web analytics
  

SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?

Sabtu, 16 Januari 2021 06:56 WIB Komala Sutha
Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Komala Sutha,Mangle,Sunda Midang,Bandungan

Ilustrasi Sastra Sunda: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih? (Arsacadipura)

Pengantar Redaksi

Cerita pendek Sunda (carpon Sunda) yang terpilih Sabtu ini adalah karya Komala Sutha, “Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?” Komala Sutha yang lahir di Bandung, 12 Juli 1974, ini termasuk penulis senior yang mampu menulis sama baiknya dalam bahasa Indonesia, Sunda, dan Jawa. Carpon-nya, “Cipanon Kamelang”, meraih penghargaan “Carpon Pinilih Manglé “édisi April 2010.

“Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?” bercerita tentang Ratna seorang perempuan yang mencintai Fahri, seorang laki-laki yang sudah punya istri. Konfliknya sederhana, tapi kepiawaian dan cara bercerita Komala Sutha yang pernah menjadi wartawan Sunda Midang membuat cerpen ini terasa asyik.

--Redaksi

 

SASTRA SUNDA:
Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?

 

TADINA mah hayang nyingkahkeun nu nyangkaruk dina haté. Rasa asih nu tumuwuh geus dua bulan. Rasa nu hésé disingkahan anggur tumetep jero kalbu. Tapi sabagé manusa kuring wajib ihtiar. Mopohokeun manéhna sugan bisa, piraku ari ditarékahan mah.

Ti subuh geus nyemprung kana motor ka lembur kolot di Majalaya. Seja mapalérkeun haté nu teu weléh didumukan ku Kang Fahri.

Geuning bet hayang geuwat mulang deui ka lembur, nu tadina rék tuluy meuting téh. Genep jam lalampahan Majalaya-Cihalimun, sanggeus nepi ka imah deui teu sirikna ngabeubeutkeun manéh kana luhur pangsaréan.

Panon teu kuat cepel di jalan kénéh kawantu deuih peutingna bagadang migawé hanca ti tempat gawé bari jeung sakapeung gulinggsahan da ngawangkong nu teu pigenaheun jeung manéhna. Dina WhatsApp. Gétréng teu sadar diri lain rumaja deui. Tapi geus déwasa, boga budak dua, najan meureun bédana kuring geus teu boga salaki. Matak hahadéan jeung lalaki gé.

“Mah ....” Budak nu cikal ngasongkeun gelas eusi citéh haneut ka kuring.

“Nuhun, Cu ...,” cékéng bari nunda gelas jangkung di luhur méja leutik.

Golédag deui ngagolér. Budak surti kaluar kamar nyampeurkeun adina di tengah imah. Karunya budak téh geus lima taun can diparengkeun boga bapa anyar. Geus puguh bapa pituinna mah pamohalan ngarangkep deui ka kuring. Kabongroy ku nu beunghar ti saprék mihukum kuring.

Gap, kana hapé. Teu pati nyagap poé ieu mah. Ngahaja, ramo sok ateul hayang mukaan japri jeung inbok épbi ti manéhna. Da geus kabiasaan kitu. Rék di mana rék di mendi. Rék beurang rék peuting, kuring jeung manéhna ngan silih iberan. Silih nyacapkeun kasono ku kalimah-kalimah éndah.

Hirup asa rumaja deui. Nyéh, imut sanggeus mariksa japri WA jeung ngilikan inbok. Tabuh dua welas gé ning ngodeuan ku emosen saperti sasari, nandakeun hayang muka wangkongan. Teu saperti sasari bet teu hayang némbalan. Teu cara poé-poé kamari. Salila dua bulan teuleum dina sagara trésna.

Meureun pédah tadi peuting rada gétréng. Saenyana manéhna mah teu resepeun mun kuring ngamimitian gétréng. Tapi kuring nu sok kabawa parasaan. Na rék dibawa ka mana hubungan téh? Naon nu ku kuring diudag? Lalaki nu dipasih nu méré asih salila ieu, da sidik salaki batur. Enya gé manéhna remen curhat ngeunaan rumah tanggana. Ngeunaan pamajikanna nu harak jeung timburuan, ngeunaan pamajikanan nu sok ngalarang Kang Fahri liar sajaba ti indit gawé. Samalah ngeunaan rusiah nu teu sakuduna batur nyaho. Tapi Kang Fahri nyarita ka kuring yén geus lila pisan pamajikanna teu sanggup méré kasugemaan batin.

