web analytics
  

Dewi Sartika: Naon nu Jadi Kautamaan Istri? (1)

Selasa, 1 Desember 2020 10:13 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Dewi Sartika: Naon nu Jadi  Kautamaan Istri? (1), Raden Dewi Sartika,Sakola Kautamaan Istri,Buku Kautamaan Istri,Pahlawan nasional Dewi Sartika

Buku Kautamaan Istri karangan Dewi Sartika taun 1912. (istimewa)

Panganteur Rédaksi

Tanggal 4 Désémber téh mangrupakeun tanggal nu biasa dipaké pangemut-ngemut atawa memperingati poé dilahirkeunna pahlawan nasional ti Bandung, nyaéta Raden Dewi Sartika. Dewi Sartika téh lahir ping 4 Désémber 1884 di Bandung, putri kadua ti pasangan ménak Bandung Raden Rangga Somanegara jeung Raden Ayu Rajapermas.

Nu ngajadikeun Dewi Sartika fénomenal, nyaéta kawanina nyieun “Sakola Istri” di jaman nu teu “aman” pikeun harita. Ogé sikep pamaréntahan kolonial nu sok “curiga” waé kana ketak Dewi Sartika. Ma’lum da bapa Dewi Sartika—Raden Rangga Somanegara--musuh pamaréntah Kolonial nu nepi ka dibuang ka Ternate dugi ka maotna di pambuangan.

Perjoangan Dewi Sartika teu pareum. Terus merjoangkeun cita-citana, yén awéwe téh kudu pintér, cageur, jeung bener.

Kabéhdieunakeun pamaréntah kolonial justru malik kagum ka pajoangan Dewi Sartika. Samalah pamaréntah kolonial nepi ka ménta bantuan Bupati Bandung harita, R.A. Martanegara, sangkan ngarojong kana cita-cita Dewi Sartika nyieun sakola.

Atuh, taun 1910 Sakola Istri nanjeur jeung robah ngaranna jadi “Sakola Kautamaan Istri”.

Dewi Sartika salian guru, aktivis, ogé penulis atawa pangarang nu sok nulis di koran basa Sunda Sipatahoenan jeung koran basa Belanda The Preanger Bode. Ogé anjeunna nulis buku.

Ti mimiti poé ieu, ayobandung.com midangkeun buku Kautamaan Istri nu ditulis langsung ku Dewi Sartika sorangan. Eusi ieu buku medarkeun naha Dewi Sartika keukeuh hayang nyieun “Sakola Kautamaan Istri”. Naon nu rék diudag?

Ieu buku medal taun 1912. Dipedalkeun ku AC Nix & Co. Dipidangkeun di dieu kalawan parobahan ejahan jeung ijin ti Yayasan Ahli Waris Dewi Sartika—AWIKA.

 

Bubuka

Ieu buku dingaranan Kautamaan Istri bacaeun barudak sakola jeung kolot-kolotna.

Naon ari anu jadi “kautamaan istri? Èta rupa-rupa, babakuna nurutkeun:

  1. Bangsana; bangsa ménak atawa santana atawa abdi-abdi, bangsa sudagar, anu tani.
  2. Adat jeung kabiasaan, dina hiji-hiji nagara, kumaha kacaraanana di dinya (ciri sabumi cara sadésa).
  3. Palajarannana ti bubudak, jeung cacampuranana.

Tapi ari anu jadi poko mah, ngan sarupa, nyaéta nyaho kana kaperluannana nu jadi awéwé, cara pangkat atawa anu jeneng (uninga ngajalankeun kawajibannana, jeung ngajalankeun kersa anu ti payun).

Naha teu aya, awéwé urang pribumi, anu geus kasebut utama kitu?

Ih, di mana-mana ogé geus aya, ngan lamun dibandingkeun jeung réana cacah jiwa di Pasundan anu geus kasebut utama téh ngan saeutik kénéh pisan.

Demi réréana bangsa ménak jeung nu baleunghar, nu gedé pakeeunna, pikeun nyieun kautamaan téa atawa kasenanganana.

