Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah

Oke Dhurrotul Jannah, warga Kampung Manglayang, RT 01/03, Desa Cihanjuang Rahayu, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat (istimewa)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM – Kacilakaan muragna kapal Sriwijaya Air SJ 182 di sakitaran Pulau Lancang Kepulauan Seribu, DKI Jakarta, Saptu (9/1), minggu kamari nyésakeun kasedih pikeun hiji kulawarga di Kampung Manglayang, RT 01/03, Desa Cihanjuang Rahayu, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.
Para tamu boh ti pihak kulawarga boh ti tatangga katinggali masih loba daratang ngungkapkeun sungkawa. Nya, ieu pisan padumukan Oke Dhurrotul Jannah (23 th) pramugari Sriwijaya Air SJ 182. Oke téh sabenerna mah pramugari NAM Air (anak usaha Sriwijya Air)—tapi harita keur diperbantukeun ka Sriwijaya Air. “Ceunah, kulantaran Oke préstasina alus,” ceuk Destri (24) adi sepupuna Oke, Senén (11/1/2021).
Kukituna, ceuk Destri, asalna poé Sabtu tabuh 14.30 basa aya kabar kacilakaan kapal murag, manéhna reuwas jeung teu ngarti naha ngaran lanceuk--Oke Dhurrotul Jannah--bet aya dina daftar korban Sriwijaya Air SJ 182? “Sanggeus ditanyakeun, pék téh kitu caritana,” ceuk Destri.
Destri nétélakeun, manéhna deukeut pisan jeung Oke. Ampir unggal poé Destri chatting-an jeung Oke. Oke resep ngagambar jeung naék gunung. Oke boga kahayang nyieun coffee shop. Ayeuna keur kukumpul modal.
“Ke, ceunah, lamun geus balik gawé rék ngabaran,” ceuk Destri.
Ceuk Destri, papanggih jeung Oke nu paling akhir nyéta basa dina maleman taun baru. Harita Oke jeung kulawarga karumpul kabéh. Oke pamit rék ngemban tugas jadi pramugari di Jakarta.
Nu paling ahir, Oke pamit ka Destri sajam saméméh Sriwijaya Air “lepas landas” ka Pontinak, Kalimantan Barat. “Biasana kitu, sok ngabaran sajam saméméh ngapung jeung sajam sanggeus turun, ” ceuk Destri
"Tabuh 13.30 (Saptu kamari) Oke ngahubungi abdi. Eh, tabuh 14.30 meunang kabar duka nu matak nyesek kana dada," ceuk Destri. “Teu aya firasat nanaon, tapi basa taun baru pas Oke rék ka Jakarta, ninina Oke terus waé ceurik."
ayo baca
Almarhumah Oke mangrupakeun lulusan SMAN 1 Margahayu Kabupaten Bandung angkatan 2015. Sanggeus lulus SMA, Oke neruskeun sakola pramugari sataun.
Ieu aplodan pamungkas pramugari Oke Dhurrotul Jannah di Instagram @okedhurrotuljannah:
“The best time for new beginning is now.”
Dina insta story nu diaplod, Oke ningalikeun hiji hal nu mirip resolusi taun 2021.
Oke nu hobina ngagambar, di luhur gambarna aya gambar mobil nu nunjukkeun ka taun 2021. Di handapna, aya sababaraha kecap basa Inggris nu dibaratkeunna pilihan:
“Paradise, work, family, love, home sweet home, life, hope.”
Aya aplodan lain: “Finally finished.”
Ceuk Destri, pihak kulawarga geus ngaikhlaskan balikna Oke Dhurrotul Jannah ka kaabadian. “Tapi, kahayang mah, jasadna kapanggih tur bisa dibawa ka dieu heula.”
ayo baca