Dadang Suptriatna ti Rumaja Kénéh geus Aktif di Organisasi

Dadang Supriatna (DS). (Instagram)
SOREANG, AYOBANDUNG.COM -- Pituin asli Sunda, calon Bupati Bandung ti nomer urut 3--anu samentara unggul dina sababaraha hasil hitungan cepat (quick count)--Dadang Supriatna dilahirkeun di Bandung, tanggal 7 Agustus 1971 (49 taun). Padumukannana di Jl. Raya Sapan No. 230 RT02/14 Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung.
Ti rumaja kénéh Dadang geus katingali aktif di organisasi. Organisasi nu pang mimitina diiluan ku anjeunna nyaéta aktif di Karang Taruna Desa Tegalluar, Kabupaten Bandung. Harita, taun 1988, Dadang kapilih jadi ketua.
Ti dinya, karir politikna terus nérékél. Jadi kader Partai Golkar, Dadang ulubiung di sababaraha organisasi: AMPI, Pemuda Pancasila, jeung KNPI. Lain ngan saukur di tingkat Kabupaten Bandung wungkul, tapi ogé di tingkat Jawa Barat.
Taun 2019 Dadang kapilih jadi anggota DPRD Provinsi Jawa Barat ti Fraksi Golkar. Saméméhna anjeunna mangrupakeun anggota DPRD Kabupaten Bandung salila dua periode.
Taun 2020, Dadang miluan Penjaringan Calon Bupati Kabupaten Bandung di Partai Golkar. Harita Dadang éléh da Partai Golkar leuwih milih ka Kurnia Agustina, Istrina Dadang Naser.
Dadang kuciwa, tuluy ngajleng ka Partai Kebangkitan Bangsa anu koalisi jeung Nasdem, Demokrat, jeung PKS. Kasebutna koalisi ieu nu pangbadagna di Kabupaten Bandung PKB (6 kursi), NasDem (5 kursi), Demokrat (5 kursi), jeung PKS (10kursi).
Ceuk Dadang mah, kaluar ti Partai Golkar téh ngundurkeun diri, tapi pikeun Wakil Ketua Bidang Litbang DPD II Golkar Kabupaten Bandung Yanto Setianto, Dadang Supriatna geus “diberhentikan secara tidak hormat” tina kaanggotaan partai.
"Kuring geus méré surat permohonan pengunduran diri ka Partai Golkar jeung sebagai anggota DPRD Provinsi Jawa Barat. Pan éta téh mangrupakeun salah sahiji sarat nu kudu dicumponan méméh daftar ka KPU," ceuk Dadang, Rebo (2/9/2020).
ayo baca
Tingali ogé, Mildan Abdullah, Ayobandung.com, Jumaah, 24 Juli 2020, “Demi Nyalon Bupati Bandung, Dadang Supriatna Rela Pindah ke PKB?”
Lamun enya téa mah Dadang Supriatna kapilih sacara resmi jadi Bupati Kabupaten Bandung, ketak jeung léngkah politikna teu nyalahan. Malah kudu diacungan jempol.
Pakaya Dadang Supriatna
Dadang Supriatna boga pakaya nu totalna Rp8.924.950.000. Jumlah sakitu teh pangleutikna lamun dibandingkeun dua calon bupati Kabupaten Bandung lainna, nyaéta Kurnia Agustina jeung Yena Masoem.
Nurutkeun hasil Laporan Harta Kekayaan Penyelenggara Negara (LHKPN) KPK, Dadang Supriatna boga welasan tanah jeung kandaraan. (Tingali Mildan Abdalloh, Ayobandung.com 28 September 2020 “Punya Banyak Kendaraan dan Tanah, Dadang Supriatna Jadi Cabup Bandung Termiskin”)
Tina laman e-lhkpn.kpk.go.id, Calon Bupati Bandung nomor 3 téh ngabogaan 12 bidang lahan nu nilai totalna Rp6.607.250.000, nyaéta:
- Tanah jeung bangunan nu luasna 141 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp500.000.000
- Tanah jeung bangunan nu luasna 159 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp500.000.000
- Tanah jeung bangunan nu luasna 13 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp50.000.000
- Tanah nu luasna 2.520 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp700.000.000
- Tanah nu luasna 5.789 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp1.447.250.000
- Tanah nu luasna 7.000 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp1.750.000.000
- Tanah nu luasna 2.520 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp630.000.000
- Tanah nu luasna 1.300 meter di Bandung nu nilaina Rp130.000.000
- Tanah nu luasna 980 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp300.000.000
- Tanah jeung bangunan seluas 70 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp250.000.000
- Tanah nu luasna 1.361 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp200.000.000
- Tanah nu luasna 1.028 meter persegi di Bandung nu nilaina Rp150.000.000
Alat transportasi jeung mesin nudipiboga:
- Mobil Mistsubishi Outlander taun 2015 nu nilaina Rp250.000.000
- Mobil Mitsubishi Colt Diesel PS taun 2005 nu nilaina Rp150.000.000
- Mobil Mitsubishi colt diesel tahun 2005 nu nilaina Rp150.000.000
- Toyota Pajero taun 2019 nu nilaina Rp350.000.000
- Daihatsu Grand Max taun 2008 nu nilaina Rp50.000.000
- Motor Yamaha N-Max taun 2017 nu nilaina Rp45.000.000
- Sumitomo Excavator taun 2011 nu nilaina Rp500.000.000
- Sumitomo Excavator taun 2011 nu nilaina Rp500.000.000
- Caterpilar Bulldozer taun 2006 nu nilaina Rp200.000.000
- Suzuki mobil bak taun 2015 nu nilaina Rp60.000.000
- Vespa taun 2016 nu nilaina Rp60.000.000.
Harta lainna nu dipiboga Dadang Supriatna kabéhna Rp 40.000.000, ogé kas jeung setara kas nu nilaina Rp7.700.000.
ayo baca