Èta bangsa ménak ti murangkalihna kénéh geus meunang pangajaran ti ibu-ramana atawa ti sepuh sepuhna. Ari jaman ayeuna geus lumbrah putra-putra ménak disakolakeun Walanda atawa dipatuhkeun di guru-guru Walanda atawa di tuan-tuan nu séjén, supaya meunang pangajaran jeung tata basa Eropa, jadi tambah-tambah kauningana jeung katiasana.

Kumaha ari bangsa abdi-abdi nu leutik?

Èstu buta tuli sagala aturan teu nyaho saenya-enyana, ngan dikira-kira baé sugan kitu, sugan kieu, lantaran ngadéngé atawa neuleu saliwat. Sumawonna jelema urang pagunungan atawa pasisian mah anu langka pisan campur jeung urang dayeuh, tangtu kurang pisan kanyahona, sabab teu aya nu miwuruk, teu aya numenerkeun enya-enya. Teu bisa maca nulis, jadi teu terangeun sakur anu kajadian saluareun baligeusahna.

Abdi-abdi nu mindeng campur atawa mindeng neuleu ménak mah, réa anu sok nurutan ménak, basana atawa papakéannana atawa petana.

Èta hiji tanda abdi-abdi ogé hayang maju, nurutan anu hadé, nya éta babakuna nurutan ménak téa.

Sabab kadeuleuna atawa kadéngéna kaayaan di ménak téh matak resep jeung garenah. Saperti aturan bumén-bumén, tata basa, tindak-tanduk, papakéan jeung paparabotan, ngan supaya ulah datang ka sulaya péta baé, nya éta matak ngamonyah-monyah rejeki teu puguh.

Èta kabéh kadeuleuna ku abdi-abdi, sagala pantes bararesih matak hayang nurutan.

Jeung deuih saur sepuh-sepuh, ménak-ménak téh lamun ditilik-tilik, kagungan asal atawa dasar tujuh rupa, anu disebut ku bujangga Malaju:

Bangsawan, hartawan, budiman, setiawan, gunawan, darmawan, sastrawan.

  1. Bangsawan, tegesna ménak gedé, turunan ti ibu ramana, agung palungguhannana, tuturunan ngeréh nagara.
  2. Hartawan, tegesna beunghar teu aya kakurangan, sugih mukti jeung réa rahajat.
  3. Budiman, nyaéta pinter, lantip budi, titih surti, gedé wiwaha, asak jeujeuban.
  4. Setiawan, nyaéta suci ati, hadé haté, adil, sagala reujeung timbangan, ucap jeung peta sabenerna, sapantesna.
  5. Gunawan, sagala aturannana matak hasil ka abdi abdi, jadi kasenangan ka saréréa, jadi kautamaan ka salirana, kersa miwuruk mitutur ka nu teu nyaho.
  6. Darmawan, tegesna welas-asih ka abdi-abdi, nulung ka nu butuh, nyaah ka nu sangsara, méré maweh ka sadérék, hormat jeung tilawat ka sepuh-sepuh.
  7. Sastrawan, tegesna pinter nuiis, pinter itungan, réa aturan, percéka iasa carita.

Kusabab éta ngaran ménak téh di sagala bangsa dihormat ku abdi-abdi, piwurukna jeung larangannana digugu.

Dewi Sartika (istimewa)

Turunan ménak anu kasebut di luhur, najan teu jeneng ogé sok katurut jeung kaimpungan ku abdi abdi. Ku sabab éta ménak téh lamun ngajalankeun hadé atawa goréng, gampang pisan diturutanana ku abdi abdi.

Ningal katerangan kitu, anu ngarang ieu buku, gaduh pangarep-ngarep, lamun istri-istri ménak kersa rukun jadi hiji, ngamajengkeun abdi-abdi, tangtu laun-laun ogé abdi-abdi urang pribumi maraju, maju pangartina, maju pangabisana, maju kadaékna, hadé laku lampahna, hadé adatna, cindékna salamet hirupna.

Lamun abdi-abdi kabéh geus ngarti, geus réa pangabisana, cik saha nu tambah senang?

