web analytics
  

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

Sabtu, 23 Januari 2021 08:35 WIB Dede Rahman Arief
Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda,Bandungan

Ilustrasi carpon Nu Asih Kapegat Pati (Heindry Kurniawan)

Pengantar Redaksi

“Nu Asih Kapegat Pati” cerita pendek Sunda (carpon) yang terpilih Redaksi Sabtu ini, 23/1/1021. Dede Rahman Arief, penulisnya, tinggal di Cijerah dan beberapa carponnya pernah dimuat di majalah Manglé dan Sunda Midang.

Bercerita tentang Iwan, seorang mahasiswa fakultas Hukum, yang menaksir Asri, keponakan Ibu pemilik tempat kos Iwan. Dalam mengejar Asri, ia memakai teori hukum Van Apeldoorn: “... barang siapa hendak mengenal sebuah gunung, maka seharusnya ia melihat sendiri gunung itu ....”

Berhasilkah Iwan mendapatkan Asri ? …

--Redaksi

 

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

KAJONGJONAN ngadekul diajar, keur nyinghareupan isukan ujian semester. Ngilikan jam, méh tengah peuting. Sieun kabeurangan. Goledag maksakeun saré sanajan taya pitunduheun gé, malah reupna pisan mah basa hawar-hawar tahrim di masjid kuloneun kosan.

Kageuingkeun ku sora récét barudak jeung ibu-ibu paadu tawar di tukang sayur. Kuring ngoréjat hudang. Ngilikan jam dina hapé. “Astagfirulloh” gura-giru cengkat muru cai.

Kabeneran kamar cai keur dieusi. Kapaksa cinutrung nungguan, bari ngadédéngékeun gejeburna sora cai.

Tapi, teuing saha nu di jero kamar caina. Kacirina salsé naker, matak kesel nungguana. Rék diketrok teu werat, bisi asa dirurusuh. Kuring dédéhéman, susuganan nu dijero cai surti. Supaya gancang ngaréngsékeun mandina.

Teu lila, kolotrak sora slot kamar cai muka. Kuring buru-buru cengkat, tadina rék langsung mubus asup. Gebeg ngarandeg.

“Punten ngantosan lami,” kadéngé sora halon, bari ngaléos semu tungkul, ngincid rurusuhan ninggalkeun kamar cai.

Kuring bati olohok asa teu percaya kana téténjoan. Asa tacan kungsi kawénéhan aya awéwé nu ngadon milu mandi. Keur mah teu narima nu kos awéwé. Kari-kari ieu? Palangsiang ....

Jeletot kuring nyiwit leungeun sorangan, karasa nyeri. Sidik lain ngimpi atawa riwan.

Ras inget kana carita Nyi Gendeng Permoni, anu cenah mah siluman ti leuweung Setra Gandamayit, geulisna kabina-bina. Reuy awak kukurayeun. Tapi kasieun buru-buru disieuhkeun. Pikir téh piraku siluman leumpangna napak, malah kadéngé sora sendal capitna rurusuhan ngaleos asup ka panto tukang imah nu boga kosan.

“Ah ieu mah jelema ... sigana mah dulur si ibu kos!” ceuk géréntés haté.

Tapi, kalis ku kitu, waktu rék ngaléngkah asup ka kamar cai mah, teu burung ngarasa keueung. Ras Inget kana papatah guru ngaji. Mun rék asup ka kamar cai, cenah kudu dimimitian ku suku kénca. Mun ké kaluar, dimimitian ku suku katuhu. Ari sababna, kamar cai téh tempatna sétan.

Buru-buru ngejatkeun suku katuhu nu geus miheulaan ngaléngkah ka lawang cai  diganti ku suku kénca bari babacaan.

Bérés mandi, ngarongkong heula hapé, dibuka, aya wa ti si Dani. “Burukeun lima belas menit deui ujian dimimitian.”

Kuring gesat-gesut dangdan maké seragam hideung bodas. Dasi mah teu kaburu dipasangkeun dibebeskeun kitu waé ka nu saku calana. Malah teu kaburu nginum-nginum acan. Motor distater, biur nyemprung muru kampus bisi ujian kabeurangan.

