web analytics
  

Duh, Surat Cinta Sunda nu Mawa Baper …

Senin, 25 Januari 2021 15:57 WIB Komala Sutha
Bandung Baheula - Bandungan, Duh, Surat Cinta Sunda nu Mawa Baper …, surat cinta sunda,surat cinta bahasa Sunda,contoh surat cinta dalam bahasa Sunda

Contoh surat cinta dalam bahasa Sunda. (Pixabay)

Kahatur: Kang Sérgio
di Kamasan

Salam Sono,

WAKTOS Akang maos serat ieu, mugia Akang aya dina panangtayungan nu Welas Asih. Nampi iber, Akang nuju aya di lembur saatos dua taun bubuara ka Sumbawa. Tangtos, atanapi mung sangkian abdi, Akang miharep tepang sareng abdi margi sababaraha sasih kapengker, urang kantos paheut jangji patepung lawung di lembur.

Abdi teu hilap, Kang. Sakawitna gé, haté morojéngja ku teu kiat nandang panyiksa batin hoyong tepang sareng salira. Sabaraha taun urang teu tepang? Sanés sataun dua taun. Sanés belasan taun deui. Tapi langkung ti dua puluh taun boa.

Geura, harita waktos abdi kaparengan ka lembur, malih mah asana ngawengi di bumi Aki sareng Nini. Harita abdi ningal Akang nuju aya di payuneun warung Kang Iji. Karérét, Akang curinghak ningal abdi tur abdi api-api teu ningal. Sanés abdi somseu, teu pisan-pisan. Sanés teu hoyong ngawangkong. Tapi abdi teu raos ku nu nuju nyarengan abdi. Pun lanceuk. Salaki abdi, Kang. Kantenan abdi nuju bureuyeung ning, ngandung nu cikal.

Énjingna, di pasar Léwo, abdi sareng salaki ka pasar, balanja, malah dijajap ku pun bapa. Di payuneun pisan pasar, katingal Akang nuju melong ka abdi. Sanés géér, tapi Akang sakitu curinghak. Kateguh, Akang hoyong amprok. Boa hoyong ngawangkong. Tapi deui-deui, abdi api-api teu ningal. Ngabalieur. Salira angger mencrong waktos abdi naék kana mobil Apih téh. Aya rasa dosa mah. Rumaos abdi nu nguciwakeun salira. Megatkeun tali asih nu masih nganteng. Tah, harita pamungkas urang paamprok.

Kang Sérgio, sababaraha sasih kapengker, kersaning Pangéran, urang amprok di média sosial. Horéng, anjeun tos lami maluruh abdi. Nepika anjeun wakca, mikawanoh wanoja nu nami tur rupa warugana nyeplés sareng abdi. Saleresna, abdi gé kantos maluruh raratan salira. Samalih waktos kaparengan sababaraha kali ka lembur, abdi kantos naroskeun iber salira nu diwaler cenah, salira ngumbara ka luar pulo. Tapi, abdi teu tetelepék, sabab apan urang tos pada-pada teu nyorangan nya, Kang.

Akang dina telepon, keukeuh wé nyabit-nyabit, paamprokna urang di payuneun pasar Léwo. Salira masih neuteuli pédah abdi ngabalieur. Hapunten kadua kalina, Kang. Saupami harita abdi kitu. Abdi téh can dua taun laki-rabi bari dina kaayaan ngandung budak kahiji. Abdi ngaragangan. Abdi sieun ujug-ujug Akang nyampeurkeun laju matak ngabarubahkeun ka salaki. Sok padahal, saupama abdi balaka mah ka salaki nya yén Akang téh sobat, piraku diangken mantan papacangan mah. Salaki tangtu ngartos. Sing maklum wé, Kang atuh da haritana gé abdi masih pikiran boboloneun enya gé tos kulawargaan. Masih seueur kahariwang. Sieun kawas dina sinétron ning, ih!

Akang, nalika salira maos ieu serat, kumaha paraosan? Naha bendu kénéh ka abdi? Naha Akang masih kuciwa ku abdi? Da geuning, Akang gé nyabit-nyabit, pegatna urang lantaran abdi nu téga ninggalkeun. Abdi megatkeun tali asih urang ku surat nu eusina nyarugak nu cenah--suratna dugika disimpen dina lomari. Dihijikeun sareng potrét urang duaan waktos dipotrét di studio Pa Nandang.

Sanggem abdi, aya kénéh surat sareng potrétna? Ah, duka ka mana, waler salira téh. Raraosan, abdi asa teu kantos ngintun serat kantenan bari ku ungkara nyarugak nu tujuanana megatkeun katrésna urang. Atanapi abdi nu hilap? Nu teu weléh kaémut ku abdi mah, pegatna urang sanés ku pédah alatan tos teu aya rasa asih. Tapi ku kaayaan.

Harita abdi nincak mangsa kuliah saatos nganggur sataun tur nyéépkeun waktos di lembur Kamasan. Nu ngalantarankeun urang nepi ka paamprok. Sedengkeun, salira harita masih sakola. Apan yuswa urang téh bénten sabaraha taun tah, tilu atanapi opat. Tangtosna, yuswa Akang langkung anom ti abdi.

Sakapeung sok hayang seuri, urang bobogohan. Abdi bogoh ka sahandapeun. Salira bogoh ka saluhureun. Tapi kétang saur anjeun waktos urang tepang munggaran di handapeun tangkal rambutan payuneun bumi Ceu Mumun, yén ‘cinta itu tidak memandang usia’. Meni légég. Tapi da enyana, Kang. Malih mah, salira gé teu hilap pan, salira ngéngéngkeun jisim abdi téh hasil ngarebut ti sobat ogé sadérék misan sanés? (abdi angger nya sok serasa cewek rebutan) padahal seueur nu resep téh ‘tidak indah’ ah, Kaaang!

Heuheuy deuh ... mangsa rumaja aya ku éndahna mun émut mangsa urang reureujeungan. Lalakon urang manjang. Nepi ka salira remen apél saban abdi aya di lembur. Da sidik pan abdi mah nganjrék di Bandung. Ka Kamasan saukur nganjang. Harita mah can jamanna aya hapé. Cekap ku pos ingkig wé ning. Tapi kétang da urang mah asa teu kungsi seseratan.

Salira ‘Pejantan Tangguh’, cenah ‘Pantang Menyerah’, berusaha mendapatkan sesuatu yang diinginkan meski itu milik orang lain. Is, ulah atuh! Sami sareng maok hak batur. Tapi, waktos abdi nampi kahéman salira, abdi dina kaayaan teu aya hubungan sareng sasaha. Margi, haté teu wasa diwadulan, nu ngancik dina haté abdi, mung salira, Sérgio.

Urang ngaliwatan maleman Minggu di tepas Aki Haji. Di Jurutilu. Disaksian cahaya bulan opat welas. Salira nganggé kaméja panangan panjang digulungkeun samet siku, atuh kahandapna calana jins pulas hideung. Mekel inuman sprite nu nyereng téa (ari hari ginih aya kénéh sprite?) nu kéngéng mésér ti warung Ceu Euis.

Dina malem Minggu séjén, urang amprok dina liliwatan jalan ka Bangunsarikeun. Caket kebon awi. Sakali mangsa mah bet ngadon ngawangkong dina tepas Ceu Iim. Nepi ka dipiwarang ka lebet. Harita urang sok ngawangkong naon, nya? Hilap, ah. Salira gé hilap. Nu tangtosna mah sagala rupi nu éndah wé. Dunya asa nu duaan. Tos teu maliré batur aya nu teu resep kana rasa nu ngagalura jeroeun dada urang.

Akang Sérgio anu bageur, anu kasép ... ti kapungkur dugi ayeuna teu acan kacocéng (héhéhé wios nya nyebat kasép gé) da piraku geulis mah. Kumaha... percanten yén urang kantos pegat alatan ku kaayaan nu teu biluk ka urang?

Dina mangsa rumaja, nya panginten nu sanés gé kitu. Tungtungna, abdi ngalepatkeun ka Akang, naha atuh Akang mun enya miharep abdi, teu nyusul abdi ka Bandung? Atanapi pan tiasa nyeratan? Perangko itu, murah looooh! Tapi kétang ari mulih deui ka dinya mah moal aya tungtungna. Nu pasti mah, Gusti Allah kagungan rarancang nu langkung saé pikeun kahirupan urang. Urang teu kéngéng ngahiji. Urang teu diparengkeun ngajodo. Leres pan, nya?

Duh, Kang Sérgio ... teu karaos ning waktos téh. Sakali deui, hapunten duh hapunten Kang Sérgio, sadaya kalepatan abdi. Urang silih lubarkeun. Alhamdulillah urang diparengkeun silaturahmi dina média sosial. Tapi ti dinya, urang bet kalalanjoanan. Sabab urang teuleum dina katineung. Rasa nu silih ténjrag dina mangsa rumaja méhméhan ngepung deui urang malah mah leuwih rongkah tur motah.

Ku kituna, nya... saupami abdi kapaksa ngablokir Akang, no HP,  WA, FB, IG sareng média sanésna, ulah kirang-kirang ngahapunten. Éta mangrupi jalan pikeun urang supados teu kairid kana naon nu dilarang ku agama. Urang tos bénten alam, tos pada-pada kacancang. Abdi gaduh salaki tur barudak nu nuju meujeuhna kedah diperhatoskeun. Kitu deui Akang tos kabeungkeut tikah oge kagungan putra pameget nu tos rumaja nu sakitu ganteng kumaha wé ramana, nya (héhéhé).

