mangsa ka hareup cenah. Umur kuring 19 taun. Peuting kuring jadi pagawé di Warung Kopi Bondon, beurangna kuliah di hiji perguruan tinggi negri. Ceuk Tétéh Cantik, kuring kudu kuliah nepi ka jucungna S3. Meureun minangka ubar kahandeueul lantaran baheula Tétéh Cantik henteu kungsi kuliah. Kuring téh adi misan Tétéh Cantik. Hiji-hijina dulur anu masih ngarojong jeung nyumangetan basa anjeunna marungkawut.

Rusiah anu utama nyaéta ngeunaan Tétéh Cantik anu pasti réa anu henteu apal. Tapi ngeunaan rusiah ieu, kuring moal ngabolékérkeun jati dirina. Keun waé anu maca sina ngararampa, saha anu pangalaman hirupna saperti Tétéh Cantik ieu.

Umur 18 taun Tétéh Cantik lulus ti SMU. Nasibna robah saratus dalapan puluh darajat basa ngajaran gawé di Jakarta. Kakara sababaraha bulan ngumbara, ari balik tumpak mobil hérang tur lecir. Basa urang kampung arapaleun harga Pajero Sport anu dibawa Tétéh Canik téh leuwih ti 500 juta, mani patingareuleuh patingaralah.

Komo basa ngadangu béja di Jakartana téh panganjrekan Tétéh Cantik di apartemen méwah. Pangasilanna sabulan 16 juta, acan tunjangan ka salon, ngurus kendaraan, jeung hadiah-hadiah anu hésé kaitung jumlahna. Gawé naon atuh Tétéh Cantik téh?

Puguhan henteu gawé nanaon. Basa kakara nepi mah di Jakarta magang di kafe, jadi asistén barista. Barista téh tukang ngaracik kopi di kafe. Resep cenah gawé téh. Puguh nu boga kafé téh bageur, ngarti kana kahayang jeung pangabutuh pagawéna da puguh sarua ngora kénéh. Di kafe éta Tétéh Cantik kenalan jeung bapa-bapa kira umur 50 taunan. Bogoheun si bapa téh, ampir unggal panggih méré hadiah. Si bapa éta anu ngabéayaan sakabéh kaperluanana.

Lamun seug dicaritakeun saha si bapa éta pasti réa anu maca apalaeun. Puguh manéhna téh politisi kawentar. Unggal usik aya dina tv, koran, jeung ramatloka. Tapi moal didongéngkeun saha si bapa téh. Enya, apan urang mah keur ngadongéngkeun Tétéh Cantik.

“Tapi Tétéh téh asa jadi robot. Ka swalayan, salon, kleub fitnes, komo ka babaturan atawa mulang ka lembur mah, kudu sagala lapor. Indit jam sabaraha mulang jam sabaraha, kudu apal Si Bapa téh,” ceuk Tétéh Cantik hiji waktu. “Anéhna, Si Bapa téh da henteu pati butuh ku Tétéh. Mimitina datang saminggu sakali, terusna mah leuwih elat, saukur ngobrol sajam-dua jam. Terusna mah indit deui wé dianteur supirna ka acara itu acara ieu. Cenah mah, Tétéh téh saukur keur prestiseu, géngsi, ah duka naon kétang maksudna.”

Kuring mah saukur molohok ngadangu dongéngna téh. Enya, da puguh henteu ngarti sagemblengna.

“Terusna Tétéh panggih jeung sobat basa gawé di kafe. Barista téa. Bet resep maling-maling panggih jeung manéhna, ngulayaban néangan kopi heubeul, ngaracik jeung nyuruputna. Kituna téh bari silihtamplokeun kacinta. Puguh atuh, mobil aya duit aya, siga anu bulan madu waé.”

Lebah dieu komo deui kuring henteu ngarti.

“Tungtungna kanyahoan ku Si Bapa. Sagala anu dibikeun dibawaan deui. Entong boro mobil, apartemen, hp, kartu kredit, baju-baju ogé dibawa deui. Tétéh ditinggalkeun di tengah jalan, maké baju rubat-rabét, diéra-éra ka sakuliah dunya. Apan warta Tétéh kadungsang-dungsang di jalan téh ramé dina ramatloka.”

Kitu pangna basa nepi ka lembur Tétéh Cantik pada ngajejeléh. Uwa Istri, ema Tétéh Cantik, apan dugi ka teu damang harita téh. Kuring anu terusna sok ngadeukeutan Tétéh Cantik. Ngajak ngobrol, jalan-jalan, nepi ka bérag deui. Ari kuring inget waé kasauran Mamah, keur kuring orok Tétéh Cantik cenah anu ngasuh kuring.

“Lantaran katingalina beunghar kacida Tétéh nolak cinta S?” ceuk kuring.

“Lain. Sotoy pisan,” cenah bari seuri.

“Kunaon atuh?”

“Lantaran S téh budakna Si Bapa politisi kawentar téa!”

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung

Dongéng Nasruddin Hoja: Jadi Khotib Jumaah

Bandungan Senin, 3 Mei 2021 | 15:32 WIB

Can lila manéhna khutbah, katingali para jamaahna geus narundutan. Ngalegeday. Malahan sabagian jamaahna saré bari kérék...

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja:  Jadi Khotib Jumaah, Kisah nasruddin hoja,nasruddin hoja jadi khatib jumat,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT

Bandungan Sabtu, 1 Mei 2021 | 07:48 WIB

Hirup jadi ayem tingtrim ku jalan musawarah, lain pabetem-betem tur hayang papada meunang sorangan.

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT, cerpen Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,sastra dan budaya Sunda,Carpon Sunda,Carpon Ratih Ratnasari

Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma

Bandungan Jumat, 30 April 2021 | 13:13 WIB

Nanang nyebutkeun, dagang bedug béda jeung dagang barang séjén. Dagang kulit bedug jeung bedug mah musiman. Ayana di bul...

Bandung Baheula - Bandungan, Tukang Bedug Optimis Maju ka Lebaran Jualanna Maréma, pedagang beduk,tukang bedug,Pedagang Kulit Bedug Tasikmalaya,kulit bedug,Bedug Tasikmalaya

Paséa

Bandungan Kamis, 29 April 2021 | 15:37 WIB

“Didengé-déngé, titadi, éta Sungut meni ngocoblak waé.

Bandung Baheula - Bandungan, Paséa, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda
dewanpers