Hapé ditunda gigireun bantal. Panon nu cepel dipeureumkeun. Rupa Kang Fahri nu kasép ngolébat, méré imut nu manis jeung teuteupan nu liuh nu ningtrimkeun pikir.

“Kang Fahri nyaah sareng deudeuh ka Ratna ....”

Kang Fahri ngusap buuk kuring waktu sirah kuring nyarandé dina dadana nu sembada. Harita tepung nu kadua di Soréang, di handapeun tangkal nu liuh teu jauh ti pabukon kabupatén.

“Ratna gé sami, Kang ....” Kuring ngararasakeun geter-geter jero dada. Geter-geter nu karasa éndah pisan pikeun kuring. Salila lima taun hirup nyorangan, kakara ngarasakeun asih saperti ka manéhna.

Dua bulan jongjon dina pangusap trésna duaan. Sakali gé, manéhna teu kungsi nyabit-nyabit hayang ngajadikeun kuring pamajikan. Padahal kungsi biwirna kedal hayang pegat ti pamajikanna alatan sikepna nu teu ningtrimkeun. Tapi tinimbangna anak.

Kuring teu mairan. Najan enya hayang ngapimilik manéhna sabagé salaki, tapi kuring teu wasa jadi cukang lantaran runtagna rumah tangga batur. Bisa waé mun keyeng mah, aya lolongkrang manéhna nu remen curhat tur jadi apal yén rumah tanggana aya pasualan nu cukup rumit. Tapi deui-deui kuring mikir, lain kitu carana. Kang Fahri keur meujeuhna bogoh nyoso ka kuring, tapi tetep kuring wanoja nu geus sakuduna ngadago kahayangna.

Panon lelenyapan nepika reupna, hudang méh magrib dihudangkeun ku barudak. Ngoloyong ka cai tibang sibeungeut, horéam mandi najan awak cepel gé katambah keur datang bulan. Pikiran dakdumadak ruwet. Hayang mopohokeun manéhna tapi weléh can bisa. Anggur katémbong waé imut jeung teuteupna.

Nepika tabuh salapan, waktu budak dua mah geus mimiti ngaguher di kamarna, kuring gé ngagolér luhur pangsaréan. Gap kana hapé, sugan kuat ngolah parasaan sangkan teu manteng waé ka manéhna, pan geus dicobaan japrina teu ditémbalan. Matak kitu gé geus mimiti bisa.

Taya deui japrina. Aya gé inbok, nanyakeun ka mana waé kuring sapoé tadi? Bet asa ku teu téga, ditémbal apan ka Majalaya.

Manéhna nyebut ‘oh’.

Tuluy cenah naha japri manéhna tibang dibaca, tara-tara ti sasari. Jempling.

Ramo noélan toskrin. Dina tepas, manéhna ngapungkeun potrét jeung pamajikanna katut anakna. Mangka dina grup nu ogé diiluan ku kuring.

Dakdumadak dada ngahéab. Panas alahmanan seuneu. Manéhan salila ieu tara kungsi ngapungkeun potrét pamajikanna. Tapi peuting ieu?

Ngagugudag jero dada, teu bisa ditahan. Ngajelegur. Timburu kabina-bina.

Geuwat diinbok, dititah mupus éta potrét. Mun teu dipupus, kuring bakal ngamuk dina grup.

Manéhna coba negeskeun yén di grup keur aya acara ngapungkeun potrét sarimbit. Batur gé ngarapungkeun, piraku manéhna henteu, cenah.

Kuring teu narima. Anéh, tadi téh haté tiis, niat mopohokeun, tapi ari nempo potrét jeung pamajikanna ngapung dina sosméd mah, rasa timburu teu kawadahan.

Ceuk manéhna, naon maksudna japri tadi beurang teu dibales, témbal kuring embung éléh, pan manéhna gé osok tibang maca japri kuring.

Paréréa omong deui. Tapi karérét dina tepas épbi, taya potrét nu tadi bangunna geus dipupus. Nyéh seuri, ngagugu ka kuring ning, tandana beurat jeung sieun kuring ambek katutuluyan.

Tapi, kalah gétréng deui dina inbok. Pajar kuring loba ngawatesan pergaulanna jeung babaturanan di épbi, kuring ngalarang itu-ieu.

Kuring embung éléh, amarah ngagedur deui da asa kasundut. Ceuk kuring, mimiti peuting ieu kuring moal ngawatesan deui, pék kuma karep rék kitu rék kieu gé. Barina gé pamajikanna gapték teu nyaho di hapé komo épbi.

