web analytics
  

Tangkal Limus Nu Tatangga

Sabtu, 28 November 2020 12:00 WIB Euis Rohayati
Bandung Baheula - Bandungan, Tangkal Limus Nu Tatangga, Carpon Sunda,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda,Bandungan

Tangkal Limus Nu Tatangga (Heindry Kurniawan)

UNGGAL muka hordèng jandèla kamar, nu pangheulana katingali tèh tangkal limus éta. Enya, tangkal limus nu tatangga. Nu ceuk béja mah geus puluhan taun nangtung di dinya, di sisi jalan liliwatan.

Pareng keur kembangan, kembangna mani alus marakpak beureum. Komo mun ningalina tina jandéla loténg mah, katempona téh asa ku èndah, éndahna mapakan kembang Flamboyan.

Moal lila deui ogé, geura, kembangna robah jadi pentil. Geus kasawang kumaha meuhpeuy buahna. Enya, pan kitu basa buahan taun kamari ogé, buahna leubeut, rantuy singgarantung matak resep nu ningali. 

Cenah, limus tipung. Dagingna kandel, amis, seungit, jeung euweuh jarotan. Diwawaas, mun keur panas poé ngarujak limus, heug sing lada, sing lekoh karasa gula asemna. Duh, ku ngabayangkeunana ogè langsung uruy. 

Hanjakal, tara nyaho keur dipupuna. Tong boroning kuring tatangga anyar wawuh, dalah tatangga nu geus lila ogé, nu imahna padeukeut, tara nyarahoeun. Nyaho-nyaho geus beresih wéh tara nyésakeun pentil-pentilna acan. Sanajan tatangga raéng nyalindiran, tapi saurang ogé euweuh nu dibéré.

Ras, inget ka jenatna Enin di lembur. Baheula, di pipir imah Enin, aya tangkal limus satangkal. Buahna meuhpeuy. Lamun balik sakola sok ngahaja ngajak babaturan ngararujak di imah Enin. Jaba balikna téh ku Enin sok dibarahanan limusna, puguh wéh aratoheun pisan.

Ti keur budak ku Enin geus diwarah kumaha kuduna hirup akur jeung tatangga. Di lembur mah salian ti sok silihanjangan, mun boga rejeki téh sok silihkirim. Silihasaan dahareun. Boh dahareun hasil tatanén, boh hasil olah. Aya sampeu, waluh siem, jambu aér atawa rambutan ti buruan imah. 

Harita gé basa geus mupu limus, ku Enin dititah nguriling ngabagi ka tatangga sabudereun imah. Sanajan ngan saukur sasiki séwang, tapi kaasaan ku tatangga kabéh.

Abong keur budak, harita kungsi nanya ka Enin, naha bet dibagikeun sagala? Apan tatangga mah teu milu melak, teu milu macul, teu milu nyéboran? Pajar téh bisi aya nu nyiram hayangeun, heug teu wani ménta. Teu nyangka tah omongan Enin téh, ayeuna bet kaalaman pisan ku sorangan.

**

ENYA, basa keur anyaran pindah dibawa ku salaki ka dieu, apan keur nyiram nu munggaran. Harita umur kandungan karék nincak dua bulan, keur meumeujeuhna resep ka nu haseum-haseum. Pareng tangkal limus éta téh keur buahan, limusna mani meuhpeuy. Jaba geus arasak. Éta wéh seungitna mani angin-anginan. Milaraan nu keur nyiram. Puguh wéh jol kabita. Keur mah beuki pisan kana buah limus téh.

Teuing kumaha, ti bubudak bet beuki kana buah limus. Najan batur mah loba nu teu resepeun. Pajar téh buah limus mah kurang ngeunah. Haseum, jarotan, jaba sok ateul kana tikoro. Jeung geutahna lamun keuna kana biwir matak borok, cenah. Tapi, najan kitu da tetep we kuring mah beuki, komo kana limus tipung mah, da dagingna henteu jarotan jaba amis.

Harita teu sirikna unggal poé ngaéh ka nu jadi salaki, hayang buah limus nu éta.

"Hayang buah naon waé, ku Akang moal burung dipangmeulikeun, asal tong ménta buah limus éta!" ceuk salaki 

"Da sanés abdi nu hayangna gé, éta mah bawaan orok," cekéng.

Nya ahirna mah bari jeung éra-éra ogé harita salaki ngawanikeun nepungan nu boga tangkal limus. Wakca rék ngaririhan. Tapi, teu dibéré. Pajar téh ti pentil kénéh ogé geus dibajongkeun ka tangkulak.

Bati hareneg. Salaki ngupahan, unggal balik gawé, sok mawa bubuahan. Aya pear, anggur, jeruk sunkist, apel, jeung sabangsaning bubuahan nu ngareunah wungkul. Kabéh gé saukur dirérét. Samalah kungsi mawa buah limus ogé. Cenah, ngahaja meunang néangan ti pasar. Tapi, da kumaha, kahayang Si Utun teu beunang disisilihan. Keukeuh hayang buah limus nu éta, buah limus nu tatangga, nu rantuy di sisi jalan liliwatan, nu katingali saban mukakeun hordéng jandéla.

Nepi ka kungsi harita mun keur gedé angin, sok ngahajakeun bulak-balik ngaliwat ka palebah dinya. Susuganan aya limus asak nu murag hiji waè mah, rèk dipulung. Meureun, moal dianggap maling ari limus meunang mulung mah. Tapi, nyamos, ari lain daunna mah nu mayakpak ngabalaan jalan.

Balukarna budak ti lahir nepi ka umur dua taun mah ngacay waé, juru biwirna nepi ka lédéh. Cageur sotéh sanggeus ditambakeun ka nu bisa. Ngan, hanjakal budak téh umurna teu panjang. Umur opat taun tos dipundut deui ku nu Kagungana-Na.

**

WANCI sariak layung, ngadon ngahajakeun ngajanteng di loténg. Neuteup panon poé nu rék surup. Layung hibar, warnana beureum tambaga. Rét, ka béh kidul, tangkal limus ngajungkiring. Mani atra katingali tina jandéla loténg mah. Enya, ti poé ka poéna téh asa ku téréh. Tina kembang geus robah jadi pentil. Tina pentil ayeuna geus robah jadi buah. Geura ituh, buahna sing garupay diulinkeun ku angin siga nu ngadadahan. 

Bréh, rujak limus némbongan deui na kongkolak panon. Amis haseum lada, karasa gahar na létah. Kerelek, neureuy ciduh. 

"Nééng...!" Kadéngé sora salaki ngageroan ti handap. Teu lila kadéngé lengkahna nyampeurkeun ka loténg.

"Nuju naon ngajanteng di dinya?" tanyana.

"Nuju ningal buah limus," cekéng.

"Baku," cenah. "Hayu turun. Sareupna, pamali tong ngalong dina jandéla," pokna, bari nutupkeun jandéla, laju nuyun kuring dibawa turun ka handap.

Gék, diuk dina sofa di tengah imah. Kusial, karasa aya nu usik na jero beuteung. Lalaunan beuteung diusapan. Kandungan nincak lima bulan, kaciri beuteung geus ngabeukahan. Salaki diuk gigireun, leungeunna pipilueun ngusapan beuteung, bari pokna, "Entong, hidep mah tong hayang buah limus éta, bisi siga lanceuk hidep. Kin ku Bapa dipangmésérkeun apel beureum sareng buah gedong gincu nu amis." Biwirna teu sirikna ditompokeun kana beuteung. Heu euh, ti dituna mah ngupahan Si Utun, samarukna bisa dibébénjokeun.

"Da kumaha ku kabeneranana téh, tiap abdi keur ngandung, tangkal limus éta pareng keur buahan deuih. Asa teu salah mun Si Utun kabitaeun téh," cekéng. 

"Matak ogé tong ditingali waé. Geus ti samet ayeuna mah tong sok ngahajakeun ngalong na jandéla! Sing karunya ka budak nu dikandung, bisi siga baréto, Si Cikal," cenah. 

Teu némbal. Enya da nyaho, manéhna mah teu resepeun lamun ningali kuring geus ngalong dina jandela bari neuteup tangkal limus éta téh, meureun neuteuli kénéh ku kajadian baréto.

