C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2)
Ilustrasi buku (Unsplash.com/Sharon McCutcheon)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Dina basa Sunda aya paribasa, aya ogé babasan. Paribasa mah nyaéta mah kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Nya basa kerénna mah kecap nu bisa ngamotivasi.
Sedengkeun babasan mah mangrupa kecap, siloka, atawa kiasan nu hartina lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.
Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.
Di handap ieu, paribasa jeung babasan pilihan rédaksi Ayobandung.com nu sok ditéangan ku balaréa atawa jadi tugas budak sakola. Dicutat tina sababaraha sumber, tuluy ditarjamakeun ka bahasa Indonesia.
47. Cueut kahareup = Mendekati ajal
48. Deukeut-deukeut anak taleus = Dekat tapi tidak ada yang tahu
49. Disakompét-daunkeun = Disamaratakan
50. Dibejérbéaskeun = Dijelaskan. Diterangkan
51. Dog dog pangréwong = Acara tambahan, bukan yang utama
52. Dibabuklalaykeun = Dipukul dari kanan dan kiri
53. Dagang oncom rancatan emas = Keadaan yang tidak seimbang
54. Dihin Pinasti anyar pinanggih = Segala sesuatu sudah ditentukan oleh Yang Mahakuasa
55. Dug hulu pet nyawa = Usaha keras sekuat tenaga
56. Elmu ajug = Pintar menasihati orang lain, tapi dia sendiri tidak bisa mengamalkan
57. Gantung déngé = Masih terdengar samar-samar
58. Ginding kekempis = Perlente tapi kosong sakunya
59. Gedé gunung panaggeuhan = Punya andalan, saudara kaya
60. Garo méngméngé-eun = Tidak bisa bersabar
61. Galéhgéh gado = Semua hal diceritakan
62. Garo singsat = Kebiasaan perempuan bila dia tak menyetujui suatu hal
63. Gurat batu = Setia pada janji
64. Goong saba karia = Berusaha menonjolkan diri biar terpakai atasan
65. Goong nabeuh manéh = Menyombongkan diri
66. Getas harupaten = Gampang menuduh
67. Gindi pikir belang bayah = Buruk perilaku
68. Hampang birit = Senang bekerja, gampang disuruh
69. Hambur congcot murah bacot = Omongannya sombong tapi murah hati
70. Heuras genggerong = Bahasanya kasar
71. Hadé gogog hadé tagog = Tampan dan sopan
72. Hutang salaput hulu = Banyak utang
73. Hurung nangtung siang leumpang = Orang kaya dan kekayaannya dipakai
74. Héjo tihang = Senang berpindah-pindah kerja
75. Harigu manukeun = Dadanya memenonjol
76. Haripeut ku teuteureuyan = Gampang kepincut
77. Haréwos bojong = Berbisik tapi kedengaran
78. Handap lanyap = Bicaranya santun, tapi sambil menghina
79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = Kebaikan bertahun-tahun, hilang karena keburukan satu hari
80. Heureut pakeun = Orang tak puya
81. Hampang leungeun = Senang memukul
82. Iwak nantang sujén = Menantang bahaya
83. Inggis batan maut hinis = Risih. Tidak nyaman
84. Jalma atah warah = Kurang menerima pendidikan
85. Jati kasilih ku junti = Pribumi kalah sama tamu
86. Jauh-jauh panjang gagang = Sudah jauh, tapi tak mendapat apa-apa