Nya ménak-ménak kénéh baé nu tambah senang téh, sabab tangtu sagala paréntah jadi, da réa nu nyabak. Sugan kakeuheulan ku badéga ku pangasuh, lantaran euweuh kanyaho, taya kabisa téh, lila-lila mah leungit.

Kumaha atuh prakna pikeun ngamajukeun abdi-abdi téh? Nya éta kudu aya tempatna atawa sakolana. Ari guruna utama kudu welasasih, ucap jeung peta sabenerna, sapantesna, kudu nyaho ditatakrama, supaya katurut atawa kaimpungan ku abdi-abdi téa.

Upama teu aya istri-istri ménak nu kersa jadi guru sakola, nyaéta miwuruk abdi-abdi téa, asal kersa nangtayungan baé (jadi kumisi) merlukeun sumping ka sakola istri, sabulan sakali atawa sabulan dua kali, miwuruk tata basa atawa maparin terang ka guruna, naon-naon anu perlu awéwé kudu bisa.

Meureun aya ogé nu rék nyarios; Eta lamun abdi abdi palinter kabéh, henteu aya ménakna, cara jati kasilih ku junti, atawa tangkal éléh ku mangandeuh, batu turun keusik naék.

Mangga eta carios urang luluskeun.

Naon saenya-enyana anu disebutkeun pangajaran? Ari anu disebut pangajaran, nyaéta pangarti atawa parabot pikeun mérésan, ngahadéan, jeung ngamajukeun sagala rupa atawa perkara.

Sarupa kai keusrak beunang dilimitan nya éta ku sugu, tangkal keri kudu digemuk, jelema goréng beunang diwarah, nu bodo kudu diajar; ku sabab éta pangajaran téh beuki alus, beuki hadé tapakna, atawa beuki hadé kajadiannana.

Jadi, upama bangsa urang ditungtun-tungtun sakumaha mistina sakumaha perluna, dibéré pangajaran anu hadé diwurukan ti bubudak, adatna gé jadi hadé, pamilihna bener, pikirannana terang.

Anu geus kitu jadi pinter bageur ngaranna.

Anu pinter bageur tara nyusahkeun batur,

tara ngawiwirang batur,

hadé atina manis budina,

hadé laku lampahna lemes adatna,

bisa nyukakeun ka pada kaula,

nyaho di tata basa,

anu hadé keur ka saluhureun jeung keur ka sahandapeun.

Jeung réa-réa deui jaba ti éta tandana jelema anu pinter.

Jadi, péndékna jelema atawa bangsa anu geus maju téh, sakabéh palinter awéwé lalaki teu tinggaleun ku anu pada palinter najan bangsa séjén, ménak-ménak tambah mulya, sudagar tambah baleunghar, abdi-abdi sugih mukti.

Sarta nyaho dina dungduman saurang-saurang, jadi ménak teu diunghak, abdi-abdi teu dijepit. Jeung deui lamun abdi-abdi tambah maju, ménakna asa kajurung. Tangtu kapaksa ngamajukeun pangarti nyipuh kaménakannana, ulah nepi ka diunghak ku abdi-abdi. Jadi sakabéhna pada maju!

Murid-muri Sakola Istri (Buku Raden Dewi Sartika sang Perintis)

Demi sakola baris barudak awéwé urang pribumi, anu pangmimitina aya, nyaéta di Bandung, lilana geus 7 taun. Lila-lila aya deui di tanah Jawa, nyaéta di Karang Anyar, jeung di Bogor. Cariosna aya deui di Serang jeung di Ciamis.

Dina bulan ieu anu ngarang ngadamel karasménan di Sociëteit “Parukunan" kalawan kersana Kangjeng Bupati Bandung, tawis tulus éta sakola di jero 7 taun (Jubilieum).

Sagala karajinan jeung kaanéhan buatan barudak sakola istri ditémbongkeun kasadayana dijieun tongtonan. Kitu deui anu ngarang harita maca, nyaritakeun sagala pamendak, ti awit ngadeg sakola dugi ka ayeuna.

Ningal harita sakitu réana nyonya-nyonya, tuan-tuan pangagung jeung ménak-ménak anu naringali, kitu deui abdi-abdi ti piluaran, munggah réa nu warangsul deui beakeun tempat, éta jadi tanda sami panuju ningali kamajuannana budak sakola.

