web analytics
  

Dewi Sartika Jadi Guru Sakola Istri (2)

Rabu, 2 Desember 2020 06:01 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Dewi Sartika Jadi Guru Sakola Istri (2), Dewi Sartika,Pahlawan nasional Dewi Sartika,Buku Kautamaan Istri,Sakola Kautamaan Istri

Raden Dewi Sartika berpose bersama para guru di Sakola Kautamaan Istri setelah menerima bintang penghargaan. (Dokumen keluarga. )

I

Dina taun ieu nu ngarang geus jejeg tujuh taun lilana jadi guru sakola istri" di Bandung.

Ari asalna pisan ngiring kana kersana Kangjeng Tuan Inspecteur sakola “C den Hamer”, anu anjeunna geus pangsiun mulih ka nagara Walanda. Anjeunna anu mimiti ngadegkeun sakola baris barudak awéwé bangsa urang pribumi, nyaéta di Bandung sareng mupakatna Kangjeng Bupati Bandung, Raden Adipati Aria Martanagara.

Éta sakola mimitina dibuka dina tanggal 16 bulan Januari 1904, muridna aya 60, ari guruna tiluan.

Demi tempatna di paseban kulon payuneun Kabupatén, anu ayeuna dianggo kantor bank (Bandungsche Afdeelings Bank). Ari ayeuna geus boga tempat sorangan muridna aya 210, guruna lima.

Saméméh jadi guru, nu ngarang geus resep mapatahan barudak awéwé, babakuna kulawarga, nyaéta ngarénda, nyulam, ngarancang jeung tata basa.

Barang pok ogé didawuhan ku Kangjeng Tuan Inspecteur, yén anu ngarang rék didamel guru sakola, teu kira-kira bungahna, cek babasan téa man asa mobok manggih gorowong. Turug-turug karempugan ku sepuh.

Kumaha anu matak bungah rék didamel guru téh? Tur sadayana pada uninga, teu aya pangabisa, cupet budi, tuna nya panemu.

Ari nu matak bungah téh kieu:

  1. Resep mamatahan barudak téa jadi kebat jeung barudak tambah teteg haténa sabab kawuwuhan ku paréntah pangagung.
  2. Jadi guru téh najan awéwé, lain lampah hina, teu ngarempak cegahing syara. Nu dipalar urang Sunda awéwéna bisa maju, nurutan urang Eropa, malah mandar bangsa urang teu dihina-hina teuing ku séjén bangsa.
  3. Boga gawé anu tangtu; karana awéwé anu teu puguh gawé, luangna sok nguluwut, tungtungna rupa-rupa, perkara ieu sadayana ogé pada uninga atawa ngaraos.
  4. Pangkat guru téh ku bujangga mah disebut martabat pangluhurna. Geuning aya cacandran karuhun: anu kudu diturut téh aya tilu: guru, ratu, wong atua karo. Jeung deui buktina ogé guru téh tukang ngawuruk pangarti, mapatahan kahadéan, sugan cek babasan “bodogeo" ogé hamo kabina-bina teuing, jeung deui aya babasan Walanda, pisundaeunnana: lamun daëk ngoèmbah leungeun kénca, leungeun katuhu ogé milu bersih.
  5. Jeung nu jadi guru mah sok réa pamendak, saban poé nambahan, lantaran kapaksa jadi kolot barudak, ditanya  ku barudak.
  6. Pangarti jeung pamendak téh anu baris dituturkeun ku jelema salawasna hirup, nyaéta saupama obor, baris nyaangan jalan ka nu poék.
  7. Di jero tilu opat taun mah nya jadi guru, teu eureun-eureun dipalisaur, mani asa rawing ceuli, ku nu moyok, basana rupa-rupa: “Ngapeskeun kolot, kawas nu teu dibéré teu diurus, teu pantes bangsa urang mah awéwé jadi guru sakola, euweuh ti baheulana, aya ogé guru ngaji" jeung réa-réa deui lian ti kitu. Pangmalisaur kitu, boh ménak boh somah lantaran kurang pamanggih kabaheulaan kénéh. Teu emut kana babasan “baheula-baheula, ayeuna-ayeuna".
  8. Tatapi nu ngarang teu pisan galideur, unggut kalinduan, gedag kaanginan, sabab geus jamak baé anu hirup téh, najan sakumaha hadé bageurna gé, sok aya baé anu dengki. Mungguh dibangsa urang nu matak dengki batur téh aya tilu: banda, bagja, rupa.

Sumawonna barang geus ramé basa Kaum Muda, beuki pangger haté téh. Naon éta Kaum Muda téh, jeung kumaha karepna?

Ari nu dibasakeun Kaum Muda téh bangsa urang, awéwé, lalaki, Sunda, Malaju, Bugis, Makassar, anu karep “ngamulyakeun dirina” kulantaran pangartina jeung kanyahona, sarta kadaékna. Éta Kaum Muda jolna ti jelema pinter, nyaéta hiji urang Malayu, ngaranna Abdul Rivai; tina kapinteranana jeung temen wekelna sarta cucud kana ngulik pangarti, ayeuna nepi ka bisa jadi Dokter Militer di Cimahi, palungguhanana teu béda jeung dokter-dokter Eropa.

Kusabab éta nu ngarang harita beuki pangger nyekel bebeneran sorangan, sabelong-béntor milu ngeureuyeuh dina jaman kemajuan. Ari nu dipikir beurang peuting dibelaan hésé capé, teu aya deui ngan perkara sakola awéwé. Babakuna sakieu:

  1. Sangkan kolot-kolot harayang nyakolakeun anakna awéwé, ngarti kana gawéna atawa beubeunangan sakola.
  2. Barudakna daék sakola, jeung cucud nepi ka tungtungna.
  3. Pangajaran naon anu perlu keur barudak awéwé, kudu bisa naon, nepi ka kumaha? Pibekeleunana hirup.
  4. Ngawaskeun kalakuan awéwé anu hadé anu goréng, pikeun conto ka barudak.
  5. Kabéh dieunakeun tataros ka sepuh-sepuh, ka nu palinter, ka bujangga-bujangga; malah ka para bupati, ajrjh-ajrih ogé wayahna, tumaros naon kaperluanana anu jadi awéwé, supaya hirupna ulah nepi ka balangsak.

