Dewi Sartika: Naha Awéwé Kudu Sakola? (3)

Dewi Sartika (istimewa)
III
Ayeuna rék malikan deui carita, naha perlu awéwé téh disakolakeun supaya pinter?
Karéréana jelema pamilihna kieu:
- “Ah, awéwé mah teu kudu sakola, da najan pinter ogé moal jeneng cara lalaki. Asal bageur baé, bisa ngéjo, bisa nyambel, bébérés di imah, keur kumawula ka lalakina.
Cenah hayang bisa nulis, ménta baé dipapatahan ka salakina."
- Aya deui nu kieu panalarna: “Hih, cumah awéwé disakolakeun téh, ana geus pinter nulis, sok dipaké susuratan teu puguh. Matak narik kana teu bageur. Mending cicing baé di imah, mantuan digawé ka kolot."
- Ari bangsa santri mah lain kitu pamilihna, kieu: “Is, awéwé mah lain disakolakeun. Sina ngaji, diajar rarakatan salat, ngaji sipat dua puluh, tasaup, ambéh bageur, aya keur megat napsuna: da awéwé mah kudu gedé bendungan."
- Aya deui pamilih bangsa santri, anu kadangu ku Kangjeng Bupati Bandung: awéwé mah teu meunang katénjo ku lalaki séjén, anging ku salakina jeung akrabna. Ku sabab éta awéwé mah teu hadé disakolakeun.
Cing mana anu bener?
Cek pikiran anu ngarang, kabéh ogé teu salah, da karepna mah sarua, nyaéta bisi anakna teu bageur. Tapi mungguh jelema téh awéwé lalaki ogé teu cukup ku bageur wungkul da kudu jeung boga pangarti, pangabisa, pikeun nyiar kahirupan dina mangsa teu aya nu maradah keur ngajaga kasalametan, nolak balai, jeung jaba ti éta.
Jeung deui, lamun budak awéwé teu sakola naha pagegedanana tangtu bageur? Beu! Nista wong ngucap, kapan aya babasan, najan dipetian beusi ogé, ari rék goréng mah nya goreng baé. Jeung aturan sakola téh anyar kénéh, tibaheula mah tara aya nu sakola. Naha baheula tara aya jelema goréng ?
IV
ayo baca
Kumaha anu matak karéréaanana jelema, kitu pamilihna?
Éta lantaran teu acan terangeun pisan gunana (hasilna) sakola, pangirana di sakola téh diajar nulis baé atawa maca buku jeung itung-itungan. Halna jaba ti éta (poko), réa deui pangajaran anu perlu pikeun kautamaan jelema hirup.
Ku Kangjeng Tuan Inspecteur, sakola téh disebat: de bron van het leven. Tegesna sakola téh hulu wotan hirup, sabab jaba ti poko téa, barudak téh dipalajaran:
- Berséka: nyaéta awakna, papakéanana, parabot sakola, tempat diukna kudu bersih. Apik baranghakan, ulah garawagan.
- Tata: nyaéta sagala peta bérés jeung rintih guyub atawa bareng jeung batur, adab-adaban; keur ka ménak, keur ka sasama, keur ka kolot. Maké pantes jeung layak.
- Basa: bener makéna, henteu pahili, keur ka ménak jeung keur ka somah, bisa nyarita, béntés ngepokkéunana, jeung henteu cawokah atawa calutak.
- Tukuh: kana waktu, saperti keur digawé (diajar) ulah dipaké ulin jeung sabalikna. Mandi, nyatu, héés kudu dina waktuna, jeung, angger.
- Nurut: nyaéta ngalampahkeun paréntah guru, paréntah kolot anu bener saregep digawé, hadé gawe jeung anggeus, cepet bener, henteu bohong.
- Suka: nyaéta nyiar kabungahan ati, tembang, ngawih, tatabeuhan, ngadongéng, nénjoan gambar alus (cocoeun), ulin jeung batur, nyieun karajinan.
- Hadé haté, beresih ati: Saperti rapih jeung pada batur murid, tara maséan, nyaah ka babaturan, henteu pelekik, ka nu lian daék nulung, sabar, tara gurung gusuh, henteu kumaki, pupujieun/sirik pipidik, iren panastrén,
- Gemi: saperti diajar ngampihan duit (nyéngcéléngan), sangkan nyaho di harga duit, héséna nyiar duit, engkéna sina bisa ngeureut miceun, bisa mahi ku saeutik, réa nyesa.
- Mikir atawa pamilih: nyaéta mukakeun akal sangkan engkéna bisa mikir, bisa milih hadé jeung goréng, salah bener, ngeunah teu ngeunah.
Demi sakola istri di Bandung ditambah ayeuna 3 rupa pangajaran, nyaéta:
- Karajinan istri, saperti: nyulam, nyongkét, ngarénda, ngabéré, ngabedahan jeung ngaputna papakéan, nyieun kembang kertas, ngagambar jeung jaba ti éta.
- Imah-imah, saperti: hal bébérés, éntép- éntép nyeuseuhan nilepan jeung ngistrika papakéan, ngumbah jeung ngabersihan parabot, ngaroris pakarangan jeung ngurus dahareun.
- Olah. Diajar olah-olah deungeun sangu, jeung deungeun ngaleueut bangsa urang.
Kapayun-payunna baris diajar ngabatik, nyaéta nulis samping, totopong, karémbong, jeung ngadawolong.
Kusabab éta budak anu cucud sakolana mah nepi ka tamatna, beunang diarep-arep jadi jelema hadé, cek babasan cageur bageur, cepet bener boh awéwé boh lalaki sarua baé.
Anu ngarang mindeng mendak barudak awéwé di pasar baru di Bandung, kaluaran sakola istri di Bandung, geus bisa nulung kolot-kolotna, nyekel patlot jeung buku notes, nuliskeun barang, atawa nyatet anu mayar hutang, nu ngayuh dagangan. Jeung deui geus réa anu dagang kutang, baju erok, rénda rénda, saputangan suat.
Ieu geus kauninga ku nu agung, sarta jadi kabungahanana, tina ningali kamajuanana abdi-abdi. Sarta lamun sakabéh orang pribumi (kolot kolot) di mana-mendi geus ngarti kabéh kana hasilna awéwé disakolakeun, saperti nu enggeus-enggeus di Bandung, tangtu abdi-abdi beuki tambah-tambah majuna.
ayo baca