Demi sagala pamendak anu ngarang téa dibukukeun; nya ieu:

Bab luang piwuruk jeung pangajaran. Ieu ogé jadi sarat kana kautamaan istri. Muga-muga seueur anu kersa maos, sarta malah mandar jadi panarik kana kersana ménak-ménak ngamajengkeun barudak awéwé.

Salam ta'dim.

Dewi Sartika

Bandung, 16 Januari 1911.

 

 

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Ha...

Bandungan Minggu, 24 Januari 2021 | 13:45 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, K - Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (3--Habis), Paribasa basa Sunda,Paribasa Sunda,Paribasa,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda

SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati

Bandungan Sabtu, 23 Januari 2021 | 08:35 WIB

Kuring bati olohok asa teu percaya kana téténjoan. Asa tacan kungsi kawénéhan aya awéwé nu ngadon milu mandi. Keur mah t...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Nu Asih Kapegat Pati, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carita pondok Sunda,Bandungan

C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2)

Bandungan Jumat, 22 Januari 2021 | 15:03 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, C-J Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (2), paribasa bahasa Sunda,Paribasa Sunda,Babasan basa Sunda,Babasan Sunda,Paribasa basa Sunda

A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1)

Bandungan Kamis, 21 Januari 2021 | 14:37 WIB

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Bandung Baheula - Bandungan, A-B Paribasa jeung Babasan Sunda. Hartina dina Bahasa Indonesia (1), Paribasa Sunda,Babasan Sunda,Peribahasa bahasa Sunda,Bahasa Sunda,Sastra Sunda

Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”

Bandungan Selasa, 19 Januari 2021 | 14:21 WIB

Aipda Dani Ramdani Hidayat, anggota Babinkamtibmas Desa Cihanjuang, mangrupakeun hiji korban taneuh urug nu salamet.

Bandung Baheula - Bandungan, Aipda Dani: “Kaurugan Taneuh, Ampir Dua Jam Teu Bisa Napas”, korban longsor Sumedang,Longsor Cimanggung Sumedang,Evakuasi Korban Longsor Cimanggung,Pencarian dan Penyelamatan (SAR) longsor Cimanggung,Aipda Dani Ramdani Hidayat,2 Jam Tertimbun, Begini Kesaksian Korban Hidup Longsor Cimanggung Sumedang

Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung

Bandungan Senin, 18 Januari 2021 | 15:46 WIB

Geuning, sampeu ogé ngandung karbohidrat anu tinggi. Jadi, teu anéh mun loba kadaharan nu dijeun tina sampeu.

Bandung Baheula - Bandungan, Kadaharan Asli Sunda nu Dijieun tina Sampeu Khas Bandung, makanan khas Sunda singkong,makanan khas Sunda Bandung,Kadaharan asli Sunda tina Sampeu,Comro,Misro,Kripik singkong,putri noong,Sampeu,Peuyeum Bandung

SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?

Bandungan Sabtu, 16 Januari 2021 | 06:56 WIB

Lalaunan asih jero dada ngarangrangan. Waktuna urang kudu paturay, Kang Fahri. Najan kuring miharep aya rasa asih kuring...

Bandung Baheula - Bandungan, SASTRA SUNDA: Ka Saha atuh Nitipkeun Asih?, Cerita pendek Sunda,Carpon Sunda,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda,Komala Sutha,Mangle,Sunda Midang,Bandungan

Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah

Bandungan Jumat, 15 Januari 2021 | 13:10 WIB

Panggih jeung Oke basa dina maleman taun baru. Oke pamit rék ngemban tugas jadi pramugari di Jakarta.

Bandung Baheula - Bandungan, Aplodan Pamungkas Pramugari Oke Dhurrotul Jannah, Oke Dhurrotul Jannah,pramugari Oke Dhurrotul Jannah,Sriwijaya Air SJ 182 Jatuh,Pulau Lancang Kepulauan Seribu,Sriwijaya Air Jakarta-Pontianak,Sriwijaya Air Hilang Kontak,Parongpong Bandung Barat
dewanpers