Abdi mah rék kulem wé cenah, bongan kuring ambek-ambekkan.

Sok rék saré mah da émang waktuna saré.

Okéh, cenah.

Lampu nu héjo pareum tandana off.

Kuring gé sarua mareuman hapé bari dada masih digembrong ku rasa timburu.

Reup peureum, néang pitunduheun, tapi kalah gulinggasahan.

Ah, panasaran, muka hapé.

Dina tepas, potrét nu tadi bet bijil, hartina teu dipupus, malah puluhan nu mairan. Wanoja-wanoja nu tadina miharep Kang Fahri. Sawaréh ngawilujengkeun kana kabagjaan rumah tanggana.

Bet asa ngalélécé kuring. Teu bisa disabaran, muka inpo grup, kaluar tina grup. Aman. Moal nempo deui potrét manéhna nu dipairan. Keuheul tuda, naon maksudna, hayang mapanas kuring atawa saukur kabawa sakaba-kaba dina grup? Nu papada hayang pamér jeung pasangan hirupna?

Kang Fahri jeung pamajikanna dina potrét mulas imut bagja kawas nu heueuh satia ari lalaki sok padahal unggal peuting ngulisik tuluy noélan kuring dina japri. Paribasa sono.

Keuheul, asli keuheul kuring mah. Teu cukup ku kitu. Sakabéh grup nu kaparengan aya manéhna mah, kuring bijil bari teu hormat. Teu hayang deui nempo manéhna jeung potrét-potrétna nu némbongkeun kagumbiraan jeung pamajikanna. Pamajikan nu salila ieu ku manéhna dicawad tur aya niat ditinggalkeun.

Tuktek jarum jam dina témbok beuki ngerepan. Pikiran ngacacang. Ras diri hirup nyorangan, taya pakumaha. Lalaki nu salila ieu dijadikeun pakumaha bet nganyenyeri peuting ieu. Teu kaampeuh, cipanon murubut maseuhan pipi. Kuring nyegruk dina bantal ngarasa hirup tunggara. Dipiasih ku salaki batur. Asih, ah asih kumaha ari nganyerikeun kieu? Mun kitu mah ukur asih pupulasan.

Cipanon mingkin maseuhan bantal. Kuring ceurik kanyenyerian. Inget kana hirup, inget ka manéhna. Padahal kuring miharep pisan manéhna jadi gaganti bapa barudak nu salila ieu kurang tina kanyaah nu jadi bapa da jongjon jeung nu anyar.

Wanci janari leutik kuring nyaring. Koloyong ka cai, maseuhan beungeut, hayang mah sumujud ka nu Kawasa tapi masih halangan. Antukna diuk dina korsi panjang. Karasa panon barintit sésa sapeupeuting mudalkeun katugenah haté.

Tina jero batin nu pangjerona, kuring ngajerit. Kuring sadar lampah nu salah, miasih salaki batur. Kuring gé nyaho teu sakuduna kuring timburu ka wanoja nu jadi pamajikanna.

Haté ngageunggeuik. Salila ieu kuring miasih, kacida miasih manéhna. Hayang ngapimilik manéhna sagemblengna tapi masih aya nu boga.

Peuting tadi bet karasa nyeri haté téh nempo potrét maranéhna, bangun rék nyadarkeun yén lampah téh salah. Naha Kang Fahri enya-enya miasih diri?

Ragamang kana hapé. Muka inbok. Lebeng teu cara sasari. Pon kitu deui japri WhatsApp. Teu cara saméméhna. Kuring nyindekkeun manéhna geus leungit rasa. Rasa asihna keur kuring.

Angin nyulusup tina jandéla nu geus dibuka. Tiis nyelecep. Bet tuluy nyulusup kana batin. Aya rasa tingtrim meueusan. Enya, boa manéhna téh geus teu asih. Ah, tapi rék miasih atawa henteuna mah kétang, pamohalan kuring ngarangkep. Manéhna dina pasualan nu beurat jeung pamajikannana, tapi lain hartina ngajamin pegat tur ngajak kuring maturan hirup salawasna.