Réngsé ujian méh soré. Puguh matak ripuh, tilu mata kuliah ujian disapoékeun. Urutna awak karasa lungsé, sirah lungleng keur mah kurang saré. Untung isukan taya jadwal ujian. Niat téh peuting ieu mah rék ngabales jatah saré nu kacongcay tadi peuting.

Saméméh ka kosan, butuh roko jeung nu seger-seger. Soloyong motor diparkirkeun di hareupeun supermarkét. Sup kajero, karasa hawa acé nyecép tiis kana sirah nu titatadi panas ngaheab urut ujian.

Selamat datang, selamat berbelanja di supermaket kami,” sora kasir ngawilujengkeun unggal nu karék asup.

Teu  ditolih, kuring noyod mapay rak etalasé muru lomari pendingin tempat minuman. Ngarawél kopi capuccino kalengan hiji, ké dikasir ditambahan ku roko sabungkus pikir téh bari muru kasir nu kabeneran kosong.

Balanjaan disodorkeun bari ngodok dompét dina pésak calana.

Tambah apa lagi?” ceuk sora kasir halon, kadéngéna bangun anu asa-asa.

“Rokoknya sebungkus!” jawab téh bari bari tonggoy ngodok duit dina dompét.

Bareng rék nyodorkeun duit, kasir-na keur nukangan, ngarokong roko dina rak. Ari malik, gebeg kuring mata simeuteun. Nyéh manéhna imut.

“Geuning damel di dieu?” tanya téh.

            “Muhun, A,” jawabna bari nyodorkeun roko dibarung pamulu teu weléh imut.

“Tos lami?”

“Némbé dua dinten!” jawabna halon.

“Saé atuh,” cékéng téh bari mésem.

Puguh teu nyangka sacongo buuk, bisa panggih kadua kalina jeung manéhna. Hayang  ngobrol papanjangan, teu ngeunah manéhna keur gawé. Katambah nu gigireunna, sigana mah kepala tokona, ngeus lieuk deui ka kasir ngisarahan. Mun dihartikeuna mah tong réa ngobrol. Kuring surti, sabada narima pulangan mah leos wé ninggalkeun kasir. 

Sanepina ka kosan, awak karasa rariged urut kakésangan, hayang mandi. Bari nyampaikeun anduk dina taktak, léos ka cai.

Palebah panto kamar cai. Jadi inget kajadian tadi isuk-isuk, jadi hayang seuri sorangan ngeus suudon nyangka manéhna siluman. Kapan sidik tadi keur ngaladangan di super markét. Ngan hanjakal teu kaburu ménta no wa-na. Kitu téh bakat ku kasima, ningali imut jeung kempot pipina.

“Keun baé sugan seungit urut manéhna mandi isuk-isuk téh kaambeu kénéh .... itung-itung ngubaran kahanjelu,” géréntés haté bari ungas-ingus di jero kamar cai. Ngan édas nu ka ambeu kalah peletékna bau hangseur. Geuwat nyiuk cai sagayung, byuuur dibanjurkeun, bari kukulutus.

Bérés mandi, bari gogol ran mukaan hapé bisi aya wa anu asup. Bakat ku anteng, teu karasa kuring ngalenyep kasaréan. Ampir kapoosan mun teu kahudangkeun ku sora adan Magrib di masigit mah.

Teu indit ka masjid puguh asa bararuteun sasat hudang disakalikeun. Réngsé solat, kolotrak sora panto pager aya nu muka. Kuring tibuburanjat cengkat, noong kanu jandéla kamar.

Haté ngalenyap basa ningali ringkang manéhna. Rék disampeurkeun rumasa teu aya kawani. Antukna kuring ngan saukur ngadedempés, bari ngadéngé sora uluk salam jeung kolotrakna sora panto tepas imah nu boga kosan muka.

Goledag awak digolérkeun. Nu tadina rék naur hutang saré téh kalah bolay! Pitunduheun dumadakan ngajarauhan. Sora nu gigitaran jeung nu rarécok ngobrol di kamar sabeulah teu hayang maliré. Komo pipilueun nimbrung mah. Nu kacipta na kongkolak panon ukur manéhna, teuing matak bingung ngararasakeunna. Teu karasa biwir ngagereyem, “Isukan mah rék ditepungan ka pagawéanna!”

