Nu Hariwang di Cieunteung

Payung. (ayobogor.com)
SAPTU soré hujan masih ngaririncik. Henteu gedé mah. Ngan hujan bodas nu lila eureun téa geuning.
Duh, sieun caah ka imah wé. Mangkaning isuk kuring walimahan jeung si Aa.
“Ma, si Apa tos néang Citarum?” kuring nanya ke Ema.
“Entos. Badag cenah. Malahan cai geus asup ka gang,” sora Ema ti dapur. Nu di dapur nu nyiapkeun dahareun jang isuk milu hariwang.
Beu. Mangkaning ondangan geus nyebar. Duh, kumaha?
Hapé disada. Si Aa. “Halo, Nyi, kumaha di dinya hujan?”
“Hujan kénéh, A. Malah cai geus asup gang, A. Kumaha atuh sieun asup ka imah, A?”
“Beu. Kumaha nya? Nyi, Aa engké nelepon deui.” Hapé pareum.
Nepi ka peuting hujan teu eureun. Hapé krang kring. Cai geus asup ka imah. Tatangga geus aya nu ngungsi. Panon kuring baseuh. Kuring ngajerit. Duh, Gusti, cing sapoé isuk mah atuh tong caah. Pagéto jeung poé séjénna mah pék rék caah gé.