Serat ieu dikintun saatos kéngéng widi pun lanceuk. Salamna ti anjeunna, saurna kanggo mantan terindah diriku (witwiw). Salam ogé ka istri sareng tuang putra ogé kulawarga di lembur. Sawios, teu kedah dibales ieu serat margi deuih (ngahaja) teu dialamatan. InsyaAllah, boboran payun abdi ka lembur, seja silaturahmi ka Akang sareng ka nu sanésna bari jarah ka makam Aki, Nini sareng almarhum pun bapa. Sanés badé napak tilas ka tempat ‘keramat’ urang. (bilih bogoh deui, pamali ah...)

Kang, abdi sono ka salira... sono pami ka lembur hoyong diajak niis dina tepas Aki Haji di Jurutilu dina wengi caang bulan opat welas. Tapi, sawios... éta mah mung ukur kalangkang lamunan nu teu sakedahna diémut-émut deui. Cekap janten carita nu baris langgeng dina lelembutan urang.  Cag!

 

México, 25 Januari 2021

Ti abdi nu (kantos) mikatrésna Kang Sérgio

 

Marimar

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bandungan Rabu, 24 Februari 2021 | 14:34 WIB

Lebah péngkolan, kasampak si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék.

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Ceurik Lebah Péngkolan, fiksimini,Fiksimini Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan budaya sunda

Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar

Bandungan Selasa, 23 Februari 2021 | 16:38 WIB

Sajumlah warga meunang kompénsasi rata-rata Rp8 miliar. Atuh nu baroga duit langsung mareuli mobil.

Bandung Baheula - Bandungan, Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar, Warga Tuban mendadak kaya,Bendungan Kuningan,Kilang minyak tuban,Warga Kuningan mendadak kaya,Proyek kilang minyak Tuban

Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda

Bandungan Senin, 22 Februari 2021 | 14:28 WIB

Ceuk Ceu Popong, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh apal naon baé nu kudu diomékeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda, watak asli orang Sunda,kelemahan orang Sunda,Gotong Royong,Ramah,karakter orang Sunda,Bageur teuing,Popong Otje Djundjunan,Uu Ruzhanul Ulum,Aang Hamid Suganda

Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung

Bandungan Minggu, 21 Februari 2021 | 20:00 WIB

Sabab, ceuk Darpan, lamun leungit basana bakal leungit bangsana.

Bandung Baheula - Bandungan, Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung, hari bahasa ibu internasional,Presiden Joko Widodo,Poe Basa Indung Internasional,Lembaga Basa jeung Sastra Sunda,Bahasa Sunda

Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS

Bandungan Sabtu, 20 Februari 2021 | 08:26 WIB

Kota Bandung moal tigerat ku cai. Sabab wakil rayat, pausahaan daérah, jeung pajabat Kota Bandung geus diajar ka Médan....

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS, Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carpon Sunda,Carpon Cecep Burdansyah,carpon,cerpen Sunda,seni dan budaya sunda

Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang

Bandungan Jumat, 19 Februari 2021 | 16:09 WIB

Di jaman kolonial geus lain jadi rusiah urang pribumi leuwih deukeut ka urang Tionghoa dibandingkeun ka urang Eropah.

Bandung Baheula - Bandungan, Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang, Tionghoa Bandung,sejarah tionghoa di Bandung,Trik dagang tionghoa,sejarah,sejarah tionghoa zaman kolonial

“Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno

Bandungan Rabu, 17 Februari 2021 | 15:26 WIB

Dina basa Sunda, “saloka” hartina “umpama” atawa “ibarat”, sedengkeun “tamara” hartina “gamelan”.

Bandung Baheula - Bandungan, “Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno, Nama Bayi dalam Bahasa Sunda,Nama Bayi,Nama Bayi Eksotis,Arya Saloka,saloka,Tamara Bleszynski,tamara geraldine

Dua Kaulinan Barudak Jaman Baheula: Pérépét Jéngkol jeung Sasalimpetan

Bandungan Selasa, 16 Februari 2021 | 11:06 WIB

Limaan ngariung, tuluy nukang. Laju suku sabeulah nu kénca, diangkat, silih kaél. Geus karasa pageuh, nguriling nukang...

Bandung Baheula - Bandungan, Dua Kaulinan Barudak Jaman Baheula: Pérépét Jéngkol jeung Sasalimpetan, Permainan Tradisional,permainan tradisional sunda,permainan tradisional di rumah,Perepet jengkol,Sasalimpetan,Permainan anak tradisional Sunda
dewanpers