Ari akal anu dipetakeun ka barudak teu aya deui ngan dua: Nganaséhatan jeung nyontoan. Malah mandar aya hibar suwargina Tuan K.F. Holle, anu ngamajukeun abdi-abdi kana tatanén, bawaning dihantem dileukeunan dinaséhatan jeung dicontoan teu burung ayeuna roa nu tani sugih mukti. Ari saurna basa Walanda: “leeringen wekken, voorbeelden trekken". Pisundaeunana:  “naséhat téh panghudang niat, ari conto matak heroy."

Tatapi naséhat jeung conto anu keur dipetakeun ku nu ngarang mah, lir upama parahu leutik, anu keur ditarumpakan ku barudak awéwé, rék ka nagara kamajuan, nyorang lautan gedé, anu pohara lambakna. Lakuning biheung pitepieunana, kurang-kurang untungna mah meureun kalebuh!

Ngan, geus kitu bagjana éta barudak; bet ujug-ujung jol kapal gedé jeung sakitu santosana, ngaping jeung nuduhkeun jalan ka nagara kamajuan téa.

Cik, naon anu disilokakeun kapal gédé téh?

Ari anu disilokakeun kapal gedé téh, nyaéta ayeuna di Bandung ngadeg hiji pakumpulan, aturanana Kangjeng Tuan Inspektur Sakola anu ngaranna  J.C.J. van Bemmel, maksudna baris ngamajukeun barudak awewe.

Kusabab kitu, éta pakumpulan ku Kangjeng Bupati Bandung disebat pakumpulan “Kautamaan Istri”.

 

II

a. Ari ngadegna éta pakumpulan, tanggal 5 Novémber taun di luhur 1910.

Dina waktu anu kasebut di luhur, anu ngarang dituju ku Kangjeng Tuan Resident W.F.I. Boissevain kudu jaga di karésidénan pukul tujuh malem Ahad.

Kitu deui ngahaturanan linggih tuan-tuan jeung nyonya-nyonya anu sami misuka kana kamajuan itsri urang Sunda, supaya ngaluuhan éta kumpulan, luluguna Kangjeng Tuan Inspecteur Sakola, Kangjeng Bupati Bandung, jeung aya tilu Raden Ayu.

Dina waktu éta kumpulan ditetepkeun anu jadi pamaréntahna (Bestuur), nyaéta nyonya-nyonya jeung Raden-Raden ayu baé, anu sami kersa ngamajukeun kana kapinterannana awéwé urang Sunda.

b. Nu rék diuruskeun ku éta commissie, diheulakeun Sakola Istri di Bandung, ari ngurusna kieu:

  1. Commissie nyuhunkeun ka pangurus supaya éta pakumpulan “Kautamaan Istri" dipaparin kakuatan anu teguh (rechtspersoon).
  2. Éta commissie dibagilirkeun dua-dua (Nyonya hiji, Raden Ayu hiji) sakumaha anu kasebut di luhur, sumping ka sakola istri; marios naon kakiranganna, naon  anu kudu diayakeun, naon nu kurang hadé.
  3. Di mana geus kagiliran sadayana, tuluy deui ngadamel kumpulan, ngabarempagkeun beunang marios téa.

c. Ari piongkoseunna, saheulanan kieu:

  1. Kangjeng Tuan Inspecteur ngadamel serat ideran ka tuan-tuan jeung ka nyonya-nyonya, nyuhunkeun pitulung, sugan kersa maparin uang urunan, saban bulan atawa sakali baé.
  2. Kitu deui Kangjeng Bupati ngadamel serat ideran, ka ménak-ménak jeung ka kolotna barudak téa. Maksudna cara di luhur.
  3. Lamun éta uang urunan teu mahi, rék nyieun lotré, gedé leutikna jeung aturanana ditimbang ku Kangjeng Tuan Resident sareng Kanjeng Tuan Inspecteur.
  4. Upama éta duit leuwihan, rék dianggo deui ngadamel sakola istri, saperti di Garut atawa di mana baé, anu katimbang perlu aya sakola istri.

Tah, sakitu pangaturanana Kangjeng Tuan Inspecteur, kalawan mupakatna Kangjeng Bupati, baris mikawelasna ka barudak awéwé, supaya maju pangartina jeung pangabisana. Perkara ieu tangtu geus kamanah ku anjeunna lain lalaki baé kudu maju téh, awéwé ogé kudu maju, sina layeut jadi saaleutan. Karana meureun geus ngadangu ogé, aya pameget anu pinter, ari geureuhana teu pisan aya kabisa, salawasna laki rabi susah baé.

Jeung awéwé teh popojokannana boga salaki, sok boga anak. Éta anak téh anu ngurusna, ngawarahna lumbrahna indung bagianana; ari karepna sakabéh jelema ogé sarua, hayang boga anak téh cageur bageur. Tapi kumaha sangkanna kitu? Teu aya deui kajaba ti indungna kudu boga pangarti, réa kanyaho, loba kabisa, nyaéta kudu sakola.

Muga-muga baé sakumaha kersana Kanjeng Tuan Inspecteur téa geura aya pungkasna, mun pepelakan téa mah, mulus jadina, ngemploh daunna, ngarangkadak dahanna, leubeut buahna.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers