web analytics
  

Dewi Sartika: Awéwé Baris jadi Indung nu Pangmimitina Ngasupan Pangarti ka Anakna (Tamat)

Jumat, 4 Desember 2020 05:43 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Dewi Sartika: Awéwé Baris jadi Indung nu Pangmimitina Ngasupan Pangarti ka Anakna (Tamat), Dewi Sartika,Pahlawan nasional Dewi Sartika,Buku Kautamaan Istri,Sakola Kautamaan Istri

Buku Kautamaan Istri karangan Dewi Sartika taun 1912. (istimewa)

V

Ayeuna rék nyaritakeun paham dokter, pasal budak.

Ari tarékah (sarat) supaya budak pagegedéanana jadi jelema hadé, tibubudakna kudu cageur, nyaeta henteu réa kasakit dina badanna, henteu apes pancaindrana, nyaéta: seukeut deuleu, seukeut ambeu, awas déngé, percéka, padang ati.

Saur Raden Dokter Saleh penyakit éta aya dua:

  1. Kasakit bawa ngajadi, ti barang gelar ka dunya geus aya, éta kasakit disebutna tuturunan (ervelijke ziekten, atawa kwalen). Hartina kasakit, adat, jeung tabéat ngala ka sepuh-sepuhna.
  2. Panyakit jeung adat kabiasaan, anu datang pandeuri nyaéta sanggeus gelar ka dunya, sarupa rieut, lieur, seueul angen, mules beuteung jeung réa-réa deui.

Jeung nurutkeun kumaha cacampuranana jeung piaraannana budak, saperti campur jeung ménak bisa adab tatakrama cara ménak, jeung bisa jadi ménak.

Sabalikna najan putra ménak ana teu dipiara teu disakolakeun teu bisaeun jadi ménak. Tungtungna leungit ngaran kaménakanana, timbul goréng adat, goréng lampahna, mamawa kasaréréa, diturutan ku somahan, nyaéta lantaran teu di piara atawa diogo diturut sakarep-karepna ti leuleutik, ari geus gedé mah hésé diwarahna. Geuning aya paribasa: Awi beunang sotéh dipelengkang-pelengkung keur ngora kénéh, ari geus kolot mah manan beunang kalah potong.

Éta dua rupa panyakit téa beunang dijaga, diubaran ku tarékah, ku hadé piaraanana, komo lamun nu asal (turunan) hadé, ditambah ku hadé mulasarana, jadi tikel-menikel hadéna. Kulantaran dijaga jeung ditarékahan téa, téténjoanana, pamilihna tangtu séjén ti budak anu goréng ngajagana atawa piaraanana. Geuning kembang ros beureum ogé beunang diomé, kembangna bisa jadi alus jeung warna-warna.

Kitu deui barudak Sunda anu hadé ngurusna, bisa ogé mapakan ka urang Eropa. Sabalikna lamun budak henteu hadé ngurusna, tangtu geringan berewit réa kasakit. Pagegedéanana goréng adat jeung sok belet atawa lembek pikiranana, babari ngalampahkeunana kagoréngan, babarian kagoda, babarian kaolo, napsuna jadi gedé, tara katahan ku tanaga pikiranana, da geus lembék ti leuleutik. Tah kitu pahamna Raden Dokter Saleh.

Jeung saur anu paham kana perkara urusan malayaran barudak (opvudkundige), ingetan nu terang atawa ati nu padang téh, ayana dinu badanna waras. (Een gezo nde ziel is in eengezondlichaam).

Aya deui saur anu pinter, ati padang tur waras badan, éta manusa sampurna. (Een gezonde ziel in een gezond lichaam, dat is de volkomen mensch).

Anu ngarang mendakan carios, di Europa aya hiji tuan jenenganana Thomas Alva Edison, ibuna hiji guru sakola. Éta Tuan Edison disakolakeunana ngan 6 bulan, tuluyna diwuruk ku ibuna baé, diwejang ku anjeun. Lantaran ati-ali sarta hadé malayaranana, Tuan Edison jaman ayeuna jadi pangmashurna di dunya tina sakitu kapinteranana terang pikiranana, disebutna oge “raja listrik."

Mesin ngomong jeung telepon (supaya beunang dipaké ngomong ka nu leuwih jauh, saperti ti Bandung ka Batawi), éta ogé kapinteranana Tuan Edison. Kumaha ari bangsa urang kira-kirana aya nu pibisaeun kitu?

Beu! Jauheun, cek babasan téa mah “jauh tanah ka langit." Tatapi teu mustahil, teu kapanggih ku urang, sugan ku anak incu, sabab jaman ayeuna ogé geus mimiti bangsa urang maju, kaserepan kapinteran Eropa, tapi réréana bangsa pameget, nyaéta putra-putra ménak atawa anu baleunghar, ari istri mah tacan pati réa.

Kumaha atuh supaya bangsa urang tambah maju? Hal ieu ku nu agung geus kamanah, nyaéta awéwéna nu kudu maju téh deui, palinter cara lalaki, sabab awéwé téh anu baris jadi indung, manéhna anu pangmimitina ngasupan pangarti ka jelema, nyaéta ka anak-anakna, awéwé lalaki.

Jadi utamana awéwé bangsa pribumi téh kudu nyaho kana saniskara urusan awéwé. Anu kaémut ku nu ngarang aya 6 rupa:

  1. Pasal ngurus budak, ti oorok nepi ka meujeuhna disakolakeun, bangsa urang umur 6 atawa 7 taun.
  2. ngajaga budak sapanjangna sakola kénéh.
  3. Geus lanjang sarta tatnat sakolana.
  4. Boga salaki jeung imah-imah.
  5. Teu boga salaki atawa katinggal ku salaki, teu aya nu maradah.
  6. Kahirupan awéwé jaba ti boga salaki.

Pasal ieu sadayana baris dicarioskeun ka pajuri.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Ha...

Bandungan Minggu, 24 Januari 2021 | 13:45 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Habis), Paribasa basa Sunda,Paribasa Sunda,Paribasa,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

Bandungan Sabtu, 23 Januari 2021 | 08:35 WIB

Kuring bati olohok asa teu percaya kana téténjoan. Asa tacan kungsi kawénéhan aya awéwé nu ngadon milu mandi. Keur mah t...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda,Bandungan

C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2)

Bandungan Jumat, 22 Januari 2021 | 15:03 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2), paribasa bahasa Sunda,Paribasa Sunda,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Paribasa basa Sunda

A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1)

Bandungan Kamis, 21 Januari 2021 | 14:37 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1), Paribasa Sunda,Babasan Sunda,Peribahasa bahasa Sunda,Bahasa Sunda,Sastra Sunda

Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”

Bandungan Selasa, 19 Januari 2021 | 14:21 WIB

Aipda Dani Ramdani Hidayat, anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, mangrupakeun hiji korban taneuh urug nu salamet.

Bandung Baheula - Bandungan, Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”, korban longsor Sumedang,Longsor Cimanggung Sumedang,Evakuasi Korban Longsor Cimanggung,Pencarian dan Penyelamatan (SAR) longsor Cimanggung,Aipda Dani Ramdani Hidayat,2 Jam Tertimbun, Begini Kesaksian Korban Hidup Longsor Cimanggung Sumedang

Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung

Bandungan Senin, 18 Januari 2021 | 15:46 WIB

Geuning, sampeu ogé ngandung karbohidrat anu tinggi. Jadi, teu anéh mun loba kadaharan nu dijeun tina sampeu.

Bandung Baheula - Bandungan, Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung, makanan khas Sunda singkong,makanan khas Sunda Bandung,Kadaharan asli Sunda tina Sampeu,Comro,Misro,Kripik singkong,putri noong,Sampeu,Peuyeum Bandung

SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?

Bandungan Sabtu, 16 Januari 2021 | 06:56 WIB

Lalaunan asih jero dada ngarangrangan. Waktuna urang kudu paturay, Kang Fahri. Najan kuring miharep aya rasa asih kuring...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Komala Sutha,Mangle,Sunda Midang,Bandungan

Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah

Bandungan Jumat, 15 Januari 2021 | 13:10 WIB

Panggih jeung Oke basa dina maleman taun baru. Oke pamit rék ngemban tugas jadi pramugari di Jakarta.

Bandung Baheula - Bandungan, Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah, Oke Dhurrotul Jannah,pramugari Oke Dhurrotul Jannah,Sriwijaya Air SJ 182 Jatuh,Pulau Lancang Kepulauan Seribu,Sriwijaya Air Jakarta-Pontianak,Sriwijaya Air Hilang Kontak,Parongpong Bandung Barat
dewanpers