web analytics
  

Aglonéma Haturan Néng Nina

Sabtu, 12 Desember 2020 12:37 WIB Yus R. Ismail
Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Haturan Néng Nina, Carpon Sunda,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda,Bandungan,Carita pondok

Illustrasi Aglonema. (Heindry Kurniawan)

AGLONÈMA of sumatera téh diteuteup sakali deui. Resep Jajang ogé kana daun-daunna anu laléncop, warna beureum semu héjo bari urat-uratna kayas teges. Harérang da puguh unggal kakebulan dielap ati-ati naker. Sakapeung maké parudan kalapa ngarah daunna leuwih ngagenclang.

Henteu lebar ngaluarkeun aglonéma anu geus katingali jeung karasa aura éndahna téh. Da puguh apan pacabakan, jalan hirup, maenya teuing diulah-ulah ari aya anu meuli mah. Ti anggalna malah aglonéma anu ieu mah diurus dienya-enya téh apan eukeur dikaluarkeun alias dijual.

Tapi basa pot kembang téh dipangku, Jajang maké ngarasakeun aya anu ngalenyap dina haténa. Sapuluh pot aglonéma dijajarkeun di jero mobil xenia anu geus meunang ngabebenah.

“Hatur nuhun pisan, A. Abdi mani resep ningali aglonéma-na. Paingan Ibu Geulis mah mani miwarang énggal-énggal ka dieu da bilih kabujeng ku anu sanés,” pokna, halimpu.  

Jajang saukur seuri bari henteu wani neuteup pameunteuna. Ah, barina ogé geus kabayangkeun kumaha imutna, rengkuhna jeung liuh teuteupna.

“Sawalerna, hatur nuhun pisan kaanggé mah,” ceuk Jajang bari ngarérét ka anu gigireunana. Lalaki kasép ditopi hideung téh imut jeung manggut.

“Punten, mung kopi sareng lalawuh kampung ayana di dieu mah,” ceuk Jajang deui ka Yadi.

“Puguh betah abdi mah di dieu téh. Sanés waktos kénging nya abdi ameng deui ka dieu,” pokna. “Urang anu puguh teu nyandak nanaon mah nya, Néng?”

“Muhun, A Yadi anu kitu mah mani teu nyimpang ka toko oleh-oleh. Rusuh ti dituna mah, eh ari tos ka dieu betah.”

Jajang unggeuk bari henteu wani ngarérét ka Néng Nina mah. “Diantos atuh badé ameng ka dieu mah. Pami nyalsé mah urang ngaliwet,” pokna téh ka Yadi.

“Komo kitu mah pasti beuki betah,” ceuk Yadi bari ngajak sasalaman. “Tapi da ieu téh nyaan rusuh, aya peryogi engké sonten. Hatur nuhun kopi sareng ranginang-opakna.”

Jajang ngarérét Néng Nina basa amitan sakali deui. Tapi da sasalamanana téh saperti tadi basa datang, saperti basa bulan kamari panggih, saukur rengkuh jeung dua leungeunna dina dada. Jajang ogé saukur ku rengkuh ngabalesna. Basa mobil ngageuleuyeung, bari gugupay téh asa aya anu nyeuit dina haté Jajang. Lebar pastina ogé ngaluarkeun aglonéma kameumeut saloba-loba. Tapi apan geus ratusan tangkal, boa malah rébuan, kekembangan anu geus dikaluarkeun téh. Lain ku aglonéma sigana anu nyérédét mah.

***

Sangkilang ampir unggal minggu diuk dina babaléan tukangeun imah Mamat, bari nyawang pasawahan upluk-aplak, angger waé Jajang resep jeung waas. Komo bari nyanghareupan kopi jeung goréng sampeu atawa hui beunang kaprak-keprek Entin, pamajikan Mamat. Bari saenyana Jajang ogé henteu ngarti, naon anu disawang téh.

Soré ayeuna rarasaan henteu saukur waas ningali pasawahan upluk-aplak. Asa jararauh panineungan. Ras inget ka dua taun katukang, rasa siga kieu téh asa sarua. Ah, kétang boa leuwih. Ngan babaléan ieu tempat ngabangbrangkeun téh. Ogé pasti lantaran haatna Mamat jeung Entin, sobat ti keur bolon, anu ngabaturan nepi ka meunang ide ngokolakeun jeung ngabudidayakeun kekembangan.

