web analytics
  

Emih Goréng Panineungan

Sabtu, 5 Desember 2020 07:07 WIB Aam Amarullah
Bandung Baheula - Bandungan, Emih Goréng Panineungan, Carpon Sunda,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda,Bandungan,Carita pondok

Ilustrasi Emih Goreng Panineungan (Arsacadipura)

“Tresna Ayu…!”

Jung, budak awéwé nu diuk pangtukangna nangtung. Imut bari siga nu éra. Geuwat diuk deui. Bet kalah hareugeueun nempo imutna. Kulit héjo carulang, jilbabna nambah nyari kana keureutanana nu rancunit.

Pok deui nuluykeun ngabsén bari ngabangbalérkeun haté nu tuluy seseblakan. “Barudak, minggu hareup mah urang botram. Sabada sési kewalikelasan!”

Kapapancénan jadi wali kelas dalapan. Kusabab kelas tujuhna teu kaajar, jadi can arapal ka budak téh hiji-hijina. Ngahaja diajak botram pikeun ngaraketkeun hubungan emosional.

Réngsé acara kewalikelasan, barudak disina murak bekelna séwang-séwang. Ngarariung, bari silih asaan. Kuring gé diuk bari kutrat-kotrét.

“Pa, katitipan ti mamah haturan kanggo Bapa.” Ujug-ujug aya nu ngasongkeun misting ka hareupeun.

Tanggah, ngarérét ka nu ngomong. Seblak deui! Gusti … éta imut.

Misting dibuka. Bréh, emih goréng ditumpangan endog ceplok. Dipapaés ku siksik tomat jeung bonténg.

Ingetan ngalayang ka sakitu taun ka tukang. Ras, kana biodata murid. “Ehm … teu nyalahan.”

Haté ngagerenteskeun hiji ngaran.

**

“Engkang mios heula, nya!”

Kuring nyoléndangkeun kantong kana taktak. Sora rada ditarikkeun ngarah kadéngéeun ku nu keur di dapur.

Torojol manéhna nyampeurkeun ngeukeuweuk misting.

“Kanggo engké siang. Ulah seueur jajan, kedah ngirit!” pokna bari ngasupkeun misting kana kantong.

Panonna semu ngadilak lucu. Mutuh matak horéam ka nu rék miang. Kagugu ku paromanna nu siga mapatahan budak leutik. Nu ngaléndot ogo téh ditangkeup, beungeut nyasaran kana beuheungna. Manéhna ngagurinjal bari seuseurian, ngalésotkeun tangkeupan. “Atos ah, bilih kasiangan!” pokna bari ngarawél leungeun tuluy diambung.

Leumpang téh asa gagah kajurung ku haté nu kebek ku kabungah.

Ampir sataun rumah tangga can kungsi aya pacéngkadan sanajan kahirupan kacida basajan. Nya kitu téa ukur pangkat guru honorér di sakola swasta di kampung, bari pendidikan can nepi kana sarjana.

Beuki ka dieu beuki nyaah ka pamajikan téh. Anak jelema aya tapi daék dibawa sangsara. Komo lamun inget kana perjoangan hayang meunangkeun manéhna. Lain waé kudu ngéléhkeun lalaki-lalaki nu kaayanana jauh saluhureun, tapi nu pangbeuratna kudu meruhkeun kolotna nu kacida teu doaeun.

Satadina kuring ogé ngarumasakeun karep ngan manéhna bet méréan, masrahkeun haténa ngan keur kuring. Padahal geus dibruk-brakkeun kaayaan kuring nu sabenerna.

Jeung enyana, sabada asup dina kahirupan rumah tangga manéhna bener-bener némbongkeun kasatiaan nu saéstu ka salaki. Teu cidra kana omongan sanajan mindeng digonggorokkan ku indungna. Ti barang kawin langsung dibawa pindah ka lembur, nyicingan imah nini nu kosong.

