K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Habis)

Buku (Istimewa)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Dina basa Sunda aya paribasa, aya ogé babasan. Paribasa mah nyaéta mah kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Nya basa kerénna mah kecap nu bisa ngamotivasi.
Sedengkeun babasan mah mangrupa kecap, siloka, atawa kiasan nu hartina lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.
Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.
Di handap ieu, paribasa jeung babasan pilihan rédaksi Ayobandung.com nu sok ditéangan ku balaréa atawa jadi tugas budak sakola. Dicutat tina sababaraha sumber, tuluy ditarjamakeun ka bahasa Indonesia.
87. Kawas anjing tutung buntut = Tidak mau diam. Bergerak terus
88. Kawas anjing kadempet lincar = Berteriak-teriak minta tolong
89. Kawas bueuk meunang mabuk = Hanya merunduk. Tak berbicara.
90. Kurung batok = Tak pernah bepergian. Senang diam di rumah
91. Kawas beusi atah beuleum = Wajahnya memerah karena marah
92. Kokolot begog = Merasa paling tahu urusan orang dewasa
93. Kawas nu dipupul bayu = Pasrah dengan keadaan
94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = Terserah, bagaimana nanti
95. Kejot borosot = Gampang mengambil keputusan tanpa pikir panjang
96. Kabawa ku sakaba-kaba = Terbawa oleh pergaulan orang lain
97. Kahieuman bangkong = Tampak kaya padahal kekayaannya itu titipan orang lain
98. Katempuhan buntut maung = Orang lain yang melakukan. Dia yang tersangka
99. Kawas cai dina daun taleus = Tak ada bekas
100. Kawas jogjog mondok = Selalu berbicara. Tak pernah diam
101. Kelek jalan = Dekat, tapi jalannya banyak belokan
102. Kawas jaér kasaatan = Tak mau diam
103. Kawas gaang katincak = Tak ada suara
104. Kawas hayam panyambungan = Tidak punya kegiatan yang jelas.
105. Kawas kuda leupas tina gedogan = Merasa bebas. Merdeka
106. Kaciwit kulit kabawa daging = Anak yang melakukan. Orangtua terbawa-bawa
107. Kandel kulit beungeut = Tak punya rasa malu
108. Kujang dua pangadekna = Punya dua pekerjaan yang harus diselesaikan dalam waktu berbarengan
109. Kokoro manggih mulud = Mangpang mungpung. Memanfaatkan kesempatan untuk makan
110. Kawas kedok bakal = Jelek rupa
111. Kaliung kasiput = Banyak saudara yang kaya
112. Kawas kapuk kaibunan = Tak punya kekuatan. Lemas
113. Kalapa bijil ti cungap = Mengungkapkan rahasia sendiri
114. Kawas kacang ninggang kajang = Banyak omong. Ngomongnya cepat
115. Kawas nyoso malarat rosa = Sengsara
116. Kulak canggeum = Rezeki sudah ditentukan Allah
117. Kembang buruan = Anak yang lagi senang-senangnya main di halaman
118. Kawas leungeun palid = Tangannya tak bisa diam
119. kawas lauk asup kana bubu = Susah keluar