Isukna, langit béngras. Nu biasa ngecrek hujan kasorénakeun, harita mah teu katingali pepedut-pepedutna acan. Kuring nyemprung ka nu motor meulah jalan nu keur meujeuhna ramé.

Teori-teori hukum, pasal-pasal, harita mah mancawura katebak angin. Teu hayang ‘nanggap caritaan’ dina buku-buku pakar hukum; van Apeldoorn, van Vollenhoven, Soepomo, Utrecht jsb. matak jangar sirah. Ayeuna mah hayang nanggap carita manéhna, hayang leuwih nyaho ka manéhna. Kitu pan ceuk teori Van Apeldoorn ogé “... barang siapa hendak mengenal sebuah gunung, maka seharusnya ia melihat sendiri gunung itu ....”

Nepi ka tempat gawéna. Keur meujeuhna ramé ku nu balanja. Waktu katingali kuring milu ngantai di kasir, manéhna rada ngaranjug. Kuring ngahaja meuli roko sabungkus.

Bari nampanan pulangan, sabot bongoh kepala tokona. “Uihna sareng, ké diantos dipayun!” kuring ngaharéwos.

Teu nunggu jawaban ti manéhna. Keur mah katinggali kaburu nyinghareupan nu rék babayaran ngangsreg na antayan. Kuring ngaléos ka luar nungguan di téras.

Teu kungsi sajam manéhna kaluar. Kuring megatan bari nyampeurkeun, ngajak sasalaman.

“Iwan ....” 

Manéhna ngarandeg bari ningali ka kuring terus ngeluk tungkul.

“Asri .... ”

Sanajan kalékéd nakér, teu burung Asri daék balik bareng.

“Ké lungsurkeun abdi dipayuneun gang ka bumi,” pokna sabada ngalacat ka nu motor.

Sajajalan Asri teu réa cacarita. Sanajan ayeuna mah jadi nyaho yén manéhna cicing téh di bibi-na, nu boga kosan, sakalian maturan mun sakalieun emang tugas  ka luar kota.

Ti tas kajadian harita, sanajan rerenceupan bisi ka panggih ku bibina, kuring jeung Asri jadi remen wa-an, kadang mun keur peuré gawéna sok diajak ulin.

Ngadon ngopi di kafé atawa ka tempat ulin lainna. Ngan tina sababaraha kali ngobrol, pok deui pok deui pajar reuseup ku nu kuliah. Malah kungsi ditaléngténg naha atuh beut teu kuliah? Jawabna cénah kungsi kuliah népika semester dua. Ngan kaburu kandeg, walurat ku biaya, da bapana ka buru maot, jaba adina sadua-dua biayaeun kénéh.

Nyarita kituna téh bangun anu hanjelu. Karérét aya nu rembes dina sela panonna.

Ngadéngé caritana kuring ngan bati ngupahan.

Karék dua poé liburan semesteran di lembur. Haté ngeus kekejotan hayang geura balik ka kosan. Sababara kali ngomong ka kolot, nyandek pajarkeun can kumpul pibekelenna. Mun ras teu butuh mah, moal teu ngabelenyeng balik.

Pangpangna mah, ngeus dua poé hapé Asri teu aktif. Haté beuki marojéngja. Padahal waktu di jalan kénéh rék balik ka lembur, manéhna masih wa-an, malah vidio call sagala rupa, pajar hayang mastikeun kuring ngeus nepi heunteuna.

Moal kitu hapé-na aya nu maling? Atawa murag, terus leungit taya nu nyalabarkeun?

Isukna, beuki teu ngeunah haté. Sanajan dicandet ku kolot, beuleuyeung balik. Beungeut Asri ngolebat waé na kongkolak panon. Puguh asa teu kaharti. Na pédah hapé-na teu aktif? Atawa rasa sono nataku. Istuning teu bisa dibangbalerkeun.

Haté beuki kekejotan. Basa kaciri ti kajauhan Asri keur ngajanteng sisi jalan hareupeun pagawéannana.

Gas motor rada ditarikeun, waktu katingali Asri ngalacat ka nu angkot. Motor nyuruwuk ngudag angkot nu ngadius meulah raména jalan. Rarasaan beuki diudag kalah beuki ngajauhan.

