Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung

Singkong, Sampeu Bandung (istimewa)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Tangkal sampeu akrab pisan jeung kabudayaan Sunda. Di unggal daérah di Jawa Barat gampang pisan manggih tangkal sampeu. Eukeur mah melakna babari, tinggal ceb. Jeung, di lahan kumaha waé pasti jadi.
Geuning, sampeu ogé ngandung karbohidrat anu tinggi. Jadi, teu anéh mun loba kadaharan nu dijeun tina sampeu.
Ieu, aya sababaraha kadaharan pilihan Ayobandung.com:
Peuyeum
Peuyeum mangrupa kadaharan asli Sunda nu dijieun tina sampeu. Sampeu nu geus diberesihan tuluy diferméntasi maké ragi. Peuyeum aya ogé nu bertekstur rada teuas, nu kieu mah dijual ngagarantung.
Ayeuna mah nu ngajual peuyeum geus arang, meureun kaseudeukkeun ku kadaharan anyar. Padahal baheula mah, sampeu téh didagangkeun ka pilemburan ditanggung.
Masih aya kénéh di tempat-tempat nu ngajual oléh-oléh, umpamana di Cibaduyut, Leuwipanjang, Padalarang, jeung Purwakarta.
Comro téh singkatan tina oncom di jero. Nyieunna tina sampeu diparud. Kadé sampeuna kudu nu alus. Bungbuan. Tuluy, siapkeun oncom nu ditumis, maké bawang daun, surawung, jeung bungbu lainna.
Comot parudan sampeu sacukupna. Ipiskeun. Asupkeun tumis oncom tadi. Tutup. Tuluy buleud-buleud. Goréng wéh nepi ka konéng.
Comro biasana dijual di tukang goréngan. Hargana antara R1000-Rp2000.
Teu jauh jeung nyieun comro (asom), ari misro mah amis—jerona maké gula beureum. Matakna disebut misro téh panyingkeut tina amis di jero. Biasana mah dijerona gula beureum.
ayo baca
Nu dagang comro bisasana ma sok sakalian ngajual misro, pabalatak di tukang gorengan. Hargana antara R1.000-Rp2.000.
Putri noong kadaharan nu geus rada arang, kacuali néangan ka di pasar tradisional. Sarua dijieunna tina sampeu diparud. Méh, katinggali alus, maké pewarna makanan.
Tah, parudan sampeu téh dibuleunkeun ka na cau. Sepan. Tuluy dipotongan. Awuran parudan kalapa. Tuh, pan bentukna alus siga panon putri nu keur noong.
Onggol-onggol
Mimitina mah onggol-onggol dijieun tina tipung sagu. Tapi kabéhdieunakeun bisa ogé tina sampeu nu diparud. Warnaan. Terus dibuleud-buleud. Awuran parudan kalapa.
Onggol-onggol masih kénéh sok dijual di tukang bajigur.
Colénak
Colenak mah peuyeum dibeuleum terus ditoppingan ku entén kalapa (parudan kalapa dicampur gula beureum).
Raos pisan pami dileueut diréncangan ku cai téh panas. Di Bandung, aya tukang colénak nu kasohor raos pisan, nyaéta Colenak Murdi. Tempatna di Jalan Ahmad Yani Padasuka Bandung.
Kiripik sampeu
Lain di Sunda wungkul, kiripik sampeu loba ogé di daerah séjén. Sampeu dikeureut ipis-ipis, bungbuan, tuluy digoréng. Pek téh teuing rék diladaan atawa henteu kumaha karesep. Biasana kiripik khas Sunda mah dipurulukan bungbu jeung lada.
Ceunah, matak dingaranan kiripik téh, pas dituang, disada, pik, pik, pik ….
ayo baca