Opat Carita Cinta Sunda nu Nyentug kana Manah

Merpati pengantar surat. (Pixabay)
AYOBANDUNG.COM -- Redaksi Ayobandung.com mangmilihkeun opat carita cinta bahasa Sunda. Ngahaja teu panjang teuing méh gampang macana.
1. From Cihanjuang with Love
INGET basa ninggalkeun anjeun sababaraha taun ka tukang. Da bongan anjeun teu méré isarah nu jelas. Atawa mémang anjeun can déwasa?
Peuting-peuting balik ti Cihanjuang, handapeun sutét, numpak motor astréa 800 kalayan haté teu puguh: nungguan anjeun atawa nyorang si tétéh nu di Majalaya?
Haté terus buleud muru ka lebah wétan. Ayeuna anjeun muncul di fb—méré harepan—terus chatting: “Kang, damang?”
“Pangésto.”
“Abdi galau.”
“Galau ku naon? Pan aya si Aa?”
“Si Aa teu satia. Tos 3 sasih papirak. Ieu no hp abdi....”
“Akaaang…!” sora pamajikan ti handap.
“Maén facebook waé! Ieu bantuan nyeuseuh!”
Facebook di-sign out.
“Enya, enya. Ké sakedap...,” témbal kuring. Kuring gura-giru turun.]
2. Surat Cinta
CUNDUK waktu. Ninggang mangsa. Geus waktuna surat-surat cinta ieu ninggalkeun tempatna. Welasan tahun aya na laci lomari. Dipusti-pusti.
Elis ngaluarkeun puluhan surat. Mawa korék ka dapur. Dibawa ka pipir. Cingogo hareupeun kumpulan surat.
Panasaran, amplop kayas gambar love nu pangahirna ditarima ku manéhna dibuka. Jerona kertas kayas:
Anjeun na jero haté
Anjeun na kongkolak panon
Bulan saksina
Nepi ka iraha gé, kuring moal ninggalkeun anjeun.
— Marwan
Cuh! Elis nyiduh. “Bulan ti ucing!” pokna.
Kertas kayas dirames. Cekés, korék api dihurungkeun.
Teu lila mangpuluh surat jadi areng. Rébuan kecap kaasih jadi haseup. Nyambuang ka langit.
Elis balik deui ka kamar. Ka laci tempat ratusan surat cinta tadi manéhna ngasupkeun hiji surat: surat cerai ti Kang Marwan.[]
3. Sirkuit Cinta
SISI can lila bobogohan jeung Rifat, jago réli nasional.
Ngaranna gé tukang balap, cara bobogohan Rifat teu romantis. Garing. Kaku.
Sanajan kitu, pikeun Sisi mah reueus wé boga kabogoh ka jago réli nasional.
Hiji waktu Sisi maturan kabogohna latihan di sirkuit. “Si, tos nyobian numpak mobil Subaru dengan kecepatan 250 km per jam?” Rifat nanya.
“Teu acan, A,” ceuk Sisi.
“Sok naék.”
Sisi mukakeun panto mobil Subaru Rifat. Clak diuk gigireun Rifat.
Mobil digerung-gerung. Haseup jeung kebul pagalo nyambuang tukangeun mobil.
“Tong hilap sabukna anggé.”
Sisi unggeuk.
“Siap?”
Sisi unggeuk deui.
Mobil Subaru ngabelesat.
Sisi ngocéak, “Rifaaat…!”
Jajantung Sisi asa eureun. Leungeunna tipepereket nyekel jok.
“Rifaaat…!”
Ngan dua menit. Mobil eureun bari muter.
Sisi ngaleketey. Palebah jokna aya nu baseuh.
4. Asmarandana Heubeul Isuk
NGUMBARA kuring téh kungsi.
Di kacamatan Soréang.
Di jalan raya Ciwidéy.
Imah téh dina mumunggang handapeun tangkal kiara.
Ngaran lembur Heubeul Isuk.
Katelah beurang sok elat.
Tiris kénéh énjing-énjing.
Sareng langit henteu béngras.
Teu katingal srangéngé.
Reueuk sanés badé hujan.
Awun-awun.
Ngahalangan.
Jarum jam tos angka tujuh.
Tapi geuningan can caang.
Kataji ku asmarandana “Heubeul Isuk” nu dimuat di hiji blog, kuring ngajugjug—mawa kaméra—ka Soréang.
Maké motor. Peuting-peuting. Hoyong nyobaan isuk-isuk di Heubeul Isuk sakalian rék niat nyieun reportasena.
Mondok di imah Pa RT nu kacida bageur.
Subuh-subuh hudang. Bari diharudum sarung. Cingogo di tepas imah panggung. Bari ngelepus ngaroko.
Lamping dibungkus halimun. Di handapna jambatan karéta api jaman baheula.
Néng Elis, anu randa, putra Pa RT, ngasongkeun cikopi panas jeung goréng pisang.
Teras anjeunna maturan ngobrol ngalér ngidul.
Nyaan di Heubeul Isuk poho ka beurang. Poho ka pamajikan.[]