Mindeng dilongokkan ku indungna bari sagala dibawa. Ti mimiti dahareun nepi ka parabot imah. Sanajan teu miharep tuluy-tuluyan dibéré tapi teu wasa nyarék, sok kalah leuwih teu ngeunah ku ucap-ucapanana. “Ujang sanggup kitu mangmeulikeun nu kararieu? Éta geuning dahar ogé ukur tahu deui, témpé deui. Awakna mani nepi ka begang kieu. Ibu mah melang ka anak.” Kitu pok-pokkanana. Matak nyentug kana angen.

Mulang sakola tara ieuh sumpang-simpang. Karunya ka manéhna, tangtu keseleun sorangan waé di imah. Da tara pangangguran natangga manéhna mah.

Anjog ka buruan, karék nyeklékkeun konci kontak basa ti jero imah kadéngé sora nu u-o utah-utahan. Teu sirikna ngagajleng asup ka jero imah.

Nu keur  onggéng-onggéngan dicabak tonggongna, tuluy disasar pundukna, dipencétan lalaunan. Teu lila manéhna cengkat. Beungeut pias, awakna katingali leuleus. Dibéyéng lalaunan dibawa ka kamar.

Sanggeus ngalaan helm jeung neundeun kantong, geuwat nyampeurkeun deui ka kamar bari mawa cai haneut sagelas.

“Kunaon, Geulis? Diparios ka mantri, yu?”

Manéhna kalah gideug. Sanggeus ngaregot cai, golédag ngedeng.

 “Deudeuh teuing, teu kénging capé teuing barang damel atuh, Nung. Keun nyeuseuh sareng kukumbah mah ku Engkang wé.”

Tuluy milu ngagolér gigireunana, awakna dikeukeupan. Manéhna ukur imut, nyulusupkeun beungeutna kana dada. Leungeunna muraét kana cangkéng.

“Kang, dipariosna ulah ka mantri nya!”

“Ka mana atuh?” 

“Ka bidan wé,” pokna bari angger nyumputkeun beungeut.

“Hah…!” Kuring curinghak, “Leres ieu téh?”

Karasa dina dada beungeutna unggeuk. Kep, nangkeup leuwih pageuh. Biwir ngucapkeun alhamdulillah sababaraha kali. Karasa aya nu ngembeng dina kongkolak panon. Cimata kabungah.

Nu keur kakandungan teu sirikna dinangna-néngné. Lir nanggeuy endog beubeureumna. Asup tilu bulan, janin séhat. Pon kitu deui indungna. Reugreug. Beuki diomat-omatan kudu loba istirahat. Da éta sok bedegong, angger hayang waé bébérés di imah.

Karék méngkolkeun si kukut ka jalan asup ka lembur basa pasarandog jeung tatangga nu nyusulan, rurusuhan.

Pamajikan ngagetih, cenah. Geus dibawa ku kolotna ka rumah sakit. Isuk-isuk basa kuring karék indit, manéhna narima telepon, indungna keur di jalan rék datang. Ari ningali galon cai bet kosong, geuwat  nelepon ka tukang galon langganan. Dianteurkeun nepi kana lawang. Kitu, tatangga ngadongéng saliwat.

Pasti manéhna maksakeun ngangkat galon dipasangkeun kana dispénser, bisi piomongeun indungna, surti kana adat, perkara leutik ogé bisa jadi bahan panyéréwédan.

Biur, nyusul ka rumah sakit bari sajajalan kutuk gendeng nyarékan diri sorangan teu tarapti mariksakeun kaayaan imah. Ngajalankeun motor siga nu diudag jurig, anjog ka ruang rawat, kasampak manéhna keur ngagukguk ceurik.  

Titis tulis bagja awak. Utun inji teu kuateun, medal saacan majad ninggalkeun raheut gudawang. Horéng katunggara teu cukup nepi ka dinya.

Kaluar ti rumah sakit sabada dikirét, pamajikan tuluy dibawa mulang ku kolotna. “Hampura, Jang. Geuning buktina hidep boro-boro nyenangkeun ka anak Ibu. Pamajikan keur kakandungan kalah sina barang gawé. Padahal mun bébéja ka Ibu, meureun dikirim pembantu.”

Omonganana lemes tapi matak ngaruntagkeun jiwa kalalakian kuring. Ukur bisa ngeluk bari nahan cipanon.

