web analytics
  

Dewi Sartika: Naha Awéwé Kudu Sakola? (3)

Kamis, 3 Desember 2020 06:22 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Dewi Sartika: Naha Awéwé Kudu Sakola? (3), Dewi Sartika,Sakola Kautamaan Istri,Pahlawan nasional Dewi Sartika

Dewi Sartika (istimewa)

III

Ayeuna rék malikan deui carita, naha perlu awéwé téh disakolakeun supaya pinter?

Karéréana jelema pamilihna kieu:

  1. “Ah, awéwé mah teu kudu sakola, da najan pinter ogé moal jeneng cara lalaki. Asal bageur baé, bisa ngéjo, bisa nyambel, bébérés di imah, keur kumawula ka lalakina.

Cenah hayang bisa nulis, ménta baé dipapatahan ka salakina."

  1. Aya deui nu kieu panalarna: “Hih, cumah awéwé disakolakeun téh, ana geus pinter nulis, sok dipaké susuratan teu puguh. Matak narik kana teu bageur. Mending cicing baé di imah, mantuan digawé ka kolot."
  2. Ari bangsa santri mah lain kitu pamilihna, kieu: “Is, awéwé mah lain disakolakeun. Sina ngaji, diajar rarakatan salat, ngaji sipat dua puluh, tasaup, ambéh bageur, aya keur megat napsuna: da awéwé mah kudu gedé bendungan."
  3. Aya deui pamilih bangsa santri, anu kadangu ku Kangjeng Bupati Bandung: awéwé mah teu meunang katénjo ku lalaki séjén, anging ku salakina jeung akrabna. Ku sabab éta awéwé mah teu hadé disakolakeun.

Cing mana anu bener?

Cek pikiran anu ngarang, kabéh ogé teu salah, da karepna mah sarua, nyaéta bisi anakna teu bageur. Tapi mungguh jelema téh awéwé lalaki ogé teu cukup ku bageur wungkul da kudu  jeung boga pangarti, pangabisa, pikeun nyiar kahirupan dina mangsa teu aya nu maradah keur ngajaga kasalametan, nolak balai, jeung jaba ti éta.

Jeung deui, lamun budak awéwé teu sakola naha pagegedanana tangtu bageur? Beu! Nista wong ngucap, kapan aya babasan, najan dipetian beusi ogé, ari rék goréng mah nya goreng baé. Jeung aturan sakola téh anyar kénéh, tibaheula mah tara aya nu sakola. Naha baheula tara aya jelema goréng ?

 

IV

Kumaha anu matak karéréaanana jelema, kitu pamilihna?

Éta lantaran teu acan terangeun pisan gunana (hasilna) sakola, pangirana di sakola téh diajar nulis baé atawa maca buku jeung itung-itungan. Halna jaba ti éta (poko), réa deui pangajaran anu perlu pikeun kautamaan jelema hirup.

Ku Kangjeng Tuan Inspecteur, sakola téh disebat: de bron van het leven. Tegesna sakola téh hulu wotan hirup, sabab jaba ti poko téa, barudak téh dipalajaran:

  1. Berséka: nyaéta awakna, papakéanana, parabot sakola, tempat diukna kudu bersih. Apik baranghakan, ulah garawagan.
  1. Tata: nyaéta sagala peta bérés jeung rintih guyub atawa bareng jeung batur, adab-adaban; keur ka ménak, keur ka sasama, keur ka kolot. Maké pantes jeung layak.
  1. Basa: bener makéna, henteu pahili, keur ka ménak jeung keur ka somah, bisa nyarita, béntés ngepokkéunana, jeung henteu cawokah atawa calutak.
  2. Tukuh: kana waktu, saperti keur digawé (diajar) ulah dipaké ulin jeung sabalikna. Mandi, nyatu, héés kudu dina waktuna, jeung, angger.
  3. Nurut: nyaéta ngalampahkeun paréntah guru, paréntah kolot anu bener saregep digawé, hadé gawe jeung anggeus, cepet bener, henteu bohong.
  4. Suka: nyaéta nyiar kabungahan ati, tembang, ngawih, tatabeuhan, ngadongéng, nénjoan gambar alus (cocoeun), ulin jeung batur, nyieun karajinan.
  5. Hadé haté, beresih ati: Saperti rapih jeung pada batur murid, tara maséan, nyaah ka babaturan, henteu pelekik, ka nu lian daék nulung, sabar, tara gurung gusuh, henteu kumaki, pupujieun/sirik pipidik, iren panastrén,
  6. Gemi: saperti diajar ngampihan duit (nyéngcéléngan), sangkan nyaho di harga duit, héséna nyiar duit, engkéna sina bisa ngeureut miceun, bisa mahi ku saeutik, réa nyesa.
  7. Mikir atawa pamilih: nyaéta mukakeun akal sangkan engkéna bisa mikir, bisa milih hadé jeung goréng, salah bener, ngeunah teu ngeunah.

Demi sakola istri di Bandung ditambah ayeuna 3 rupa pangajaran, nyaéta:

  1. Karajinan istri, saperti: nyulam, nyongkét, ngarénda, ngabéré, ngabedahan jeung ngaputna papakéan, nyieun kembang kertas, ngagambar jeung jaba ti éta.
  2. Imah-imah, saperti: hal bébérés, éntép- éntép  nyeuseuhan nilepan jeung ngistrika papakéan, ngumbah jeung ngabersihan parabot, ngaroris pakarangan jeung ngurus dahareun.
  3. Olah. Diajar olah-olah deungeun sangu, jeung deungeun ngaleueut bangsa urang.

Kapayun-payunna baris diajar ngabatik, nyaéta nulis samping, totopong, karémbong, jeung ngadawolong.

Kusabab éta budak anu cucud sakolana mah nepi ka tamatna, beunang diarep-arep jadi jelema hadé, cek babasan cageur bageur, cepet bener boh awéwé boh lalaki sarua baé.

Anu ngarang mindeng mendak barudak awéwé di pasar baru di Bandung, kaluaran sakola istri di Bandung, geus bisa nulung kolot-kolotna, nyekel patlot jeung buku notes, nuliskeun barang, atawa nyatet anu mayar hutang, nu ngayuh dagangan. Jeung deui geus réa anu dagang kutang, baju erok, rénda rénda, saputangan suat.

Ieu geus kauninga ku nu agung, sarta jadi  kabungahanana, tina ningali kamajuanana abdi-abdi. Sarta lamun sakabéh orang pribumi (kolot kolot) di mana-mendi geus ngarti kabéh kana hasilna awéwé disakolakeun, saperti nu enggeus-enggeus di Bandung, tangtu abdi-abdi beuki tambah-tambah majuna.

 

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Ha...

Bandungan Minggu, 24 Januari 2021 | 13:45 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Habis), Paribasa basa Sunda,Paribasa Sunda,Paribasa,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

Bandungan Sabtu, 23 Januari 2021 | 08:35 WIB

Kuring bati olohok asa teu percaya kana téténjoan. Asa tacan kungsi kawénéhan aya awéwé nu ngadon milu mandi. Keur mah t...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda,Bandungan

C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2)

Bandungan Jumat, 22 Januari 2021 | 15:03 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2), paribasa bahasa Sunda,Paribasa Sunda,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Paribasa basa Sunda

A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1)

Bandungan Kamis, 21 Januari 2021 | 14:37 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1), Paribasa Sunda,Babasan Sunda,Peribahasa bahasa Sunda,Bahasa Sunda,Sastra Sunda

Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”

Bandungan Selasa, 19 Januari 2021 | 14:21 WIB

Aipda Dani Ramdani Hidayat, anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, mangrupakeun hiji korban taneuh urug nu salamet.

Bandung Baheula - Bandungan, Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”, korban longsor Sumedang,Longsor Cimanggung Sumedang,Evakuasi Korban Longsor Cimanggung,Pencarian dan Penyelamatan (SAR) longsor Cimanggung,Aipda Dani Ramdani Hidayat,2 Jam Tertimbun, Begini Kesaksian Korban Hidup Longsor Cimanggung Sumedang

Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung

Bandungan Senin, 18 Januari 2021 | 15:46 WIB

Geuning, sampeu ogé ngandung karbohidrat anu tinggi. Jadi, teu anéh mun loba kadaharan nu dijeun tina sampeu.

Bandung Baheula - Bandungan, Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung, makanan khas Sunda singkong,makanan khas Sunda Bandung,Kadaharan asli Sunda tina Sampeu,Comro,Misro,Kripik singkong,putri noong,Sampeu,Peuyeum Bandung

SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?

Bandungan Sabtu, 16 Januari 2021 | 06:56 WIB

Lalaunan asih jero dada ngarangrangan. Waktuna urang kudu paturay, Kang Fahri. Najan kuring miharep aya rasa asih kuring...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Komala Sutha,Mangle,Sunda Midang,Bandungan

Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah

Bandungan Jumat, 15 Januari 2021 | 13:10 WIB

Panggih jeung Oke basa dina maleman taun baru. Oke pamit rék ngemban tugas jadi pramugari di Jakarta.

Bandung Baheula - Bandungan, Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah, Oke Dhurrotul Jannah,pramugari Oke Dhurrotul Jannah,Sriwijaya Air SJ 182 Jatuh,Pulau Lancang Kepulauan Seribu,Sriwijaya Air Jakarta-Pontianak,Sriwijaya Air Hilang Kontak,Parongpong Bandung Barat
dewanpers