**

KUMAHA tuda geus kabiasaan, sanajan geus dicarék ku salaki ogé. Bérés solat subuh sérélek muka hordèng jandéla kamar. Di luar asa caraang, langit katingali lénglang. Rét, ka palebah tangkal limus. Gebeg! Gigisik. Tangkal limus ngahiang. Asa teu percaya. Apan kamari magrib téh sidik ngajungkiring kénéh palebah dinya. Berebet lumpat ka luar.

Di lawang panto hareup, pasarandog jeung salaki nu karék balik ti masjid. Manéhna hariweusweus, pajar téh di luar tatangga ribut pédah tangkal limus ngahiang. Cenah, aya nu nuar, nu nyésa ngan kari tunggulna. Asa ku hémeng.

"Ku saha?" Mencrong nu jadi salaki. Manéhna saukur gigideug.

"Naha bet dituar? Iraha dituarna?" Nanya merekpek.

"Teu kudu hayang nyaho urang mah, tong pipilueun urusan batur!" pokna, laju nutupkeun panto. 

Hareneg. Cipanon teu bisa ditahan, murubut malidkeun buah limus nu unggal usik némbongan na kongkolak panon.

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Duh, Surat Cinta Sunda nu Mawa Baper …

Bandungan Senin, 25 Januari 2021 | 15:57 WIB

Serat ieu dikintun saatos kéngéng widi pun lanceuk. Salamna ti anjeunna, saurna kanggo mantan terindah diriku (witwiw).

Bandung Baheula - Bandungan, Duh, Surat Cinta Sunda nu Mawa Baper …, surat cinta sunda,surat cinta bahasa Sunda,contoh surat cinta dalam bahasa Sunda

Deudeuh Teuing, Saung Angklung Udjo Rék Tutup

Bandungan Senin, 25 Januari 2021 | 15:28 WIB

Taufik nétélakeun, pamasukan di usum sasalad Covid 19 ieu dijendol pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Deudeuh Teuing, Saung Angklung Udjo Rék Tutup, Saung Angklung Udjo,Saung Angklung Udjo tutup,Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Kota Bandung,Seni Sunda angklung,Sastra dan Seni Sunda

K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Ha...

Bandungan Minggu, 24 Januari 2021 | 13:45 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Habis), Paribasa basa Sunda,Paribasa Sunda,Paribasa,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

Bandungan Sabtu, 23 Januari 2021 | 08:35 WIB

Kuring bati olohok asa teu percaya kana téténjoan. Asa tacan kungsi kawénéhan aya awéwé nu ngadon milu mandi. Keur mah t...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda,Bandungan

C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2)

Bandungan Jumat, 22 Januari 2021 | 15:03 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2), paribasa bahasa Sunda,Paribasa Sunda,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Paribasa basa Sunda

A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1)

Bandungan Kamis, 21 Januari 2021 | 14:37 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1), Paribasa Sunda,Babasan Sunda,Peribahasa bahasa Sunda,Bahasa Sunda,Sastra Sunda

Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”

Bandungan Selasa, 19 Januari 2021 | 14:21 WIB

Aipda Dani Ramdani Hidayat, anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, mangrupakeun hiji korban taneuh urug nu salamet.

Bandung Baheula - Bandungan, Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”, korban longsor Sumedang,Longsor Cimanggung Sumedang,Evakuasi Korban Longsor Cimanggung,Pencarian dan Penyelamatan (SAR) longsor Cimanggung,Aipda Dani Ramdani Hidayat,2 Jam Tertimbun, Begini Kesaksian Korban Hidup Longsor Cimanggung Sumedang

Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung

Bandungan Senin, 18 Januari 2021 | 15:46 WIB

Geuning, sampeu ogé ngandung karbohidrat anu tinggi. Jadi, teu anéh mun loba kadaharan nu dijeun tina sampeu.

Bandung Baheula - Bandungan, Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung, makanan khas Sunda singkong,makanan khas Sunda Bandung,Kadaharan asli Sunda tina Sampeu,Comro,Misro,Kripik singkong,putri noong,Sampeu,Peuyeum Bandung
dewanpers