Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”

Aipda Dani Ramdani Hidayat menjadi korban hidup longsor di Cimanggung, Sumedang. (Ayobandung.com/Mildan Abdalloh)
CIMANGGUNG, AYOBANDUNG.COM -- Tim SAR Gabungan ti mimiti Senén (18/1/2021) tabuh 21.35 WIB geus ngeureunkeun kagiatan évakuasi korban taneuh urug di Desa Cihanjuang, Kecamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang.
Dumasar data, korban nu kaurugan taneuh di Cimanggung kabéhna aya 40 urang. Sakabéh korban geus kapanggih tur geus diidéntifikasi ku Polda Jabar
Merlukeun waktu sapuluh poé pikeun ngaévakuasi 40 korban nu kaurugan taneuh. Kuduna mah évakuasi korban téh geus réngsé basa Jumaah (15/1/2021). Ngan harita, masih aya kénéh welasan korban nu can kapanggih. Atuh Tim SAR gabungan ménta tambahan waktu deui tilu poé.
"Évakuasi korban geus dieureunkeun. Ngan lamun aya kénéh warga nu ngalaporkeun kaleungitan anggota kulawargana, tangtuna ku kami rék ditindaklanjuti," ceuk Deden Ridwansyah, ketua Tim SAR Gabungan Bandung.
Kasaksian Dani, Korban nu Salamet
Aipda Dani Ramdani Hidayat, anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, Kecamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang mangrupakeun salah sahiji korban taneuh urug nu salamet.
Aipda Dani teu eureun-eureun ngucapkeun syukur réhna bisa salamet tina bencana taneuh urug nu ngarenggut puluhan korban.
Sabagai anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, basa ngadéngé aya kajadian taneuh urug, Dani langsung ngadatangan TKP, Komplék Pondok Daud. Harita téh sanggeus hujan badag teu eureun-eureun, Saptu (9/1/2021).
“Tabuh 15.00 WIB, kuring narima informasi. Cenah, aya 6 imah kaurugan taneuh. 12 urang warga nu kaurugan," ceuk Dani di Posko Tim SAR, sababaraha poé katukang.
Sabot manéhna keur ngadata, ceuk Dani, samar-samar kadéngé sora orok ceurik jeung kadéngé aya sora tulung-tulungan.
Dani kukurilingan néangan di mana éta sora bari teu poho sakalian ngalaporkeun kajadian ka dunungannana, Kapolsék Cimanggung.
Teu lila, Muspika Cimanggung nepi ka lokasi. Dani gé narima kabar yén Kapolres Sumedang jeung BPBD keur otw ka lokasi kajadian. Sanggeus Isya, maranéhna kakara datang.
Dina pikiran Dani, pasti bakal aya alat beurat datang. Kukituna, Dani masang garis polisi di sababaraha tempat. Antisipasi, méh ayana masarakat teu ngaganggu ka rencana évakuasi.
“Harita mémang loba masarakat nu hayang nyaho kana kajadian taneuh urug. Kuring ge ngimbau ka masarakat, tong deukeut teuing ka lokasi taneuh urug,” ceuk Dani.
Basa Kapolres datang, Dani harita balik deui ka lokasi deukeut masjid. Harita peuting tabuh 20.00 WIB. Angin peuting pikasieuneun. Bari diuk, Dani nuliskeun ngaran-ngaran warga jeung sababaraha imah nu kaurugan taneuh.
ayo baca
Ujug-ujug aya sora ngaguruh. Aya taneuh urug deui.
Lantaran keur anteng nulis, Dani teu maliré aya taneuh urug deui—malahan urugan nu ieu mah nyamperkeun ka manéhna. Samentara, warga di lokasi deukeut manéhna geus lalumpatan ngajauhan éta tempat.
"Kajadianna gancang pisan. Kuring teu sadar, ujug-ujug kabawa taneuh," ceuk Dani.
Jol poék mongkléng. Katingali ku Dani samar-samar dunungannana, Kapolsek Cimanggung keur nulungan manéhna--ngabetot suku Dani nu kakubur ku taneuh.
"Ndan, tulungan kuring. Ndan, tulungan kuring. Tapi Kapolsek harita ge keur nulungan kuring," ceuk Dani.
Dani nétélakeun, harita manéhna geus kakubur ku taneuh. Ampir kabéh ka kubur. Ngan leungeun wungkul nu teu kakubur. Masih bisa digerakkeun. Dani hésé rék nyalametkeun manéh da awak geus kakubur. Jaba di palebah suku asa aya batu gedé nu ngagencét. Dani teu bisa napas ampir dua jam.
Ahirna, Kapolsek Cimanggung ngajak sabaraha urang jang ngabantu nulungan Dani. Tapi, anggeur sanajan ku lobaan ogé hésé rék ngangkat awak Dani.
"Taneuhnna gerak terus. Gerak saeutik, nu rék nulungan sarieuneun. Tuluy lumpat. Kuring geus pasrah we ka nu maha kawasa," ceuk Dani.
Aya kana dua jamna patugas nyalametkeun Dani. Dani ge geus pasrah, “Ah, ieu nu ngaranna maot téh.”
Sanggeus bisa kaangkat, Dani masih leuleus. Nu nulungan geus nyangka dua sukuna potong. Harita keneh Dani langsung dibawa ka puskesmas.
"Kuring gé nyangka suku kuring téh potong. Tapi, alhamdulillah teu kunanaon geuning. Ngan luka ringan. Ayeuna suku nyeuri kénéh, tapi masih kénéh bisa lempang," ceuk Dani.
Geus ampir saminggu ti kajadian éta, ayeuna Dani geus beraktivitas deui. Malahan geus tugas deui Desa Cihanjuang.
Tapi, kajadian éta moal bisa dipohokeun saumur hirup gé. Nambah kayakinan yén maut bisa iraha waé jeung ka saha waé datangna.
ayo baca
(Tingali oge, Ayobandung.com, “2 Jam Tertimbun, Begini Kesaksian Korban Hidup Longsor Cimanggung Sumedang”)
artikel terkait