Motor digas satarikna, ngabelesat bareng jeung sora nu gajélégér, patingjarerit. Les ti harita teu inget ka nu naon-naon nu kajadian.

Hawar-hawar kadéngé sora nu ngaji gigireun. Panon lalaunan dibentakeun, rayrayan kaciri dihiji rohangan. Ngarérét ka nu ngaji geuning Mamah.

“Wan... tos emut, ieu saha?” sora bapa hareupeun.

Kuring unggeuk.

Panon ngarérétan hayang sidik saurang-urangna nu aya di rohangan.

“Ari Asri mana...?” tanya téh.  “Bu, ari Asri mana?” ka ibu kos nu nantung gigireun ranjang.

Teu kaampeuh kuring dirangkul. Cipanona murubut bari nginghak bangun kanyenyerian, “Wan... sing sabar!” sorana ngageter, “Asri téh tos ngantunkeun tilu dinten kapengker, katabrak palebah Iwan tabrakan!”

“Asriii ...!”

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooke...

Bandungan Kamis, 25 Februari 2021 | 12:53 WIB

Lain saukur kiwari wungkul, utamana RW 7 Kampung Cikalang, sohor sok nyieunan parabot rumah tangga, tapi kagiatan ieu ge...

Bandung Baheula - Bandungan, Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooker”, perajin panci kampung cikalang kaler,Panci Tradisional,Panci,alat dapur tradisional Sunda,perajin panci

Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bandungan Rabu, 24 Februari 2021 | 14:34 WIB

Lebah péngkolan, kasampak si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék.

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Ceurik Lebah Péngkolan, fiksimini,Fiksimini Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan budaya sunda

Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar

Bandungan Selasa, 23 Februari 2021 | 16:38 WIB

Sajumlah warga meunang kompénsasi rata-rata Rp8 miliar. Atuh nu baroga duit langsung mareuli mobil.

Bandung Baheula - Bandungan, Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar, Warga Tuban mendadak kaya,Bendungan Kuningan,Kilang minyak tuban,Warga Kuningan mendadak kaya,Proyek kilang minyak Tuban

Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda

Bandungan Senin, 22 Februari 2021 | 14:28 WIB

Ceuk Ceu Popong, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh apal naon baé nu kudu diomékeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda, watak asli orang Sunda,kelemahan orang Sunda,Gotong Royong,Ramah,karakter orang Sunda,Bageur teuing,Popong Otje Djundjunan,Uu Ruzhanul Ulum,Aang Hamid Suganda

Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung

Bandungan Minggu, 21 Februari 2021 | 20:00 WIB

Sabab, ceuk Darpan, lamun leungit basana bakal leungit bangsana.

Bandung Baheula - Bandungan, Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung, hari bahasa ibu internasional,Presiden Joko Widodo,Poe Basa Indung Internasional,Lembaga Basa jeung Sastra Sunda,Bahasa Sunda

Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS

Bandungan Sabtu, 20 Februari 2021 | 08:26 WIB

Kota Bandung moal tigerat ku cai. Sabab wakil rayat, pausahaan daérah, jeung pajabat Kota Bandung geus diajar ka Médan....

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS, Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carpon Sunda,Carpon Cecep Burdansyah,carpon,cerpen Sunda,seni dan budaya sunda

Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang

Bandungan Jumat, 19 Februari 2021 | 16:09 WIB

Di jaman kolonial geus lain jadi rusiah urang pribumi leuwih deukeut ka urang Tionghoa dibandingkeun ka urang Eropah.

Bandung Baheula - Bandungan, Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang, Tionghoa Bandung,sejarah tionghoa di Bandung,Trik dagang tionghoa,sejarah,sejarah tionghoa zaman kolonial

“Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno

Bandungan Rabu, 17 Februari 2021 | 15:26 WIB

Dina basa Sunda, “saloka” hartina “umpama” atawa “ibarat”, sedengkeun “tamara” hartina “gamelan”.

Bandung Baheula - Bandungan, “Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno, Nama Bayi dalam Bahasa Sunda,Nama Bayi,Nama Bayi Eksotis,Arya Saloka,saloka,Tamara Bleszynski,tamara geraldine
dewanpers