Harita sasatna Jajang téh henteu saukur keur leuleus satulang-sandi, tapi ogé peunggas rarasaan komo deui sumanget. Sabada kuliah kateug lantaran Apa ngantunkeun, henteu aya anu ngabéayaan, tuluy Jajang kuli di percétakan. Sagala dicabak, ti mimiti motong keretas nepi ka ngamarketingan. Malah terusna mah macakal sorangan ngabuka percétakan. Keur meumeujeuhna sumanget, malah bari kuliah deui di Universitas Terbuka, ari pék téh katipu meleg-meleg ku salah saurang pejabat basa meunang proyék di Dinas Pendidikan Kabupatén B. Atuh korédas nepi ka modal-modalna.

Eta ogé salah sahiji pasoalan anu beurat pikeun anu kakara usaha mah. Tapi tambahna anu leuwih nyanyautan mah. Néng Nia Ramania, anu geus sataun hahadéan, bet mutuskeun teu pupuguh. Disusul téh, horéng bapana henteu doa salila ieu téh. Basa neger-neger manéh, ngawani-wani manéh, ka Cijéré pikeun nanyakeun masalah anu jéntréna, bapana anu nyanghareupan Jajang téh.

“Saenyana Bapa mah doa waé ka sasaha ogé,” saur Pa Komar, pimitohaeun Jajang anu burung. “Tapi karunya atuh ka Néng Nia, ari kudu nungguan Jajang nu henteu puguh mah. Apan Jajang mah kolot tinggal sabeulah bari saenyana mah malah biayaaneun. Jajang sorangan acan puguh pacabakan. Sakola kateug, ukur ngandelkeun buburuh nyétak. Kumaha bisana lamun dibeungbeuratan ku pamajikan. Di dieu kudu réalistis téh. Cinta henteu cukup keur hirup manusa mah. Jadi ceuk Bapa téh, alusna putus waé heula....”

Hayangna mah ngadebat harita téh. Hayang ngabéjakeun, apan Jajang ogé kuliah deui. Atuh usaha goréng-goréng ogé geus boga CV anu lengkep susuratanana. Tapi teu bisa pok, da puguh kudu ngarumasakeun manéh. Kuliah can puguheun bisa jucung. Atuh usaha apan eukeur teu sumanget, komo kudu ngabaladah deui. Kudu ngaku ogé, enya Jajang téh boga kolot tinggal sabeulah. Ema mah enya béayaaneun, lain kudu diririweuh. Adi Jajang hiji-hijina, Euis Sureulis, apan masih sakola SMP. Keur usaha mah Jajang anu nangkes béayana. Karunya Ema mah da saukur ngandelkeun pepelakan di buruan bisi kasebutna rada lega ogé.

Balik téh rarasaan Jajang henteu puguh. Leumpang henteu ningali tincakeun. Jeung Néng Nia mah henteu kungsi panggih deui. Saacan amitan téh pok ka Pa Komar, hayang panggih jeung Néng Nia lima menit mah. Tapi henteu diidinan. Atuh Néng Nia henteu norojol. Padahal Jajang yakin, Néng Nia téh aya, lamun henteu di kamarna nya di rohangan tukang. Basa cengkat tina korsi téh saukur ngadangu anu nginghak beuki narikan, terus eueuriheun. Ah, boa lain Néng Nia éta mah. Boa sora ti jero haté Jajang sorangan.

Henteu ka imahna balikna téh. Kalah ka babaléan tukangeun imah Mamat ieu. Mamat ngajak ngobrol ka ditu ka dieu teu diwaro. Entin nyuguhan kopi jeung seupan cau teu dilieuk. Cenah, aya mingguna, éh bulanna, Jajang unggal diajak ngobrol téh malaweug. Meureun enya, da Jajang mah asa teu ngitung poé teu milang bahan carita. Ngan ditanya ku Ema anu sok beueus cimata téh. Terus wé ngaléos bari pokna mah henteu nanaon. Atuh Ema henteu kungsi nakon nanaon deui.

Ngoréjat sotéh sabada ngadangu béja Néng Nia minggu hareup jatukrami. Lain, lain reuwas ku béja éta. Tapi reuwas ku basa ngarérét ka handapeun babaléan aya tangkal aglonéma dina pot leutik. Basa Mamat ngupahan, keun cenah matak kitu ogé Néng Nia téh lain jodo, Jajang mah kalah nyarita kieu: “Rék dibawa nya éta tangkal kembang hias. Karunya, tara dicébor sigana, komo deui digemuk.”

Mamat ngahuleng ngadanguna. Tapi terus seuri bari pokna, “Dibikeun kembang mah, malah mun hayang mah ditambahan, urang ménta ka amang uing di Lémbang. Tapi, pasaratanana, kudu datang ka kawinan Néng Nia.”

***

Duka kumaha, harita téh Jajang mani merenyeng hayang diajar ngurus kembang. Aglonéma pride of sumatera téa anu teu kaurus di imah Mamat téh. Di kawinan Néng Nia mah moal didongéngkeun da ceuk Jajang ogé teu ramé. Itu ieu balad sababad mah, ti lembur-lembur tatangga ogé, pada narangkeup, ngabeberah jeung ngagonjak. Balik ti dinya, biur ka Lémbang da Jajang hayang harita kénéh indit.

Tadina mah saukur rék ngéndong sapeuting di Mang Yanyan téh. Tapi geuning resep, jeung pédah pribumina wé ngaku pisan. Atoheun malah Jajang rék diajar ngurus aglonéma téh. Da cenah geus lila ngolo Mamat sangkan diajar tapi Mamat mah henteu resepeun. Mang Yanyan sorangan ti bujangan kénéh, aya tilu puluh taunna, ngumbara di Lémbang. Gawé di Idan Nursery, terusna macakal ngokolakeun usaha kekembangan sorangan.

Jajang mah jadina téh sapuluh poé di  Lémbang. Diajar ti mimiti ngolah taneuh, nyébor, ngagemuk jeung ngamekarkeunana. Lantaran resep, saenyana baheula gé Jajang mindeng ningali tina ramatloka cara ngurus kekembangan mah, atuh gancang ngartina. Basa dipapagkeun ku Mamat téh dibahanan bibinihan sakarung. Aglonéma sababaraha rupa, peperonia, alovera, begonia, angkrék, eros, bakung, keladi-keladian, jeung nu séjénna.

Duka meureun geus aya naluri usaha dina uteukna téh. Da saenyana lain saukur resep, pepelakan anu geus baranahan mah ku Jajang terusna dijual. Ah, ayeuna mah henteu hésé najan di Sumedang acan aya pasar kembang anu merenah. Dina marketplace jeung medsos ogé dipromosikeun aya waé anu meuli.

Wawuh ka Néng Nina téh tina ramatloka ogé. Manéhna téh salah saurang langganan Jajang. Lain keur manéhna cenah, tapi keur bumina Ibu Geulis di tempat gawéna. Anu disebut Ibu Geulis téh cenah salah saurang gegedén di gedong saté anu resep pisan kana aglonéma. Sabudeureun bumina anu lega jeung agréng, pinuh ku aglonéma. Ari lolobana, cenah aglonéma ti Jajang. Meulina ngaliwatan onlén.

Hiji waktu mah Jajang diangkir ka bumina di Dago Pojok, Bandung, pikeun ngaréka taman di buruan tukang. Taman nu pinuh ku aglonéma. Harita Jajang panggih jeung Néng Nina téh. Harita aya rasa anu béda téh. Malah siga batu turun keusik naék, itu purun komo deui Jajang daék pisan. Ngan enya henteu dipaluruh nyaan-nyaan. Sabada ngarandakah rasa Jajang téh ka urang Dago, bet peunggas teu sakara-kara. Geuning Néng Nina téh geus aya nu boga.

“Ngenalkeun, pun lanceuk,” cenah tadi basa mimiti datang. Eta saenyana anu matak Jajang tugenah mah. Lain pédah aglonéma anu diurus dielus-elus terus aya nu mawa. Da enya, ditatap diusap téh pédah waé dipesenan ku Néng Nina.

Sabada ngobrol ngalér-ngidul nu pikaseurieun jeung Mamat, bari anu mentegeg dina haté mah henteu dibetuskeun, Jajang jangji ka dirina pribadi. Jangji moal épés méér babarian katarik ati ku anu acan puguh. Moal deui-deui ngahubungi Néng Nina dina facebook atawa whatsup, api-api nawarkeun aglonéma.

***

Jauh ti tempat Jajang ngabudidayakeun Aglonéma di Sumedang, di hareupeun hiji imah sederhana di Sadang Serang, Bandung, saurang mojang keur neuteup aglonéma aya ku anteb. Resep kana aglonéma téh. Resep ku harérang daunna, warnana, aurana anu matak hégar kana manah. Tapi henteu saukur éta neuteup aglonéma ayeuna mah. Asa aya rasa anu anéh. Naha pédah geus lila tara aya inbox facebook atawa whatsup ti Sumedang kitu?

“Néng, ari peré téh liar atuh ka ditu. Entong ngan neuteup kembang waé terus,” saur ibuna hariwangeun ningali budakna huleng jentul waé. “Ngarah énténg jodo. Bunda mah henteu hariwang ku Yadi jeung lanceuk anu séjén mah, buktina ngajodona garampang. Ari Enéng mah mani acan ngajak sasaha ka dieu téh. Jig ka ditu ka imah Yadi, sugan aya babaturanana di ditu.”

Néng Nina saukur imut. Terusna mah anteng deui neuteup aglonéma.

 

Rancakalong, 11-12 Maret 2020

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Ngadagoan Karéta Léwat di Viaduk Bandung

Bandungan Kamis, 4 Maret 2021 | 12:26 WIB

Kusabab pamandanganna alus, Viaduk ieu dijadikeun salah sahiji tempat syuting sinétron “Preman Pensiun”.

Bandung Baheula - Bandungan, Ngadagoan Karéta Léwat di Viaduk Bandung, sejarah jalan viaduct bandung,sejarah nama jalan viaduct bandung,kisah jalan viaduct bandung,jalan viaduk Bandung,jalan viaduk

Nini Antéh jeung Sangu Sésa

Bandungan Rabu, 3 Maret 2021 | 13:03 WIB

Digantungkeun isuk-isuk, beurang aya kénéh. Magrib ngagantung kénéh. Tapi, isukna geus teu aya. Hartina dicokotna peutin...

Bandung Baheula - Bandungan, Nini Antéh jeung Sangu Sésa , Fiksimini Sunda,Nini Anteh di bulan,Bulan Purnama,Sastra Sunda,seni budaya sunda

Dalang Wayang Golék Saméméh “Dinasti" Dalang Sunarya

Bandungan Selasa, 2 Maret 2021 | 16:07 WIB

Lamun diukur ku taun, kajayaan Dinasti Sunarya geus lumangsung kira-kira 3/4 abad.

Bandung Baheula - Bandungan, Dalang Wayang Golék Saméméh “Dinasti" Dalang Sunarya, Wayang Golek,Sejarah wayang golek,Dalang Wayang Golek,Dinasti dalang Sunarya,Dalang Sunarya,Asep Sunandar Sunarya

Nyeri Haté sok Dibanding-banding waé, ART Mergasa Dunungannana

Bandungan Senin, 1 Maret 2021 | 14:52 WIB

Ratna ngarékayasa kajadian éta saolah-olah geus aya rampok ka imah dununganna.

Bandung Baheula - Bandungan, Nyeri Haté sok Dibanding-banding waé, ART Mergasa Dunungannana, ART bunuh majikannya,Pembunuhan di Buahbatu,Tersangka rekayasa seolah ada perampokan,Kapolrestabes Bandung Kombes Pol Ulung Sampurna Jaya

Misteri Sripanggung

Bandungan Sabtu, 27 Februari 2021 | 06:35 WIB

Ti dieu kakara nyaynyayan. Yén bisa jadi nu sok ngajungjujurigan mah sripanggung nu heubeul. Nyi Suminar mah leungitna c...

Bandung Baheula - Bandungan, Misteri Sripanggung, Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Bandungan,seni dan budaya sunda,Aan Merdeka Permana

Dusun Bambu Ngoléksi Janda Bolong (Monstera Obliqua). Hargana Ampir 1...

Bandungan Jumat, 26 Februari 2021 | 15:20 WIB

Dina Galery Flora nu luasna 800 meter persegi ieu aya rébuan jenis koléksi tanaman hias sultan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dusun Bambu Ngoléksi Janda Bolong (Monstera Obliqua). Hargana Ampir 1 Miliar, Janda Bolong,harga janda bolong,Tanaman Hias,Dusun Bambu,Dusun Bambu lembang,Monstéra Obliqua,Galery Flora Dusun Bambu

Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooke...

Bandungan Kamis, 25 Februari 2021 | 12:53 WIB

Lain saukur kiwari wungkul, utamana RW 7 Kampung Cikalang, sohor sok nyieunan parabot rumah tangga, tapi kagiatan ieu ge...

Bandung Baheula - Bandungan, Kampung Cikalang Kaler Istikomah Nyieunan “Panci” di Jaman “Rice Cooker”, perajin panci kampung cikalang kaler,Panci Tradisional,Panci,alat dapur tradisional Sunda,perajin panci

Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bandungan Rabu, 24 Februari 2021 | 14:34 WIB

Lebah péngkolan, kasampak si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék.

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Ceurik Lebah Péngkolan, fiksimini,Fiksimini Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan budaya sunda
dewanpers