Bandung Baheula: Masjid Mungsolkanas Masjid Pangkolotna di Bandung

Masjid Mungsolkanas (dok. Ayobandung.com)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM – Masjid naon nu pangkolotna di Kota Bandung? Pasti loba nu ngajawab Masjid Agung Bandung atawa Masjid Besar Cipaganti.
Jawaban éta kurang tepat, sabab masjid nu pangkolotna di Kota Bandung mah Masjid Mungsolkanas. Masjid Mungsolkanas nu ayana di wewengkon Kelurahan Cihampelas, Kecamatan Coblong, Kota Bandung téh ngadeg taun 1869.
Tempatna émang lain di tempat stratégis. Teu siga masjid-masjid nu bersejarah séjénna. Di Cihampelas na gé asup ka jero gang leutik. Kukituna, arang jelema nu nyaho yén masjid Mungsolkanas téh mangrupa masjid nu pangkolotna di Kota Bandung.
Asa ku anéh, naha ngaran masjid téh Mungsolkanas? Apanan geus ilahar di urang mah ngaran masjid téh sok nyokot tina kecap basa Arab, siga Ar-rohman, Al-Hidayah, Al-Falah, Alfatu, jeung réa-réa deui. Ari ieu Mungsolkanas? Boa-boa meureun nyokot tina ngaran jalan.
Ih, lain. "Mungsolkanas téh sabenerna singkatan. Singkatan tina 'Mangga Urang Ngaos Solawat ka Kangjeung Nabi Muhammad SAW'. Ti baheula ngaranna kitu. Pamasihan ti Mama Aden alias R. Suradimadja alias Abdurohim," ceuk Sekretaris DKM Masjid Mungsolkanas, Dedy Priyatna.
mungsolkanas.jpg" />
Dedy nétélakeun ngaran éta téh dicokot tina falsafah do’a dina kitab Tanqihul Qaul. Sing saha jalma nu maca jeung ngamalkeun solawat Nabi SAW, insya Allah do’a na dikabul.
Dedy ogé nyaritakeun sajarah wangunan masjid ti mimiti ngadeg tepi ka ayeuna. Ceunah, masjid ieu téh baheula mah asalna tajug.
"Baheula mah ieu masjid asalna tajug. Wangunanna kosong. Kobong jeung panggung na tina bilik," ceuk Dedy.
ayo baca
Wangunan masjid ieu, ceuk Dedy, ngadeg dina lahan wakaf ti nu ngaranna Lantenas, ninina ti Zakaria. Zakaria téh salah saurang pangurus masjid nu pang awalna.
Lantenas téh mangrupakeun randa ti R. Suradipura, Camat Lengkong Sukabumi nu ngantunkeun taun 1869.
Nyutat tina tulisan Apriliya Oktavianti nu dimuat di situsbudaya.id, lahan nu dipiboga ku Lantenas baheula lega pisan, nyaéta ti mimiti Jalan Plesiran nepi ka Gandok (Jalan Siliwangi) Bandung.
Pamandian Cihampelas jeung pabrik daging nu ayeuna geus jadi pusat perbelanjaan “Cihampelas Walk” ogé nu bogana Lantenas. Randa beunghar ieu ngantunkeun taun 1921, dina yuswa 80 taun.
Dedy nyebutkeun, tajug nu ngadeg leuwih ti 140 taun ieu téh mimiti dipugar jadi masjid taun 1933, ampir bareng jeung Wolf Schoemaker mugar Masjid Kaum Cipaganti.
Ngan bédana, Masjid Mungsolkanas dipugar alatan biaya jeung inisiatif Mama Aden, sedengkeun Masjid Kaum Cipaganti mah dibiayaan ku pamaréntah Kolonial Belanda.
ayo baca
(tingali ogé, Anya Dellanita, Ayobandung.com, 18 Mei 2019, “Bandung Baheula: Masjid Mungsolkanas, Masjid Tertua di Bandung.”