Lalaunan asih jero dada ngarangrangan. Waktuna urang kudu paturay, Kang Fahri. Najan kuring miharep aya rasa asih kuring keur lalaki gaganti manéhna. Nu ngajamin baris mihukum kuring, tapi na ka saha deui atuh kuring nitipkeun asih?*** 

Bandung Barat, 28 Maret 2018

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN

Bandungan Sabtu, 12 Juni 2021 | 09:56 WIB

Pantun téh salah sahiji pintonan kasenian dina jaman Pajajaran. Anu remen dilalakonkeunanana kalolobaan mah carita ngeun...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN, Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita Pendek,cerita pendek aan merdeka permana,Carpon Sunda,carpon aan merdeka  permana,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Budaya Sunda

Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay

Bandungan Kamis, 10 Juni 2021 | 14:44 WIB

Kurupuk RO bisa disebut kadaharan jadul nu ngalegénda. Tapi, tong salah nu raresep kana camilan khas Jawa Barat ieu masi...

Bandung Baheula - Bandungan, Kurupuk RO: Sajarah Panjang Raden Omay, Kerupuk RO,Pengrajin Kerupuk RO,Raden omay,sejarah kerupuk ro,sajarah kurupuk ro

Bajigur Beuki Dieu Beuki Langka Kaséréd ku Inuman Milénial

Bandungan Rabu, 9 Juni 2021 | 13:26 WIB

Bisa jadi inuman khas Jawa Jawa Barat bajigur geus kaséréd ku inuman sachet nu praktis jeung murah hargana.

Bandung Baheula - Bandungan, Bajigur Beuki Dieu Beuki Langka Kaséréd ku Inuman Milénial, Bajigur,bajigur tasik,minuman bajigur,bajigur khas jawa barat,bajigur langka

Kurban, “Kurupuk Banjur”, Kuliner Khas Kabupaten Bandung

Bandungan Selasa, 8 Juni 2021 | 13:24 WIB

Can disebut “kurban” lamun ngan meuli kurupukna wungkul. Kakara disebut kurban lamun geus nyieun bungbu kuahna.

Bandung Baheula - Bandungan, Kurban, “Kurupuk Banjur”, Kuliner Khas Kabupaten Bandung, kurupuk banjur,kurupuk anclom,kurban (kurupuk banjur),kurupuk khas kabupaten bandung,kerupuk banjur

CERITA PENDEK: Aku Mencintai Tokoh Ceritaku dan Cemburu kepada Kekasih...

Bandungan Sabtu, 5 Juni 2021 | 07:53 WIB

AKU tergila-gila kepada Nay, tokoh ceritaku sendiri, dan aku cemburu setengah mati kepada Yus, kekasih Nay. Tak ada jala...

Bandung Baheula - Bandungan, CERITA PENDEK: Aku Mencintai Tokoh Ceritaku dan Cemburu kepada Kekasihnya, cerpen,Cerita Pendek,cerita pendek Hermawan Aksan,Bahasa dan Sastra Indonesia,Sastra,Seni dan Budaya

Y jeung Angkotna Rék Diduruk Sanggeus Ngajalankeun Ugal-ugalan Nabrak...

Bandungan Jumat, 4 Juni 2021 | 15:31 WIB

Supir angkot Y ngajalankeun angkot ugal-ugalan. Aksina, welasan kilometer, ti Paséh nepi ka Balééndah.

Bandung Baheula - Bandungan, Y jeung Angkotna Rék Diduruk Sanggeus Ngajalankeun Ugal-ugalan Nabrak Sababaraha Kandaraan, Sopir Angkot,sopir angkot ugal-ugalan,sopir angkot tabrak orang di Baleendah,Sopir Angkot Tabrak Lari

Supir Angkot Ieu Ngaharatiskeun Ongkos Naék Angkotna Unggal Poé Jumaah

Bandungan Rabu, 2 Juni 2021 | 12:14 WIB

Dina angkot éta, aya hiji tulisan ngajeblag: “Jumat Berkah. Gratiissss."

Bandung Baheula - Bandungan, Supir Angkot Ieu Ngaharatiskeun Ongkos Naék Angkotna Unggal Poé Jumaah, Jumat Berkah,Sopir Angkot,sopir angkot yang gratiskan ongkos penumpangnya,video viral sopir angkot

Batik Baduy

Bandungan Senin, 31 Mei 2021 | 16:40 WIB

Kasebutna geus pelesir ti Kanékés, maenya teu mawa oléh-oléh jang nu di imah.

Bandung Baheula - Bandungan, Batik Baduy, Batik,batik baduy,batik khas baduy,batik biru hitam khas baduy,oleh-oleh baduy
dewanpers