Teu wasa ngadéngé nu nginghak kanyenyerian. Kaluar ti rohang rawat nepi ka palataran parkir manéhna diuk dina korsi roda nu didorong ku petugas, leungeunna tipepereket nyekel pageuh kana leungeun kuring. Nepi ka ditaékkeun kana mobil satengah digusur ku indungna, leungeunna ranggah, “Engkang…!” Cipanonna juuh nepi ka ngabaseuhan kana tiungna.

Harita kuring ngarasa jadi panghina-hinana lalaki. Lamun seug teu dipeperan ku kolot sorangan kahayang mah ngaragragkeun manéh kana jungkrang.

Kaleleban nepi ka ampir-ampiran langlang-lingling. Ema jeung Bapa ukur bisa ngusap dada nempo kuring siga nu geus teu boga sumanget hirup. Pagawéan sapopoé ukur ngalangeu di hareupeun imah. Nempokeun ka palebah jalan gedé, miharep manéhna datang ngubaran gudawangna haté.

Hiji waktu aya Emang nu matuh di Bandung nganjang. Ema rambisak nyaritakeun lalakon kuring. Bapa ukur ngeluk, sakapeung ngarahuh. “Kudu kumaha deui ngubaranana, Entang? Watir Euceu téh kana warugana ariteun teu bisa kukumaha.”

Mang Entang nyampeurkeun ka kuring nu keur nyanghunjar bari panon melong kosong. Leungeunna ngusapan taktak. “Man, milu ka Emang, yu. Titirah di Bandung.”

Lir budak nu can ngarti nanaon. Dititah salin ku Ema téh nurut wé, tuluy nuturkeun Emang bari teu ngomong sakemék-kemék acan, nyoléndangkeun kantong eusi papakéan beunang mérésan Ema.

Meunang saminggu mah cicing di imah Emang, angger wé pagawéan téh ngajejentul. Daék dahar lamun geus dipaksa. Dalah solat ogé kudu diingetan.

Bada isa, kadéngé Bibi, pamajikan Emang, keur ngagambréng di kamar si Enéng, anakna nu cikal, kelas 2 SMP. Paselang jeung sora inghak si Enéng nu sakapeung némpas ka indungna, “Atuda Enéng teu ngartos, kumaha carana,” pokna bari dareuda.

Bet asa watir ngadéngéna, tuluy cengkat nyampeurkeun. “Tah, cobaan papatahan ku A Iman, sugan jalan uteukna!” Bibi ngajéngkat bari kutuk gendeng.

Ti dinya mimitina rada nyay-nyayan hégar deui rarasaan téh. Unggal peuting maturan si Enéng diajar bari dipapatahan.

“A Iman, réréncangan Enéng aya nu hoyong ngiring diajar, wios?”

Isukna babaturan si Enéng ngabring ka imah aya limaanana, hayang dipapatahan sabab rék ulangan minggu hareup. Ka dituna bet murudul babaturan si Enéng nu hayang milu diajar, lain batur sakelasna wungkul, malah babaturan nu béda kelas ogé jadi loba nu miluan.

“Padil, naha geus uih deui ngaos téh?” Kadéngé Bibi ngagéréwék bareng jeung ngaronghéapna budakna nu bungsu dina lawang panto.

“Pa ustadna teu aya. Ngalih cenah duka ka mana.”

Mang Entang babaloganjangan jeung ketua DKM, samentara can aya anu ngaganti Pa Ustad, kumaha lamun barudak nu sok ngaji diwuruk heula ku kuring.

DKM atoheun ditawaran téh puguh mani hésé néangan nu ngaganti ustad téh, cenah. Geus kitu kuduna meureun jalan hirup, ngalakonan deui pagawéan siga basa keur di lembur. Mapatahan barudak diajar (sanajan lain di sakola) jeung ngawurukkan barudak ngaji di  masjid. Kieu-kieu ogé apan kuring téh ruruntuk santri, kungsi masantrén  bari jeung sakola.

Laun-laun tina naon nu dilakonan bet aya hasilna. Mapatahan pangajaran sakola jadi daria, narima lés, kelompok atawa privat. Ningali kuring eungkeut-eungkeut katembong “cageur”, Emang méré saran ngarah kuring kuliah, nuluykeun sakola baheula nu can tutug.

Dipikir-pikir, bener ogé. Geus waktuna kuring mikiran pikahareupeun, nangtukeun tujuan hirup. Nya panceg niat kalawan dirojong ku Emang jeung Bibi. Kolot atoheun pisan basa kuring bébéja rék nuluykeun kuliah téh.

**

Panonpoé can pati moncorong, hawa karasa tiris tapi seger kana awak. Kuring nyetandarkeun motor di tempat parkir. Sakola masih coréngcang, barudak narungtutan daratang arasup ngaliwatan panto gerbang nu dijagaan ku satpam. Jarum jam di rohang guru nunjuk kana angka 06.15, lila kénéh kana waktu bél asup.

Rada ngarandeg basa ningali misting dina meja. Misting nu harita diasongkeun ku budak basa munggaran asup sakola. Lalaunan neundeun tas kana luhureun méja, laju metot korsi, gék diuk.

Panon angger neuteup kana misting bari ngararasakeun nu gumeleter halon dina dada. Misting dibuka, bréh… emih goréng cikruh rimbil ku hayam meunang nyuwiran, ditumpangan endog ceplok, dipapaés ku keureutan tomat jeung bonténg. Ingetan ngalayang ka waktu harita.

Enya, harita mah menu kieu téh kaasup langka manggih. Paling copel sabulan sakali atawa dua kali bisa dahar emih nu sakieu pepel dina misting bari euyeub ku campuran. Apan sapopoé lamun pareng masak emih téh sabungkus dibagi dua jadi deungeun sangu, sanguna sing loba ngarah wareg.

Nu matak jadi istimewa lain ukur menu-na, tapi nu masak jeung nyadiakeunana. Kacipta deui manéhna kaprak-keprek di dapur. Saksak-siksik, kusrang-kosréng.

Kuring nu rék mandi kalah sok kabéngbat, ngadon ngajanteng  dina lawang panto kamar cai bari nyoléndangkeun anduk. Aya ku betah nempokeun nu keur upres, diteuteup saréngkak saparipolahna.

Namplokkeun emih kana piring, murulukkeun sambara, kécap, saos jeung suwir hayam, tuluy digalokeun bari imeut. Geus kitu dieurihkeun kana misting lalaunan laju dirarapih. Neundeun endog ceplok bari diiker-iker, dibébérés jeung tomat ogé bonténg. Geus kitu sigana kakara sadar keur ditalingakeun ku salaki, atuh janggilek wé api-api baeud, “Engkang, ih! Enggal ka jamban bilih kasiangan.”

Ngelemeng dina ciciptaan siga karék kajadian bieu saméméh indit ka sakola. Teu weléh dédéngéeun sorana nu ogo, karasa kénéh bagjana. Teu karasa biwir ngarenyu imut sorangan. Tapi tuluy karasa nyeuit peurih dina dada.

Katampi, Nung. Katampi ieu kaémut. Engkang surti saha salira.

Ké heula, naha pantes kénéh kuring nyebut ‘Nung’ ka manéhna?

Gap leungeun kana buku biodata siswa. Panon mapayan hiji ngaran tuluy ditengetan. Geuning bapana Tresna Ayu téh dina kateranganana geus almarhum. Hapé dina saku disada aya chat nu asup. Bari ngahuleng kénéh leungeun muka hapé.

[Nepangkeun, abdi indungna Tresna Ayu. Bingah, pun anak ayeuna diwalikelasan ku pangersa … Engkang!]

Ramo hideng noél kana poto profilna. Poto diteuteup ditelek-telek. Kasono ngagalura, neumbagan dada. Sajongjongan mah rasa téh diantep, dihayunkeun sina nyaliara sumarambah kana bayah.

Tét … tét  …tééét! sora bel asup disada.

Layar hapé ditutupkeun, laju mérésan méja nyiapkeun buku-buku bawaeun ka kelas. Méméh cengkat, ceg kana misting nu masih kénéh nembrak,  wadah téh ditutupan, diteundeun gigireun pigura poto kuring sakulawarga.

 

Tarogong, Desember 2020

#sirungpatrem

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers